Sampurasun para wargi,
Sapuk pisan sareng kang Sastra, sapamadegan pisan
sareng sim kuring yen penca silat teh estuning pituin
hasil kamotekaran luluhur urang sunda. Sakaterang
kuring Beja ti kolot yen penca silat teh kaling ti
ngandung olahraga nu sifatna kanuragan oge ngandung
palsapah nu adi linuhung nu jadi ciri titinggal
karuhun, geura urang titenan yen jurus atawa gerakan
inti dina penca teh aya tilu rupa, nyaeta 1) Kari, nu
ngandung gerakan newak jeung miceun; 2)Madi nyaeta
gerakan neunggeul; jeung 3) Sera, nyaeta gerakan
pikeun ngalumpuhkeun/maehan. Tah eta 3 gerak inti ieu
lamun dilarapkeun kana diri nyaeta pikeun ngalawan
hawa nafsu nu nyaliara dina diri. Sakumna urang Sunda
kudu bisa newak nafsu goreng nu datang kana diri nu
saterusna kudu bisa dipiceun, tah upama nafsu terus
ngagugudung nya kudu dilawan leuwih kuat ku
paneunggeul, jeung lamun nerejel bae tur ngabahayakeun
kana diri nya kudu dipaehan.
Harti dina kecap cenah PENCA teh hartina pancakaki
sedenkeun silat hartina carita. Jadi penca silat teh
ngandung hari pancakaki liwat carita (tungtunan).
Parangkat Penca Silat aya kendang indung jeung kendang
anak, aya goong jeung tarompet. Eta kabeh gerakan
silat tur tatabeuhan kudu nuturkeun tabeuh kendang
indung. Bahan kendang tina kai nu disebut kuluwung
(kula suwung)jeung kulit nu disada lamun ditepak. Dina
kendang indung aya tali nu meulit pikeun narik kulit
nu disebut rarawat nu jumlahna 9, sedengkeun dina
kendang anak jumlah rarawat teh aya 7, sedengkeun
goong ngagantungna teh dina gantungan nu disebut
kakanca.
Naon atuh pihartieunnana, Ceuk kuring kieu.
Dina ajaran kasundaan yen fungsi Indung teh
mangrupakeun wujud nu kudu jadi patokan nu nungtun
jalan hirup urang sarerea dina raraga ngajalankeun
lalampahan di dunya, sumawonna anak kudu tuhu kana
tungtunan indung. Dina diri indung (oge bisa
dihartikeun tuntunan/patokan nu ngancik dina diri) aya
9 tali/pangawasa ti Gusti Nu Maha Suci nu kudu
dirarawat, nyaeta : 1) Uteuk jeung elinganna; 2) panon
jeung awasna; 3)ceuli jeung eungeuna; 4)irung jeung
angseuna; 5) sungut jeung ucapna; 6) sarap jeung
rasana; 7)hate jeung pikirna; 8)leungeun jeung obahna;
jeung 9) suku jeung langkahna. Tah eta 9 pangawasa nu
jadi indung kahirupan urang kudu dirarawat. Atuh 7
pangawasa nu nopang kahirupan urang nu jadi anak nu
kudu nuturkeun patokan/tungtunan indung jeung tangtu
oge kudu dirarawat nyaeta :1)gerak langkah; 2)
kahayang; 3) kanyaho; 4)hirup; 5)reungeu ;6) awas
jeung; 7)ucap. Tah lamun anak geus bisa nuturkeun
patokan nu jadi indung geuning dina unggal pamungkas
udagan sok digoongan nu cenah " AGUNG-AGUNG-AGUNG", nu
tangtu sora pamuji teh teu bisa nabeuh ku sorangan, da
kareng disada goong teh lamun digantungkeun dina
kakanca (batur/baraya). Atuh tarompet terus disada, nu
ngahempek-hempek nitah prak digawe.
Nu hartina pek geura digawe nuturkeun patokan nu jadi
indung nu kaancikan/dirarawat 9 pangawasa dina diri
ngagunakaeu 7 kawasa diri supaya
genah-merenah-tumaninah, nu tangtu jadi jalma nu agung
ceuk batur.
Soal kuluwung kai jeung kulit, eta ge bisa dilarapkeun
kana diri, wujud kuluwung teh aya, tapi kosong jerona
ngandung hart yen sabenerna aya kula/kaula (kuringna)
nu sok kadang dianggap suwung (kosong/euweuh), nya
bisa panggih (kulawung=panggih) lamun ditepak kulitna,
nu hartina bisa pangging jeung kuringna nu asal ti
Gusti lamun geus bisa nepak diri (nyungsi diri, nyuay
badan, ngotektak awak).
Tah kitu para wargi pairan kuring soal penca silat,
hapunten bilih teu sapamadegan.
Rampes,sun.
pun Engkus
--- sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sajarah asal "kendang penca" aslina ti US, urang
> Thailand oge niron /
> nginjem kendang ti US anu dianggo upacara ngabuka
> pertandingan "Tai
> Boxing", kitu oge eta kendang teras ke nagara Burma,
> Laos sareng
> Vietnam. Eta asal-usul kendang dibuktoskeun ke para
> ahli arkelogis.
> Jadi memang leres anu namina "Sunda Land" (Sunda
> Ageung) teh tos
> kasohor di USA, nu kapungkur teh nu sebat
> "kontinental" teu acan
> kapulauan. Seur pisan teori barat tinu hal ihwal
> tanuh sunda nu tos
> kasohor merenahna budaya US. Singkatna upami eta
> kaaslian penca silat
> di adu manis nu jeung laina asa sareukseuk
> katingalina. Lamun di USA
> mah "cross training"...jelma-jelma nu teu boga
> jatidiri tea,
> diaduk-aduk janten nasi uduk. Komo deui mun nu
> ningalina jiga kuring
> asa era ngaku US.
>
> Kuring duduluran jeung para Pendekar Banten malihmah
> nigali langsung
> kendang penca, teras bersilat, sareng elmu goib. Ieu
> teh tos janten
> tradisi US dina upacara naon wae contona:
> pertandingan akbar sa
> nasional sa international, nikahkeun, nyunatan,
> ngalahirkeun, lulus
> sakola jadi sarjana, anak nunggal jeung sajabana.
> Eta eusi pencak silat gaduh hartna anu tos merenah
> di tatar sunda.
> Laguna / sinden, kendang bapa, kendang ibu, kendang
> anak, tarompet
> jeung go'ong. Teras olah gerakna "gaya palered,
> cikalong....ciomas.
> tepak tilu (kuring keur leutik ngalaman jeung Abah
> Aleh) "tilu tepak
> modar siah" pokonamah matih euy eta elmu kepretan ti
> Abah teh. Kuring
> mah upami ngiringan ritualna eta penca aya
> macem-macemna contona emam
> daging hayam kedah seep jeung tulang-tulangna,
> malihmah beusi oge kedah
> dituang percanten teu percanten....kuringmah
> ngalakonan, taroskeun wae
> ka Abah-Abah.
>
> Hiji conto perkumpulan pendekar banten upami
> ngayakeun pakaulan demona
> nepi ka ngabeubeutkeun budak leutik kana bambu
> runcing. Suku dipaku
> kuring ngarasakeun sakali, letah dipotong, sirah
> dibaledog bata
> beureum, badan di jait ku kawat. Tah ieu teh asli
> pisan ayana di US
> titisan GAGAKLUMAYUNG anu teu aya nu ngelehkeun di
> tanah Jawa. Jadi US
> sundamah tara eleh dina peperanganmah, jeung silat
> oge enggeus pasti
> leuwih merenah elmuna da aya nu ngapingna keur
> cocoan US. Maranehna
> urang wetan oge loba nu niron ti US ngan di Jawakeun
> supados jawa
> leuwis dominan tinu laina, saleresna sunda keneh
> elmuna, mung digentos
> ku OOOOOOO.
>
> Eta conto-conto elmu US anu goib seueur pisan nepi
> ka ayeuna ayana di
> tiap kota sa sunda anu beda-beda pakemna ti unggal
> daerah tapi tetep sa
> sunda hartos demokratis tea anu di sabda ku Prabu
> Siliwangi. Sayamah
> erek neangan Abah-Abah anu daek mere pangajaran
> penca nu rada
> demokratis tea anu teu demokratis da embung komo
> deui bari jeung teu
> iklasmah (pasti hargana MAHAL), nya tangtu
> tujuananamah budaya sunda
> ulah leungit. Sok atuh Baraya kompulkeun eta seluk
> beluk elmu penca teh
> ulah leungit dibawa maot, sebarkeun kanu daek
> nyebarkeun deui jiga
> simkuring, kuring ngan sa ukur alat NUR SUNDA ti
> ABAH_ABAH.
>
> International Paris Open Pencak Silat anu diayakeun
> ku Asosiasi Pencak
> Silat Prancis. Lumayan oge pamilonna aya kana 15
> nagarana, diantarana
> wae Jerman, Walanda, Rusia, Jepang, Malaysia,
> Suriname, Itali,
> Filipina, Pranncis jsb Sadayana eta elmu anu di
> jantenkeun media budaya
> penca anu internasional , saleresna sadar-henteu
> sadar maranehna miara
> elmu-elmu US, nyaeta neraskeun karuhun Prabu
> Silawangi, Gagak Lumayung,
> Tajimalela, Dipati Ukur.....,janten kedah bangga
> atuh jadi US. Kuring
> di New York City ningali pameran BEDOG2AN / PARANG
> ti nagara IRAN
> sakantenan atos nyabak PEDANG asli SYAIDINA ALI
> (PENDEKAR ARAB) anu
> jadi lawan GAGAK LUMAYUNG (PENDEKAR SUNDA).
>
> Tos sakieu heula baraya engke diteraskeun deui
> kuring nembe uih
> ngalatih penca , euleuh geuning urang USA teh resep
> elmu penca ti US,
> dinten ieumah kuring
> ngawurukan elmu macan / maung ngalagebay / maung
> lodaya, maung bodas.
> Ku kuring di sabda eta barudak anu bade jadi
> memperjuangkeun budaya US,
> ieu sabdana
> "maraneh / murid KU anu nuluykeun budaya US erek di
> bere hadiah elmu
> ngaleungit keur nyumput maraneh cicing dinu
> caang", tah ieu teh elmu
> Prabu Siliwangi.
>
> Baktos.
> Yan NYC
>
>
> On Monday, April 4, 2005, at 09:34 PM, MRachmat
> Rawyani wrote:
>
> >
> > Aya konsep anu teu pas dina "ngaindonesiakeun"
> budaya
> > daerah jadi budaya nasional. Ieu teh meureunan
> > kapanguruhan ti zaman Orde baru, anu sok maksakeun
> > maneh dina nafsirkeun budaya daerah jadi budaya
> > nasional. Ari ceuk basa gaul mah anu kitu teh
> ibaratna
> > "membunuh karakter", alias mergasa budaya daerah.
> > Naon atuh sesahna, lamun mintonkeun budaya daerah,
> > bari jeung diimplik-implikan, tah ieu teh budaya
> > daerah anu, mangrupakeun salah sahiji budaya
> > Indonesia.
> >
> >
> > baktos,
> > mrachmatrawyani
> >
> >
> > --- Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >> Ti kaping 25 dugi 27 Maret kamari, di Paris aya
> >> International Paris Open Pencak Silat anu
> diayakeun
> >> ku Asosiasi Pencak Silat Prancis. Lumayan oge
> >> pamilonna aya kana 15 nagarana, diantarana wae
> >> Jerman, Walanda, Rusia, Jepang, Malaysia,
> Suriname,
> >> Itali, Filipina, Prancis jsb. Indonesia mah teu
> >> ngiringan pertandingan -- tapi demonstrasi
> wungkul.
> >> Atoh pisan ngad�ng� aya rombongan ti Indonesia
> t�h,
> >> komo cenah anu r�k d�monstrasina penca ti tatar
> >> Sunda. Nyaan w� anu norojol t�h urang Bandung,
> Garut
> >> jeung Majalengka. Ngabayangkeun, baris ngad�ng�
> >> tepak kendang, "keung" na kempul jeung t�r�t�tna
> >> taromp�t dina tepak dua atawa tepak tilu ditutup
> ku
> >> padungdung. Sok sanajan kendangna aya, taromp�tna
> >> aya, tukang kendangna aya, anu ngibingkeunana
> urang
> >> lembur, bari jeung ibing Sunda, tapi teu
> >> kalaksanakeun naon anu dibayangkeun t�h.
> >
Tidak ada komentar:
Posting Komentar