Angka 0 (nol) sareng 1 (hiji) dina matematika kapan tos janten bahasa komputer, namina teh “BIT” (binary digit) upami ngadamel program (parentah kana mesin) nganggo simbul “0=pareum” (off) sareng “1=caang”(on). Ieu simbul oge dianggo dasar kanggo ngarekonstruksi DNA anu kasohor ku ahli biologi ti Jepang tea. Tah jaman baheula mah karuhun urang mayunan perkara anu “irrasional” kalayan paradoks kitu teh tiasa diebrehkeun dina ranggeuyan basa anu kacida santun sareng bijakna contona kaserat dina anekdot karya bujangga Sunda asal Cikajang Garut R.H.H.Mustopa: 1. Euweuh-euweuh daek mere, aya-aya tara sok. 2. Allah Ta’ala mah sumawonna di ayakeun, dieuweuhkeun oge salah. 3. Sumur kaliputan situ. 4. Gusti nu saenyana mah tara kapanggih, teu kaur panggih kaburu dikawulakeun, tara pisah sawajah pada silih wajahkeun. 5. Ayana Allah teh kudu disampeurkeun ku euweuh. 6. Leuleupeutan leuleumeungan, ayakan dikaparakeun. Deudeukeutan reureujeungan, nu aya disapirakeun. 7. Sing katimu tapak sireum dina batu, tapak meri dina leuwi, tapak soang di awang-awang. Kritikan anjeunna ka para ulama anu sok “nyombong” asa geus pangcaketna ka “Gusti Allah” dina “kama’rifatan”, didugikeun ku ranggeuyan basa dina wanda pupuh (dangdingan). Tara siga urang langsung “debat” bari pakeukeuh keukeuh ngadu dalil sareng tafsir. Cobi geura titenan basa Sunda anu lemes tur endah komo upami dihariringkeun, karaosna keur sim kuring mah nikmat tur khidmat pisan. 1. Hayang limus ngajul kadu, ragrag lain nu dipamrih, kadu ragrag di usumna, teu kungsi diajul deui, urut hayang dipihayang, urut pamrih bet dipamrih. 2. Syuhud maksud kanu suwung, ari timu lain bukti, geus cacap manggih nu enya, tapi ati geus tibalik, puasa kabeurendangan, buka lain waktu maghrib. 3. Atuh lesu malik syuhud, salatri kaburu manggih, nyiram kababawa babar, geus babar lain kabeuki, hahaseuman laladaan, bosen ku kersaning ati. 4. Jati dimaksud ngan imut, jati dipambrih ngan seuri, haleuang ngomong sorangan, marukan aing teu suni, ngayang di ka-Muhammadan, rep sirep di Maha Suci. 5. Suci laut tujuh tuhu, tuhuning sileman budi, budi daya tanpa beda, ciriwanci leuwih suni, suni sari suni rasa, suci mukti teu kaciri. Mangga lajengkeun ngahaleuang......
Kamis, 07 Oktober 2021
suwung
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar