Sabtu, 23 Oktober 2021

elmu siloka buhun pajajaran

[7/9 05:23] aji rasha: ILMU SUNDA PADJADJARAN SILOKA BUHUN
[7/9 05:25] aji rasha: Kanjeng Eyang Prabu Kian Santang (Sunan Rahmat r.a.), masihan peupeujeuh elmu ka katurunan sareng murid-muridna, anu dugi ka waktos ayeuna di cekel deleg ku sim kuring, iyeu elmu turun ruruntuyan ti luhur naretes ka handap, nepi ka sim kuring, kukituna inyana murid-murid sim kuring kudu apal, sa-acan latihan jurus, aya konci dadasar elmu mangrupi Siloka Buhun, ti keresana Eyang Prabu Kian Santang, salian ti murid-murid sim kuring, para pendekar jeung paguron oge masyarakat umum tiasa nalungtik siloka buhun ieu, keur nambah kuat jeung nyampurnakeun elmu masing-masing, mudah-mudahan Barokah, utamina dinu raraga ningkatkeun kakuatan raga
[7/9 05:26] aji rasha: SAMPURASUN
[7/9 05:26] aji rasha: Bismillahirrahmanirrahim

Sembah sujud kanu Maha Agung Allah Swt, jembarna Sholawat sareng salam kanggo kanjeng Nabi Rasullullullah Muhammad saw.

Di buka ku ucap Sampurasun, anu ngandung harti Sampurna Raga Ning Ingsun, cindekna panceg kokoh tapa ngabatara karang, dina elmu Kula sorangan, nyaeta elmu Kujang Campuh Gagak Lumayung, elmu Kanuragan Padjadjaran nu geus disampurna sucikeun Ku Tauhid, Iman rejeung Islam.

Sing inget katurunan jeung murid Kula sakabeh, elmu luhung Kula keur kasampurnaan hirup arandika sorangan.

Sangges Kula jadi Raja, euweuh UGA, kulantaran UGA geus ngabuah sampurna jadi ISLAM anapon ucap Kula ngan saukur SILOKA, nalika cunduk waktu ninggang mangsa, Kula tilar ti alam dunya, maot ngarana, SILOKA ucap Kula, bakal katelah SILIB atawa panjangna SILOKA BUHUN.
[7/9 05:27] aji rasha: SILIB Kula ngan dua bab-baban, Bab-baban Kanuragan rejeng Bab-baban Kakawasaan.
[7/9 05:30] aji rasha: Ieu SILOKA bab-baban Kanuragan, coba regepkeun kanu pikiran jeung ati sanubari arandika.

Euweuh kanuragan tanpa kuda-kuda, lelengkahna sing apal, arandika kudu nempo jeung maca Jalan hirup para Rosul, para Nabi jeung para Wali, anu ngagurat dina Kitab Suci Al-Qur’an, kitab suci akhirul zaman anu geus sampurna ngawengkuh Zabur, Taurat, Injil, Weda, Tripitaka jeung sakabeh kitab suci nu pernah aya di iyeu dunya.
[7/9 05:30] aji rasha: Poma sing inget !

Euweuh nu bisa maca kitab (ayat Kauliyah) sa-acan bisa maca alam (ayat Kauniyah)

Eweuh buah sa-acan aya amal

Euweuh Amal sa-acan aya Ka-ikhlasan

Euweuh Ka-ikhlasan sa-acan aya elmu

Euweuh Elmu sa-acan Kuat pangacian
[7/9 05:31] aji rasha: Inyana, kuat pangacian anu narik maheutkeun elmu, sing inget manusa asalna lemah hinadina ngan tina leuleueur Acimani sakeclak.

Kakuatan manusa ngan boga pangacian, narik ngelem ngaraketkeun elmu

Kusabab kitu sing inget modal hirup anu utama, entong nepi kabur pangacian, tapi kudu bisa ngumpulkeun pangacian, jeung nguatkeun pangacian

Euweuh kuat pangacian sa-acan apal hawa murni waktu janari subuh

Inyana kuat pangacian, hate tenang jeung kuat sumanget hirup, bakal ngudag kadigjayaan hirup jeung huripna
[7/9 05:32] aji rasha: Modal elmu pangacian, keur ngudag elmu-elmu luhung, coba regepkeun lamun hayang hirup jeung huripna.

Euweuh Hirup jeung Huripna, sa-acan apal elmu nafas kuat teuleum teu ambekan, elmu tanaga dalem Nabi Yunus a.s., watekna awak sehat kuat raga digjaya, tong waka ngalawan kuman, cacing, tetelo, panyakit, Nabi Yunus a.s nepi ka kuat hirup di jero beuteung lauk Paus Hiu.

Euweuh Saepi Angin (lari cepat) sa-acan kuat Ngagidig (jalan cepat) jeung Nyigcrig (jogging) ti pasir ka pasir elmu Nabi Sulaeman a.s

Euweuh Napak Sancang, sa-acan kuat ngojay jeung teuleumna ti pulo ka pulo elmu Nabi Hidir a.s

Euweuh Semu Gunting, sa-acan apal hawa seuneu dinu jero dada, elmu Nabi Musa a.s

Euweuh Halimunan, sa-acan bisa nyumput buni dinu ca’ang elmu Nabi Isa a.s

Euweuh Batara Karang, sa-acan bisa kokoh panceg dina pamadegan, elmu Nabi Yusuf a.s rejeng Nabi Daud a.s
[7/9 05:32] aji rasha: Euweuh Napak Mega, sa-acan apal hakekat Jasmani jeung Ruhani, elmu Nabi Adam a.s.

Euweuh Ogan Lopian, sa-acan apal tilu patokan maca ngimpina Nabi Yusuf a.s, ngimpi jasadi sarangka ruhani, ngimpi bunga rampe pikiran jeung ngimpi gho’ib sa-acan kajadian.

Euweuh Saciduh Metu Saucap Nyata, sa-acan Sabar Sampurna, elmu Nabi Yaqub a.s jeung Nabi Ayub a.s

Euweuh Kasolehan sa-acan bisa mere maweh ka sasama sok komo keur loba pakaya. elmu ikhlash sholeh-na Nabi Ismail a.s., anjeuna salian ti mere maweh pakaya harta ka sasama tepikeun ka ikhlash mere mikeun beuheung teukteukeun ka Ramana, Nabi Ibrahim a.s.
[7/9 05:33] aji rasha: Euweuh umur panjang, sa-acan awak leuleus (lentur) kawas oray

Euweuh awak leleus kawas oray sa-acan bisa tapa (jurus2) Mahdi elmu Nabi Nuh a.s dicatet ku Al-Qur’an
atawa katelah Mritya dinu Weda. Watekna awak sehat kuat raga digjaya, panjang umur persis oray, Nabi Nuh a.s nepi ka bisa hirup salaksa (1000) kurang lima puluh taun. Tong waka nyinghareupan bencana kuman, tetelo, cacing, panyakit, nepi ka banjir salaput gunung, apal samemeh kajadian disinghareupan ku nyieun parahu gede bisa nyalametkeun diri jeung umatna.
[7/9 05:34] aji rasha: Euweuh tapa (latihan) Mahdi sa-acan wani peurih, keur jadi peurah dinu salawe (25) nepi ka sawastu (100) jurus Mahdi. Kula mere ngaran jurus Mahdi, hartina nyampurnakeun (jurus2) Yoga Hindu, ku Tauhid, Iman rejeung Islam. Ngaran Mahdi di cokot tina Hadis Nabi, panempo Kula Imam Mahdi lain wujud makhluk, tapi Siloka Kasampurnaan jeung kakuatan hirup make agama rejeung elmuna para nabi, anu bisa numpur ludeskeun Dajal mangrupa-rupa kajahatan aheng di akhir zaman.
[7/9 05:34] aji rasha: Tatapak latihan Kula bakal katelah batu ceper curug Mahdi. Lantaran sanggeus latihan Kula suka mandi jeung adzan di sahandapeun curug.

Euweuh Salawe nepi Ka sawastu jurus Mahdi sa-acan Solat Khusu anu jadi Pedang Rosul.

Sanggeus Kula abus Islam, euweuh Tapa tanpa Solat, tatapa Mahdi di tutup ku Solat Khusu, atawa sabalikna Solat Khusu di tutup ku tatapa Mahdi
[7/9 05:40] aji rasha: Euweuh Solat Khusu anu jadi Pedang Rosul, sa-acan apal Sarangkana nempat matuh dinu Sholat Witir waktu Tahajjud

Euweuh Solat Khusu (Pedang Rosul) sa-acan shalat munfarid (nyalira) tu’maninah.

Euweuh Perang Jihad Fii Sabillillah, sa-acan boga Pedang, Baju Kancra Wesi jeung Tameng Waja.

Saestuna Jihad Fii Sabillillah nyampurnakeun Iman rejeung Islam
[7/9 05:41] aji rasha: Inyana kudu apal saestuna Sholat Khusu teh, Pedangna Rosul. Ari sampurnana Silat, nya iwal ti Sholat Khusu anu dirangkai ku Jurus, anu kasebut pedang Rosul, pon kitu deui Kancra Rosul jeung Tameng Rosul, nyaeta kakuatan jurus-jurus anu ngawujud hirup tina Kakhusuan Solat atawa Pedang Rosul.

Euweuh Sholat Jama’ah duapuluh tujuh darajat, sa-acan apal Sholat Munfarid Tu’maninah, Inyana kudu apal watekna Sholat Jama’ah, keur Pangajak Sholat, Pangajaran Sholat, Pangamalan Sholat jeung Pangiket Silaturahmi, ari watekna sholat munfarid keur ka-khusuan, nu matak Nabi saw., Sholat Taraweh Tahajudna munfarid, sabelas raka-at khusus bil khusus keur ka-khusuan.

Euweuh peurih keur jadi peurah, sa-acan puasa senen kemis, terus ka puasa Daud, terus ka puasa nga-wali naktu mana salwa-na nabi Musa, mutih, mucuk, ngabeuti, ngalong, ngamacan, terus ka elmu mati geni sora Nabi Zakaria tilu dinten, tilu wengi, terus ka puasa opat puluh poe Nabi Ibrahim, Nabi Musa di gunung Tursina jeung Nabi Muhammad saw. di gua Hiro, akhirna paling luhung puasa genep taun Nabi Zulkipli atawa Katelah Budha dinu Tripitaka.
[7/9 05:41] aji rasha: Euweuh Kani’matan hirup sa-acan awak digjaya sehat jagjag waringkas

Euweuh Kadigjayaan, sa-acan olah (latihan) kanuragan

Euweuh kanuragan sa-acan kuat salaksa (1000) jurus Kembang (gwa-kang) jeung Eusina (sin-kang/ORPAS BTD)

Euweuh kuat eusi sa-acan apal Nafas Kuda, Nafas Ajag, Salapan jurus Nafas Kahanan, jeung Nafas Payung Suci.

Euweuh tanaga dalem sa-acan apal ngolah eusi ku jurus-jurus, apal jurus Pedang Rosul, Kancra Rosul, Tameng Rosul, Apal Jurus Mahdi jadi Manik Dharma Langitan (Mandala), apal sapuluh Jurus Payung Nabi, apal sapuluh Jurus Badar Petir jadi Guntur Dharma Langitan (Gundala), jeung apal jurus Syah Bandar saestuna jurus-jurus campuran tina sakabeh jurus nu aya.
[7/9 05:42] aji rasha: Euweuh Mandala jeung Gundala, sa-acan apal elmu Sapatemon Kama Sutra Nabi Daud a.s, ahengna Nabi Daud a.s, Raja Adil anu boga bojo jumlahna sawastu, sabalikna ti kitu kuatna bakal leuwih kuat ti elmu Sapatemon Nabi Daud a.s, moal aya dua kuatna di kolong dunya, lian ti elmu Nabi Isa a.s., Teu Sapatemon, Teu Ngalamun jeung Teu gaduh Bojo. Nabi Isa a.s ngan wungkul kawin bidadari dinu ngimpi kulem suci. Kakuatan elmu Nabi Isa a s, nepi ka dikabul ku Allah Swt., do’a muzizatna, anu lolong bisa jadi beunta, anu maot bisa hirup deui. Gulangkepna elmu sapatemon di pungkas ku elmu Nabi Yusuf a.s, anu nolak ajakan zinah, Siti Zulaeha, isteri anu geulis seungit kacida. Keur ummat Islam sakabeh, elmu sapatemon disampurnakeun ku elmuna kanjeng Nabi Muhammad saw., anu di amalkeun ku Sayidina Ali r.a murid kakasihna Nabi saw, tangtuna leuwih kuat ti Abu Bakar r.a, Umar r.a jeung Usman r.a. Sayidina Ali r.a Al-Karamallahu Wajhah ( Wajah anu aya Sinar Allah ), bisa naekan elmu dinu sapatemon nepi ka kuat teu nempo laranganana, sok komo nempo larangan istrina.
[7/9 05:42] aji rasha: ALLAHU AKBAR
[7/9 05:43] aji rasha: Euweuh pangabisa sa-acan boga Guru

Guru Kula, Sirah Citarum Kuat teuleum teu ambekan

Unggal poe Kula latihan
Tepi ka jibrug ngoprot ngesang

Latihan Kula, di Rancabuaya, bisa mebekkeun sungut buaya, hiji totonde yen diri Kula moal eleh kunu rea carita.
[7/9 05:43] aji rasha: Guru Islam kula para wali, satimbangan tikitu para wali, guguru silat ka diri kula
[7/9 05:44] aji rasha: Tah ieu anu di sebut silat sampurna, inyana kudu apal Kujang Campuh Gagak Lumayung
Ari Kujang teh, hartina Kudu jang ngariksa diri
[7/9 05:44] aji rasha: Euweuh Syahadat jeung Sholat sa-acan aya Islam Ajaran ti Kanjeng Nabi Muhammad saw.
Islam nu nanjeurkeun Tauhid, mupus Pamusyrikan jeung Pamunafekan, oge Islam anu nyampurnakeun elmu-elmu suci nu geus aya jeung nu bakal aya di alam dunya
[7/9 05:45] aji rasha: Euweuh rupa silat sa-acan apal solat.

Silat jeung Solatna bakal jadi seukeut kawas Silet
[7/9 05:45] aji rasha: Solat anu utama tujuh waktu, wajibna lima, kuatna dua, Dhuha jeung Tahajjud
[7/9 05:46] aji rasha: euweuh elmu Solat sa-acan elmu Syahadat

euweuh elmu Syahadat, sa-acan apal purwadaksi anu di agem ku Kanjeng Nabi, Rasullullah Muhammad saw, inti sarina, kasadaran diri ku ayana nafas rejeng nu nyieun nafas, saha deui ? salian nu Murbeng Alam, Sang Maha Mulya, Allah Swt.
[7/9 05:47] aji rasha: Eta saestuna elmu Kasampurnaan hirup jeung huripna, elmu Maut Qabla maut, konci syurga firdaus ngarana.

Laa ilaha illallah, Subhanallah, Alhamdullillah, Allahu Akbar, Laa Hawla wala Quwwata illa bilahil aliyil adzim
[7/9 05:48] aji rasha: Poma kudu diregepkeun ku Katurunan jeung murid Kula sakabeh, keur kakuatan Silat Kujang Campuh Gagak Lumayung
Sakali deui sing inget, Ari Kujang teh hartina Kudu Jang Ngariksa diri

euweuh cara ngariksa diri sa-acan make Kitab Al-Qur’an, sahingga diri bisa campuh kuat taya bandingna, boga Cakar Gagak Lumayung, oge boga Cakar Maung Lodaya, dua sato kanya’ah Kian Santang jeung Rama Prabu Siliwangi

Eta sanjata Padjadjaran anu ku Kula di Cekel deleg, kuat euweuh bandingna di sawatara jagat Nusantara, pon kitu deui sakabeh katurunan jeung murid kula, tong poho kanu purwadaksi arandika sorangan, jadikeun modal kakuatan keur ngaronjatkeun ajen harga diri keluarga, nagara jeung agama, ieu silokana :
[7/9 05:48] aji rasha: Cahaya Kula Raden Wijaya
Sirah kula Lingga Buana
Beuheung Kula Wastu Kancana
Getih Kula Siliwangi
Sumsum Kula Kian Santang
Kumis Kula Maung Lodaya
Kaulinan Kula Bedog Ciomas Sadeupa, anu neukteuk beuheung Raja Iblis Blambangan
Sanjata Kula Kujang Campuh Gagak Lumayung, Al-Qur’an ngarana, anu jero kacida ngancik Weda, Tripitaka, Dzabur, Taurat, injil jeung sakabeh kitab suci anu aya di ieu dunya.
[7/9 05:49] aji rasha: Ku jalan Al-Qur’an, sahingga Kula apal sampurna, hakekat fatamorgana hirup manusa.

Koncina, apal dzat jeung gerakna dzat

Dzatna raga manusa anak incu Adam a.s., taneuh,

Dzatna Roh Suci, Cahaya anu nya’angan Jiwa,

Dzatna jiwa aya tilu unsur nyampur jadi wujud, nyaeta Seuneu dzatna Nafsu, atuh kudu apal Cai dzatna Rasa, jeung sambrani bumi dzatna pikiran.
[7/9 05:49] aji rasha: Tinu apal dzat bakal naek jadi apal gerak dzat
[7/9 05:50] aji rasha: Apal gerak Jiwa, Apal gerak Raga, Apal Gerak Nafsu, Apal Gerak Pikir, Apal Gerak Parasaan, jeung apal Roh Suci anu Ngagerakkeun Jiwa Raga

Gerak Nafsu hakekatna Hayang Untung Embung Rugi, Hayang Puji Embung Hina, Hayang Meunang Embung Eleh, Hayang Senang Embung Susah

Gerak Pikir Hakekatna, Bener jeung Salah, Hade jeung Goreng, Gede jeung Leutik, Lila jeung sakeudeung

Gerak parasaan hakekatna, ngeunah jeung teu ngeunah anu abus tinu sakabeh indera, panempo, panguping, letah rasa, kulit rasa jeung pangambeu.

Apal rasa hate jero kacida, anu kasebut Cinta jeung Ijid Ngewa (benci) ngarana

Apal Roh Suci, anu ngagerakkeun eusi jiwa, nafsu, pikir, jeung rasa
[7/9 05:50] aji rasha: Apal Roh Suci nu di Ciptakeun, ku saha deui salian kunu Maha Suci Allah Swt. Anu Laysa Kamitshlihi Syai’un, anu Ahad, anu Gho’ib bil Gho’ib, anu Lam yalid walam yulad, jeung anu Walam yakulahu kufuwan ahad
Nu Murbeng Alam, Sang Maha Mulya, Allah Swt., anu wajib unggal usik di sembah sujudan ku sakabeh manusa

Apal Roh Suci, sahingga moal katipu ku Fatamorgana Kahirupan Dunya, ayatna Wal hayatu dunya illa mata’ul gurur.
[7/9 05:51] aji rasha: Fatamorgana kahirupan timbul tinu Rasa, Pikir jeung Nafsu kamanusa-an.
[7/9 05:51] aji rasha: ALLAHU AKBAR
JALANA gerak roh Suci manusa, kudu panceg tong kabengbat, tong kaluar tinu ihdinashiratal mustaqim, salapan tangga Syorga :

Ka-hiji, Apal kasadaran nafas jeung nu Nyipta nafas,
jadi apal nempo diri,

Ka-dua, apal nempo diri jadi apal khusu (konsentrasi),

Ka-tilu apal khusu jadi apal jiwa,

Ka-opat apal jiwa jadi apal eles jiwa,

Ka-lima apal eles jiwa jadi apal ucap bijak,

Ka-genep apal ucap bijak, jadi apal laku bijak,

Ka-tujuh apal laku bijak jadi apal polah laku bijak,

Ka-dalapan apal polah laku bijak jadi apal muhasabah (introspeksi)

Ka-salapan apal muhasabah jadi apal kasampurnaan hirup jeung huripna.
Tah eta salapan tangga jalan syorga, kudu bisa kahontal sampurna hirup jeung huripna, nepi ka ngajadi Jiwa anu Nafsul Mutmainah, Raga anu Sehat wal Afiat, insan kamil anu sajati ngarana, anu ngajadi khalifah fil ard, jeung anu rahmatan lil alamin, manfa’at keur balarea.
[7/9 05:52] aji rasha: Euweuh Jelema nepi ka Syorga sa-acan katempo tatapak sucina

Tatapak suci sampurna hirup jeung huripna manusa, pasti apal tilu unsur bijaksana, inyana meberkeun BEBENERAN, KAHADEAN jeung KAINDAHAN
[7/9 05:53] aji rasha: Pedaran Siloka Buhun ieu Inyana digjaya luhung Jawara Padjadjaran.

Lain keur kasombongan anu euweuh guna
Lain keur senopati anu teu boga ponggawa
Lain keur wiku anu teu boga catrik
Lain keur ajengan anu teu boga santri

Tapi kula digjaya keur balarea, ngabela kulawarga, bangsa, nagara jeung agama
Sing Inget, sapu nyere sahiji, ngan bisa dicepretkeun, tapi sapu nyere saiket, bisa digebugkeun

Guru rejeng muridna, Ajengan rejeng santrina, kacai jadi saleuwi, kalebak jadi sadarat, kokoh kuat sabeungkeut saiketan, jadi pasukan perang anu kokoh rongkah digjaya di ieu dunya

Tah eta inyana pasukan perang Kula anu Kuat taya bandingna
Moal gedag ka-anginan
Moal mundur satapak, bakal maju lima deupa
Keur Nanjeurna luhung Padjadjaran anu dipikacinta, karajaan tatar priangan, lembur agung sakabeh urang Sunda.
Kula rejeng pasukan Kula, bisa negakkeun bebeneran rejeng ka-adilan di ieu dunya, kusabab teu kabita ku dunya, teu ka goda ku Iblis anu nyiliwuri, ku syeitan anu newo-newo, anu bisa abus kana ati, anu bisa sumarabah kana bayah, Kula jeung pasukan teu weleh inget, teu weleh ati-ati dinu satiap lengkah barisan, dinu satiap lengkah perang, tara poho, clik putih clak herang timbul tinu hate sanubari anu suci, di taudzan rejeung dibismilahan, eta konci kakuatan, lain saukur caringcing pageuh kancing, caringcet pageuh iket, baroga kakuatan awak rejeng pakarang, bedog ciomas, tameng waja jeung baju wesi, oge taktik perang
[7/9 05:53] aji rasha: Tapi sakali deui satiap lengkah ditaudzan jeung dibismilahan. Eta Inyana konci Kaunggulan anu nyata Kula jeung pasukan Kula.
[7/9 05:54] aji rasha: CUKUP sakitu anu bisa ditepikeun ku Kula ka arandika sakabeh katurunan jeung murid kula, mangkahade kudu di cekel deleg wasiat kujang campuh gagak lumayung ageman elmu Kanuragan Kula, entong nepi ka salah lengkah bisi arandika jadi suluh Naraka.
[7/9 05:54] aji rasha: Salam Rahayu Kanya’ah Kula ka sakabeh turunan rejeung murid Kula, sing saha wae anu nuturkeun elmu Kula Kujang Campuh Gagak Lumayung, sing kuat lahir batin bakal di godog keut kasucian, eta hartina tempat Kula Maku Bumi, di Godog Suci.

Panembahan Godog Suci, cing cirining Kula geus ngaleupaskeun dunya, cindekna ngaleupaskeun Mahkuta Tahta Raja Padjadjaran, ulah kaget, ulah heran kusabab udagan Kula lain hayang jadi Raja Dunya, tapi udagan hirup Kula leuwih hade jeung leuwih mulia tibatan jadi Raja, takdir hirup Kula Alhamdullillah jadi papatok jalan pikeun nyalametkeun sakabeh rahayat Padjadjaran bisa arabus agama Islam, ku jalan iyeu In Shaa Allah, yakin tur pasti hirup Kula leuwih rea manfa’atna keur balarea, oge tangtu ku takdir jalan iyeu Kula pribadi bisa meunang Ridho tinu Maha Kawasa Allah Swt. Eces jenterena mangsa tilem Padjadjaran, ku Kula bakal di buka dina Silib Kian Santang Bab baban Kakawasaan.
[7/9 05:55] aji rasha: Allahu Akbar

Cunduk waktu ninggang mangsa di tutup ku ucap Rampes, hartina rarampe beres, sing inget rarampe Kula lain rurujakan, lain sasajen, lain parupuy menyan, tapi rarampe Kula leuwih Hade jeung Sampurna, ku Tauhid, Iman Islam, di iket ku Sajadah, Tasbe jeung Minyak seungitna.

Alhamdullillahirrabbil Aalamiin.
Pun Sapun. Cag. Rampes

Tidak ada komentar:

Posting Komentar