Senin, 04 Oktober 2021

taneuh

Taneuh, Seneu jeung Cahaya
==========================

Jaman kuno baheula unsur utama di dunya teh nyaeta taneuh, cai, angin jeung 
seuneu.  Boh dina kaelmuan, boh dina carita kasaktian silat anu bisa manipulasi 
unsur teh nya manipulasi unsur nu opat eta: taneuh, cai, angin jeung seneu.  
Sok jadi jurus silat ngagunakeun eta unsur, terus hiji kelompok ngabogaan 
pangabisa ngendalikeun/ngamanipulasi salah sahiji unsur. Terus pakuat-kuat.
Tah, ari jaman ayeuna geus loba pisan pan unsur teh. Basa kuring di SMP kudu 
diapalkeun ngaran-ngaran jeung golongan unsur aya 108. Teuing ayeuna aya 
sabaraha loba, nu pasti gues nambahan. Sim kuring oge teu apal da lain sakola 
jurusan kimia unsur.

Coba bayangkeun lamun jaman baheula boh saencan jaman Masehi atawa di abad-abad 
awal masehi, misalna aya jelema anu ceramah/khotbah kalawan nerangkeun unsur 
kimia modern meureun moal aya nu ngarti. Moal nyambung.  Tapi jaman ayeuna oge 
lamun ngobrol jeung ahli kimia terus urang ngomongkeun cai, misalna dipotong 
wae tah omongan urang teh ku ahli kimia: ke heula, cai naon heula ieu teh, cai 
walungan, cai destilasi, cai alkohol, cai uap, atawa cai nain. Heu heu cape 
ngobrolna oge moal tamat-tamat... he.. he.. he..

Tah tulisan sim kuring di handap ieu anggap weh ieu mah pamikiran ringan. Bahan 
obrolan ngadu bako (sim kuring mah teu ngaroko, jadi ngadu gehu weh he.. he..).

Ari seuneu, sifatna ngalentab, ngabakar, ngancurkeun. Jiwa anu gampang amarah, 
jiwa anu gampang hasud jeung dengki, jiwa anu labil; poe ayeuna kieu isukan 
kitu; ngalentab kaditu kadieu nyieun issue; eta jiga seneu.  Ari bangsa jin teh 
dijieun tina seneu. Geus kabayang meureunan tah karakter bangsa jin jiga 
kumaha. Loba wadul jeung mancla mencle. Lamun sim kuring nonton film Lord of 
The Ring atawa the Hobbit, aya tokoh wangsa Gollum anu kepribadian nana peupeus 
(heu heu maksad teh 'splitted character'). Sim kuring jadi sok inget kan wangsa 
jin. Meureun jiga kitu.  Belegug pisan jelema anu menta-menta ka wangsa jin.

Ari cahaya, eta stabil pisan. Ku sabab eta media internet ayeuna loba 
ngagunakeun 'optical media', misalnya serat fiber optic. Signal/pulse anu 
dikirim lain deui strum, tapi cahaya ngalibatan serat fiber. Cahaya teu 
kaganggu ku interferensi elektromagentik. Jadi stabil pisan, bisa ngarambat 
sacepat kilat tur mawa informasi anu loba. Pokokna cahaya mah taat, teu 
kaganggu ku interferensi elektromagnet. Makana coaxial cable loba diganti ku 
fiber optik dina dunia information technology.  Tah malaikat teh diciptakeun 
dina cahaya.  Jadi meureun kabayang sifat-sifat malaikat anu taat teu goyah ku 
godaan.

Eri manusa (Adam) diciptakeun tina taneuh.  Taneuh mah bisa numbuhkeun sisikian 
tur binih nu lian. Binih anu antel kana taneuh teur kacaian bisa tumbuh subur 
jadi tatangkalan, bungbuahan, kekembangan.  Taneuh ngahasilkeun. Dina film 
Water World geningan dunya tilelep; taneuh teh jadi berharga pisan. Kabeh 
jelema hayang manggihan dunia impian mangrupa daratan. Taneuh teh sumber 
mineral. Naon anu kakubur dina taneuh bakal diurai beak terus digunakeun deui 
pikeun kahirupan ku tatangkalan, terus ku sato jeung manusa. Jadi taneuh boga 
potensi kahirupan anu gede lamun dipiara, kacaian, teu diruksak.

Tah janten sumangga upami tiasa janten bahan tafakur mudah-mudahan manfaat. 
Upami teu berkualitas, nyuhungkeun maklumna weh panginten :)


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin

Tidak ada komentar:

Posting Komentar