Jumat, 29 Oktober 2021

suka bumi an

Dongeng
Nuhirup dina rasa kahirupan manusa
 
Ampun sarebu, tobat salaksa 
Ka para Wali ka para Nabi
Ka aki katanian ka nini katanian, ka aki jumanten ka nini jumanten
Ka bapa langit ka ibu bumi, ka bapa pasti ka ibu pasti,
Ka para saderek anu nyare’at, ka para saderek nu teu nyare’at
Ka Nyi Pohaci Sangiang Sri, ka Nyi Pohaci Ruman Nanggay sareng ka Asep Sarana.
Neda sih hapunten rehna abdi kumawantun ngagelarkeun dongeng kamari, dongeng 
ayeuna sakaligus dongeng  jang isukan.
 
“Dong” dongan anu baheula, “ngeng”. . . . dicaritakeun ayeuna :
Basa bapa bujang indung lajang,
Abdi aya tur ngarasa hirup di alam padang poe panjang ,
 
Tempatna di nagara Tunjung Sampurna.
Waktuna disebut enol poe akherat
Rasana rasa sajati.
Elingna eling sajati,
Nafasna nafas sajati,.
 
Kaayaan harita :
Teu aya ngeunah jeung teu ngeunah sabab rasa sajati beda jeung rasa aherat komo 
rasa dunya, eling na mantep heunteu owah gingsir, nafas na tunggal taya antara 
hirup jeung nuhirupna gumulung jeung nafas, nufus, tanafas, anfas. Kaayaan 
harita disebut jaman batin atawa enol poe aherat, enol poe dunya, kaayaan 
harita jadi eunteung keur abdi ayeuna.
 
Mimiti poe kahiji di akherat nyaeta poe narima perjanjian di poe  AL-ASTU
Poe harita diayakeun perjanjian antara Gusti jeung abdina, supaya diahir teu 
nyalahkeun ka gustina.
Timimiti harita pisan alam kahiji alias alam kamari teh dimimitianana, sabab 
samemehnamah lain mangkukna, tapi  disebut “langgeng-langgeng semangko”
 
Tuluy ganti jaman ganti lalakon, undur jaman datang jaman.
Mimiti aya itungan waktu, ngawitan ti jaman sapoe dibapa.
Waktu kuring di bapa sabulan sapuluh poe atanapi 40 poe tah eta jaman enol poe 
enol bulan diindung, tuluy ganti deui jaman ganti lalakon : 
Enol bulan ngetes ka bumi suci ku ayana Qudratulloh
Sabulan tepung, ngagempeng, Katambahan pangandika Nabi Muhammad, Tuluy ngageter
Dua bulan campur, ngabundel Katambahan warna ti Nabi Muhammad, Tuluy 
embut-embutan
Tilu bulan gumulung, ngahiji, ngabangun, Katambahan Firman Alloh ka Nabi 
Muhammad
Ditambahan kulit , Tuluy usik
Opat bulan usik, Katambahan dawuhan Alloh ka Nabi Muhammad, Ditambahan otak
Tuluy totojer, boga kahayang
Lima bulan ngabening, Ditambahan urat-urat lemes lir sutra putih, Tuluy anteng
Genep bulan daya, Ditambahan tulang ( balung ), Tuluy bisa bulak-balik, naek 
turun
Tujuh bulan pepek , Ditambahan buuk, getih, daging, Tuluy mangrupa 
Dalapan bulan istirahat, Ditetep keunana opat dulur kalima pancer : pangeproh, 
darah, tali ari-ari, bali. 
Salapan bulan darma jati, jadi orok.
 
Dawuhan Gusti Alloh ka Nabi Muhammad :
Nu asal ti kami :
Hirup
Bhudi
Cipta
Rasa
Ditambahan ku hadis pangandika Nabi Muhammad :
Rasa pangambeu sarta puji sahadat
Jadi mantep.
Dawuhan Gusti Alloh ka Nabi Muhammad :
“ Kami rek ngabangun karaton dina dada manusa nyaeta :
disajeroeun dada aya ati,
disajeroeun ati aya jantung,
disajeroeun jantung aya budhi
disajeroeun budhi aya cipta
disajeroeun cipta aya sukma
disajeroeun sukma aya rasa
disajeroeun rasa aya Rahasiah Numaha Suci”
geus kitu brol lahir orok tea, sarta “ngeng” ceurik.
 
Cag,
Dina sanes waktos disambung deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar