Senin, 11 Oktober 2021

hayu seuweu siwi

Hya nu wani, seuweu-siwi Siliwangi
 
Torotot Heong, suling aing tulang maung 
Pambuka kiat pibahu muringkak bulu, murinding
Tata ambeukan, seuseup neupi ka angen…tekeun !
Otot ngawat, balung ngawesi
 
Raga ngawiagra, dampal leungeun-suku ngamaung
Teuteup seukeut kapinding bulu halis carang
Peureup teu meupeul-teu muka…. cangkeurkeun !
Leungeun heras paneunggeul bari ngoet, burahay lir wesi geni 
 
Ngababuk, nangkis, nyeukeul, nyangkrem jiga maung 
Melong mencrong ngameong
Ngambat tanaga ka punduk, ka cakra mahkota…. bukakeun !
Sukma aing cicing, sima maung nganci
 
Pak tepak rampak gerak 
Nepak geurak gancang keuna cunduk
Hut het torompet ngagancangan, gerrrr ….guar gaurkeun !
Teudeung ludeung, wani teu sieun ku pati
Si Aing nu wani seuweu Siliwangi
 
Tagog rengkuh lir wiagra sayaga
Matak serab, gimir netra purusa
Kahibaran wawanen wiagra jaga nagara
Bagea hya, nu mawa budaya bhayangkara Pajajaran ngabwana
Hya nu wani seuweu-siwi Siliwangi
 
Cag
 
Sukmajaya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar