Minggu, 17 Oktober 2021

al fatihah

Al Fatihah
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda 
(http://su.wikipedia.org/wiki/Al_Fatihah)
 
Al Fatihah
الفاتحة 
 
Informasi
Harti Bubuka 
Ngaran séjén Ummul Qur'an (Indung al-Qur'an)
Ummul Kitab (Indung al-Kitab)
as-Sab'ul Masani
(Tujuh nu diulang-ulang)[1]
al-Kanzu
al-Wafiyah
al-Kafiyah
al-Asas
asy-Syafiyah[2] 
Golongan Makkiyah
Madaniyah[1] 
Surah ka 1 
Juz Juz 1 
Statistik
Jumlah ruku' 1 ruku' 
Jumlah ayat 4 ayat 
Jumlah kecap 25 kecap 
Jumlah aksara 113 aksara 
Surat Al Fatihah (aksara Arab:الفاتح) (bubuka) anu diturunkeun di Mekah sarta 
diwangun ku 7 ayat mangrupakeun surat anu munggaran diturunkeun diantara 
surat-surat anu aya dina Al Quran sarta kaasup golongan surah Makkiyah. Surat 
ieu disebut Al Fatihah (Bubuka), alatan nya ku surat ieu pisan dibuka sarta 
dimimitianana Al Quran. Dingaranan Ummul Quran (indung Al Quran/أمّ القرءان) 
atawa Ummul Kitaab (indung Al Kitab/أمّ الكتاب) alatan ieu surat mangrupa 
indung ti sakabéh eusi Al Quran. Dingaranan ogé As Sab'ul matsaany (tujuh anu 
diulang-ulang/السبع المثاني) alatan jumlah ayatna anu tujuh sarta dibaca 
diulang-ulang dina solat. 
Eusi jeung Tarjamah
Ayat ka
Tulisan Arab
Tarjamah basa Sunda
1. بِسْمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحْمَـٰنِ ٱلرَّحِيم Kalayan asma Alloh, Nu Maha Murah, Nu 
Maha Asih.
 
2. ٱلْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ ٱلْعَـٰلَمِين Sadaya puji kagungan Alloh, Pangéran 
nu murbeng alam.
 
3. ٱلرَّحْمَـٰنِ ٱلرَّحِيم Nu Maha Murah, Nu Maha Asih.
 
4. مَـٰلِكِ يَوْمِ ٱلدِّين Nu ngawasa poé balitungan.
 
5. إِيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِينُ Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah, 
sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung.
 
6. ٱهْدِنَا ٱلصِّرَ ٰط ٱلْمُسْتَقِيمَ Mugi Gusti maparin pituduh ka abdi sadaya 
kana jalan anu lempeng.
 
7. صِرَ ٰطَ ٱلَّذِينَ أَنْعَمْتَ عَلَيْهِمْ غَيْرِ ٱلْمَغْضُوبِ عَلَيْهِمْ 
وَلاَ ٱلضَّاۤلِّينَ Nyaéta jalan jalmi-jalmi anu parantos dipaparin ni'mat ku 
Gusti, sanés jalan jalmi-jalmi anu kénging bebendon ti Gusti, sareng sanés 
jalan jalmi-jalmi anu salasar.
 
Ngaran Séjén
Sajaba dingaranan Al Fatihah (Bubuka), surat kahiji Al Quran ieu dingaranan ogé 
Ummul Kitab (indung Al Kitab), Ummul Qur'an (indung Al Qur'an), As-sabu'ul 
Matsani (Tujuh anu Diulang), Ash-shalah/الصلاة (Solat), al-hamd/الحمد (Pujian), 
Al-wafiyah/الوافية (Anu Sampurna), al-kanzu/الكنز (Simpenan anu Kandel), 
asy-syafiyah (Anu Nyageurkeun), Asy-syifa/الشفاء (Ubar), al-kafiyah/الكافية 
(anu Nyukupkeun), sarta al-asas (Poko)
Unsur Poko
Kaimanan
Iman ka Pangéran Anu Maha Tunggal dituliskeun dina ayat ka-2, di mana 
dinyatakeun kalayan teges yén sagala puji sarta ucapan sukur alatan hiji nikmat 
téh pikeun Alloh lantaran Alloh Nu Nyipta sarta nu jadi Asal ti sagala nikmat 
anu aya di ieu alam. Diantara nikmat éta nyaéta: nikmat nyiptakeun, nikmat 
ngatik sarta numuwuhkeun, sabab kecap Rabb (ربّ) dina kalimah Rabbul-'aalamiin 
(ربّ العالمين) henteu ngan boga harti Pangéran atawa Pangawasa hungkul, tapi 
ogé ngandung harti tarbiyah (التربية) nyaéta ngatik sarta numuwuhkeun. Hal ieu 
némbongkeun yén sagala nikmat anu katempo ku hiji jalma dina dirina sorangan 
sarta dina ieu alam asalna ti Alloh, lantaran Alloh Anu Maha Ngawasa di ieu 
alam. Hal ieu kudu diperhatikeun sarta dipikirkeun ku manusa sajero-jerona, 
sahingga ngajadi sumber rupa-rupa élmu pangaweruh anu bisa nambahan kayakinan 
manusa kana kaagungan sarta kamuliaan Alloh, sarta kapaké pikeun balaréa. Ku 
alatan
 kaimanan (katauhidan) éta mangrupa masalah anu poko, mangka dina jero surat Al 
Fatihah teu cukup dinyatakeun ku isarat waé, tapi ditegeskan sarta dilengkepan 
ku ayat 5, nyaéta: Iyyaaka na'budu wa iyyaka nasta'iin/إِيَّاكَ نَعْبُدُ 
وَإِيَّاكَ نَسْتَعِين (Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah, sareng mung ka Gusti 
abdi sadaya neda pitulung).
Anu dimaksud ku kalimah "Nu ngawasa poé balitungan" nyaéta dina poé éta Allah 
hungkul anu ngawasa, sagala mahluk taluk kana kaagungNa sarta miharep nikmat 
sarta sieun ku siksaan-Na. Hal ieu ngandung harti jangji Alloh pikeun méré 
pahala ka nu gawéna alus sarta ancaman ka nu gawéna goréng. Ibadah anu aya dina 
ayat ka-5 samata-mata ditujukeun pikeun Alloh.
Hukum-hukum
Jalan kabagjaan sarta kumaha sakuduna nyorang jalan éta pikeun meunangkeun 
kabagjaan dunya sarta ahérat. Maksud "Hidayah" di dieu nyaéta hidayah anu jadi 
cukang lantaran kasalametan, kabagjaan dunya sarta ahérat, boh anu ngeunaan 
kapercayaan boh akhlak, hukum sarta palajaran.
Carita-carita
Carita para nabi jeung carita jalma-jalma baheula anu ngarempak paréntah Alloh. 
Sebagian badag tina ayat-ayat Al -Quran ngandung carita-carita para Nabi sarta 
carita jalma-jalma baheula anu ngarempak paréntah Alloh. Anu dimaksud jelema 
anu dibéré nikmat dina ayat ieu, nyaéta para nabi, para shiddieqiin/صدّيقين 
(jalma-jalma anu iman saéstuna), syuhadaa'/شهداء (jalma-jalma anu mati syahid), 
shaalihiin/صالحين (jalma-jalma anu saléh). Jalma-jalma anu dibendon sarta 
jalma-jalma anu salasar, nyaéta golongan anu nyimpang tina ajaran Islam.
Wincikan ti anu geus disebutkeun di luhur aya dina ayat-ayat Al Quran dina 
surat-surat anu séjén.
Panutup
Surat Al Fatihah ieu ngalengkepan unsur-unsur poko syari'at Islam, anu 
saterusna dijelaskeun wincikanana ku ayat-ayat Al-quran séjénna anu jumlahna 
113.
Tumbu kaluar
        * Surah Al Faatihah Surat Al Fatihah di e-mushaf.com 
Rujukan
Wikisource mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca 
Al-qur'an/Al-Fatihah
        1. ↑ 1,0 1,1 Departemen Agama RI.2007.Al-Qur'an dan Terjemahannya 
Al-Jumanatul 'Ali Seuntai Mutiara Yang Maha Luhur.Bandung:J-Art 
        2. ↑ Hamzah, Muchotob.2003.Studi Al-Qur'an Komprehensif.Yogyakarta:Gama 
Media 
        3. Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. 
Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003

Tidak ada komentar:

Posting Komentar