Sabtu, 23 Oktober 2021

tawasulan ka diri

[3/10 19:47] aji rasha: TAWASUL KADIRIAN


Assalamu’alaikum wa’alaikum salam

Bul kukus nama ning Rosul kadya menyan Muhammad
Pang nepikeun hadiah kaula ka :
- Jasmani rohani , 
Hakekatna :
Malaikat HaruHarumanjati           
Nabi Adam Holipatulloh AS,           
Sayidina Hasan Husen.
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................

- Dua soca, 
  dua cepil, 
Hakekatna : 
Malaikat Jibril
Nabi Ibrahim as Kholifatulloh 
Sayidina Abu Bakar Sidiq RA.
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................

- Dua panangan, 
  dua sampeyan,
Hakekatna :
Malaikat Minkail
Nabi Enoch as Habibulloh 
Sayidina Umar RA
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................

- Dua liang pangambung, 
  hiji baham,
Hakekatna :
Malaikat Isropil
Nabi Isa Rochulloh AS
Sayidina Usman RA
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................

- Dada,
  tonggong, 
  kenca, 
  katuhu,
Hakekatna :
Malaikat Ajroil
Nabi Musa Kalamulloh AS
Sayidina ‘Ali  KW
Syay’ul lillahi lahumul fatihah.................

Nyerebung kamanggung , nyambuang ka awang-awang
Kaluhur ka sukma agung, 
ka handap kalemah putih
Ka sunan  ibu 
ka sunan rama
Ka ibu kapara pohaci, 
ka rama kapara dewata
Nyanggakeun menyan bodas sakebulan 
Sari pang bakti ning kaula.

Deudeuh banget anu 
sahurip 
sapati, 
sarasa, 
sanyawa 
Tunggal na jadi sahiji
Alloh hu akbar
Sri putih cahya ning Alloh
Nur rasa rasa Muhammad
Aya rasa, 
tepung rasa,
rasa suci ti qudrat na Alloh
Aya rasa 
pangawasaning Alloh
Hurip ku nabi, 
waras ku Alloh
Laa ilaha ilaalloh Muhammadar Rosululloh

Amin Ya Robbal Alamin, 
mugi Gusti Alloh nangtayungan.
Amin Ya Robbal 'Alamin..............
[3/10 20:39] aji rasha: Pepeling Hyang Niskala
   
Ieu Darma Pamulih 
Hyang Niskala
  Ku aci darma pamulih
  Ku aci nulsya sakti
  Ku aci nusya larang
  Ngageugeuh nusya seda
  Ngageugeuh nusya sakti
  Ngageugeuh nusya larang
   
Aci putih herang jati
Di jero ning jembawasa salira
Salawasna dimanikan
Mangka datang ka bulanna
Mukakeun kowari manik
   
Sawetuna ti tan hana
Salawasna dimanikeun
Mangkana nepi ka mangkana
Dongkap ka mangsa
Pulang deui ka tunana
   
Bayu tan metu
Sabda tan muwah
Hedap tan ngaruan
Kurungan tan keneng tumuwuh
   
   
  Sampurasun
   

   
Ayana wujud jalma 
nyaeta:
    
Diturunkeun 
ROH ti Gusti 
ka Nabi Adam  
Ayana ROH 
bisa aya dinu diantara :
  -   2 sapta pangdangu
  -   2 sapta paninggal
  -   2 sapta pangambeu
  -   1 sapta pangucap
  -   2 sapta pamiceun
  -   1 sapta pusereun agung
    
   Ragana dijieun tinu :
  -    Cai paling bersih
  -    Taneuh paling bersih
  -    Seuneu paling bersih

Datangna SIR ti bapak 
anu BODAS 
nyaeta tulang 
jeung Sum-sum

SIR ti indung 
anu Beureum nyaeta Getih, Daging oge 
Kulit.
   
Jadi jalma kudu 
suci, 
sabar, 
eling 
aya dina ikhlasan 
sabab:
    
ayana sumpah 
samemeh dijieun 
jeuleuma 
nyaeta, 
Kaula nyaksian hirup-hirup 
nyaksian teugeus 
kaula anu hirup 
nyaksian jeung nyata, sumpah kaula anu hirup 
disaksian ku hirup. Keucapkeun ku ati nu suci, sabar jeung eling adeugkeun ku ka Ikhlasan. 
Lamun nya anjeunna 
jadi Manusa, 
ieu pagawean manusa, keucapkeun sumpah ka Alloh wujud hirup  moal bengkok sineumbah. 
Malah hirup saumpama 
bengkok sineumbah kana hirup, 
hak nyeumbah kaula 
menta jadi sato 
anu teu manfaat dahar ku manusa. 
Hirup nyaksian nu hirup 
di saksian sakumaha 
anu geus 
dirag-ragkeun cara pangawasa manusa “
Kaula Sanggup Ngajalankeun”.
  
Singsaha jeuluema 
anu geus kenal kana dirina tangtu nyaho 
ka nu nyiuennunyiptakuenna.
Jeung sing saha 
anu nyaho kana anu nyieuna tangtu nyaho kana dirina (Syahadat).  
Lamun jeuleuma ngahina 
ka sasama sarua jeung ngahina kanu nyiptakuenana.
 
Lamun ngahina 
ka Indung Bapa, 
sarua jeung ngahina 
kanu diri sorangan. 
Soalna Gusti alloh 
ayana di hate manusa sewang-sewang.
  
Jadi jeuleuma ulah adigung, sabab pinteur jeung bodo 
teu ngabogaan, 
soalna 
Gusti Alloh moal ngarobah tingkah laku Manusa iwal ti Manusa eta sorangan
(Tingkah lakuna).
 
Kumargi kitu keudah 
jadi jeuleuma WISESA 
(diri jeuleuma anu 
geus bisa mawa dirina)
  
Syahadat Manusa, 
jleug Langit, 
jleug Bumi, 
Jleug Manusa – 
Sajatining Manusa 
anu sajatina.
   
Seja mapagkeun diri, 
ku teutep anu geuget 
ku raray hegar marahmay sangkan 
diri miboga kaluhungan elmu kajembaran manah 
anu geus ngancik kiwari”
   
Tabe Pun
[3/10 22:39] aji rasha: Japun! 
Awaking kiwari 
Deuk make pasang pasaduan, 
Pasaduan guru.
Ahung! 
Pak sampun! 
Majar ahung tujuh balen Ahung deui, ahung deui!
Ahung manglunga, 
Ahung manglingeu, 
Ahung mangdegdeg, 
Ahung manglindu. 
Paksi kangkayang  
Basaning angka, 
Hayam beureum puti kukang, 
Anjing belang sina tawe, Mapay paksi ka hilirkeun, Rempuhbayu ti galunggung, Mapag bala ti Jasinga, Sasakala Indra Baya. 
Ambuing sira mangumbang, Bapaing terus mangambung, Pangjungjungkeun,
Panglawungkeun Sora awaking. 
Ka luhur ka nu di manggung, Ka nuwenang mucuk ngibun,
Ka atina sukma langlaung,  Gurit leungit cakramega,
Wekas tuang ka hineban, Korejat milepas manten. Reuwas teuing ku impian, 
Ngimpi ngadu picis di langit, Totolan di awang-awang,
Ditujah tuang tilepan,  
Diwaca henteu kawaca, 
Taya panca aksarana. Tujahkeun 
Ka lautna, 
Ka harusna, 
Ka sagaraleuleuy,  
Ka sagara ireng, 
Ka sagara lolopangan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar