Sabtu, 23 Oktober 2021

elmu na ngelmu

ELMU NA NGELMU

gunem catur na
engkong jeung alawi

engkong: 
…. ku jalaran dina waktos ieu rame jalmi2 anu nyarioskeun tina “agama”, ku margi eta abdi bade tumaros, naon ari hartosna agama teh?

alawi: 
Ari “agama”, kahartina ku alawi mah eta teh: 
“patokan, angger-angger atawa ugeran” 
pikeun nyungsi kana jalan salamet.

engkong: 
Naha ari urang, bangsa Sunda (Jawa) ngagaduhan agama?

alawi : 
Ih atuh puguh, entong sariganing urang bangsa manusa (Sunda-Jawa) kapan tuh itu oge, eusina alam dunya, sato hewan, tatangkalan nepi ka pager-pager aya patokan nana saperti: nu weuteuh bakal bututna, nu pageuh aya longgerna , kembang ngajadi buah, reuneuh aya ngajuruna, jeung sajaba ti eta, jadi cindekna katerangan aalawi mah kabeh ge aya patokan nana.

engkong: 
Leres….. jadi kahartosna ku abdi ayeuna, agama teh patokan anu tetep, 
sapertos sakabeh anu aya mimitina, 
kedah bae aya panganggeusan nana.

alawi : 
Enya kitu …. ngan bae ari agama anu diterangkeun ku alawi ayeuna mah ngandung maksud ngajawab kana pertanyaan engkong tina hal agama anu kudu dipigawe ku manusa, ulah rek disamakeun jeung agamana sato hewan, atawa tatangkalan, da eta mah pada boga patokan sewang-sewangan.

engkong : 
Kumaha atuh ari pikeun patokan urang manusa supados tiasa salamet teh?

alawi : 
Keur waktu di dunya, 
euweuh deui nu jadi patokan alawi mah :

Badan      kudu   cageur
Adat         kudu    bageur
Kanyaho  kudu    bener
alawi na   kudu    pinter
                 jeung   singer
engkong : 
Ngarah naon pangna urang kudu mageuhan : Agama, patokan atawa angger-angger teh?

alawi : 
Kahartina ku alawi, 
lamun badan urang cageur, kalakuan bageur, 
kanyaho bener sarta pinter oge singer 
eta teh matak salamet, sarta sabalikna, mohal jadi jelema nu gampang ditipu atawa jadi jelema mubadir.

engkong : 
Nu kumaha ari nu kasebut mubadir teh?

alawi : 
Ari nu kasebut mubadir ku alawi mah nya-eta 
jelema nu euweuh gunana, keur mah teu cageur 
tambah teu bageur 
euweuh kanyaho 
katambah bodo, 
sok cul kana patokan sorangan 
ngudag-ngudag beja patokan anu ti batur (cenah), 
eta anu kitu anu kasasar (teu jeung kahartina) 
sok aya matak ngaruksak dunya katut pangeusina, jeung mun cara penyakit tea mah eta sabangsa jeung penyakit anu sok tepa (menular), sarta hese ditambaan nana.

engkong : 
Upami alawi kersa sareng aya waktos, mugi ka abdi ayeuna mang dongengkeun sakedik-kedikkeun mah, 
tina hal asal usulna aya agama di urang.

alawi : 
Hade ….. tapi ngadongeng oge, ngan sakadar ngadongengkeun “a g a m a 
alawi nya”.

engkong : 
Sawios …. mung disuhunkeun anu kahartos 
ku akal pikiran abdi.

alawi : 
Atuh puguh, 
keur naon ngadongeng keun anu teu kaharti mah, 
da urang teh lain barudak, malah lamun aya kecap anu teu kaharti, kudu daek “nanya”, 
mun aya nu teu mufakat, kudu daek ngamufakat keun, ulah rek sagala enya bae, 
da lain munding 
ulah rek asa-asa; 
bisi kahareup aya pikir penasaran, 
atuh matak naon   datang ka imah atawa ngondang alawi ari rek ngabadami keun 
pi salameteun mah; 
da ari urusan agama mah euweuh nu matak teu kaharti jeung moal aya nu matak 
jadi pasea (rugi), 
ari anu aya matak pasea atawa nu aya matak 
nga renggang keun baraya mah eta lain urusan agama, tapi marebutkeun urusan nu henteu kaharti 
(neangan kauntungan sorangan).

engkong : 
Mangga, namung sae nah ti mimiti heula.

alawi : Kieu geura:

Badan urang 
asal lantaran ti indung 
(lain badan urang bae anu asal ti indung teh, 
tapi sakabeh badan anu nya’reat di alam mana bae eta aya asalna, indungna) taneuh tina bumi, 
napas tina angin, 
seuneu tina panon poe, 
cai ti laut).

Adat urang 
asal lantaran ti bapa 
(lain adat urang bae nu asal ti bapa teh, 
tapi sakabeh adat di alam mana bae eta aya asalna/bapana)

Kanyaho urang 
asal ti guru 
(guru nu tara sili bantah tara sili lainkeun, 
ti jaman kanjeng Nabi Adam tug nepi ka urang ayeuna, tenjo, 
denge, 
ambeu, 
ucap jeung 
ingetan 
estuning papak sarua).

Kuringna 
asal ti Gusti: 
anu matak lamun urang enggeus nyaho 
sarta rajeung geus 
nyaksina :

yen 
badan 
enya ti indung , 
sok piraku urang 
teu nyaho 
ka indung ?
yen 
adat 
enya ti bapa, 
sok piraku uarang 
teu nyaho 
ka bapa ?

kanyaho 
enya ti guru, 
sok piraku sakitu ayeuna dianteur 
ku guru, 
di nyaho keun; 
mana gula mana amis; 
mana cuka mana haseum, jeung sajaba ti eta, 
masih keneh 
acan nyaho 
ka guruna ?

kuring 
enya ti Gustina, 
sok piraku urang 
can nyaho 
ka Gusti ?

ari Wujud 
anu aya, 
apan ieu 
badan urang
ari Wujud anu euweuh, 
apan ieu 
adat urang
ari Wujud anu gaib, 
apan ieu 
kanyaho urang,
ari Wujud anu teu aya dat-sipatna 
nu teu arah, 
teu enggon, 
kapan 
kuring 
tea.

Lamun urang geus 
ngaharti, 
tangtu urang 
bakal 
ngaku 
yen :

badan      
urang sarerea teh 
sa’asal 
(saindung)
adat        
urang sarerea teh 
sa’asal  
(sabapa)
kanyaho  
urang sarerea teh 
sa’asal 
(saguru)
kuringna 
urang sarerea teh 
sa’asal 
(sa-Gusti)

anu matak ceuk agama: urang kudu mandang 
ka diri batur 
sacara 
ka diri pribadi. 
Nya ari ringkesna katerangan alawi mah, 
lamun engkong 
hayang 
migawe agama , 
geura prak 
bae :

Pikanyaah 
barang nu jolna 
ti indung 
(badan sing cageur, 
cukupan kaperluan nana, ulah disiksa, 
da eta teh sanes nu engkong, malah upami engkong enggeus tamat ngalakon 
di ieu dunya nu gede, 
kudu sing bisa 
mulangkeun kana 
asalna 
deui).

Pikanyaah 
barang nu jolna 
ti bapa 
(adat sing bageur 
ulah murka 
da tuang rama 
teh sanes 
buta).

Pikanyaah 
barang nu jolna 
ti guru 
(kanyaho sing bener, 
ulah ngagugulung cenah bae, da rayi teh 
enggeus 
baleg).

Pikanyaah 
barang ti 
Nu Maha Suci 
(kuringna/
dewekna 
sing pinter
tur singer).

engkong : 
Ari nu disebut 
pinter 
teh kumaha ?
.
alawi : 
Ari pinter teh, 
geus teu loba omong, 
nenjo ka nu labuh hudangkeun, 
nenjo ka nu aus 
bere nginum, 
lain bae ka badan batur, 
ka badan sorangan 
ge kudu kitu, 
sabab lamun engkong 
tara daek barang dahar reujeung nginum, 
tangtu engkong 
moal cageur, 
sarta lamun engkong 
henteu cageur 
tangtu engkong 
moal bisa bageur. 
Geuning jaman Karuhun mah, ku pinter-pinterna, 
samemeh ngala tah 
sok melak heula, 
acan aya nu ngaliwat (aus) sisi jalan geus disadiaan gentong cai 
jeung sajaba ti eta, 
sabab anu masih ngocoblak mah, 
eta kakara 
kasebut ngapalkeun, 
ari prakna mah 
duka teuing 
(kalobaan nana mah 
ngan wungkul 
popoyok).

Pikeun migawena 
di engkong 
enggeus komplit, 
ngan tinggal ngagawekeun bae 
dibarengan ku 
hartina, 
saperti :

lamun engkong 
arek barang cokot, 
naha sok gegeroan 
ka leungeun? 
Kapan terang ari 
leungeun anu cageur mah kakara ku karentegna hate oge geus jung indit nyokot naon nu di pikarep 
ku engkong. 
Jeung ari leungeun 
anu bageur mah 
tara nyokot anu lain-lain, sarta 
leungeun anu nyaho mah geus tara nyalahan – 
tah eta nu kitu disebutna pinter  ! 
sarta sabalikna, 
anu ngagero keneh mah 
eta sidik 
yen masih keneh jauh 
(aya keneh antaraan nana), anu matak baheula mah aya sindir kieu :

Lodong nu kosong, ngalentrung ! ….

Tapi inget Kong, 
jaman ayeuna mah 
ulah kaget, 
mun teu loba omong 
sigana  moal aya 
nu mercaya 
(tapi kitu soteh ceuk nu hayang dipercaya !)

engkong : 
Sanes alawu, eta 
cariosan teh anu bieu, 
naha ngabantun hukum 
ti mana? 
Sareng hukum 
teh aya sabaraha rupina?

alawi : 
Ari babaku nu dipake 
ku alawi, 
upama nyaritakeun hal 
sareat 
hukumna 
kudu 
hukum sara, 
jeung anu jadi 
hakiman 
nya-eta kudu 
sare’at 
(sara) 
deui.

ari hartina hukum 
teh nya-eta 
putusan
ari hartina 
hakim 
nya-eta 
nu mutuskeun.

Ari 
sare’at 
(sakabeh anu gumelar) 
anu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci 
ti baheula tug nepi ka kiwari estu 
tetep 
(netepan kana ka ayaanna), saperti : Baheula 
tangkal kalapa 
buahna kalapa, 
ayeuna oge 
tangkal kalapa teh 
buahna kalapa keneh.

Di Amerika tangkal apel buahna apel. 
Di Sumatra oge tangkal apel teh buahna apel keneh 
jeung sajaba ti eta, 
jadi ceuk alawi mah 
sakabeh anu gumelar 
nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci 
mah ti baheula nepi ka kiwari beunang disebut bisa ngahukum (mutus) 
jeung ngahakiman nana 
(sara jeung hukum sarana 
teu papisah).

Hukum Adatna :

Ari 
adat 
(sakabeh adat nu gumelar) anu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci ti baheula 
tug tepi ka kiwari, 
oge estu tetep 
(netepan kana ka-ayaan-nana). 
Saperti :

Baheula 
adatna gula teh 
amis.
Ayeuna oge 
gula teh 
amis 
bae.

Di Eropa 
adatna cuka teh haseum.
Di Jawa oge 
adatna cuka teh haseum 
bae jeung sajaba ti eta.

Jadi ceuk alawi mah .sakabeh 
adat 
nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci 
ti baheula nepi ka kiwari, beunang disebut bisa ngahukum 
(mutus) 
jeung 
ngahakiman nana 
(adat jeung hukum adatna teu papisah).

Hukum Akalna :

Sakabeh nu 
nyare’at 
katut 
adat-adatna, 
ku akalna nu 
berakal 
(boga kanyaho) 
ti baheula  tug nepi ka kiwari geus di 
“ngaranan”, 
saperti aya 
ngaran seuneu 
jeung 
ngaran panas, 
aya 
ngaran cai 
jeung 
ngaran tiis, 
jeung sajaba ti eta, 
ari maksudna taya lian supaya 
nga-gampang-keun 
cumarita, 
geusan campur jeung nu sejen, 
nurutkeun basa 
kabangsaan nana, 
ari

Hukum Allahna:

Ti baheula nepi ka kiwari,
Saha nu nenjo gunung 
nya siga 
gunung.
Saha nu nyagap 
seuneu 
nya 
ngarasa panas.
Jadi lamun engkonh geus nyaho 
ka eta 
4 hukum, 
meureun engkong 
moal ngomong nu bakal teu kaharti 
di hareupeun alawi, 
saperti:

moal nyebut kalapa 
buahna nangka,
moal nyebut ka cuka 
adatna 
amis,
moal jeruk 
dingaranan 
gedang, jeung
moal rek nyagap seuneu ayeuna 
ari panasna 
engke.

Cindekna engkong teh meureun moal wani ngabohong 
(ngawadul) 
ka alawi, 
sumawon-na ka anu sejen, sabab 
ku engkong oge 
tangtu 
kaharti, 
geuning ngabohong 
ka anu sejen teh 
eta sarua bae jeung ngabohong ka diri engkong pribadi.

Tapi palebah dieu kong 
sing harti anu 
dicarita-keun ku alawu bieu teh 
“hukum sara” 
“hukum adat” 
‘hukum kala” jeung “hukumulah” 
nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci, 
nu ti baheula tug nepi ka kiwari 
estu 
teu aya robahna.

engkong : 
Naha aya deui hukum 
nu sanes ti eta ?

alawi : 
Atuh puguh aya mah, 
nya-eta 
hukum 
meunang nyieun jelema nu berakal, 
ari maksudna taya lian supaya jelema-jelema 
nu aya di dunya 
daek nurut kana aturan 
nu ditetepkeun 
ku jalema deui, 
sa kaum-kaum na , 
saperti :



Hukum Sarana

nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana
dihakiman ku jelema
ayana di kaum-na

Hukum Adatna

nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana


Hukum Akalna

nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana
dihakiman ku jelema, 
ayana di bangsa
tukang hukum 
akal deui

Hukumulloh na

sabagian gede 
loba cenah
Cenah ti pada jelema
Cenah lamun urang maling
Cenah engke urang di akirat disiksa
Cenah lamun urang bageur,
Cenah engke di akirat urang diganjar.

Tah kieu 
katerangan hukum anu opat , ari maksudna mah taya lian mere nyaho kanu bodo 
(nu can nyaho ka dirina) 
da ari 
katerang alawi 
lamun jelema geus : 
cageur awakna, 
bageur ka batur, 
bener kanyahona 
jeung geus 
pinter tur singer 
geus 
nyaho kana hukum sara 
ti Gusti, 
geus 
nyaho kana hukum adat 
ti Gusti, 
geus 
nyaho kana hukum akal 
ti Gusti, 
jeung 
geus nyaho 
kana hukum Allah ti Gusti, sok piraku 
teu nyumponan 
kana hukum jieun jelema, sa-kaumna, 
sa-bangsana 
nurut adat 
ka-sopanan 
nana.

engkong: 
Dupi alawi 
bade nurut kana aturan 
jieun jelema 
anu 4 
bieu ?

alawu : 
Atuh puguh,……
sakabeh jieun jelema 
anu lumbrah dipake  
dina jaman ieu 
ku urang kudu dipake 
sabab lamun teu make, 
urang teh jiga kumaha? Tara-kadang 
bisa cilaka.

engkong : 
Cilaka kumaha ?

alawi : 
Saperti kieu bae, 
dina waktu ieu jelema 
di nu rame marake baju, bajuna jieun jelema, 
naha engkong 
arek wani buligir 
(teu dibaju) 
di nu loba jelema ?

engkong : 
Moal 
da ngaraos 
isin.

alawi : 
Era kusaha ?

engkong : 
Ku jelema.

alaqi : 
Tah kitu kong, 
anu matak ayeuna mah sakabeh jieun jelema ku kong ulah rek dilain-lain , 
teu dipake 
dina waktuna make; sabalikna ari kong keur nyorangan mah teu dibaju oge teu aya pi-kaeraeun, 
da diri mah tara ngera-ngera, ari era nu dipake ka-era 
ku diri mah 
ti dunya nepi 
ka akirat, 
nya-eta 
lamun urang ngalanggar kana agama tea. 
Di dunya urang 
teu cageur, tambah 
teu bageur 
katilu teu boga akal, 
bodo alah batan bodo, 
nga enya-enya nu lain, nga-lain-lain nu enya; 
nu matak ari ceuk alawi mah :

KAHIJI :

Ulah rek poho ka 
indung, 
sangkan badan urang cageur, karana ti alam manaoge moal aya anu ngaleuwihan kana kanyaahna indung 
ka anak, 
tapi dasar dunya geus ti balik ayeuna mah loba jelema 
nu geus ngaku 
tukang ngelmu 
tukang nyaritakeun 
lampah deungeun sing-rariungna teh 
euweuh deui ngan nyaritakeun jeung muji-muji bae deungeun 
nu teu aya hasil 
ka maranehna, 
ari indung na mah 
sigana geus kaluli-luli bae, malah 
loba nu ngarasa era (hina) boga indung 
bangsa urang Sunda (Jawa), malah 
mun bisa mah ngarana ge hayang make 
ngaran bangsa deungeun, 
teu ingetan waktu 
indung na 
ngakandung, 
salapan bulan lilana, 
nepi ka 
ngajuruna pisan, 
susah payah dilakonan nya-kitu enggeus 
di dunya, nyatu, 
nginum 
dihuapan 
disusuan, 
leutik nepi ka gede, 
ti hirup nepi ka paeh, 
kanyaah indung 
teu pegat.

KADUANA :

Ulah rek poho ka 
bapa, 
sangkan 
adat 
urang bageur, 
karana di alam mana oge moal aya anu ngaleuwihan kana ka-nyaahna 
bapa 
ka anak, 
tapi nya-eta atuh 
dasar loba pamanggih 
nu tibalik tea, 
jelema teh ngan 
muji-muji deungeun bae, 
nu estu teu aya 
pihasileun nana, 
leuheung lamun nyahona bener mah, 
da ari kalobaan nana 
ngan sa ukur beja wungkul, jeung mending lamun diturutan kahadean nana 
anu dicarita keun ku maranehan nana teh , 
da ari kalobaan nana ngan kakara tepi kana 
agulna wungkul, 
ku sapedah 
bisa maca, 
bisa ngomong 
make basa deungeun atawa bisa ngadongengkeun lampah deungeun tea, 
teu ingetan ka 
bapa 
anu sa kitu paeh posona, pagawean nu kumaha oge dilampahkeun  
taya liyan ku-nyaahna 
kanu jadi anak, 
jadi cindekna 
ka-nyaahna bapa ka-anak 
ti hiru nepi kapaehna 
estu teu aya pisan anggeusna jeung estu 
taya pangarahan nana
anu matak rugi ka anak.

KATILUNA :

Ulah rek poho ka 
guru, 
sangkan kanyaho urang bener, 
sabab moal manggih 
guru 
nu leuwih pinter 
ti guru urang, 
nu nuduhkeun 
mana gede 
mana leutik, 
panjang pondok 
sumawonna, 
amis peuheur, 
beureum koneng, 
mana indung 
mana bapa,, 
dunya katut 
adatna, 
wujud nu aya nu euweuh, , alam gaib kitu deui, 
tapi nya-eta atuh 
dasar teu dasar, 
ayeuna mah nu dijieun 
guru 
teh babaku 
jelema nu JIGA, 
ngomongna jiga, 
pakean nana jiga, 
nu karesepna jiga jeung sagalana jiga.

Jadi urang mah 
bangsa Sunda atawa Jawa anu henteu jiga (da enya!!). 
Di jaman ayeuna mah geus euweuh nu nanya sumawonna 
aya nu mercaya, 
nu matak alawu mere 
nyaho 
ka engkong 
upama arek 
ngelmu 
ulah waka rek 
ingkar 
ti 
diri 
engkong heula, 
kapan 
barang na 
ku alawi 
tadi geus diterangkeun : badan ti indung, 
adat ti bapa, 
kanyaho ti guru jeung kuringna ti 
Gusti Nu Maha Suci.

Tapi lamun kong hayang 
jadi tukang ngobrol, ngobrolkeun ka ayaan 
dunya gede atawa 
hayang 
jadi tukang tembang ngalagukeun lagu-lagu dunya, ngarah jiga tea 
geura guguru bae ka jelema anu ayeuna, 
sabab 
jelema mah 
loba rupana, 
loba bangsana jeung 
loba karesepna, 
anu dipikaresep (di-pikabutuh) ku maranehna tangtu diparandangna “ALUS” , 
tapi lamun ku maranehna 
teu di-pikaresep  
(teu dibutuhkeun) sok dipandang “GORENG”, 
ceuk jelema inten teh alus , ceuk hayam anu alus mah “sangu” , 
padahal anu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci 
geus 
tetep 
hukum sarana suci 
sagala galana.

KAOPATNA ;

Ulah rek poho ka 
Gusti, 
sangkan urang 
pinter, 
di dunya moal sabaraha lilana, 
sing bisa : 

nyumponan 
badan 
sing cageur
nyumponan 
adat 
sing bageur
nyumponan 
kanyaho 
sing bener
nyumponan 
kuring 
sing pinter,singer

Ari 
Gusti 
teh 
Nu Maha Suci 
bibitna 
sakabeh 
Nu Suci, 
ari 
Nu Suci teh 
nya-eta 
sakabeh  nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci.


Nu Maha Suci teh 
nu ngagaduhan sifat 
welas jeung asih 
(Rohman Rohim ?),
ari nu welas 
nu asih 
di alam badan 
nya ti 
indung
ari nu welas nu asih di 
alam 
adat 
nya 
bapa
ari nu welas nu asih di 
alam 
gaib 
nya 
guru
ari nu welas nu asih di 
alam 
kabeh 
nya 
Gusti Nu Maha Suci (Robil-Alamin?)

Nu matak ceuk alawu mah saha2 anu ngalainkeun 
ka indungna, 
sarua jeung ngalainkeun 
ka lemah-caina.

anu ngalainkeun ka 
bapana 
sarua jeung hiji bangsa nu teu boga adat/
teu boga 
kasopanan.

anu ngalainkeun ka 
guruna 
sarua jeung nu geus 
teu boga akal/
sato !

anu ngalainkeun ka 
Gustina, 
sarua jeung penghianat /setan !

Nu matak kong tina 
hukum jieun jelema oge 
kong kudu nyaho 
hukum sara sa-kaumna, hukum adat sa-adatna, hukum akal sa-akalna, hukumuloh sa-Allahna, 
tapi 
lebah dieu, 
sang-geusna kong 
nyaho 
jeung 
nyaksian, 
kong omat ulah rek popoyok, da 
dunya 
mah beda-beda, 
kaumna kitu keneh, 
kaum cuka mah haraseum, kaum kina parahit, 
kaum gula aramis, 
seuneu panas 
cai tiis, 
kabeh ge ngaraku bener, 
ngan benerna teu ngahiji, kahalangan ku sara-na, kahalangan ku adat-na, kahalangan ku bener-na, kahalangan ku pinter-na: ka-lolobaan-nana pinterna pinter sorangan, 
benerna hayang 
bener sorangan, 
adatna murka sorangan jeung 
sara-na 
siga-na teh bet hayang 
keur sa-sorangan-eun, 
nu matak alam ayeuna loba nu pa-unggul-unggul, 
unggul saur, 
unggul tincak, 
mun teu unggul 
boga rasa henteu luhur, padahal 
saur sepuh urang baheula mah 
ulah arek luhur saur, 
ulah arek luhur tincak, 
da anu 
rumasa luhur teh 
estu jalma pang-hina-na, ayeuna mah geus 
pageuhan bae 
patokan diru sorangan, 
sabab 
baheula aya saur sepuh 
anu kira-kira kieu :

“Engke di jaman ahir, 
bakal loba jalma 
di dunya anu 
ngaraku ku 
ucapna geus SUCI, kanyahona ngan semet TEJA, tapi ari 
angkeuh asa pang-luhurna. Ari hartina 
teja
 teh nya-eta 
cahyana dunya 
(beureum, koneng, bodas, hideung jeung sajaba ti eta), pagawean 
nana ngan nyiksa diri sina teu cageur, 
ngajak-ngajak hen
teu bageur, 
sok ngaku 
bener sorangan 
ngalain-lain ka batur, 
ngaran Suci di dunya enggeus diaku, 
tah nu kitu 
ulah arek di-
guru-
an, 
bisi diri 
badan jeung 
banda ruksak 
dipake 
tawajuh, 
jeung baraya patelak, 
benerna ngan be-beneran, pinterna nya kablinger, 
teu ngaraksa 
ka barang ti indung 
nu dititipkeun ka manehna, teu nyaho eun 
indungna 
mah nenjo anakna teu dahar atawa-na  
henteu nginum teh 
sok tuluy ceurik, 
mun 
nenjo anakna gering, 
indung 
mah 
luas ngorbankeun nyawa 
asal boga anak cageur deui, anu 
dititah 
tirakat 
soteh 
manehna 
lain 
jas-na 
tapi ari ieu 
badan-na 
disiksa 
sina 
teu cageur 
teu dibere nyatu nginum, marukana ari 
badan 
teh 
manehna, 
anu 
dititah 
tirakat 
tea, 
hih lain, ari 
badan 
mah 
titipan ti indung, 
salilana manehna ngumbara di dunya gede nya make badan 
eta nu 
kakuatan 
nana 
numpang/make ti dunya nu gede, 
sarta 
lamun enggeus, 
atuh geus pulang keun deui ka-asalna, 
ari 
tirakat keur manehna 
nya-eta 
boga kanyaho teh 
geura pake, 
sing bisa ngajaga badanna ulah aya 
ka-kurangan-nana 
sangkan cageur, 
sing bisa ngajaga 
adatna 
ulah aya ka-kurangan-nana sangkan bageur! 
bisa ngurus badan jeung 
teu nyieun teu ngeunah 
ka batur, 
sakitu oge 
bener jeung 
pinter!

Tapi 
dasar dunya 
geus 
tepi ka 
dasarna, 
eta jelema nu kitu, 
ana nenjo ka jelema 
nu sok ngurus 
kana kasehatan 
badanna, 
make hayoh 
nyebut 
Fir’aun sagala 
(eta ku sapedah sok dahar jeung nginum?), 
kawas nyaho ka Fir’aon teh, naon 
ari 
Fir’aon 
teh? 
Kuhayang-hayangna dipercaya, 
make hayoh 
make basa nu teu kaharti 
ku urang, 
ngarah euweuh tuluyna, 
ari Fir’aon 
teh nya-eta 
jelema nu teu cageur 
tambah teu bageur, 
owah akalna, 
ngaku suci ku ucapna, nepikeun ka 
teu nyaho kana 
getihna pribadi 
nu ngocor di na 
badanna  
beurang peuting 
teu aya eureun-na, 
bisi kong acan nyaho :

ka-nyaah ti 
indung 
salawasna ngocor 
dina 
badan na
ka-nyaah ti 
bapa     
salawasna ngocor 
dina 
adatna
ka-nyaah ti 
guru     
salawasna ngocor 
dina 
kanyahona
ka-nyaah ti 
Gusti    
salawasna ngocor di 
alam kabeh, 
kade lain 
ngocor kawas cai kong ! getih ngocor. 
Tina 
ngocorna getih 
jadi 
kakuatan 
(magnet). 
Tina 
kakuatan 
jadi nyaho = 
terang (licht). 
Tina 
terang 
jadi 
nyaho 
ka kabeh !

Ku gebleg-geblegna 
eta jelema anu euweuh kanyaho 
kana stroom 
nyebutkeun nana oge “sihir” 
(marukana usik malikna teh teu make stroom?), 
tapi ari 
nyarita mah 
mani kawas jalma 
anu leuwih, 
panon poe, 
bintang, 
bulan 
sagala ditata-an, 
siga nu heu”euh 
tapi electrileit  (listrik) 
anu di 
badan 
na 
henteu 
nyaho 
naha 
kitu ?

Cindekna katerang alawi :

Nu poho ka 
badan 
sarua 
jeung 
poho ka indung – 
nu poho ka indung 
sarua jeung 
nu tani poho 
ka bumi.

Nu poho ka 
adat
 sarua jeung 
nu poho ka 
bapa – 
nu poho ka bapa 
sarua jeung 
nu dagang teu boga kasopanan.

Nu poho kana 
kanyaho 
sarua jeung 
nu poho ka 
guru – 
nu poho ka guru 
sarua jeung 
nu boga kahayang (karajinan) euweuh  
akalna 
(benerna).

Nu poho kana 
dirina
 sarua jeung 
nu poho ka 
Gusti – 
nu poho ka 
Gusti 
sarua jeung 
nu rek kumawula 
euweuh 
kapinteran 
nana !

engkong : 
Sadaya omongan alawi 
ti tadi ku engkong 
dicatet dina ieu buku, 
mung bae tadi alawi 
aya saur kieu :

badan ti indung – 
adat ti bapa – 
kanyaho ti guru – 
kuring ti Gusti, 
jadi 
kahartos-na 
ku abdi; 
Nu Maha Suci 
teh 
bibit anu saruci, 
anu 
saruci 
teh nya-eta 
anu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci 
nya-eta:

“Sare’atna 
nya 
dunya 
katut pangeusina; 
Tarekatna 
nya 
adat 
dunya; 
Hakekatna 
nya 
kanyaho; 
Marifatna 
nya 
kuring/”

Ku margi eta sae alawi 
kersa nga-dongengkeun deui sakedik mah tina 
hal patokan 
kuring
na.

***

akawu nga-dongeng-keun pamendak tina hal 

KURING
    
1.  Ari kuring asal timana ?
2.  Ari asal mah ti Pangeran.

1.  Atuh lamun 
kuring
 asal ti 
Pangeran 
mah 
meureun anu tangtu 
“nyaho” 
ka     
Pangeran-
Na ?

2. Atuh puguh ….
da moal pati-pati 
kuring 
keur waktu 
kawin ka 
pamajikan kuring, 
di payuneun 
wakil Pangeran (Halifatuloh) ? 
sarta 
disaksi 
ku 
sarat-sarat 
kaum 
kuring, 
dina 
Adeganana Pangeran (Baitulaoh?) 
geus 
ngucapkeun:

“Kuring “
NYAHO” 
sarta 
“NYAKSIAN” 
yen 
euweuh 
deui 
Pangeran 
nu 
wajib 
dikawulaan 
ku 
kuring 
anging 
Gusti kuring 
Anu 
Maha Suci”. 
lamun 
kuring 
henteu 
nyaho.

1. Saha 
“asmana” 
Pangeran 
teh ? 
jeung 
saha 
ari 
“ngaran” 
kuring ?

2. Kuring 
mah teu arek wawanianan nyebut 
asmana
 Pangeran, 
da 
kuring 
“yakin” 
Pangeran kuring 
mah 
teu aya 
bangsana 
(laesa kamislihi?) 
ari anu sok 
dingaranan 
mah, eta nu tangtu bae 
aya bangsana, 
jeung pangna 
dingaranan teh 
taya lian ngan 
supaya gampang dicaritakeun nana 
jeung inggis atawa bisi pahili; saperti 
pangeran-pangeran 
anu di dunya …
Kuring 
ge nya kitu keneh; 
sakalieun boga 
ngaran ,
,abdi” 
oge lamun 
kuring
 geus bisa 
,,ngawulana” 
ka 
Pangeran
(Gusti kuring) 
tea.

1. Naha ari ,
    engkong
    ’teh lain ngaran 
     kuring ?
2. Ih, ari engkong mah 
ngan sakadar 
ngaran 
jieun jelema 
(jieun batur) 
nu nganga-ranan 
karana 
adegan 
kuring 
di dunya, 
nya-eta ku 
lantaran 
loba bangsana, 
ku supaya ulah pahili tea jeung ari nu 
dingaranan 
engkong 
mah eta 
aya indung bapana 
(kolotna) …..
Kitu oge eta 
ngaran engkong teh 
henteu gampang-gampang diaku 
bae , 
da lamun 
kuring 
dhohirna migawe: kahewanan teuing, 
kadunyan teuing, 
karobanan teuing, atawa kasetanan mah, 
ngaran “engkong” teh 
teu beunang 
(teu pantes) 
dipake, 
da engkong 
teh keur 
“ngaran” 
manusa 
nu geus bisa 
“migawe” 
kamanusaan 
nana.

1.Ari 
Pangeran 
kuring 
teh lain 
Nu Maha Suci ?

2. Enya…..

1. Atuh lamun 
kuring 
asal ti 
Nu Maha Suci 
mah, 
kuring 
oge 
mereun 
suci, 
da itu geuning 
cai 
nu aya dimana-mana 
nu asalna ti laut (sagara cai) bet 
disebut 
tunggal cai 
keneh?

2.Atuh puguh, 
da lamun 
kuring 
teu 
suci 
mah, di 
dunya 
teh 
kuring 
anu tangtu moal bisa 
nyaho: 
mana anu disebut 
salah 
jeung 
bener, 
hideung jeung bodas, 
panjang jeung pondok, 
amis jeung pait, 
goreng, hade, 
jeung sabangsana 
nu dijadikeun ku 
Pangeran kuring.


1. Ayeuna 
kuring 
sanggeusna 
ngarasa
 aya 
dina 
badan 
nu dipake ku 
kuring satungtung 
aya di 
alam dunya (pamajikan), naha masih keneh 
eling 
ka 
kuringna 
jeung kana 
kawajiban 
kuring pribadi ?

2. Atuh puguh, 
eta mah kieu geura, 
saibarat 
kuring 
keur ngawayang uwong, di-dangdanan jeung 
di jieun naon bae, 
naha Erjuna atawa jadi Buta, kapan ari 
kuringna 
mah 
eling, 
yen 
kuring 
mah lain Erjuna jeung 
lain Buta, 
ngaku ngaran Erjuna (Buta) soteh dina keur 
ngawayang uwong bae; 
nya kitu deui keur 
waktu 
kuring 
di 
alam dunya, 
dina 
adegan 
jeung 
ngaran 
manusa, 
dina 
satungtung 
ngigelkeun 
jeung 
ngalagukeun 
lagu 
kamanusan 
teh, 
kuringna 
mah 
kudu 
tetep elingna 
kana 
asal kuring pribadi, 
jeung oge 
dibarengan 
bari migawe 
kawajiban 
kuring 
sacara nu 
asal 
ti 
Gusti nu Maha Suci.


1. Naha boga 
kawajiban 
naon 
jeung 
kudu kumaha cara-carana 
ari anu 
asal 
ti 
Gusti Nu Maha Suci teh ?


2. Haarr …. kapan samangsa-mangsa 
asal 
ti 
Nu Maha Suci, 
anu tangtu eta teh 
Suci, 
nya kitu deui lamun 
kuring 
geus 
nyaho mana nu disebut salah jeung mana nu disebut bener, kuring 
diwajibkeun 
ngarukunkeun 
dlohir jeung bathin 
(anu jadi pamajikan kuring, sok komo lamun nepi ka bisa ngarukunkeun saluarreun 
diri kuring 
dunya katut pangeusina mah).


1. Ngarah naon sina 
    rukun 
    teh ?

2.Ari anu disebut 
   rukun
   ku 
   kuring 
   mah kieu: 
   Sakabeh 
   mahluk Pangeran                anu araya di dunya, 
sing baroga 
perasaan 
kumaha cara-carana nu kumawula ka Pangeranna nurutkeun 
adegan 
jeung 
ngaran 
manehna 
da ari picontoheun mah  kabeh oge picontoheun, sanajan anu teu 
ngomong 
oge, 
saperti tuh 
panon-poe, 
geuning 
panasna, 
cahyana, 
keur sarerea, 
ngahasilkeun  ka sarerea, pagawean nana bukti ! 
Tuh 
laut 
nyaian ka sarerea, 
niisan ka sarerea, 
pagawean nana bukti ! 
Tuh 
angin 
nganapasan ka sarerea, mindah-mindahkeun hawa ka sarerea, 
pagawean nana bukti
  
bumi  ge kitu

Cindekna: 
seneu, 
cai, 
angin  
bumi 
geus jadi conto; 
malah 
badan 
jeung 
kasehatan 
nu dipake ku 
kuring 
ayeuna, 
ayana 
teh ku 
rukunna 
eta 
nu opat, 
ayeuna ari 
kuringna 
nu ngaku asal 
ti 
Nu Maha Suci, 
tur geus ngaku leuwih mulya ti sakabeh mahluk, 
dina waktu nyekel rol (ngalakon) di dunya, 
mun cara dina ngawayang uwong mah, 
di dunya teh 
keur nyekel lalakon jeung pakean Bathara Guru, 
naha pantes ari igel jeung lagu 
cara igel -parigelna buta hejo bae  ? 
Atuh lamun kitu bae mah dunya katut pangeusina teh moal aya beresna (kusut). Jadi hartina 
rukun 
anu dicaritakeun ku 
kuring 
mah kieu : 
Kajeun pabarencay sumawonna ngumpul, 
asal 
sing rukun! 
silih ome keun 
dina kasalahan nana, 
silih turutan dina kahadean deukeut sumawonna jauh ulah rek migawe 
pagawean 
atawa 
omongan nu temahna 
matak teu salamet ka 
dirina 
atawa ka nu sejen, 
sabab: 
sanajan henteu ngocoblak ngomong, 
tapi, 
ari migawe pagawean 
nu hade mah, 
eta leuwih gede mangpaatna ti batan nu wungkul ngomongkeun 
atawa 
ngapalkeun keneh salob kitab papatah 
(tirakat ngosongan beuteung!) 
timana jalanna 
rukun 
jeung batur 
lamun 
di jero beuteung na 
ribut bae.

1.     Ari geus rukun kumaha ?
2.     Nya ari geus kitu mah, anu tangtu 
dunya katut pangeusina teh surup
disebut 
bener 
jeung 
salametna.

1. Ngarah naon ari geus balener 
kabeh ?

2. Kapan 
ngarah paruguh 
surupan nana deui, 
tuh geuning itu 
nu nyontoan mah 
mani teu aya eureunna; 
cai ka laut deui, 
seuneu ka panon poe deui, napas ka angin deui, 
taneuh ka bumi deui, 
estu teu matak hese 
ka 
kuring 
mun tas ngawayang uwong tea mah pakean teh bet beberes ku maneh (otomatis?), 
jeung ari 
kuringna 
mah 
hayang balik ka asal kuring deui, 
da ari 
dunya 
mah lain 
asal kuring, 
bener 
ayeuna mah 
kuring 
teh keur 
ngalakon di 
dunya 
sing surup dina 
adegan dunya soteh, 
cageur jeung bageur; 

tapi ari geus tamat lalakon mah 
kuring 
teh sing surup ka 
asal kuring deui, 
malah ari 
kahayang mah nu 
nurutkeun kawajiban, 
dunya katut pangeusina teh meujeuhna 
babalik sing surup ka kuring (dunya sing surup ka kuring, kuring oge sing surup ka Pangeran kuring), 
da lamun acan 
suci
 mah sok asa moal bisa, “pulih ka jati 
pulang ka asal kuring deui, nya 
ka Gusti Nu Maha Suci”
 (inna Lilahi wa inna Lilahi Rojiun?).

1.Lamun kuring geus bisa ngarukunkeun diri, 
komo lamun tepi ka bisa nga-rukun-keun nu sejen, naon pingaraneun kuring ?

2. Ari nu geus bisa nga-rukun-keun mah, 
eta pantes dingaranan 
“abdi” 
sabab 
geus bisa ngawulaan nana 
ka Pangeran.

1.Cing carita keun, 
kudu kumaha 
kuring di dunya 
ngawulaan nana 
Pangeran, 
tepi ka tutgna 
boga ngaran abdi 
teh ?

2. Lamun dicarita-keun mah, kieu 
kuring 
teh : 
Kudu mangeran ka 
Gusti Nu Maha Suci, 
ari pagawean nana 
nya-eta 
urang di dunya sarerea 
kudu maranut ka : sakuring-kuringna 
nu asal ti 
Nu Maha Suci 
tea, 
sabab tadi oge geus diterangkeun da 
kuringna 
nu 
aya 
di 
aranjeun 
teh 
asal 
ti 
Pangeran kuring keneh, henteu beda 
cara 
cai 
dimana-mana, 
asalna ti 
laut 
keneh. 
Urang di dunya pada karumawula ka 
Pangeran 
pada 
harayang jadi 
abdi-na 
(abdi Gusti) = 
ngalimah kalih; 
mun keur 
waktu urang baheula 
di pasantren 
(pamuridan mah eta teh disebutna 
“{Syahadat”): 
Kudu mangeran ka 
Gusti Nu Maha Suci, 
Kudu manut ka utusanna 
Nu Maha Suci.

1.Kumaha ari 
mangeranna  ka 
Gusti Nu Maha Suci 
teh? 
Jeung kumaha ari 
manut ka 
Utusan 
nana 
teh? 
da mustahil 
ari cukup ku ngomong wungkul mah, 
da ari 
ngomong na mah budak leutik oge mun diajar mah meureun bisa-eun.

2. Ari mangeran ka 
Gusti Nu Maha Suci 
urang 
kudu 
migawe 
pagawean 
nu 
Suci 
(ngawujudkeun 
pagawean 
anu hade) 
jeung ari 
manut ka Utusan 
Nu Maha Suci 
urang 
kudu 
daek mere pituduh 
ka sakur nu 
teu nyaho-eun kana jalan 
anu bener, 
dibarengan ku tekad 
anu henteu rek ngarah ngarinah, 
sabab 
urang 
kudu :
Sembahyang

Ngiblat 
kana 
adegan 
Nu Maha Suci, 
(ka sakabeh nu dumadi), kudu 
ngarti sarta surti, 
bisa 
nangtung, 
ruku, 
sujud jeung 
lungguhna 
sakabeh mahluk teh 
ana kacukupan 
seuneu, 
cai, 
angin, 
bumina, 
anu matak lamun urang enggeus 
harti sarta 
lamun nenjo mahluk 
anu kakurangan 
(teu cageur atawa 
teu bageur) 
urang kudu bisa nyalametkeun, 
geuning dina 
panutupan solat, 
aya kecap 
aweh salam 
(mere salamet = nyalametkeun) 
ka 
sakabeh Rahmatna Allah 
nu geus 
diberkatkeun 
ka urang sarerea 
(asalamu alaikum warahmatulohi wa barkatuh?)


Zakat – Fitrah

Nulung ka nu butuh – 
nalang ka nu susah, 
nganteur ka nu keu-eung, nuduhkeun ka nu teu nyaho; lamun 
urang acan nyaho 
ka nu butuh atawa 
ka nu susah 
(anu kakurangan dahareun atawa inumeun) 
urang kudu :



Puasa

Tah dina 
puasa 
urang bakal nyaho 
kumaha ari 
rasana
 teu dahar? 
kumaha ari 
rasana 
teu nginum ? 
jeung sajaba ti eta. 
Lamun urang geus 
kaharti sarta ka surti, 
naha henteu leuwih hade lamun urang sarerea 
(dunya katut pangeusina) pada rukun sing:




Munggah jadi Hiji dina       Adegan Nu Maha Suci

 Ku nyumpumponan kana Rukun anu 5 bieu ? 
sabab eta nu 
Rukun teh Suci, 
jeung ari nu 
hayang Suci, 
pagawaean nana kudu Rukun !

Hukum Sarana 
geus pada baroga, sakaumna-sakaumna !
Hukum Adatna 
geus pada baroga, sa-adatna-sa-adatna !
Hukum Akalna 
geus pada baroga, 
geusan 
ngahijina/Rukunna !
Hukum Allahna 
nu geus 
tetep 
dina 
Adegan 
Nu Maha Suci :

Saha nu nyagap 
seuneu : 
Panas 

Saha nu melak 
bakal ngala 
buahna

Saha nu resep 
ngabobodo ka batur (nga-wirid-keun bohong 
ka nu sejen) 
sabetah kabita ku dunyana atawa hayang diesebut jelema pinter, 
awal-akir anak incuna 
bakal milu kabobodo 
ku pelak manehna ayeuna !

Saha-saha nu nyebarkeun elmu salingkuh, 
awal-akir anak incuna oge bakal jadi jelema bodo !

Saha-saha nu sok tuturut munding 
anak incuna oge 
alamat teu beda jeung munding!

Kuring percaya : 
Gusti Nu Maha Suci 
geus ngajadikeun 
dunya katut pangeusina 
ku 
ayana 
dunya katut pangeusina teh geus ngajadikeun 
lantaran 
kuring 
sarerea.

Sareatna badan ti 
Indung

Tarekatna adat ti 
Bapa

Hakekatna kanyaho ti 
Guru

Ma’rifatna kuring ti 
Gusti

Ayeuna kasebut ku lumbrah :

Badan teh nya 
badan kuring

Adat teh nya 
adat kuring

Kanyaho teh nya 
kanyaho kuring

Kabeh diborong ku 
kuring

Nu asih ka badan kuring nya indung

Nu asih ka adat kuring nya bapa

Nu asih ka kanyaho kuring nya 
guru

Nu asih di alam kabeh nya : Gusti Nu Maha Suci 
(Robbil Allamin)

Nu matak lamun kuring 
geus baleg, 
geus boga kanyaho, 
tur kuring mah 
estu nu 
MIBUTUHNA ku 
badan cageur, ku 
adat bageur, jeung 
kanyaho nu bener, atuh mistina mah tikel rebu 
milu nya’ah ka badanna, 
milu nya’ah ka adatna, jeung milu nya’ah kana kanyahona teh, 
malik nya’ah ka alam 
jeung pangeusina kabeh 
nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci nu 
dipikabutuh ku sarerea.

Sakabeh badan 
ulah disiksa/sina teu cageur
.
Sakabeh adat 
ulah dipake ngasut/sina teu bener ulah kurang (min), jeung ulah leuwih (plus) bisi jadi jelema anu teu jejeg (abnormal)

Kanyaho anu aya matak teu hade ulah sok disebarkeun bisi nular ka nu sejen jeung euweuh deui puntanganeun kuring ayeuna (dina waktu ieu) mah ngan wungkul kuring pribadi,

Kuring anu nyagap seuneu , batur moal milu panas
.
Kuring anu dahar, 
batur moal milu seubeuh

Kuring anu goreng, 
batur moal milu dosa jeung sajaba ti eta.

Jadi ringkesna 
kuring 
teh kudu 
tetep mageuhan agama (patokan) 
kuring 
pribadi,
Jeung kuring teu dikukudukeun 
pipindahan agama 
atawa 
moyok nu batur,

Nu hade wajib diturut, gorengna kudu di jauhan/ mun bisa kudu ngomekeun,

Sabab ari goreng teh ka kuringna matak jadi karugian anu pohara gedena, .
sareatna badan ruksak, tarekatna jeung dulur oge patelak, 
hakekatna guguru ka Teja cahya, 
ma’ripatna lain Suci lain pinter, tapi jadi bebeakan beresih sagala-galana (0=nol).

Badan kuring 
sanajan dipolas-polis, diruruba ku carita atawa ganti dangdanan, 
(ganti sipat, 
ganti adat, 
kanyaho nurutan batur, kuringna 
mah teu 
panglingeun).

Adat kuring 
sanajan digosok unggal waktu moal luntur, 
da boga bakal sorangan, saibarat kopi susu, sakitu geus dihijikeun ku cai panas nu ngagolak, rasana mah teu pahili, susu – susu, gula – gula, nya kitu deui kopina; ngan raosna nu ngahiji soteh, kitu oge lamun salah sahiji barang teu aya nu leuwih atawa aya nu kurang, jeung kitu oge lamun anu ngarasakeun nana boga kanyaho (cageur bageur).

Kuring teu arek era disebut bangsa Sunda (Jawa)
Kuring teu arek era make kasopanan Sunda (Jawa)
Kuring teu arek era nyaritakeun hal patokan Sunda (Jawa)

sabab kuring percaya 
Gusti kuring 
Anu Maha Suci 
ngajadikeun nana mahluk teh moal kakurangan atawa moal kaleuwihan.

Kuring percaya 
bangsa Kuring teh 
jelema aya 
kamanusaan nana.
Kuring percaya .
bangsa Kuring teh 
boga adat, 
aya kasopanan nana.
Kuring percaya 
bangsa Kuring teh 
boga kanyaho, aya kawruhna.
Kuring percaya bangsa kuring teh kudu iman, 
aya kukuhna da 
mustahil ari kayu-batu,sato-hewan, dunya katut pangeusina boga kukuh, 
ari kuring henteu ?.......
nya ari rupa mah puguh bae beunang dipolas-polis saperti : “Kai ku pamaksa jelema, dituar, di ku di kieu  nepi ka geus jadi meja, disirlak atawa di cet, tapi kai na mah teu leungit-leungit nya kitu deui sirung nu jadi dina tunggulna, nya kai deui kai deui.

“Naha bisa Suci 
lamun teu make 
Iman”?

Kaharti kukuring mah lamun :

teu iman ka nu Wujud = 
teu cageur
teu iman ka nu Karasa = 
teu bageur
teu iman ka nu Bener = 
teu boga kanyaho
teu iman ka nu Pinter = bodo
teu iman ka nu Pasti = tangtu
teu iman ka nu Salamaet = cilaka

Lamun palebah dieu acan masih kaharti keneh geura ngalieuk atuh ka kenca ka katuhu kilang bara daek nenjo tincakeun ka hareup mah, atuh anu ka tukang-tukang ……..

balikeun awak teh sugan inget ka wiwitan :

Tah Indung Anjeun
Tah Bapa Anjeun
Tah Guru Anjeun
Tah nu “wawangina disilih ku anjeun”.

Palebah dieu, teu aya menak teu aya kuring, henteu beunghar henteu miskin, saha bae nu nyebarkeun cucuk, awal akir eta cucuk  teh bakal jadi, lobana tikel puluh batan anu disebarkeun (leuweung?), sarta anak incuna (turunan nana = tironan nana) anu nyebarkeun tea age, nya bakal kacugak ku pepelakan nana.

Anu matak lamun urang nya’ah ka anak incu nu hirup pandeurieun urang, omat ulah rek wani-wani migawe pagawean anu goreng (nu teu pantes), malah kudu dibere nyaho jeung sina mikanya’ah ka bangsana, mika cinta kana adat sorangan nana, da ari elmu akalna mah jolna ku campur tea, sarta tuduhkeun Hukum-mulohna nu lain jieun jelema (disingsieunan atawa dibibitaan).
--------------------------------



lagu Kinanti buhun :

Sir ati ngajadi gulung,
lila-lila jadi kuring, 
anjaclang di alam Padang, rus ras sok rea ka eling , katineung reujeung kamelang, 
melang mangmang 
beurang peuting.

Nunggu nunggu cunduk waktu, 
nganci-nganci nitih wanci, ngadagoan datang mangsa, henteu kendat beurang peuting, 
sanajan nepi ka ajal, bulak-balik mo’ katilik.

Mungguhing nu jadi mahluk, tuna harta sepi harti, 
henteu bodo-bodo acan, surup jeung unggeling dalil, nyebut enya puguh enya, nyebut lain puguh lain.

Mahluk mung darma lumaku , Gusti nu ngusikkeun diri, ibarat dalang jeung wayang, nya kitu mahluk jeung Gusti, aya maneh aya kula, 
teu pisan pisah saeutik.

Paur lamu seug dicatur, 
ketir lamun dipikir, 
moal lancar ku di talar, 
Gusti lain dina biwir, 
di dunya henteu gumelar, amung mahluk anu lahir.

Lamun mukir anu saestu, moal kalis ku ka inggis, susah lamun nincak salah, 
ati henteu weleh ngait, 
lamun emut sok sumuat, beuki lila beuki muhii.

Ninggang di jalma takabur, umangkeuh reujeung sumingkin, 
samar kana bisa nyasar, 
ari tetep moal lilir, 
nyekel iman ngan salancar, da ngukuhan elmu nu dir.

Nu puguh ngan matak linglung, 
muru bukur malar bukti, ngudag-ngudag nu teu guna, kira-kira teu kasungsi, bongan tekad anu salah, nguntit-nguntit anu lain.

Mun kitu tangtu kaliru, 
misil moal jadi hasil, 
malah malah tambah susah, pinanggih reujeung kasedih, ubarna ngan kudu sabar, pasti anu tangtu jadi.

Kukuh pengkuh kudu puguh, cengeng ati masing pasti, sanajan lempang salengkah, ulah henteu jeung dipikir, poma arek tinggal bismilah, sangkan rahman-rahim panggih.

Dunya mung saukur ngaku, henteu beunghar henteu miskin, menak kuring sakabehna , 
teu diwincik wiji-wiji, 
pasti kapurba-wisesa, 
ti lahir nepi ka bathin.

Mungguhing anu linuhung, lantip ati tur berbudi, nyoreang taya karingrang, tebih marganing kasedih, ca’ang padang narawangan, dumeling ngagem ka-eling.




“Kasinoman

Neda ageung pangaksama, ka pramitra jaler istri, 
anu sami ngalu’uhan, 
ka ieu riungan wengi, 
muga karesa  nyakseni, 
reh numut galur karuhun, budak kedah disunatan, 
boh awewe boh lalaki, 
malah mandar rahayu dipawenangan.

Salametan ieu budak, 
yakin ti nini ti aki, 
katut ti indung bapana, 
malah ti kadang ti wargi,jembarna ti Maha Suci, jumunjung Nu Maha Agung, kumarga eta sumangga lenyepan ku sanubari, 
wincik budak malah mandar jasa mekar.

Baeu banget anak bapa, ujang sarawuh si nyai, Fatimah Mamunah Dayat, anak bapa sing prihatin, ujang teu nini teu aki, 
ngan bapa jeung ema wungkul, 
tur aya di pangumbaraan, ngan bae enung anaking, mangka janglar tumarima kana kadir.

Rumasa ema jeung bapa, 
ti mimiti enung lahir, 
taya tandana ka anak, 
nyipat kawelas-ka’asih, 
ngan sugan baring supagi , ginanjar Gusti yang Agung, barisa ngajaga awak, 
mingpin sanubari batin, anging ieu bekel di Pawenanngan.

Pertanda bapa ka ujang, 
Ema nya’ah ka si nyai, 
lain uwang lain barang, 
ngan bapa ieu ngawaris, malah mandar jadi eling, 
keur jimat enung ka payun, mun pareng paranjang yuswa, bekel gumelar di lahir, baris modal ngumbara di Pawenangan.

Poma poho ka wulangan, 
cai lali awit bijil, 
henteu nyaho ka sagara, 
ulah kaya memeh miskin, poma tonggoy kana lahir, sing emut enung ka puhu, conto Batara Surya, 
sumorot kadia tatit, 
ngempur pamor sumirat ti beulah wetan.

Hegar rahmating Pangeran , mahluk Gusti sami muji, 
kana kajembaran nana, 
pecat sawed nema wanci, rumangsang anu ngagilir,mipit menit muru waktu, ceg anceg wates manceran, ditema ku waktu lingsir, tunggang gunung kawas anu ngawawa’as.

Jeg anu ngahiap hiap ngajak sumujud ka Gusti, muja ka yang Maha Mulia, layung koneng nu ngaganti, nyilokaan mahluk Gusti, candra wetan anu cunduk, tah ujang hirup di dunya, masing sasihna ti Gusti, wincik bapa teangan masing kapendak.

Mun bapa aya hadena, conto ku ujang ku nyai, anu goreng mah ulah, ujang nyai masing eling, nu ingkar ti laku Suci, kajeun bapa kajeun indung, ari goreng laku na mah, ulah diturut saeutik, mikolot mah poma ujang ulah robah.

Sing tumetep poma robah, pahing soteh adat iblis, bisi ngaruksak turunan, anggur ujang mangka nyangling, sing caringcing ulah cicing, anggur sipuh laku sepuh, ujang teu aya salahna, mun kolotna beuheung munding, geuwat rawat ku tekad jeung kalakuan.

Tembongkeun lampah si ujang , contokeun karintih nyai, ari ku lisan mah ulah, poma dek nyiduh ka langit , kajeun di wali di nabi, taya nu miwulang sepuh, tah ujang matak doraka, anu lancang kumawani, kajeun hina kajeun laip bapa urang.

Pangeran di pawenangan, Gusti ujang di lahir, nu jadi marga lantaran, pang ujang jeung nyai lahir , digelarkeun Maha Suci, sababna bapa jeung indung , nu matak ceuk caturangga paribasa nini aki, indung bapa di dunya nu leuwih mulya.

Kajeun jelema beurat beunghar, sugih harta loba harti, mun teu rumawat ka sepah, temahna matak balai, nu matak sing jadi eling, meungpeung bapa sareng ibu ayeuna masih gumelar, kadongdora ujang eling, geus euweuh mah geuning sok dikarorehan.

Di tareang ka kuburan, nyai ujang mah anaking, ayeuna bae ayeuna, sing ngesto na sanubari, meumpeung cukup saksi diri, wawakil yang Maha Agung, ari jalan rumawatna, waris bapa nu ngabukti, ku si ujang poma kudu dipiara.

Lain waris harta benda, wujud diri sanubari, geuning ujang boga badan, boga tangan boga kuping, kumplit anggahota diri, warisan ti rama ibu, cing coba bapa rek nanya, kira-kirana ka-uji, sabaraha eta pihargaeun nana ?

 Pamenta ema jeung bapa, kade ujang mangka lali, pangajina diri ujang, modalna keur nyungsi batin, mun teu nyaho harga diri, temahna sok jadi bingung, sok lieur lolong dunyana, batinna mah komo deui, indung bapa sok dijieun ponakawan.

Cangcaianna ti sepah mah, ujang masing jadi eling, karasa pisan ku bapa, nu matak enung anaking, poma masing jadi eling, di anak mah kantun mulus, sangsara mah geus ku bapa, ngan saeutik ka si nyai, pesen bapa geura regepkeun ku ujang.

Mun bapa ninggang ka mangsa, tepi kana titis tulis lain rek sungkan rek baha, teu tarima kana takdir , kabeurat teu aya deui , kajaba ngan anak wungkul, kainggis sieun minculak, ingkar kana hukum diri, ngan sakitu ka bapa anu jadi beurat.

Kawasna moal sampurna, bapa mo pulih ka jati, mo bisa pulang ka asal, kahalangan ku kaeling, sukma ngalayang di lahir, anak anu jadi galur, tah lamun ujang nyai nyaah, tandana rek males pulih, ka bapa mah lain sipat kadaharan.

Mungguhing lelembutan mah, basa lembut eta latip, basa latip eta laesa, mo bisa dibanding lahir , anging kudu latip deui, kakara tiasa terus, ka sukma bapa teu wiat, ku jalan pijah si nyai, jeung si ujang pijahna ku kalakuan.

Nu nyumponan ka sampurnaan, nu cocog sareng agami, nya-eta lampah utama, nu pantes tata karami, jeung deui ujang sing eling,, pagulung soteh jeung indung,, jongok ayeuna jeung bapa, bukti soteh ku jasmani, basa jasad baju nu keuna ku ruksak.

Teu langgeng mungguh ayana , keuna ku owah ku gingsir, mungguhing enggeus ruksak mah, ujang susah nya milari, hayang papanggih jeung bukti, tepung jeung rama jeung ibu, bukti jeung kurungan nana, kajeun ka cai ka leuwi, ka sampalan ka leuweung ka pajaratan.

Taya panginten kapendak, biasana mungguh jalmi, ngarasa inget ka bapa, ka indung nya kitu deui, lamun geus euweuh di lahir, tah kitu mungguh di mahluk, babari eleh ku hawa, ujang mah kasep anaking, sing tiasa langgeng dina patekadan.

Peupeuriheun eyang ujang, ngan kantun asma dilahir , susah najan diteangan, wayahna bae anaking, pang bapa bisa merwincik, karasa ku bapa enung, hirup teu indung teu bapa, kaburu pahatu lalis, karasana taya gunung pananggeuhan.

Ka saha geusan nya muntang, geusan bapa titip diri, euweuh deui ngan ka anak, nitipkeun lahir jeung batin, lahir bapa tilis ceuli, batin henteu unggut-unggut, nu matak ujang teangan, tunggalna ti Maha Suci, sangkan bisa nyumponan ka tineung manah.

Sing beunang sarining kaca, geura tilik marga diri, nyai ujang siga saha, geura padeukeun nya diri, tilik sing gemet sing rintih mangkade enung kasaru, lepat ngabandingkeun nana, boh bilih lali ka awit nyai ujang kade salah nya terima.

Mun ujang memper ka bapa, aya ciri nini aki, eta mah kantun ngamanah, ka saha ujang nya eling, ujang bade titip diri, geusan umangken jumunjung, da bukti tos di cacandak, kantun ngajangjian diri, geura talek dek ka saha tumarima?

Piraku ka nu lainmah, kapan sidik marga diri, ujamh nyai siga bapa, bapa kawas nini aki, nini aki kawas umpi, umpi ujang kawas uyut, uyut ujang urang mana, tah sakitu sing kapanggih, mun geus pendak tah tanda ujang tarima.

Kadar ngan jadi “panyelang”, nyelang bongan tadi nyilih, nginjeum ceuk basa Sundana, ka Gusti kuring anu Asih, INDUNG, BAPA, GURU KURING, nu matak ulah rek linglung, ka nagara nu baheula, siloka di Pajajaran, kapanggihna lamundaek nga-Bandungan.

Bogor ceuk basa baheula, eta basa ngandung harti, koropok mungguh jatina, beak ku nu ngadon nyilih, anak anu kumawani, patokan bapa digempur mikaresep ka nu anyar, karasana nya eyeuna, lolong torek nu jadi hukuman nana.

Satamatna nu pakawulaan nya lajeng didu’aan, maksadna:
Salamet Sunat Putrana
Salamet Nu gaduh wajib (ibu ramana)
Salamet Nyaksian (guru-guru sadayana)
Salamet abdi sadaya; mugi-migi tiasa ngawulaan ka Gustina, nya.


Gusti Anu Maha Suci

anu welas anu asih di alam kabeh !!!!!


cag

Tidak ada komentar:

Posting Komentar