[5/10 13:44] aji rasha: Taneuh, Seneu jeung Cahaya
========================
Jaman kuno baheula
unsur utama di dunya teh nyaeta
taneuh,
cai,
angin
seuneu.
Boh dina kaelmuan,
boh dina carita kasaktian silat anu bisa manipulasi
unsur teh nya manipulasi unsur nu opat eta: taneuh, cai, angin jeung seneu.
Sok jadi jurus silat ngagunakeun eta unsur, terus hiji kelompok ngabogaan
pangabisa ngendalikeun/ngamanipulasi salah sahiji unsur. Terus pakuat-kuat.
Tah, ari jaman ayeuna geus loba pisan pan unsur teh. ngaran-ngaran jeung golongan unsur aya 108. Teuing ayeuna aya
sabaraha loba, nu pasti gues nambahan. Sim kuring oge teu apal da lain sakola
jurusan kimia unsur.
Coba bayangkeun lamun jaman baheula boh saencan jaman Masehi atawa
di abad-abad awal masehi, misalna aya jelema anu ceramah/khotbah kalawan nerangkeun unsur kimia modern meureun moal aya nu ngarti. Moal nyambung. Tapi jaman ayeuna oge
lamun ngobrol jeung ahli kimia terus urang
ngomongkeun cai,
misalna dipotong wae tah omongan urang teh ku ahli kimia: ke heula, cai naon heula ieu teh, cai walungan, cai destilasi, cai alkohol, cai uap, atawa cai nain. Heu heu cape ngobrolna oge moal tamat-tamat...
Tah tulisan sim kuring di handap ieu anggap weh ieu mah pamikiran ringan. Bahan
obrolan ngadu bako we lah
Ari seuneu,
sifatna
ngalentab,
ngabakar,
ngancurkeun.
Jiwa anu gampang amarah,
jiwa anu gampang hasud jeung dengki,
jiwa anu labil; poe ayeuna kieu isukan kitu;
ngalentab kaditu kadieu nyieun issue;
eta jiga seneu.
Ari bangsa jin teh
dijieun tina seneu.
Geus kabayang meureunan tah karakter bangsa jin jiga
kumaha.
Loba wadul jeung mancla mencle.
Lamun sim kuring nonton film Lord of
The Ring atawa the Hobbit, aya tokoh wangsa Gollum anu kepribadian nana peupeus
Sim kuring jadi sok inget kana wangsa jin.
Meureun jiga kitu.
Belegug pisan jelema anu menta-menta ka wangsa jin.
Ari cahaya,
eta stabil pisan.
Ku sabab eta media internet ayeuna loba ngagunakeun 'optical media', misalnya serat fiber optic.
Signal/pulse anu
dikirim lain deui strum, tapi cahaya ngalibatan serat fiber. Cahaya teu
kaganggu ku interferensi elektromagentik.
Jadi stabil pisan,
bisa ngarambat
sacepat kilat tur mawa informasi anu loba.
Pokokna cahaya mah taat, teu kaganggu ku interferensi elektromagnet.
Makana coaxial cable loba diganti ku fiber optik dina dunia information technology.
Tah malaikat teh diciptakeun
dina cahaya.
Jadi meureun kabayang sifat-sifat malaikat anu taat teu goyah ku godaan.
Eri manusa (Adam) diciptakeun tina taneuh. Taneuh mah bisa numbuhkeun sisikian
tur binih nu lian.
Binih anu antel kana taneuh teur kacaian bisa tumbuh subur jadi tatangkalan, bungbuahan, kekembangan. Taneuh ngahasilkeun.
Dina film Water World geningan dunya tilelep; taneuh teh jadi berharga pisan.
Kabeh jelema hayang manggihan dunia impian mangrupa daratan.
Taneuh teh sumber
mineral.
Naon anu kakubur dina taneuh bakal diurai beak terus digunakeun deui
pikeun kahirupan ku tatangkalan, terus ku sato jeung manusa.
Jadi taneuh boga
potensi kahirupan anu gede lamun dipiara, kacaian, teu diruksak.
Tah janten sumangga upami tiasa janten bahan tafakur mudah-mudahan manfaat.
Upami teu berkualitas, nyuhungkeun maklumna weh panginten :)
Wallahu'alam
[7/10 13:07] aji rasha: hiji pesanna :
lamun teu bisa ngajalankeun anu sunnah wajibna heula kedah tamat, ulah
ngajalankeun anu haram lamun anu makruh teu bisa ditinggalkeun
kasimpulanana, lamun urang teu ngajalankeun anu haram bisa suci sanes??
[7/10 13:07] aji rasha: lamun apal kana hakekat wujud ku makrifat ka
gusti Allah maka bisa makrifat oge kana hakekat alam , ruh , jeung alam semesta
ieu.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar