Kamis, 07 Oktober 2021

sawaraga jeung naraka

ajaran kolot.
 
Mun ngimeutan kana ajaran luluhur urang nu disilokakeun dina wayang,  sawarga 
teh disebutna swargamaniloka, nu asal tina kecap sa-waruga-mani-loka, nu 
hartina sawaruga = sadiri sakujur, mani (keur awewe manikem) =  bahan diri, 
loka = tempat, jadi hartina "sadiri sakujur nu asal jeung tempat mani", nu 
ngawasana disebut Sanghyang Manikmaya (manik=mani, maya=cahaya) nu hartina 
"gaib nu nempatan dina cahaya mani" ....cing saha jalma nu lain asal tina 
cahaya mani??.

Eta Manikmaya disebut oge Batara Guru, nu hartina saha bae jalma bakal guguru 
teh ka nu aya dina diri, salah jeung bener kumaha ceuk dirina liwat pangawasa 
Gusti nu aya dina diri, nyaeta nu disebut guriang tujuh (guru hyang tujuh), 
nyaeta pangawasa, pangersa/kadaek,
 hirup, uninga, rungu, tingali, ngandika, seperti nu digambarkeun dina carita 
sangkuriang jeung Mundinglayadikusumah. Nya ngolahna make alat anggauta badan 
nu sok diistilahkeun "wali sasanga" salapan lahir jeung sifat batinna, nyaeta 
1. uteuk jeung elinganna, 2. ceuli jeng dengena, 3. panon jenug tingalina, 4. 
sungut jeung ucapna, 5.irung jeung ambeuna, 6. hate jeung pikirna, 7. syaraf 
jeung rasana, 8. leungeun jeung obahna, 9. suku jeung langkahna. Tah eta wali 
sasanga nu 9 lahir jeung 9 batin nu jumlahna jadi 18, ku luluhur ahli seni 
disimbulkeun dina 18 senar kacapi, oge disimbulkeun dina kendang indung ku 9 
tali paragi ngantengkeun kulit nu nyambung wengku (nu disebut rarawat)... 
meureun hartina diri urang kawengku ku salapan pangawasa nu kudu dirarawat.

Eta Manikmaya oge sok disebut Hyang Jagatnata...nu hartina ngatur 
jagat/dunya...dunya gede (buana) nya dunya leutik (diri)....cing saha nu ngatur 
jagat teh mun lain eta hyang/sukma nu aya dina
 sadirina-sadirina da jalma paeh (nu geus teu aya hyangna) mah tong boro bisa 
ngatur dunya... ngatur dirina ge teu mampu alias kudu diatur ku batur. 
Manikmaya oge disebut Hyang Pramesti nu asal tina kecap prama-hesti (nu 
ngutamakeun pikir).... jadi lain ngandelkeun otot. Lian ti eta masih keneh aya 
ngaran-ngaran alias lianna nu intina ngagambarkeun fungsina diri jeung 
pangawasa gaib nu nyicingan swarga, matak sok disebut oge Kahyangan (tempat 
hyang atawa Kagustian/KaTuhanan).

Tah nu ngajaga swargamaniloka teh nyaeta dewa Patuk (sungut) jeung Dewa Tumboro 
(beungeut), matak sing saha bae nu rek asuk ka swarga kudu taranjang (sagala 
kadaharan nu rek asup kana diri kudu dibuka/leupaskeun cangkang/bungkusna), tah 
dina gerbang swarga ku dewa Patuk dipariksa mun aya nu aneh sok 
diusir/diutahkeun, nya atuh Dewa Tumboro ge ngilu tugenah (roman beungeut jadi 
robah).

Disebutkeun swargamaniloka teh tempat sagala kanikmatan jeung kamewahan, loba
 widadari (Widya-ndari), sok we pan ngeunah dahar, ngeunah nginum, nikmat sare, 
nikmatna sapatemon laki-bini, genahna tutupakan, genahna nganikmati imah, 
pamandangan jsb.....make naon mun teu make diri... mun teu make diri sarua 
jeung ngalamun alias menghayal...... jadi dimana urang geus mulih ka jati 
mulang ka asal, asal diri (nu disebut dulur papat) geus baralik ka sa-asalna 
deui, asal seuneu balik ka seuneu, asal angin/udara balik deui ka angin/udara, 
asal cai balik ka cai, asal bumi balik ka bumi. ......dina asup ka sawarga 
ngeunah-genah-merenah-tumaninahna rek make naon????. 

Tah di swargamaniloka disebutkeun aya kawah "candradimuka" (candra = 
gambaran, muka = beungeut) dimana mun aya nu asup teu dipiharep boh nu 
teu katingali atawa nu wujudna katingali eta kawah sok ngagolak, matak 
mun meunang kaaambek/kakeuheul/kasedih pon kitu deui panyakit, eta 
beungeut sok robah jadi beureum atawa pias, sungut/kawah nyorocos 
ngaluarkeun lahar ku nyarekan laklak dasar, mun panyakit sok rumahuh 
atawa sasar, teu ngeunah barangdahar jeung teu genah cicing. Tah kaayaan dina 
kitu diri teh jadi tepat sagala katugenahan alias jadi naraka.   

Jadi ceuk ajaran luluhur Sunda mah sawarga jeung naraka teh nya aya dina diri, 
jeung dina kaayaan keur hirup, mun hayang manggih sawarga nya kudu ku cara 
ngajaga diri sangkan cageur, kalakuan sing bageur, kanyaho sing bener, pamilih 
sing pinter (ulah nu enya dilain-lain nu lain di enya-enya) dijiwaan ku sikep 
jujur, tangtu salamet, mun teu kitu tangtu pinanggih jeung naraka.

Kumaha mun urang geus paeh?..... ceuk kolot urang teh ngan ukur ngubara di 
dunya, mun urang geus beak lalakon, nya balik deui ka asalna nu disebut "alam 
padang pwe panjang nagara tunjung sampurna"... nu asal ti alam balik deui ka 
alam (seuneu jeung haneutna, angin jeung hiliwirna, cai jeung tiisna, bumi 
jeung tetepna). Tah nu asal ti Gusti nya baik deui ka Gusti (manunggaling 
kawula-gusti), sabab ingsun/kuringna mah lain
 urang dunya tapi nu asal ti Gusti manunggul deui jeung Gusti nu teu nitis deui 
ka dunya (mangga imeutan Siksakandang karesian sok sanajan make istilah-istilah 
jiga Hindu, tapi eusina asali Sunda). Matak dina kapapatenan ceuk sunda mah 
disebutna teh "Mulih ka Jati Mulang ka Asal"

Haar....atuh urang teu bisa ngarasakeun nikmatna sawarga mun urang geus 
paeh......... pan tadi disebutkeun hayang ngarasakeun nikmatna sawarga mah nya 
di dunya keur hirup keur make keneh diri..... mun urang boga cita-cita geus 
paeh hayang ka sawarga nu digambarkeun alamna endah, loba widadari, cai cur-cor 
dimana-mana, kadaharan sagala aya, papakean sagala alus...... apan eta mah 
gambaran sifat jeung nafsu duniawi,  atuh eta mah sarua jeung beurat keneh ka 
dunya...rek kumaha bisa mulih ka Jati mun kitu???.... matak mungkin ku hal eta 
loba jalma nu geus paeh tapi masih sumpang-simpang teu bablas ngarah ka jalan 
paasalan, da mungkin neangan sawarga.

Ceuk ajaran luluhur nu bener mulihna mah mun "geus teu naon-naon ku naon-naon" 
lir ibarat bayi (sing saha nu teu ngabenerkeun yen bayi mah masih suci???? 
ngacung).... tah kabeh urang ngalaman jadi bayi heula....cing aya nu inget 
kumaha urang keur bayi?...apan eta sarua jeung teu naon-naon ku naon-naon.... 
jadi ajaran luluhur mah dina urang geus beak lalakon teh kudu balik deui suci 
jiga bayi dan urang teh digumelarkeun ka dunya dina kaayaan suci. Mun jalma 
dina beak lalakon bisa model kitu, tinangtu bakal bisa "ngahyang"....... ceuk 
kolot urang gubrag gumelar ka dunya babarengan antara lahir-batin jeung 
kuringna......, naha dina mulang bet teu babarengan? kuringna jeung batina 
balik tiheula, ari lahirna bet pandeuri...... mangtaun-taun karek bisa balik 
deui ka asalna... atuh teu adil teu kompak.

Tah matak ceuk kuring mah soal ngahyangna sababaraha luluhur urang, ceuk 
pangarti kuring lain hayalan, sabab ceuk ajaran
 datang ka dunya jeung balik ti dunya teh sabenerna kudu babarengan ulah silih 
tinggalkeun antara lahir (waruga) - batin (uga) jeung kuingNa (isun).

Cag ah.... guaran simkuring panjang nya??...... tapi sugan we bisa nambahan 
kanyaho kana ajaran luluhur Sunda. 

Rampes.
pun tabe 
Engkus nun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar