Tugas Ruh teh narik sangkan jiwa ulah nepi ka ragrag jadi milu kasedot ku taneuh (gambaran tina alam anu handap), balikta naek ka luhur ka alam langit. Anu matak narik ati, dina Al Qur'an Ruh-teh prosesna henteu diciptakeun, tapi istilahna "ditiupkeun" (mangga uningaan ayat-ayat Al Qur'an, salawasna make kecap "nufikho min ruhihi" atawa anu sabanding, hartina, ditiupkeun tina Ruh-Na atawa tina Ruh kagunganaNa). Jeung deui, Ruh mah moal ngalaman musnah. Kusabab Ruh teh ti Alloh asalna, tugas manusa nya ngabersihkeun jiwa supaya bisa babarengan jeung Ruhna balik ka anu nyiptakeunana. Ngeunaan gambaran-gambaran surga sakumaha dipertelakeun ku kang Erus, memang di kalangan umat Islam oge (para sufi atawa Irfan) aya tafsir-tafsir sarupa kitu (yen engke di ditu manusa geus teu merlukeun surga, jsb, singgetna: lamun geus sampurna jadi hamba atawa abdi atawa ciptaan, moal merlukeun deui surga; jeung surga geus aya di dunya keneh). Tapi, upama nilik ayat Al Qur'an mah, tetep surga teh aya sok sanajan status atawa posisi abdi (makhluk) geus kahontal. Dina Al Qur'an surat Al Fajr, dua ayat anu panungtungna (QS 89: 29-30) nyebutkeun: "Fadkhulii fii 'ibadii, Wadkhulii jannatii", anu hartina kl : mangka geura arasup aranjeun kana golongan abdi-abdi (anu geus diridoi ku) Kami, jeung mangka geura arasup aranjeun kana surga-surga Kami". Jadi, dina ieu ayat/surah Al Qur'an, "jadi hamba" heula, karek "asup surga" atawa, surga jadi tujuan akhir.
Kamis, 07 Oktober 2021
suwung ~ ( tujuan ruh )
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar