1) Prabu Siliwangi teh DINASTI anu dianggo kawit ti Prebu Maharaja gugur di Palagan BUBAT (aos CARITA PARAHIYANGAN) didinya aya ditetelakeun JENTRE, TEGES. Carita Parahiyangan teh BUKU SAJARAH SUNDA anu OTENTIK tos dibuktoskeun ku analisis Filologis Prpf.DR. R.M.NG. Poerbatjaraka (alm) anjeuna teh pelopor EPIGRAFI INDONESIA Naskah Carita Parahiyangan ditebitkeun mangrupi Transkripsi (alih aksara) sareng transliterasi (alih bahasa) ku ATJA (alm) judulna Tjarita Parahiyangan: titilar Karuhun Sunda Abad Ka -16. Terbitan Nusalarang Bandung tahun 1968 2) saatos kajantenan Palagan BUBAT, kumargi Prebu Maharaja teh sakitu AGEUNG WAWANEN ngawaler HINAAN sareng HIANAT GAJAHMADA dugi ka hanteuna,,, nya wawangina meleber nyambuang saNUSANTARA ti harita anjeuna dijuluk PRABU WANGI kadua. Anjeuna ngantunkeun putra bungsuna (yuswa 9 tahun), nya disebat Prabu WANGISUTHA/ Wangisutah (Wastukancana/ Prebu Raja Wastu) mya disebat Prabu Siliwangi II (tingali aksara & bahasana Sunda Buhun > Prasasti KAWALI aya keneh di tempatna di lembur Indrayasa, desa Kawali, Kecamatan Kawali - Ciamis di kulon Gunung SAWAL) 3) Prabu Siliwangi nu katilu nyaeta Prabu Anggalarang tapi nu ieu mah teu lami ngawasa margi ngarempag sumpah nikah ka istri ti pihak musuh. Gelar resmi anjeuna NIngratKancana 4) Prabu Siliwangi nu kaopat nyaeta Sri Baduga Maharajadhiraja Sri Sang Ratu Dewata Ratu Haji di Pakwan Pajajaran tea. Ieu ditegeskeun dina Prasasti Kebantenan mangrupi piteket anu diserat dina 5 lempeng tamwaga (tingali ku nyalira > parios tur diaos tah di Museum Nasional Jakarta). Dina Prasasti ieu disebatkeun yen anjeuna putra Ningrat Kancana, Incu Wastukancana. Anjeuna Raja pang-AGUNGna ti DINASTI SILIWANGI (SILIH WAWANGI) teh margi kalebet jaman KEEMASAN SUNDA oge mangkon tahta ti ramana anu jumeneng di KARAJAAN GALUH (SURAWISESA) sareng ti pihak emangna ti KARAJAAN SUNDA (PAKWAN), numawi disebat PAKUWUAN ANU NGAJAJAR alias PAKWAN PAJAJARAN 5) Ku ayana bukti tertulis anu nyata tur kontemporer sareng jamanna anu nerangkeun SILIWANGI, janten TEGES,JELAS oge FAKTA yen PRABU SILIWANGI teh AYA DIKIEUNA nyaeta RAJA nu NGAWASA TATAR SUNDA anu padumukanana disebat SRI BIMA PUNTA NARAYANA MADHURA SURADIPATI 6) SILIWANGI teh sami sareng BRAWIJAYA nyaeta THE FOUNDER KARAJAAN. Ari BRAWIJAYA teh saleresna tina Bhratara i Wijaya disingget Bhra + i = Bhre (kasus sandi dalam) amargi raja anu ngawitanana nyaeta RADEN WIJAYA ..... janten katurunan saterasna disebat Bhra Wijaya I, 2, 2 dst... pon kitu SILIWANGI oge tina Silih wawangi (gegentos) kitu.....
Selasa, 05 Oktober 2021
silihwangi ( ti ambu )
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar