ELMU NA KAPALA DESA
Ku sae ngurus sareng metakeun nu janten Lurah katut punggawana ka Rahayat.
eta desa estu janten pamujianana sadaya Pangagung waktos harita; malah seueur Lurah urah ti sanes desa anu ngahaja naros ka eta Lurah tina rupi-rupi hal anu perlu dijalankeun di desana, ngumaha supados desa tiasa subur, beres roes sapertos nu parantos kajantenan di iyeu desa na.
Hiji waktos saparantosna beres nguruskeun ieu sareng itu di bale desa, Ki Lurah Desa ngadeheus ka kasepuhanana nu linggih di Waruga-jati,
nya eta
Sang Pandita Jati Rasa, padesan Karang Desa keneh.
Waktos ngadeuheus Ki Lurah parantos ditaros rupi-rupi pertarosan nu ngait kana kaayaan padamelan Ki Lurah. Desa sareng Rahayatna,
nya kitu deui Ki Lurah parantos nerangkeun kasalametannana, oge disarengan ku ngahaturkeun rebu-rebu nuhun ka sang Pandita, wireh nu karaos ku Ki Lurah sadaya nasehat ti anjeunna anu parantos dijalankeun estu seueur pisan mangpaatna.
Saparantosna tuang leueut, Ki Lurah dicandak ngalih ka bale-kambang,
nyaeta tempat kalangenan Sang Pandita ngaheningkeun panggalihna…….
Didinya Sang Pandita ngawitan naros sajabina ti urusan nu parantos diterangkeun ti payun kieu:
“Isun
(Isun teh jenengan Ki Lurah keur waktos alit tea, ku jalaran teu aya asa sareng jiga deui, Sang Pandita nyebat ka Ki Lurah teh Isun bae, henteu nganggo jenengan anu anyarna . Mama arek nanya, lantaran geus leuwih ti sataun lilana maneh mawa binih ti Mama, tah kumaha ku maneh diditu, naha geus dipelakkeun , jeung kumaha buah-buahna?”
Isun : Perkawis binih anu kapungkur pasihan ti Mama, ku sim abdi sapalih-paliheun parantos dipelak sareng Alhamdulillah buah-buahna mah sarae pisan,
buktos anu parantos dihaturkeun ka Mama ku
sim abdi tadi.
Pandita : Lamun ktu mah atuh sukur karana …..
ari cara Mama mah teu weleh melang bae ka maneh teh sok komo maneh geus kapilih kunu jadi Rahayat dijadikeun Lurah,
ari Lurah teh ngaran pangkat, tur eta pangkat sajabana diangkat kunu jaradi Rahayat, oge disahkeun kunu jadi Pangagung,
jadi lamun maneh teu nyumponan kana ngaran kapangkatan ku pagawean maneh sacarana jadi Lurah , eta matak meunang bebendon ti Pangagung,
jadi salawasna maneh kudu inget yen maneh teh estu beurang reujeung peutingna disaksi ku nu ngarangkat jeung ngesahkeun maneh.
Isun : Sacariosan anu disaurkeun ku Mama bieu ka raosna ku sim abdi anu yaktos pisan,
salami sim abdi janten Lurah, elingan sreng pikiran teh meh taya tentremna cus cos kaditu kadieu sieun sareng risi gulung ngajadi hiji,
sieun desa teu kaurus kalawan beresna,
risi aya kalepatan ka Pangagung sareng rupi-rupi deui.
Pandita : Tah nya-eta kitu, nu matak Mama teu weleh ngelingan ka maneh, ngan ayeuna kieu, geura kanyahokeun bae heula kaperluannana Rahayat supaya Rahayat anu aya di desa maneh oge barisaeun nyumponan kana ngaran Rahayat,
supaya maneh babari ngaluluguannana ,
kieu geura:
ari hartina Lurah teh Luluguna Rahayat anu aya di desa,
ari hartina Rahayat nya-eta jalma anu aya di desa tur nyumponan kana ngaran karahayatannana,
jadi palebah dieu maneh kudu ngarti,
dimana aya jalma anu sok ngumbar nafsu tur temahna matak ngajadikeun cilaka ka desa katut pangeusina ku maneh ulah rek diluluguan, angger kudu buru buru pasrahkeun ka nu wajib nguruskeunnana,
ari cirina jalema anu teu nyumponan kana ngaran Rahayat tur aya matak ngusutkeun desa katut ngaran Rahayat nya-eta:
1. Nu sok ngumbar nafsu hewan (roh hewani),
eta henteu nyumponan kana ngaran Rahayat,
sabab gawena ngan resep nyiar panyerewedan,
ari badan amnusa,
ari adat cara sato
nu sok resep diadukeun.
2. Nu sok ngumbar teuing nafsu dunya (duniawi), adatna hawek tara malire ka batur
asal ngawungkul keur manehna,
ari badan manusa,
tapi adat cara buta.
3. Nu sok ngumbar nafsu iblis (robani),
adatna resep ngarusak rumah tangga batur,
shwat nu diatur-atur,
sifat cinta geus teu aya, wungkul ngudag pangabogoh,
ari badan manusa,
tapi adat cara siluman.
4. Nu resep ngajalankeun eta anu tilu hal nu kasebut di luhur,
nya nu kitu nu sok ngaruksak ka tentreman Rahayat , negara katut eusina, disebutna adat setan.
Ari anu disebut Rahayat
mah nya-eta: jalma-jalma nu daraek usaha keur kaperluan rah (getih)- na
jeung oge ngulik keur kaperluan hayat (hirup)-na, karana ku maneh oge tangtu kaharti:
yen rah teh eta
jadi nyawana Jasmani (cageur)
jeung hayat
eta jadi nyawana Rohani (bageur),
nya kitu hartina Rahayat teh jalma-jalma anu migawe kalakuan keur cageur
jeung bageurna ,
sabab ku kayakinan Mama lamun pangeusi desa geus carageur jeung bageur,
nu jadi lulugu (lurah) teh moal hese nguruskeunnana.
Ku hal eta
maneh kudu
nganyahokeun
jeung
ngelingan
ka Rahayat maneh,
supaya maranehannana daraek migawe pagawean nu matak ngahuripkeun desa jeung ngahirupkeun kamanusaannana.
Isun : Sadawuhan Mama ku sim abdi kahartos pisan, malah sim abdi moal bade ngabantah, margi yakin upami Rahayat parantos tiasa marigawe kana pisanggem Mama bieu,
Lurah teh moal sesah nguruskeunnana ….
mung bae sakalian bade tumaros naon deui anu kedah dikanyahokeun ku sim abdi sajabina ti eta?
Pandita : Di desa aya kokolot, ari hartina kokolot teh nya-eta jalma nu geus dipikolot ku Rahayat tina hal ngurus kaperluan cageurna desa katut eusina ….
Nyieun (aya) Lebe nu jadi pamanggulna tina hal urusan Agama di desa,
pagawean Lebe teh
wajib ditiru nu hadena
ku Rahayat nu rek ngahirupkeun kamanusaannana.
Lebe geus mere conto ku lahir (carita) boh ku prakna , geuning ti gubragna orok, salametannana (nyunatan, ngawinkeun, warisan jeung sajaba ti eta) diurus ku Lebe, kitu deui papatina,
serah, ruju nepi ka maotna diurus ku Lebe keneh, nu matak pantes Lebe teh ku tukang Agama mah dibere ngaran Amil
nu pihartieunnana
tukang amal (lain tukang amal-amalan wungkul), malah sajaba ti eta,
Amil teh geus ngabantu nu migawe pagawean nu diparigawe ku sasama ponggawa desa…
Ari polisi
nya-eta pikeun ngajaga kaamanan desa jeung negara…
Ku ayana aturan nu sakitu beresna, oge
di desa aya sakola
pikeun ngamajukeun Rahayat pikeun ngudag kamajuan nurutkeun jamanna (sangkan calageur)….
Pasantren ngajarkeun aksara jeung basa Arab ,
supaya rahayat ngarti kana tujuan Agama (supaya balageur)…
Ari maneh lurah ,
sajabana nganyahokeun jeung ngahartikeun kana sakabeh urusan ponggawa jeung kaayaan desa, oge maneh kudu nganyahokeun naon nu wajib dipigawe ku maneh,
karana lamun nurutkeun kanyaho Mama ti luluhur urang baheula mah Lurah teh jadi wawakil Kanjeng bupati di desa,
ari Bupati jadi wawakil Ratu di nagara,
ari Ratu minangka jadi wawakil Allah di Dunya…..
Lantaran kitu atuh Lurah teh nya kudu ngaharti kana jalan ka Allahan,
da maneh teh leutik-leutik oge jadi wawakilna Allah
di desa,
kitu soteh ceuk Mama.
Isun : Menggah kangge sim abdi mah pangna tumaros ka Mama oge nya-eta
rumaos kirang kanyaho, ayeuna ku Mama bade diwasiatan, atuh nu teu kirang-kirang nya kaatohan, mung bade tina pertarosan Mama tadi “kapake atanapi henteuna ku sim abdi” eta mah kumaha engke, sae bae ku sim abdi diturut, awon bae atuh moal.
Pandita : Mama boga kanyaho
warisan ti luluhur maneh,
nu jenengannana
Ki Buyut Sunda,
nya-eta Aji Dipa (elmu papak),
ayeuna rek didongengkeun ka maneh, ku lantaran eta salah atawa benerna dongeng Mama, ku maneh catet,
ari nyatetna kieu :
lamun ku maneh
teu kaharti sarta
teu kasaksi ku rasa,
eta geura sebut salah;
tapi
lamun kaharti
sarta kasaksi ku rasa,
geura sebut bener.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar