Sabtu, 23 Oktober 2021

SUNDA AKUR

SUNDA AKUR
cageur bageur bener
pinter tur singer

Jaman baheula di tanah Jawa (Djawa Dwipa) samemehna aya sakola atawa pesantren anu minangka disebut 
Kitab na Allah teh 
nya-eta bumi jeung langit , 
ari pangna disebut 
Kitabna Nu Maha Suci, 
sabab mungguh mahluk mah moal barisaeun nyieun, 
ari nu disebut huruf (letter) na lain cara ayeuna A,B,C, Alif, Be, Te, Se, Ha, Na, Ca, Ra, Ka …… lain !

Tah kaayaan nu aya dina satangkaraking bumi jeung satungkebing langit, 
saperti tatangkalan, jujukutan, sasatoan, seuneu, cai, taneuh jeung sajaba ti eta (sakabeh anu dijadikeun 
ku natuur, alam, 
nu kasaksi ku pancadria, 
eta aksara 
anu letterlijk (eces), 
sabab ku anggapan jalma baheula di tanah Jawa, aksara nu aya dina 
kitabna Nu Maha Suci (bumi-langit) teh cenah asalna ti Lohmahfud, 
kabeh huruf, kabeh bener, tur kaharti, ku sakabeh mahluk, nu lolong, nu torek jeung nu pireu oge bisa nyebut ( ngama na’an ku basa kabangsaannana), 
ana nyebut cau teh 
kana wujudna cau, 
nyebut kalapa teh 
kana wujudna kalapa, 
gunung kana gunung, 
pasir kana pasir, 
cai kana cai 
jeung saliana nya kitu bae ….. jadi lamun ku urang disaruakeun jeung nu ayeuna nya aya oge bedana, saperti kieu, ayeuna mah :

Ngaraosna (maracana) = diajar nyaho kana aksara jieun jalema, 
naha “alif, be, te, se, ha, na, ca, ra, ka atawa a,b,c”, sanggeusna wawuh kana hiji-hijina aksara, 
tuluy diajar deui ngahiji-hijikeun aksara tea, eta disebutna :
u kana cau
Ngaraji (ngahargada, nyaho pangajina aksara) 
upama be dijabar = 
ba, be wau dipees – bu…. babu, 
tah eta teh lain babu enyaan (jleg jadi babu tulen), 
tapi meureun ku maneh kaharti 
eta mah ngan babu aksara.

Sanggeusna 
barisa maraca jeung ngarajina, 
nya bukti ayeuna loba buku-buku nu dieusi kurupa-rupa aksara jeung basa nurutkeun kabisa anu boga jieun, 
maksudna “mere beja ku aksara tea”, 
jadi ana sakitu meureun tambah kahartina 
ku maneh yen dina 
saeusi buku teh 
ngan beja tina 
kanyahona sasama jelema….

Ari baheula 
jaman karuhun 
urang mah kieu :

Ngaraosna (maracana) = sanggeusna jelema
bisa usik malik 
sarta boga 
bahan ngomong 
tuluy diajar ngomong , ngomongkeun (nyebutkeun) naon nu katenjo, 
naon nu kadenge, 
naon nu ka ambeu 
jeung sajaba ti eta, 
jadi baheula mah 
ari nyebut gunung teh 
nuduh kana gunungna, 
pasir kana pasirna, 
cau kana cauna, 
nya lila-lila sanajan budak oge 
jadi nyaho kana wujudna 
anu disebut ku maranehannana, 
nu matak 
sakabeh kaayaan nu dijadikeun ku Nu Maha Suci ku karuhun urang 
disebut huruf, 
ari hartina 
sakabeh teu aya cawadeunnana 
jeung kabeh berguna, 
oge teu aya hiji mahluk 
nu bisa nurutan nyieun, 
geura pikiran bae ku maneh naha aya hiji mahluk nu bisa nyieun cau, 
paling bisa nyieun ku lilin, naha eta teh cau enyaan? Budak oge tangtu bisa nyebut eta ma cacauan ; 
digambar dina kertas 
nya disebut gambarna …..jeung hurufna tea 
aya itungannana dimana-mana sarua, 
ngan beda teh panyebut jelema 
nurutkeun kabangsaannana bae, 
saperti di Sunda mah disarebut cau 
ku Malayu mah pisang, 
ari wujudna mah 
eta-eta keneh bae. 
Palebah dieu sok 
rada asa enya, 
cek beja : dina 
kitab Nu Maha Suci 
hurufna kabeh 
ti Loh-Mahfud, 
lain meunang nyieun manusa, da meunang manusa mah ngan saukur tepi ka cenah atawa semet beja, 
henteu wujud cara huruf ti 
Nu Maha Suci.

Ngarajina : 
sanggeusna urang nyaho kana ngaran-ngarana, 
jeung ku geus lilana 
ngarasa hirup sakumbuh 
nu taya pegatna 
jeung eusina ieu donya, 
sok mustahil 
urang nepi ka teu nyaho pangajina (hargana) 
gening rata-rata alihtiar , 
nu ngaler, ngidul ngetan jeung ngulon nareangan 
nu huruf keur dirina atawa keur bangsana, 
sabab sakabeh geus ngarasa atawa 
ngaraos (ulah ngirung manana), 
seeneu teh: panas 
cai teh : tiis, 
dunya teh berguna 
lamun hade ngajalankeunnana.

Katerangan dongeng anu geus diterangkeun ku Mama di luhur, ringkesna ku Mama dibalikeun deui kieu : 

Jelema baheula mah :

Ngaraosna (macana) : nganyahokeun jeung ngingetkeun sarta 
nepi ka bisa ngucapkeun :
”Naon-naon nu 
ka ambeu, nu 
ka denge , nu 
katenjo jeung nu 
ka rasa”.
Ngarajina : 
Nyaho pangajina 
sakabeh nu aya di satangkaraking bumi satungkebing langit,
saperti: 
perlu make seuneu teh lantaran 
butuh ku panasna, 
cai ku tiisna jeung nyegerkeunnana jeung lian-liana deui.
Ngaraosna 
geus ulah make beja deui, estu karasa ku sorangan, sabab 
ku pamanggih jelema baheula, 
ari cek keneh cek keneh 
(beja keneh beja keneh) mah moal bisa jadi kapercayaan anu tetep.

          Sanggeusna : 
Ngaraos (maraca)
                              
 Ngaraji (nyao harga)
                              
Ngaraos (ngarasa)

tuluy diajar “boga rasa”

 …..sabab 
ku kayakinan jelema baheula, upama 
jalema geus baroga rasa, 
nu tangtu di dunya bakal aya katengtreman, 
dimana dunya tengtrem, pangeusina anu tangtu pinanggih jeung genah, ngeunah nepi ka raosna.

 ari hartina genah 
nya-eta 
“pangancikan rasa”
Ari ngeunah ? 
eta, katuangan raos !
Ari raos kapanggihna 
ku sakur jalema 
mun kabeh jelema 
geus baroga rasa!
Naon hartina “boga rasa” ? ari hartina boga rasa, 
nya-eta perasaan anu wajib dipigawe ku carana manusa nu make kamanusaan.
          
Naon hartina “kamanusaan” = ari kamanusaan nya-eta jalan-jalanna nyalametkeun dunya katut pangeusina, karena 
ku kayakinannana 
jelema baheula 
lamun salamet geus tangtu matak 
raosna.

Sabaraha pangajina ari Raos = ari raos mah pangajina teh geus moal aya nu bisa ngukur atawa ngira-ngira pihargaeunnana, 
kajaba ku nu geus bisa ngukur kujurna, 
ngimbang awakna, 
saperti kieu: 
Najan urang jadi miliuner, najan boga pamajikan jiga widadari, 
cicing dina gedong alus, awak jeung pakaian ditaretes ku emas jeung berlian, 
tapi 
ari teu raos kumaha ? …..sarta sabalikna: 
pakean rudin, 
imah butut, 
jeung batur lulus, 
ari raos ?......
jeung ari raos teh 
beunang oge dihartikeun 
“Aji Wiji” (bibiting kanyaho) ari pangna disebut 
bibit kanyaho, 
sabab: 
ku ahli ngaji rasa 
geus ditetepkeun ku kayakinannana, 
yen 
Raos teh jadi 
bibitna pangawasa pancadria, 
katerangannana kieu: 
mun euweuh Raos 
di badan urang, 
urang teh anu 
moal bisa ngambeu rupa-rupa ambeuan, 
mohal bisa nenjo 
rupa-rupa tetenjoan, 
mohal bisa ngomongkeun rupa-rupa omongan, jeung mohal bisa eling kana rupa-rupana elingan ….
malah lamun 
ku maneh kaharti, 
Raos teh nya-eta 
“Aji Dipa” (elmu papak) buktina nya kieu :

Raja tuang gula 
ngarasa amis !
Pangarit dahar gula oge ngarasa amis !

Raja ningali gajah !
Pangarit oge nenjo gajah !

Raja ngangseu nu seungit !
Pangarit oge ngambeu nu seungit !

Raja ngarungu anu ceurik !
Pangarit oge ngadenge nu ceurik !

Raja sasauran !
 Pangarit oge ngomong !

  Raja emut !
  Pangarit oge kudu inget !

Sakur nu nyaho kana 
Aji Dipa tangtu ngarti 
kana maksudna kaayaan nu gumelar, 
da tadi kapan 
geus bisa ngaraos (maraca) huruping dunya, 
nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci :

Sugan moal 
ngalangkahan pager, da pager teh aya maksudna nya-eta “wates”.

Sugan moal nyokot seuneu, lamun maneh butuh kutiis !

Sugan moal nyebut percaya, lamun maneh acan ngarasa !

Sugan moal milampah kalakuan anu goreng, da goreng teh temahna matak cilaka !

Sugan moal ngahina (nganyerikeun) ka sasama mahluk, da nyaho tunggal sa-Gusti!

Sugan moal nguntap ka karuhun, da urang lantaran asal gumelar teh ti anjeuna !

Sugan moal arek (boga maksud) ngaruksak sakur kaayaan nu dijadikeun ku Pangeran, 
moal rek nyieun teu ngeunahna rasa-rasana mahluk Pangeran, 
saperti 
7 rupa nu dilarang ku Karuhun :

1.     Madat    = 
nu aya matak ngaruksak badan jeung pikiran

2.     Maen     = 
nu aya matak ngaruksak rumah tangga

3.     Madon   = 
ngumbar shwat, nu temahna matak ngaruksak turunan

4.     Minum  = 
nu aya matak teu eling

5.     Maling   = 
nu matak ceda di dunya

6.     Mangani = ngarah-ngarinah, nipu ka pada kawula, euweuh deui kabisa ngan ngabeja-bejakeun “cenah” nyaritakeun nu teu wujud tur teu karasaeun ku batur, karana nu kitu panutupna jadi :

7.     Mateni = 
maehan rasa pribadi, 
euweuh kahayang, 
leungit budi jeung pangerti hirup alah-baian munding, karesepna ditutungtun, 
lolong sagalagalana, 
disebut hirup da paeh, disebut paeh da hirup, 
nya nu kitu nu ilahar disebutna “bangke hirup” 
bau kalakuannana, 
ari awak direreka, didangdanan ngarah jiga, mun kurang pek disetripan, estu ngabobodo dewek, marukana  ari 
Anu Maha Suci 
butuh ka pakean lahir, 
butuh ku basa carita, 
teu nyahoeun yen 
sakabeh nu dumadi, 
wujud katut rasana teh 
eta dijadikeun 
ku anjeun-Na.

Da ari 
kayakinan karuhun 
mah kieu :

Nu Maha suci teh 
“lain” 
syareat (lahir) 
tapi anu 
nyareatkeun (ngalahirkeun)!

“Lain” 
tarekat (gerak) 
tapi 
anu narekatkeun (ngagerakeun)!

“Lain” 
hakikat (rasa) 
tapi 
nu nga-hakekatkeun (ngaraoskeun)!

“Lain” 
marifat (eces) 
tapi 
anu nga-ma’rifatkeun (nga-eceskeun)!

jadi jigana karuhun mah moal percayaeun lamun ku urang : Gusti Nu Maha Suci 
disebut 
“linggih dina kursi gading” …….tapi sakituna omat ari kanu sejen mah ulah nyarita kitu bisi ditarimana lain ku harti, 
engke bisa jadi anu kitu sok ngambek teu puguh-puguh, sabab gampang pisan kaasupanana setan, ngaku-ngaku sabillulah, padahal mah 
pinuh ku napsu goreng nu ngaranjing, 
kadang2 ka maneh 
wani “mateni’ , 
ari manehna mah da geus puguh tadi oge geus disebut bangke hirup, 
paeh rasa kamanusaan, ngahirupkeun ka setanan, Adamna geus lali tapel, 
poho ka bangsa jeung basa, kasurupan ku nu sejen, 
ana ngomong teu kaharti, 
lir upama 
Satria ka siku ku Dewa geus ngajadi Buta Gede nya tuluyna jadi murka.

Jadi ringkesna 
“Aji Dipa” teh, 
ngandung harti yen 
Elmu Karuhun Nusa Jawa ti baheula tug ka kiwari 
henteu rek hianat jeung 
teu rek ngabedakeun ka sakabeh 
Kamurahan jeung Ka-asihannana 
Nu Maha suci, 
ngaraos ngaraji nepi karasana pisan 
ku sorangan…..
Raosna estu 
taya geusan ngalahirkeunnana, 
sabab moal nepi ku carita, ana ku urang kasurti, 
tangtu urang bisa ngaku kalawan yakin 
yen “enyana” 
KALAM Nu Maha Suci teh “ECES” henteu cenah deui……

Saperti kieu bae, 
cacakan diri nu sagir (leutik), upama 
panon jeung awasna, 
ana nuduhkeun ka Isun, 
estu kalawan nyatana, 
nuduh kanu 
beureum, 
koneng, 
bodas reujeung 
hideung, 
gede leutik, 
panjang ponduk reujeung sajaba ti eta, 
tara jeung pokna ku lisan, tapi estu wujud pisan eces lain beja deui. 
Nya kitu 
tuduh ti Rosul 
estu puguh Rasa wungkul, 
nu teu make ucap deui, saperti: 
Rasa urang nu nuduhkeun amisna gula, 
haseumna cuka atawa panasna seuneu, 
estu reujeung ka-rasana.

Lamun mahluk teh enyaan, enggon-enggoning ngaku kamanusaan, 
anu tangtu dunyana tengtrem, 
nya kitu mun sarerea, dunya gede ge geus tengtrem .

Mun 
“hirup’ boga pamilih, 
nyaho nu bau jeung 
nu seungit.

Mun 
“dengena” geus dipake 
(nurut kana parentah ti kalamulah).

Mun 
“nenjo” jeung tingalina (nyaho)

Mun 
“ngucap” jeung prakna digawe.

Mun 
“eling” jeung ingetan (sakabeh lampah nu geus karasa matak cilaka poma            ulah dilampahkeun deui, jieun conto).

Mun 
“Suci” enggeus nyareat, 
di donya moal aya kasangsaraan, 
jeung sasama 
tangtu repeh-rapih, 
hirup moal kakauman (rasis); tapi 
lain lobanu nggeus ngaku-ngakuna 
jadi ahli sareat? 
puguh ari anu ngaku mah loba, 
tapi ngakuna teh 
kakara semet ngaku wungkul, nu dipake agul teh kakara tepi kana migawe aturan beja, cenah ti jelema keneh, sakaumna-sakaumna. Buktina 
panon jeung awasna 
geus nuduhkeun ka nu sangsara, 
tapi kakara semet nenjo 
ari taringalina mah loba keneh anu acan, 
sabab mun tingali mah meureun nggeus prak nyareatkeun naon-naon nu dituduhkeun ku Rasulna, lolobana mah 
ana boga bahan 
anggur hayoh nyarieun adegan anyar, 
tihangna lain agama, 
tapi ku kai jeung awi, marukana ari 
adegan Pangeran teh eta, 
teu tingali 
adegan Nu Maha Suci mah, meh raruksak, 
kalahiran jeung kabatinnana ku manehna 
di karajeunkeun.

Mun 
“Suci” enggeus narekat, meureun 
ahli juru pitutur teh 
geus rarukun, 
pada aringet ka dulur, 
jeung sasama 
pada daek rukun, 
ihtiar jadi Wiji, 
nu goreng pek dihadean 
sarta moal sabalikna, 
si jahil dibere jalan, narekabna nu bener 
ge dijahilan, 
atuh nu tangtu nu bener ge laun-laun 
jadi kasurupan, 
ngomong jeung lampahna oge jadi beda, 
beda jeung adatna 
tadi nya tuluyna 
ceuk nu teu nyaho mah 
osok disarebut 
kawas nu ngaco.

Mun 
“Suci” hakekatna enggeus karasa 
nu tangtu loba 
kanyaho, 
nyaho estu lain beja, 
moal cenah deui cenah deui ….

Marifatna, 
da puguh geus “nganyahokeun”, 
nyaksian jeung nekadkeunnana, 
yen euweuh deui 
Pangeran anging 
Anu Maha Suci jeung Rasululah teh eta “Utusannana”…..

Mun mahluk 
geus baroga rasa (Sahadat), dunya tangtu beresna, 
tapi lamun kakara semet omong keneh mah, 
bukti geus rebuan taun 
kalah beuki kusut, 
bukti nu mawa omongannana oge carang langka anu bener, lolobana mah 
wungkul beuki ngariruhan, ngaradon nepa-nepakeun jahilna, 
elmuna kawas elmu sihir 
bisa sulap 
malikeun mata jelema, buktina 
loba jalma jadi poho, 
poho ka rupa jelema, sumawonna ka baraya, 
ka dulur ge rek ngagempur, ngan 
sirikna teu ngadukeun hulu bae, 
ka Karuhun wani nguntab 
teu boga rasa rumasa, marukana 
manehna asal ti mana. Tahayul 
dijieun angkeuhan, 
maca ieu maca itu, marukanna 
padu ngomong 
geus bisa meunang ganjaran.

Coba 
lamun geus 
“Nyembah Hyang”, 
ngariblat (taringali) kana sakur nu dumadi 
pada ngarti 
pada surti, 
yen kabeh anu gumelar 
estu 
ka-Agungan Nu Maha Suci, meureun 
mahluk moal arek kumawani, kumalancang, 
ngagogoreng jeung ngaruksak 
kana 
ka-Agungan Pangeran, 
waktu lima dipilampah:

1.     Waktu hirup 
daek ngawijudkeun hade.

2.     Waktu ngadenge 
daek ngadenge nu Wujud.

3.     Waktu nenjo 
daek nenjo ka nu wujud.

4.     Waktu ngomong 
daek ngomongkeun nu wujud.

5.     Waktu eling salawasna daek inget ka nu wujud …….

Takbirna moal ngalahir, ngagedekeun karumasaan, 

Rasa 
dijieun panutan, 
Tobatna ulah rek deui-deui milampah jalan nu salah, lamun bisa ngalampahkeun kitu.

TEU WUDU : 
Pakean baresih 
(laku lampah sing hade), bersih sungut (ucap sing hade), 
bersih ceuli (denge sing hade), 
beresih panon (awas sing hade) 
beresih irung (sing seungit), beresih leungeun (leungeun sing hade, 
ulah hayang nyokot nu batur, komo mun dipake teuteunggeul mah), 
beresih suku (sing bener aya laku lampah), mun dipigawe buahna tangtu karasa, melak hade tangtu buahna ge hade, mun hade tangtu salamet, mun salamet 
tangtu Raos, 
Raosna ti Rasululah…

Mun ngarasa beungeut perong, urut dipolas poles, sibeungeutan masing beresih, 
paribasa ulah kandel kulit beungeut, 
masing boga kaera, 
ulah ngan resep ditungtun, baleg lamun enggeus harti……
Kacaduwan ti Karuhun 
omat ulah dipigawe, 
sakur nu aya matakna, nyilakakeun kana diri, 
rumah tangga kitu deui, bangsa katut lemah cai, 
ulah sarue jeung domba, matak rugi harta harti, di dunya pada ngahina….

Kapamalian ge kitu, 
tata jeung basa pek pake, ulah rek ngarasa hina make kaboga pribadi, 
gening tata basa deungeun, diparuja-paruji, 
dipujana disusuhun, 
dipuji dipandang suci, 
loba tingkah anu owah, 
owah sagala-galana, 
ka kolot bet jadi wani, 
ka Karuhun sumawona, sajarah dewek mah lapur teu cara sajarah batur, 
dipake agul adigung, diomongkeun unggal lembur, caritana mikat batur, 
teu harti basa Karuhun, nya-eta luluhur urang.
 
Buhun hartina baheula 
nu jadi bibitna urang, 
mun poho kadinya, 
geus tangtu 
basa jeung bangsa, 
turun moal aya harga, 
urang na oge nya kitu, 
ka dieu geus ngalainkeun, siga jalma nu teu puguh, 
teu puguh mana bapana, naon pingaraneunnana ….

tah sakitu hartina pamali, 
bisi maneh acan terang …….

Sakulah lain sabalong, 
tapi 
sing sakulah-sakolih 
jeung sasama 
mahluk Pangeran 
guna migawe nu bener, 
ari contona kapan 
geus nyata, 
sakabeh anu dumadi, 
nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci 
estu sakulah-sakolih, 
da lamun nu dumadi henteu sakulah-sakolih, 
dunya teh moal bener, 
seneu, 
cai, 
angin jeung 
bumi 
katut jeung 
hawa-hawana 
geus mere conto ka munusa sangkan daraekeun rukun, diri maneh oge 
dunya anu leutik, 
kapan sakitu rukun na 

”Sa-adatna” ari manusa mah tangtu ngarti 
yen kuduna boga rasa. 

Waktu limana 
ngawujudkeun 
kalamna Pangeran 
nu make lantaran ku pancadria. Tulung-tinulungannana ku maneh mereun karasa 
ti leutik nepi ka gede, 
ti budak nepi ka kolot, 
ana boga karep, 
Wujud jeung Rasa 
nu di maneh nu migawe 
sarta oge nu nyumponan kahayang maneh, 

Ngaji rasana 
sing sacara nu 
di badan maneh, 
gening lamun maneh kapireupeunan 
leungeun maneh teu dititah deui geus buru-buru nulungan (ngarontok) 
ka nu keur manggih kacilakaan, 
mun eusi dunya pek kitu, nurutan sacara dirina, meureun kabeh 
Munggah jadi Hiji, 
ngahiji di Adegan Pangeran, nu pinuh ku 
raos 
wungkul. 
Turutan atuh 
diri 
maneh teh, 
da eta 
guru 
maneh nu mursid teh, 
da 
luareun diri 
mah ngan sakadar 
pa-guron, 
jeung eta mah ngan sakadar sasama hirup, 
nu pada gumelar 
di alam pawenangan, 

aya carios Karuhun nu kieu: “Lamun teu nyaho ka diri, tuluyna rajeun kasasar, 
lain kasasar karampa, 
tapi sasab, utrak-atrok neangan Suci kaluar, 
teu nyahoeun nu Suci mah nya-eta 
Nu Neangan nana, 
tuluyna tuturut munding, 
wani nuduh ka nu lain-lain, majarkeun : 
Pangeran teh nu linggih dina korsi gading. 
Nuduh 
Rasul ka jelema, 
kitabna jieun jelema, Malaikatna jangjangan, Takdirna diukir-ukir, Kiamatna jaga-engke, 
teu kaharti, 
teu ka surti, 
ti budak nepi ka kolot, 
kulit seger jadi peot, 
huntu pageuh jadi lemong, umurna terus mondokan , nyungsi deukeut ka kiamat, dunya leutik teu ka timu, 
sok komo dunya nu gede, bongan 
teu ngujur ka kujur , 
teu ngimbangan kaawakan ngancokeun jaganing engke, ka-Rohmanan ka-rohiman 
ti Pangeran teu karasa, 
teu nyahoeun Rohman-Rohim teh Nu Suci, 
suci ti Nu Maha Suci. 
Ngan palebah dieu 
jadi teteguhan, 
mun kapanggih jadi nyaho, mun nyaho nya jadi harti, mun harti boga pamilih: Jawana, “Adohe tanpo wangenan”, 
ceuk Sundana Jauh taya geusan ngukurna bedana Gusti jeung Kawula, 
sabab 
Nu Suci mah 
nu dijadikeun 
ku Nu Maha Suci, 
jauhna lir 
upama Gula jeung Amis, 
ari Gula mah wujudna 
jeung ari Amisna mah Rasana……

Kabeh ge Wujud Anjeunna
Kabeh ge Raos Anjeun
Kabeh ge Kitab Anjeunna
Kabeh ge Tekad Anjeunna
Kabeh ge Takdir Anjeun
Kabeh ge Kiamatna ku Anjeunna

Nyata 
Wujud tur Agungna, 
sabab 
wujud nu gumelar katut karasa-rasana 
estu 
nyata 
ka-Agungan nana…….

Atuh ari 
percaya 
teh ulah kana “cenah” , 
bisi moal ajeg, 
ana teu ajeg baroraah 
arek Iman……
Ari percaya kudu 
ka nu wujud jeung rasana, saperti 
nyaho kana gula jeung amisna, 
lamun nyebut gula pajar haseum, 
eta ngarana bohong 
ana bohong eta ngarana owah, 
bakating ku mindeng owah tuluyna jadi teu eling, 
ana teu eling jadi poho, 
ana poho ka Karuhun 
ge wani, 
ana wani ka karuhun 
ka guru oge teu nurut, 
ana teu nurut ka guru, 
ka ratu ge nyieun wani, 
ana wani ka Ratu, 
ka Pangeran oge nyieun cara kaulinan.

Palebah dieu mama ngingetan : 
Ulah arek wani-wani moyok ka sasami mahluk 
sabab kabeh 
dijadikeun ku Anjeunna, 
jadi lamun maneh moyok, 
eta ngandung harti “lain” moyok kana dadamelan nana bae, tapi sarua jeung moyok ka Nu ngadamelna, 
komo lamun wani nyebut “kupur, kupar, kapir” ka batur eta mah estu eces 
yen manehna ‘anu murtad”…… sabab 
Nu Suci mah sok Rukun, Ngiblatna 
kana Adegan nana Pangeran, Tulung-tinulungan, 
Rumasa, 
Ngarasa Sa-Wujud 
(ana Rukun = Islam…..
ana Islam = Rukun)………
Iman lain kana beja 
tapi ka 
Nu Wujud jeung Karasa, nyebut gula ka wujudna nyebut amis ka rasana….

Ari alifna alif nu lempeng, bener cara ti Loh-mahfud, mujina ku geus ka aji, 
yen enyana sadaya puji teh ka-Agungan Gusti, 
lahirna tara hayang kapuji, sumawon dilagu lagu, 
hayang kadenge ku batur, sieun leungit pamujina.

Welas asihna 
ka sasama mahluk 
cara ka diri pribadi, 
tara sok ngawilah-wilah, 
da geus nyaho yen 
Gusti teh welas tur asihna estu ka sakabeh anu dumadi, lir upama ka nyaahna dalang kana golek nu sakotak, 
ti Cepot nepi Ratuna pisan estu sarua bae, 
ka panayagan, gamelan katut laguna, 
henteu meunang aya nu salah, 
sabab 
lamun salah goong bae, 
aya matak ngarobahkeun kana lagu ……

Nya kitu laguna Kamanusaan lamun salah eta matak 
teu ngeunah, 
henteu genah ka 
nu ngajamanan, 
ngarasa yen hirup 
henteu ngalagu. 

Raosna henteu kapanggih, 
ka Wujudna henteu eling, 

Kalam weleh henteu katimu, tuluyna atrok-atrokan, 

lagu deungeun ditariru, ngagolek maen rebana, 

susah ngadalangan nana, paling surup kana igel (parigelna) buta hejo 
resep ngudag-ngudag beja, ngungkab2 bangsa cenah….. 

Kumaha lamun kapanggih 
ku tukang jahilna 
tuluy na budi dipake nukeuran harti, 
harti soteh lain harti nyaho, 

tapi harti jahil, 
nu pangartina ngan ngarah, nya tungtungna budi urang teh meakeun lahir, 
beak sawah beak imah, 
beak ka basa-basana, 
ana diganti ku harti batur 
ti si tukang caritanah (cenah) bukti loba nu jadi ngaco, ngomongna jadi teu puguh, ngadak-ngadak kasurupan, ganti adat 
ganti sipat, 

adat nu ti luluhurna oge 
ku manehna rek di robah, marukana ari adat teh 
lain ti Kodrat, 
ibarat manusa rek dijieun anjing, 
asal moal bisa jadi 
najan haben dipulasara, didangdanan, diganti ngaran jeung ngomong, 
nu nyaho mah tangtu nyebut si eta asal-usulna,

 lir upama bangsa Emas, ayeuna dijadikeun Ali, 
ceuk nu nyaho 
tangtu nyebut Ali Emas, 
emas keneh, emas keneh, sanajan dijieun tasbeh atawana 
emas kawin, 
emasna 
teu leungit-leungit………

Dina suluk wawacan 
“Prabu Angling Dharma”,
 nu ngagaduhan Aji Dipa teh Anjeunna …..: 
ari hartina Prabu teh nya-eta Ratu Rat = Jagat, 
Tu = Tuduh……
Angling (angelingaken) = ngelingan ku kanyataan nana, 

awas, 
rungu, 
angseu jeung 
ngandikana 
estu aya di Anjeunna….

Dharma = Laku nu utama (hade….
Aji Dipa nu di pupundi, 
ari hartina Aji Dipa nya-eta Elmu papak 
(Ratu ngaraos uyah teh asin, pangarit oge nya kitu). 
Naon nu papak teh?.........
RAOSNA.. 
Saha nu teu butuh ku Raos?...
Panutupna mah, 
nya kudu nyaho jeung ngarti “HURUF” 
nu gumelar 
nu asal ti Loh Mahfud, maksud-maksudna nu dijadikeun 
ku Pangeran….
Saha nu bisa nerangkeun Aji-Dipa ku carita? 
Bisa nerangkeun 
haseum ku carita? 
Naha beunang ku peupeureundeuyan?

Cagap atuh seuneu teh, 
letak atuh cuka teh, 
geura panggih “Ajina…..

Ari dharma nu utama, 
nya-eta maneh masingna sabar, 
leukeun ngolahkeun diri, reujeung ngamumulena, 
ulah cara nu pohoan, 
inget teh ngan, 
kumaha sawah, 
kumaha duwit, 
kumaha kabogoh, kumaha-kumaha, 
uteuk jeung hate 
dipake gudang kumaha, 
tapi ari 
ngumaha 
mah tara, 
rajeun ngumaha 
make nanya batur, 
teu inget 
ka Nu ngumaha, 
usik malik teu ngarasa, 
inget teh ngan kana palu, 
teu malire kana leungeunna, keris dipanjang punjung 
teu curiga ka Nu ngajunjung, 

cing atuh KUMAHA SUCI? naha bisa digawe 
lamun lain kumaha nu suci?

 bisa ngangkat palu 
lamun leungeun teu mangangkatkeun?


 Bisa hasil maksud 
lamun ngan ngomong 
bae di pangkeng? 
Tangtu diri maneh oge ngajawab bari godeg, 
najan teu ngomong oge tangtu kaharti, 

godeg teh nya-eta hartina: gaib –
heran 
 aneh…….

Maneh nyebut 
Pangeran teh Allah, 
diri ge tuluy ngaenyakeun, 
nyaksi ku unggeuk, 
nu hartina = enya, 
enya,enya …..
ari kaharti 
naha rek tuluy bae kitu, 
atawa rek nojod 
nepi ka teu elingna? 
Kade bisi teu eling pisan 
nepi ka wani nyebut Pangeran ka nu teu Wujud (nga enya keun ka nu lain, nga lain keun ka nu enya)

…..Suwung nu dituju, tungtungna pok bae ngomong: “duka teuing 
ka dituna mah, 
kumaha Pangeran bae”
, nepi ka kituna 
kapan ari bakating ku teu kapanggih mah….

Jeung maneh masingna sabar, 
leukeun ngolahkeun desa katut pangeusina 
supaya salamet, 
ulah cawadeun Pangagung……
Tawekalna mun manggih cocoba, 
nu moyok cara satria geura anggap nasehat, 
mun kawas buta anggap mamala, 
mun dipuji komo kudu ati-ati…………

Sunda disarebut sundek, 
ulah dipake nyeri ati, 
da enya Sunda mah sundek, sundekna ku henteu bisa, 
teu rumasa ieu aing, 
usik malik ngarasa 
ku Maha Suci 
jauh tina kumaha duit, kumaha anu kumaha itu, sabab 
geus karasa, 
ngumaha ka dunya teh 
loba nu kasurupan 
ku si beureum .
jadi gede ambek, 

kusi koneng 
jadi lieur, 

ku si bodas 
jadi sedih, 

ku si hideung 
nepi ka paeh rasa-rasana 

cindekna mah teu eling bae, ana teu eling? 
Kumaha?...

Allah tobat, 
naha tobat ka Allah? 
Nya tuluyna sakitu geus cukup pasihan ti Pangeran, make hayoh 
marenta duwit, 
marenta awewe geulis 
menta emas jeung inten…..
Jadi enya gaib ari dadamelan Pangeran mah geuning……

Nu lolong rasana, 
rajeun leumpang ari ditungtun ku batur………….

Nu torek rasana, 
rajeun ngalieuk ari ditowel ku batur……

Nu rasana geus teu ngambeu, estu teu boga pamilih 
si jahil disebut Suci (seungit), ari Karuhun nu di pikaseungit ku sarerea, 
wawangina nyebar ka sakuliah dunya, 
jelema katut kebudayaan nana 
estu pikabitaeun batur, disebut bau, 
komo nepi ka aya nu nyebut  (teu boga kasopanan sagala)

……Nu pireu rasana, 
rajeun ngomong ari dipapatahan ku batur, 
ana bisa saeutik-eutikeun 
ka bapa oge make basa ti batur, 

nya tuluyna ka Pangeran oge make ngomong ku basa ti jelema anyar, 
tatanya kitu keneh, ngadak-ngadak nganyar-nganyari, 
tata basa nu sorangan kalindih ku nu kumaki, 
kawas jalma nu teu puguh wewedalan nana 
poho  ka geusan ngajadi, ngaku ka karuhun batur, 
nu sorangan dilainkeun 
jega budak euweuh bapaan, naon pingaraneun nana?

Tah  kapan nepi ka kitu ari jelema nu geus owah, 
owah sagala-galana, 
ana tuluh beuki maceuh, pager batur ge dirumpak, 
ana dibere nginjeum  sok tara daek mulangkeun, 
ka indung bapa teu eling, karuhun direken sigung, 
ka Pangeran oge wani, majarkeun nyieun  perjangji, ka Pangeran carita hartina tembang, 
didituna mah ngalagu, dedengekan di tabeuhan, geus peurih beuteung dalahar, 
kadaharan rupa-rupa, kadaharan beunang milih, 
nu loba nguwatkeun sahwat, ngudag-ngudag pangabogoh sifat cinta ampir leungit, tuluyna ngajadi kejem, 
ka pibaraya teu ditoleh, aragulna ti ayeuna, 
sawarga enggeus diaku, malah ngaku bisa mawa batur.

Lantaran kabita ku caritana, bukti loba jelema nu katipu, lain ngan dunyana wungkul, tapi aya kajadian anu ngahajatan anakna parawan ka aki-aki, 
nya tuluyna loba jalma nu teu puguh, 
rumah tangga karusut, 
di kampung jadi baringung, desa taya komarana…… 
ku ayana anu kitu loba jalma kabogana ampir beak, 
jeung baraya henteu campur, laun-laun henteu akur, 
teu daraek merlukeun parentah jeung kapentingan Nagara henteu cara ka si Jahil, imah sawah ge dijuwal, anjuk hutang dibelaan….

Nu matak ama talatah ka anak ama di ditu, 
ka Kolot omat 
masingna koloteun 
ka ki Amil sing jongjon getol amalna, 
Ki Katir nu ngabantuan, 
Ki Kulisi pangjagakeun nu balener, 
bisi si Jahil ka lembur, talingakeun bisi ngarah jeung ngarinah, 
nu temahna aya matak ngaruntagkeun desa katut pangeusina……
ari ka RAHAYAT mah eta kumaha maneh bae, sabab maneh nu jadi LULUGU….



Pandita : Ari pikeun mama mah anu tangtu satungtung masih diayakeun umur sarta bisa keneh cumarita moal weleh nya nganasehatan ka maneh, ari sababna teu aya lian sugan maneh ka hareup bisa migawe eta nasehat ku prak-na, dimana sok diprak-keun anu tangtu aya kajadian nana, eta kajadian geus moal salah deui, lamun melak goreng buahna tangtu goreng, sarta sabalikna lamun melak hade tangtu buahna hade deui.

Isoen : Sanes mama, sateu-acanna sim abdi wangsul aya anu bade ditaroskeun ka mama, kitu oge upami karujukan …….sareng upami tiasa diterangkeun ku lisan nya-eta :

Naon ari hartosna Nur Allah? Naon ari hartosna Nur Muhammad?
Naon ari hartosna Nur Cahya?

Pandita : Ieu pertanyaan maneh ku mama dijawab, tapi lamun salah ku maneh geura salahkeun, 

ari sababna maneh oge tangtu nyaho 
kana KECAP Allah, 
eta teh basa Arab, 
ari di Sunda keun nya-eta
 Nu Maha Suci tea……

ari NOER di Sunda keun mah eta hartina: 
TERANG atawa NYAHO,
 
jadi lamun maneh geus ngaharti mah kana Aji Dipa anu geus diterangkeun tadi, sok moal salah deui maneh teh tangtu nyaho 
NAON arti Allah teh? 

lamun geus nyaho, 
lamun geus nyaksian 
lamun geus nekad keun 
yen euweuh deui Pangeran anging Allah (La illaha illalah) tah eta teh 
NUR Allah….

Ari Nur Muhammad … 
Nur = 
Nyaho = 
Nyaksian = 
Nekadkeun
                        
Muhammad = 
Utusan Allah = 
Kekasih Allah.

Ari Muhammad teh 
Manusa nu migawe kamanusaan.

Ari Muhammad teh 
Wali nu migawe kawalian nana……
(sok nulung ka nu butuh, sok nalang ka nu susah, sok nuduhkeun ka
nu teu nyaho, nganteur ka nu keueung).

Ari Muhammad teh 
Nabi nu migawe kanabian nana……
(ari mere terang sok eces/wujud tara make cenah, 
cara panca dria ka
urang, tara bohong)

Ari Muhammad teh 
Rasul, nu migawe karasulan nana ……
(ari mere terang sok jeung karasana oge lain cenah, 
cara rasa nu di urang, 
asin nya asin, 
amis nya amis, 
jeung satuluyna)

Anu matak lamun maneh geus 
harti 
atuh sing boga “budi”.

Ari Nur Cahya ….
Nur = 
Nyaho = 
Nyaksian = 
Cahya = 
Beureum – 
Koneng – 
Bodas – 
Hideung.

Nu adatna Panas, 
nu sipatna Beureum, 
eta enggon nana “seuneu” , nafsuna “amarah”  = ka-Hewanan

Nu adatna Ngahiliwir,
nu sipatna Koneng, 
eta ngaran nana “angin” nafsuna “luamah” = Ka-dunyaan.

Nu adatna Ti’is 
nu sipatna Bodas, 
eta ngaranna “Cai”, 
nafsuna “sawiah” = ka-Robanan.

Nu adatna Tetep, 
nu sipatna hideung, 
eta ngarana “bumi” 
nafsuna “mutmainah” = 
ka- …..?

Lamun Mutmainah 
kaeusian ku anu tilu nafsu anu di luhur sarta 
leuwih ti mistina (teuing) 
eta ngaranna 
ka-Setanan.

Ayena

Lamun maneh geus terang (Nur) = 
tangtu maneh 
Nyaho 
Nyaksi jeung 
Nekadkeun nana 
Mangeran ka Allah 
ku milampah pagawean nu Wujud-na hade sarta berguna keur sarerea!!!

Geura tembongkeun Cinta, sacara Allah ka Mahlukna!!!

 Sacara Bapa ka Anakna!!!

Geura pandang sakabeh Mahluk sacara 
ka diri na pribadi!!!

Da nyaho Pangeran teh Welas jeung Asihna estu teu ngawilah-wilah!!!

Mun geus terang yen 
KN Muhammad teh 
Utusan Allah.

Mun geus terang ka :
KN Muhammad teh 
Manusa nu bisa migawe ka-Manusaan nana.

KN Muhammad teh 
Wali nu bisa migawe ka-Walian nana.

KN Muhammad teh 
Nabi nu bisa migawe ka-Nabian nana

KN Muhammad teh 
Rasul nu bisa migawe ka-Rasulan nana.

Sok berbudi atuh ! ! !


Nur Cahya :
Ulah leuwing teuing 
ulah kurang teuing 
make 
seuneu, 
angin, 
cai jeung 
bumi ….
sabab lamun kurang maneh tangtu pinanggih jeung gering (teu cageur …..) 
Nya nu kitu lamun leuwih teuing, 
bisi nafsu maneh kaleuwihan teuing, 
ana kaleuwihan tuluyna sok : 

ka-Hewanan =GU-magah, ka-Dunyan = GU-minding, ka-Robanan = GU-masep (gu-meulis) 
tuluyna sieun ku barang paeh, mi-Allah ka barang paeh, manutan ka barang paeh, 
Nu sok ruksak di pi-iman, bangsa bohong digedekeun, hirup pinuh ku pangalamunan ana tarik teuing ngalamun nya sok rajeun ka surupan, poho ka diri pribadi, 
boro raah ka Pangeran, 
lali basa lali bangsa, 
lali sa-gala-galana, 
tah nu kitu disebutna ka-Setanan.

Sing harti atuh 

 pagawean geusan pikiraneun, 
engke ari kadieu deui rek ditanya, sarta maneh kudu bisa nerangkeun nana, kieu :

 Di dunya ku ayana 
seuneu , 
cai, 
angin jeung 
bumi 
geus ngajadikeun 
ayana 
sri 
tatangkalan nu ngarandung sari ….. 
Tina cai 
bisa ngajadikeun ayana uyah rasana? …..
Baheula Karuhun urang 
pang na teu pati susah 
cara urang ayeuna, 
sabab cek pamanggih  nu baheula 
nu bisa ngajadikeun 
raos 
teh nya-eta 
uyah 
lain bae 
sri, 
sanajan manusa oge 
ari teu uyahan mah ….? 
Ari urang ayeuna carang nu mikiran 
raos (rasa) 
tapi ka-lolobaan nana ngan susah 
ku mikiran deungeunna, 
enya kitu? 
Lamun ku maneh geus kaharti, 
maneh moal wani nyebutkeun yen 
Karuhun urang teh bodo, jeung moal boga rasa maneh leuwih pinter ti Karuhun maneh, 
naha ari 
raos 
teh ku sapedah loba deungeunna ?.....
Geura pecakkan 
sari – rasa – tunggal  
(satria satunggal) = 
hijikeun 
uyah jeung sangu 
tutug ngaranna, 
bisi aya anu acan  
ngaraosan 
jeung nu acan 
nyahokeun 
maneh sing daek 
karana Allah 

pang-nutug-keun….

ngelmu oge tutugkeun atuh, geura prak digawe, 
ari pameuli na mah, 
euweuh deui 
ngan diri maneh, 
titipan ti 
indung 
bapa 
geura mumule ……………

Geuning bareto kolot maneh  geus carita ka maneh hareupeun ama, mun teu salah kieu :
“ Isun “ mama jeung ibu sa-acanna ninggalkeun ka maneh, rek ngawaris barang anu pohara berguna keur maneh, sajabana ti 
pangarti 
ti sakola jeung ti pasantren, nya-eta 
mihape 
diri maneh
 sing salamet, 
karana lamun diri maneh teu salamet mah 
eusi dunya
 ku maneh 
moal karasa
 kani’matan nana 
komo 
sawargana jaga …

Sakiitu
bae, ulah loba teuing dongeng, 
bisi poho deui, 
hartikeun 
bae heula, jeung meujeuhna urang 
netepan, 
da 
wajib 
urang 
manusa :

Netepan Kamanusaan !
Netepan Karahayatan !
Netepan Kapangkatan !

Nyatakeun jugjugeun urang
 …..Emas nu sigit (nu hade) masing kapanggih

 …..Jucungkeun tekad nu hade…..
Ulah unggut kalinduan, ulah gedag ka-anginan, jati ulah kasilih ku junti, bisi cara tangkal Bungur, kacicingan ku mangandeuh, mang-puluh-puluh taun lilana, ana geus sidik kapanggih, bungurna ngan kari lunggul, henteu dahan henteu daun, nu ngajegir asalna mangandeuh tea, gede tangkal gede dahan, hieum ka daun-daunna, ngarana “Ki-Arah-Wana”. Waktu tadi bungur dipake kalangenan, ari ayeuna geus jadi kiara leuweung, pinuh ku jurig jeung iblis, nu sok ngaririwaan jeung ngageringkeun jelema, 
estu matak gila nenjo, 
beda adat, 
beda sifat, 
beda ka ngaran-ngaranna sidik lain bungur tadi …..

Ayeuna mah geus tepi ka waktu, meujeuhna geura heg balik, binih ti mama ayeuna bawa, pelakeun deui di ditu, ngan ulah luhureun batu, bisi binih henteu jadi, ngan kade bisina linglung, ulah poho tapak tadi, ku mama di du’akeun, sing salamet diri, rumah tangga katut saeusining desa, ginanjar salawasna, ku Pangeran Nu Kuasa..
Mun patepung urang jaga, sugan pa-amprok papanggih, Nu Raos urang dongengkeun, pituduh di ka Wujudkeun….

“Aji-Dipa” 
rasa batur jeung urang 
sing pada “Raos”n-na.

Kumambang Lampah Isun

Eling-eling mungguh nu 
hirup di lahir,
henteu meunang pisan
jahil, dengki, nganyenyeri
ka sasama mahluk Tuhan

Tekad, lampah, boh ku ucap oge sami,
sareng sawangsulna,
mungguh sarat nu utami,
kedah murah buka tangan.

Kitu deui resep nulung nu prihatin,
mideudeuh nu susah,
eta Dharma nu sajati,
saratna kamanusaan.

Aji-Dipa sanes 
elmu bangsa junti,
tetes asli Jawa,

JAWA teh hartina: “HARTI”
nyaho ka Purwa – Daksina …..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar