nyoko kana ajaran kolot. Mun ngimeutan kana ajaran luluhur urang nu disilokakeun dina wayang, sawarga teh disebutna swargamaniloka, nu asal tina kecap sa-waruga-mani-loka, nu hartina sawaruga = sadiri sakujur, mani (keur awewe manikem) = bahan diri, loka = tempat, jadi hartina "sadiri sakujur nu asal jeung tempat mani", nu ngawasana disebut Sanghyang Manikmaya (manik=mani, maya=cahaya) nu hartina "gaib nu nempatan dina cahaya mani" ....cing saha jalma nu lain asal tina cahaya mani??. Eta Manikmaya disebut oge Batara Guru, nu hartina saha bae jalma bakal guguru teh ka nu aya dina diri, salah jeung bener kumaha ceuk dirina liwat pangawasa Gusti nu aya dina diri, nyaeta nu disebut guriang tujuh (guru hyang tujuh), nyaeta pangawasa, pangersa/kadaek, hirup, uninga, rungu, tingali, ngandika, seperti nu digambarkeun dina carita sangkuriang jeung Mundinglayadikusumah. Nya ngolahna make alat anggauta badan nu sok diistilahkeun "wali sasanga" salapan lahir jeung sifat batinna, nyaeta 1. uteuk jeung elinganna, 2. ceuli jeng dengena, 3. panon jenug tingalina, 4. sungut jeung ucapna, 5.irung jeung ambeuna, 6. hate jeung pikirna, 7. syaraf jeung rasana, 8. leungeun jeung obahna, 9. suku jeung langkahna. Tah eta wali sasanga nu 9 lahir jeung 9 batin nu jumlahna jadi 18, ku luluhur ahli seni disimbulkeun dina 18 senar kacapi, oge disimbulkeun dina kendang indung ku 9 tali paragi ngantengkeun kulit nu nyambung wengku (nu disebut rarawat)... meureun hartina diri urang kawengku ku salapan pangawasa nu kudu dirarawat. Eta Manikmaya oge sok disebut Hyang Jagatnata...nu hartina ngatur jagat/dunya...dunya gede (buana) nya dunya leutik (diri)....cing saha nu ngatur jagat teh mun lain eta hyang/sukma nu aya dina sadirina-sadirina da jalma paeh (nu geus teu aya hyangna) mah tong boro bisa ngatur dunya... ngatur dirina ge teu mampu alias kudu diatur ku batur. Manikmaya oge disebut Hyang Pramesti nu asal tina kecap prama-hesti (nu ngutamakeun pikir).... jadi lain ngandelkeun otot. Lian ti eta masih keneh aya ngaran-ngaran alias lianna nu intina ngagambarkeun fungsina diri jeung pangawasa gaib nu nyicingan swarga, matak sok disebut oge Kahyangan (tempat hyang atawa Kagustian/KaTuhanan). Tah nu ngajaga swargamaniloka teh nyaeta dewa Patuk (sungut) jeung Dewa Tumboro (beungeut), matak sing saha bae nu rek asuk ka swarga kudu taranjang (sagala kadaharan nu rek asup kana diri kudu dibuka/leupaskeun cangkang/bungkusna), tah dina gerbang swarga ku dewa Patuk dipariksa mun aya nu aneh sok diusir/diutahkeun, nya atuh Dewa Tumboro ge ngilu tugenah (roman beungeut jadi robah). Disebutkeun swargamaniloka teh tempat sagala kanikmatan jeung kamewahan, loba widadari (Widya-ndari), sok we pan ngeunah dahar, ngeunah nginum, nikmat sare, nikmatna sapatemon laki-bini, genahna tutupakan, genahna nganikmati imah, pamandangan jsb.....make naon mun teu make diri... mun teu make diri sarua jeung ngalamun alias menghayal...... jadi dimana urang geus mulih ka jati mulang ka asal, asal diri (nu disebut dulur papat) geus baralik ka sa-asalna deui, asal seuneu balik ka seuneu, asal angin/udara balik deui ka angin/udara, asal cai balik ka cai, asal bumi balik ka bumi. ......dina asup ka sawarga ngeunah-genah-merenah-tumaninahna rek make naon????. Tah di swargamaniloka disebutkeun aya kawah "candradimuka" (candra = gambaran, muka = beungeut) dimana mun aya nu asup teu dipiharep boh nu teu katingali atawa nu wujudna katingali eta kawah sok ngagolak, matak mun meunang kaaambek/kakeuheul/kasedih pon kitu deui panyakit, eta beungeut sok robah jadi beureum atawa pias, sungut/kawah nyorocos ngaluarkeun lahar ku nyarekan laklak dasar, mun panyakit sok rumahuh atawa sasar, teu ngeunah barangdahar jeung teu genah cicing. Tah kaayaan dina kitu diri teh jadi tepat sagala katugenahan alias jadi naraka. Jadi ceuk ajaran luluhur Sunda mah sawarga jeung naraka teh nya aya dina diri, jeung dina kaayaan keur hirup, mun hayang manggih sawarga nya kudu ku cara ngajaga diri sangkan cageur, kalakuan sing bageur, kanyaho sing bener, pamilih sing pinter (ulah nu enya dilain-lain nu lain di enya-enya) dijiwaan ku sikep jujur, tangtu salamet, mun teu kitu tangtu pinanggih jeung naraka. Kumaha mun urang geus paeh?..... ceuk kolot urang teh ngan ukur ngubara di dunya, mun urang geus beak lalakon, nya balik deui ka asalna nu disebut "alam padang pwe panjang nagara tunjung sampurna"... nu asal ti alam balik deui ka alam (seuneu jeung haneutna, angin jeung hiliwirna, cai jeung tiisna, bumi jeung tetepna). Tah nu asal ti Gusti nya baik deui ka Gusti (manunggaling kawula-gusti), sabab ingsun/kuringna mah lain urang dunya tapi nu asal ti Gusti manunggul deui jeung Gusti nu teu nitis deui ka dunya (mangga imeutan Siksakandang karesian sok sanajan make istilah-istilah jiga Hindu, tapi eusina asali Sunda). Matak dina kapapatenan ceuk sunda mah disebutna teh "Mulih ka Jati Mulang ka Asal" Haar....atuh urang teu bisa ngarasakeun nikmatna sawarga mun urang geus paeh......... pan tadi disebutkeun hayang ngarasakeun nikmatna sawarga mah nya di dunya keur hirup keur make keneh diri..... mun urang boga cita-cita geus paeh hayang ka sawarga nu digambarkeun alamna endah, loba widadari, cai cur-cor dimana-mana, kadaharan sagala aya, papakean sagala alus...... apan eta mah gambaran sifat jeung nafsu duniawi, atuh eta mah sarua jeung beurat keneh ka dunya...rek kumaha bisa mulih ka Jati mun kitu???.... matak mungkin ku hal eta loba jalma nu geus paeh tapi masih sumpang-simpang teu bablas ngarah ka jalan paasalan, da mungkin neangan sawarga. Ceuk ajaran luluhur nu bener mulihna mah mun "geus teu naon-naon ku naon-naon" lir ibarat bayi (sing saha nu teu ngabenerkeun yen bayi mah masih suci???? ngacung).... tah kabeh urang ngalaman jadi bayi heula....cing aya nu inget kumaha urang keur bayi?...apan eta sarua jeung teu naon-naon ku naon-naon.... jadi ajaran luluhur mah dina urang geus beak lalakon teh kudu balik deui suci jiga bayi dan urang teh digumelarkeun ka dunya dina kaayaan suci. Mun jalma dina beak lalakon bisa model kitu, tinangtu bakal bisa "ngahyang"....... ceuk kolot urang gubrag gumelar ka dunya babarengan antara lahir-batin jeung kuringna......, naha dina mulang bet teu babarengan? kuringna jeung batina balik tiheula, ari lahirna bet pandeuri...... mangtaun-taun karek bisa balik deui ka asalna... atuh teu adil teu kompak. Tah matak ceuk kuring mah soal ngahyangna sababaraha luluhur urang, ceuk pangarti kuring lain hayalan, sabab ceuk ajaran datang ka dunya jeung balik ti dunya teh sabenerna kudu babarengan ulah silih tinggalkeun antara lahir (waruga) - batin (uga) jeung kuingNa (isun). Cag ah.... guaran simkuring panjang nya??...... tapi sugan we bisa nambahan kanyaho kana ajaran luluhur Sunda. Rampes. pun tabe Engkus nun
Selasa, 26 Oktober 2021
dunya jeung akherat na
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar