[24/9 12:42] aji rasha: 1. Patekadan Lemah Abang:
assalamualaikum, wr w
BUBUKA
Ieu dadaran urang buka ku
ngundangan sabagian alit seratan Haji Hasan Mustapa
PANGKUR-
PANGKURANG-KURANGNA RASA
Barabat pada disada,
Hening jati tigin sirotol mustaqim,
Pada boga undak usuk,
Parangkat luhur handapan,
Pangluhurna mah tepi ka hakkan hakkun,
Patekadan Lemah Abang,
Dihukum ku alam biwir.
Jadi pamuntangan sara
Ulah muka rasiah rabul alamin
Meletik bijil ti sungut
tangtuna di hukuman
bongan salah jeung sungut batur batur
di nagara pakalaman
nungtik pakalaman deui
II
WAHDAT AL WUJUD(MANUNGGALING/ GULUNGNA KAULA GUSTI)
Wahdatul Wujud di Indonesiakeun jadi kesatuan eksistensial.
Di jawa mah dijelaskeun ku kecap manunggaling kawula gusti,
tapi di
sunda kampung mah istilahna teh (leuwih merenah jeung leuwih nunjukeun kana
hasil) nyaeta:
Gulung na abdi jeung gusti nepi ka ngagalunggung.
Sabenerna keur di sunda mah, ieu penjelasan
wahdatul wujud ku kecap
manunggaling kawula gusti -nu (ditambahan) sing nepi ka ngagalunggung- teh
‘mere arahan’ kana kumaha sabenerna ahlak jelema dina tohid (tauhid).
Manunggaling kaula
(abdi) gusti –
mimitina kudu aya dua
(alam midua) nyatana aya
abdi aya gusti.
Jadina teh...
Alus gusti sabab abdina alus, goreng gusti sabab abdina ge goreng.
Alus abdi sabab gustina alus, goreng abdi sabab goreng gustina.
Pan cenah ge kalahutan bijil lamun kanasutan na enya. Lahut ngaridoan mere
hidayah berkah jeung rohmat sabab nasutna aslamtu. Lahut kejem ngantep
ngahukuman sabab nasutna nolak nambalang (kafir).
Pan cenah ge loba kapanggih abdi rujit sabab salah muhit nu jadi gustina.
Loba
nu ngajadikeun hawa nafsu jadi (ilah) gustina.
Matakna....
Kudu hurip gusti waras abdi. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak sabobot
sapihanean.
Kudu daek jadi abdi meh loba gusti keur maneh,...
tong embung jadi gusti
ngeunah jadi lawang kahadean lamun loba abdi nu butuheun..
Pek pambrih pek nuhun lamun perlu;
Pek bere pek cekel lamun boga (tingal
dongeng Sang Sulaeman dina qur’an)
Lain kitu gawena kahadean?
TAPI,
TONG NGAKU gusti bisi keur teu kaseundeuhan (kawas nu ngaku turunan menak (lain
menak)...
ari hirup walurat) ...nu cilaka diera-era mah maneh....
TONG NGAKU ngaku abdi agul boga gusti....
bisi keur teu diaku (pamenta keur teu
dikabul)...
nu era belehem mah maneh...dinaha-naha.
Sing boga tata titi duduga peryoga;
migawe haphap ngendag-ngendag memeh luncat
nuturkeun alam batur,
tulaten nurutan sireum tarapti kawas titinggi meh seukeut
duduga miyuni gagak dina nempatkeun kaabdian kagustian.
Ulah melengkung bekas
nyalahan sarosopan teu pantes mernahna.
...nu era cilaka mah maneh keneh maneh keneh....da maneh nu nandangan.
[24/9 13:21] aji rasha: III
Urang buka saeutik lalangsena, .....
Lamun urang ningal dina basa sapopoe.
Kecap " abdi "
dipake dina alam tata
alam semu,
pihak “abdi” nempatkeun sahandapeun (jauh-anggang ti)
pihak ka dua nu
dianggap ‘gusti’ na.
Gawe kitu sabab:
• Pihak ka hiji ku ngaku nempatkeun jadi ‘abdi’ teh ngarepkeun /boga
pamrih
‘kagustian’ bijil ti pihak ka dua.
Ari kagustian nyatana gambaran /’manifestasi’/perwujudan Asmaul Husna nu rupa rupa-kayaning ngabulkeun
pamenta,
berehan,
nganteur kahayang,
tempat
nyalindung,
tempat kanyaho,...
jeung rea keneh......
Ari kaabdian
kudu sabar,
kudu daek menta,
teu guminter,
kudu tawakal
(nyanggakeun kumaha gusti),..
tungtungna ning sok ngaromong sadaya-daya.
Shalatna (do’ana/pamenta na) ge sok disarebut sembahyang...
nyembah ka hyang...
da rumasa jadi abdi.
Migawe
sabab geus kuduna
kitu/
sabab sieun/
sabab era/
sabab asa katitah ku gusti nu salilana moncongok
bae.
Ari ka abdian
kudu handap asor,
nyarita kudu lemes, jrrd..
Ari ka gustian
cenah kudu balabah,
berehan, murah congcot hambur bacot, jrrd.
Lamun
manggih abdi teu boga adeuh sok tara dekeut jeung gusti. Mun gusti kored keked
moal loba aya abdi nu deukeut jst...
(Undak usuk basa lemes kasar nu lengkep pakeun mernahkeun maneh dina
‘komunikasi’
ku, misalna,
basa lemes heula ka nu anyar pinanggih/
nyaluyukeun
jeung alam nu diajak komunikasi di sunda sabenerna cara maju-
Nu parerceka tarapis
dina ngolah nempatkeun budi basa rasa rumasa...
loba meunangna. ..
lamun ka jelema urang handap asor (jadi abdi)...
sok kaluar ti manehna
(lawan komunikasi) teh kagustianana...
Meureun resep
meureun ngeunah
meureun betah
loba nu mere maweh
disebut jelema bageur pikanyaaheun batur....
tah
kagustian batur
bijil keur maneh
ari maneh bisa jadi abdi.
Kitu oge sabalikna....
Tong nolak
mun aya abdi sumolondo... sabab karek mun aya abdi.... ka gustian bijil ti maneh...
tungtungna pada ngamulya-mulya
kunu ngarasa kahutangan kunu ngarasa meunang kahadean
ti kagustian maneh.
Ka handap asoran...
oge dipake ‘nguji’
kawas haphap...
ieu jelema nu
disangharepan jalma perceka nu kawaris sifat kagustian atawa henteu?...
sabab
di
handap asoran teh
aya ge nu jadi mancangah...
cirining..
jelema teu baleg
teu
kawaris kagustian..
..beuki handap urang..
lamun itu (batur)
teu bisa ngahandapan...
cirining rek
robah laku....
itu eleh duduga
urang jadi gustina
itu nu nga abdi-abdi..
pek bae
cobaan mun cacarita
jeung menak...
teu percaya mah.
(menak ayeuna mah leuwih
dimaksudkeun kana diantarana ‘educated’
luhung elmuna
‘wise’ jembar panalar
‘leader’ lulugu/
kokolot /
pananyaan
panannggeuhan umat-
nu boga
gelar raden
ayeuna mah saukur nu pastina turunan menak-
jadi henteuna menak mah wallahu
alam)
Tapi,
Mun teu bisa teu tapis .... loba menak (gusti) kaperdaya
ku pamuji abdi
(feodal)
jadi mere tapi awuntah ...
loba somah (abdi)
heurin ku letah
teu wasa
sieun teu nyaho basa...
saukur bisa kumaha anu dibendo (nu jadi gustina).
Dasar hirup di alam pamrihan....
nu dipamrih kasalametan kahadean.
Matak kudu
tapis mernahkeun maneh.
IV
Pek pecakan ka Rabb Gusti nu murbeng alam...
Sarua.....
Ku nempatkeun ‘ka abdian’ teh ngarepkeun ka gustian
ti nu dipenta,
pan
dipapatahan ku Qur’an:
Ari ngadu’a (menta neneda) keur abdi mah
tarik teuing ulah
laun teuing ulah..
pan cenah ngadu’a teh kudu sineger tengah sorana
ari ka Gusti (rabb)
mah;
Kudu daek
menta ngadu’a ..
ulah api lain..
pan cenah Rabb teh
teu resepeun ka
(abdi) nu tara ngadu’a/menta;
Kudu narima
dina kalaipan/
dina katunaan/
dina kakurangan/
dina kasalahan
(pek
tengetan du’a du’a nu diawalan ku Rabb). ...
eta teh
ameh bijil gustina
sabab
nu datang abdina
nu boga
rasa rumasa.
Ari ka gusti
kudu sabar bae jeung tetep kudu menta (do’a/shalat) bae pan cenah
ceuk qur’an “menta tulung ka kami ku sabar jeung shalat”
(kajeun can dibere
kudu tetep menta)
da wayahna jadi abdi nunggu-nunggu
di kabul gusti.
Jeung ,....
Ceuk qur’an ge cenah
kudu jejem yakin
arek dikabul pamenta. ...
Lamun henteu?
kumaha deui?
rek menta deui ka salian ti gusti?....
euweuh...euweuh
deui nu bisa iwal ti gusti...
pan maneh mah
abdi.
Tah..
hirup di alam pamrihan...
nu dipamrih
kasalametan
kahadean.
Matak
kudu
tapis
mernahkeun maneh.
[24/9 14:25] aji rasha: V
KUMAHA SUPAYA GULUNG ?
Naha kudu gulung?
Alam abdi-gusti mah
alam anggang...
sadeukeutna ge
ka gusti...
para abdi mah
teu
bisa deukeut
sabab
beda pangkat
beda kabiasaanana.
Tara gusti satata
jeung abdi..
sabab
lamun satata
leungit
kagustianana.
Hayang deukeut mah nya gusti jeung gusti deui....
abdi jeung abdi deui.
ngan
lamun abdi-jeung abdi,
gusti jeung gusti.
Leungit kagustian
leungit ka abdian...
pan basa nage jeung sasama mah
pa dewek-dewek
pa aing aing.
Ngan kade
mun keur aya abdi
ulah
gusti padewek dewek
pa aing aing
meureun abdi
bisa ngunghak?
Sabalikna
mun keur aya gusti
abdi tong sambewara...
bisi tideuha..
naha bet aya abdi cumantaka?
Alam abdi-gusti mah
alam tata alam semu....
tara dicaritakeun sajalantrahna...
Strategy jeung kaayaan presiden (gusti)
tara dijelaskeun kabeh
ka sakabeh rakyat (abdi).... cenah ge
kapaksa kudu ‘white lie’ sabab mun dicaritakeun
sajalantrahna mah
bisi kuciwa...
bisi putus asa...
bisi CAN BISA NARIMA..
bisi mancangah ..
Pan kongas
dina agama oge...
loba nu disumputkeun ..
saur Gusti teh
dina qur’an...
”nu nyaho eta mah
ngan saukur kami
jeung
nu dikersakeun
ku kami..
maraneh mah para abdi moal..
moal kabeh nyaho
(nu saenyana)
aya ge ngan
saukur nyangka
”....ari nyangka tara pas ka enya...
malah,
saur gusti dina qur’an, nyangka ngeunaan gusti mah pagawean abdi nu ditundung (setan)”.
Hayang nyaho
nu saenyana mah
kudu pindah ka alam gusti jeung
alam nu daralit
(qarib/qurbah)
sabab
kapeto kapilih
dikersakeun ku gusti.
VI
Kumaha carana?
Kudu
daek saalam sakabeuki
jeung gusti.
Engke nyaho
kumaha ari gusti
sapopoena
usik malikna.
Didieu para ulama mere tuduh,
dumasar
beja ti gusti
dina qur’an,
yen gusti Allah teh
boga sifat
20 siki.
Aya (wujud),
mimiti (qidam),
langgeng (baqa),
nangtung sorangan (qiyamuhu
binafsihi - tingali “lingga kabuyutan jeung sirotol mustaqim/nangtung
sorangan”),
beda jeung nu anyar (mukhlafah lil hawadis)
wahdaniat (gulung).
Cik atuh lalanyah diajar kawas kitu....
Pan saur
Sang Sri Uswatun Hasanah tedak quraysh ge...
“akhlak maneh
sing kawas
akhlak Allah”
Bisa wanoh kanu
6 diluhur teh
kudu bisa wani
daek nyaho jeung
hirup (keneh).
Maneh nu nandangan
(nu daek nu wani
nu bisa nu nyaho
nu hirupna).
Hirup (hayat) jeung (hayan)
nu hirupna,
Bisa (qudrat) jeung (qadiran) nu bisana,
Daek (iradat) jeung (muridan) nu daekna,
nyaho (ilmu) jeung (aliman) nu
nyahona....
atuh kudu
sagala ku sorangan
di sorangan
lain euceuk
lain cenah.
Ngucap (kalam) jeung (mutakaliman) nu ngucapna tapi teu make sungut....
atuh
diajar nyarita teu ku sungut
Ningal (basar) jeung (basiran) nu ningalina tapi teu make mata....
atuh diajar
ningali teu kumata
Denge (sama) jeung (samian) nu ngadenge tapi teu make ceuli...
atuh diajar
ngadenge teu ku ceuli
Teori na mah loba tinggal leukeun daraek diajarna...
diantarana aya nu boga
pamanggih:
cenah,
kudu asup tareqat..
tong sareat wae....
(kade loba nu
‘kabodokeun’
ku guruna,
kasiksa/kapager
ku ‘labelling’ brotherhood tarekat/
sareat
jeung
golongan/aliran,
komo kana
tareqat nu sok
ninggalkeun sareat),...
cenah, kudu ngaliwatan tobat,
zuhud,
wara,
faqir,
sabar,
tawakal
rido
ikhlas
(kade ulah lieur ku metoda)... cenah pamanggih jelema.
klise lamun dituluy keun.
Ari ceuk kami mah:
Prak teangan
Ajarna ulama
ahli waris nabi
nu bisa ngajarkeun
nyarita
teu ku sungut,
ningali teu ku mata, ngadenge teu kuceuli,
hirup teu bari ngarenghap.
Nungtun
kawani
kabisa
kadaek jeung
kanyaho
nu aya
di
sorangan.
Tah engkena
tara kaeuweuhan
da aya wujud maujud
tara neangan nu euweuh,
langgeng baqa
da mapay nu jadi
mimiti maneh (qiyam) memeh awang-awang
uwung-uwung,
nangtung sorangan bi nafsih, beda jeung batur-batur
nu anyar
nu pandeuri (mukhalafah lil hawadis).
Gulung gumulung...
sagulung sagalang...
meureun teu kudu kararagok..
da jeung sobat dalit.
Sab geus
sakabeuki sakanyaho sakadaek sakabisa sakawani.
Tah engkena nu disebutkeun ku teori-teori katasawufan jadi sorangan.
[24/9 14:46] aji rasha: VII
Gulung
dina
Patekadan Lemah Abang
Lamun geus geus loma/dalit, euweuh gusti euweuh abdi babar sapisan jadi sobat
(wali).
Tapi,
dina tohid bisa na qurbah (qarib=dalit) nunggal ngahiji gulung teh ku
modal islam (aslamtu sumerah)
nepikeun ka jiwa ragana
teu ngaboga boga
nepikeun
ka teu ku maneh maneh acan (da teu daya teu upaya).
Ayeuna lamun
ka-maneh-an geus aya deui, tuluy
bareng jeung batur batur, tuluy
nyarita meletus bijil ti sungut,
make basa maneh (sedengkeun lain gusti mah
nyaritana ge teu make sungut?
ari ieu bijil ti sungut),
ceuk batur nu ningali
mah maneh teh keur fana (rusak).
Ari nu rusak euweuh
nu pantes nurutkeun
alam tata
alam semu.
Meureun batur salembur leueleutikanna pada heran pada teu ngarti,...
gorengna pada nyalahkeun,.... ceuk batur teh
naha ari aing henteu,
boa si itu
nurustunjung jelema gelo...
nu kitu teu sarua jeung fiqh (asal kecap fiqh =
pamahaman,
tapi ahirna jadi hukum) batur-batur.
Ieu kajadian geus loba,
di jawa mah
kajantenan ka
Syech Siti Jenar
Aya cariosan SSJ
nu kadugikeun kanu sejen (utusan) nu beda tingkat pamahamanna
(beda alam)
ngeunaan ageman -
nyatana waktos para wali miwarangan ngulem
SSJ,
caritana nu katepikeun mah kieu:
----
Kahiji,
waktos kaleresan SSJ
nuju dina ‘kafanaan’,
Utusan wali nepangan:
“Kangjeng Syech,....
dipundut sumping ku Kangjeng Sunan... sun”
SSj: “Euweuh sitijenar mah,
aya oge
Allah”.
Dasar ka jalmi
nu dipercaya luhung
sanajan ucapan na
’aheng’,
nu dipiwarang teu
wantun mindo catur
teras wangsul deui pupulih
ka para wali
teu tiasa
ngangkir
SSJ
margi nuju suwung
nu aya ge ngangkenna
Allah.
Para wali mah maphum teras we mindo (kaduana), miwarang utusan supados
nu
diulemna teh
Allah,
ngan kaleresan pas tepang teh SSJ tos dina
‘biasa’
deui.
”sun...dipiwarang ku Kangjeng Sunan supados ngulem Allah”.
..atuh waler SSJ teh:
“tong ngangkir Allah ka kami da kami mah
SJ”.
Atuh ki utusan
mulih deui ka Para Wali wawartos yen teu tiasa ngulem Allah
da
nu kasampak
mung
SSJ.
Para wali,
ahirna, mutus supados ngutus nu cekap ngilmina
(sa alam)
pakeun
ngangkir SSJ.
Sanggemna ieu utusan teh :
“Ieu kami...
menta Sj Kalawan Allahna supaya hadir ayeuna keneh”.
Sakedet netra SSJ
nu tos ras jlig...
tos dugi ka riungan wali.
Ngan,....
nyebut Allah
ka nu sejen ieu
nu engkena
jadi label
‘hukuman’
ka
SSJ...,
ti ieu beja nu nepi ka utusan teh,
tuluy nyebar ka bala rea
SSJ teh
jalma nu ngaku
Allah.
Naha sesebatan lain
SSJ teh
Lemah Abang?
Ari lemah hartina taneuh
ari abang hartina beureum.
Di sunda mah lamun aya
jelema nu anyar paeh
sok disebutkeun cirina taneuhna ge beureum keneh. “puguh
ki anu the maotna kamari
tuh taneuh na ge
beureum keneh”.
Taneuh beureum
dibasakeun kana
pajaratan anyar:
Padahal teu kabeh taneuh beureum,
siga nu
dikuburna di serena mah kajeun anyar ge teu beureum da taneuh na semu hideung.
Ari pajaratan anyar mah salian ti paesan (nisan) teh taneuh na ge melendung
keneh...
cirining can kabeh sirna...
matak sok ditahlilan sok direwahkeun...
can
jadi paesan jati pisan
da katambahan keneh
sesa bangkarak.
Ari nu ngulik
kasampurnaan mah
kudu bisa paeh heula samemeh paeh
ceuk batur/jamak (tingali-paeh samemeh paeh) sabab kongas aya
ayat qur’an:
“Jeung jalma jalma nu geus paeh, tuluy dihirupkeun deui, terus dibere sunda, nu ku
Sunda (nur) eta maranehna bisa lumampah hirup diantara manusa,
naha sarua jeung
nu aya dinu poek mongkleng anu manehna henteu bisa kaluar tidinya (6:122)’.
Kajadian syeh siti jenar meletus cariosan
kasaksi ku batur ngangken Allah,
sabab
masih keneh anyar
(kafanaan keneh teu acan pulih)
lumampah saatos
‘paeh samemeh paeh’
-sanajan tos kapasihan sunda (nur) ti nu murbeng alam
benten jeung jalmi biasa.
(tingali-panaekan warnaning tangtung).
Enya kitu??..
pikiraneun
[24/9 15:09] aji rasha: VIII
Kumaha gulung supaya ngagalunggung??
Diulemna syeh siti jenar
kana gempungan Wali Sanga mah,
sabenerna,
pakeun ngabahas
kaayaan umat kusabab ayana pamahaman murid-murid SSJ (ngaku tina
ajaran/pangwuruk SSJ) ngeunaan syariat agama – nu aya imbasna ka masarakat umum
(malah nepi kana ranah politik –
ki kebo kenanga,
ki Ageng Pengging jrrd).
Tangtu geus pada nyaho
yen pamanggih murid
can tangtu bener ngawakilan (teu kabeh bisa ngawakilan) pamanggih guru
sanajan loba oge murid
nu leuwih pinter/jero/bener pamanggihna ti guru.
Tapi lamun muridna salah –migawe salah-
guruna
sok dipenta bantuanana/pamanggihna/ ‘advisna’ pakeun ngomean muridna
jeung ngomean
‘akibat’
tina kalakuan murid. Kasalahan murid
lain kasalahan guru-
iwal ti lamun memang kabukti
guruna nitah murid
supaya migawe salah.
Ieu kabeh alesan diulemna SSJ kana riungan Wali.
SSJ pupus dina eta riungan (Pajemuhan Wali Sanga), atuh jadi katurug katutuh,
ngajadi
‘bukti’
yen SSJ kenging
‘hukuman’
dugi ka pupusna.
Aya nu nyebat ku
para wali dihukum pati (diantawisna kadugikeun ); Aya oge nu nyebatkeun yen SSJ milih pupus nyalira
dina riungan wali –
‘Serat Siti Jenar”
Padahal (nurutkeun ieu dadaran mah)
anjeuna pupus cilaka
ku ‘polah’ nyalira.
Matakna ieu dadaran,
insya Allah, arek nepi kana kumaha supaya salamet gulung
na abdi gusti teh jadi ngagalunggung.
Saacanna urang dongengkeun gambaran kajadian pupusna SSJ dina riungan wali:
Dina pamadegan
yen sakabeh wujud
jeung nu maujud
dialam dunya teh
teu aya deui
iwal ti
Allah.
Laa maujuda ilallah
laa wujudika ilallah...
dicobi ku keris duhung
(keris “Kantanaga” kagungan Sunan gunung jati) ..
ku kangjeng sunan kalijaga.
Barang dicobi teh....
eta keris teu teurak...
teu tiasa antel antel acan
(kawas ajian batara karang panta/level batu-
tingal kaadaman +
Batara karang).
---------
Kabiasaan nguji kamampuh patekadan kasampurnaan dina tohid
nepikeun ka ayeuna
masih keneh aya....
jeung bakal terus dipake Sabab patekadan /
kayakinan teh
kudu
kaharti
karasa tur
bukti.
Lolobana mah nu jauh keneh kana alam tohid
sok sarieun
mun diajak
ngukur
kasampurnaan
sabab
sieun kabawa paeh.
Nu kapikirna
teu bisa baralik deui.
Lebareun keneh
ku kahirupan dunya.
Padahal cenah ceuk
nu geus paeh
samemeh paeh..
lamun paeh
(nyawana)
nu aya
(nyesa)
hirup mungkul
usik malik
pan kongas dina qur’an
Allah
nyanggem
“nu paeh dijalan Allah sabenerna hirup
masih barang hakan
barang pake
ngan batur-batur
teu apaleun”.
-------------
urang tuluykeun deui:
“Enya...
enyana mah tapi wujud
(af’al) Allah
(awak) nu ngajentul ieu mah lamun ditewek lumrahna kudu teurak....”
Nguping kitu..
teras we eta keris teh nanceb...
tapi teu bijil getih...
biasa wae teu reg rog
(kawas ajian batara karang panta/level taneuh-
tingal kaadaman +
Batara karang)
“... lumrahna wujud
(af’al) Allah/
awak nu ngajentul mah
mun katewek bijil getih.”
Teras we tina salira SSJ
bijil getih tapi bodas...
(kawas ajian batara karang panta/
level taneuh/
cai (Jannah) -
tingal kaadaman +
Batara karang)
“.... lumrahna mun getih
tina wujud (af’al) Allah/
awak nu ngajentul mah...
bijilna beureum”
Teras eta getih jadi beureum ngaberebey...
bari salirana
tetep seger tur
teras sila.
(Tah ngawitan ti dieu
syeh siti jenar katideresa
ku polah nyalira
“nyebut Allah kanu sejen...” rido
nu maujudna
jadi awak ‘jelema biasa’
nu getihna beureum...
sanes
wujud ‘manusa’
af’alna Allah.....
bari nuju ditakonan
ku si “kantanaga”
nu
maunatna teh mun dipake moal bisa dibalikan deui)
“Aeh...naha bet jadi kitu?
...lumrahna mah nu bijil getih terus moal hirup
tapi tuluy paeh.”
....Tuluy eta awak-awakan...
teh ngagoler.
syeh siti jenar nyarios..
”sok hayang ditembongkeun naon deui?”
Ditempas
“... teu lumrah aya mayit masih keneh nyarita...”
Saharita...syeh siti jenar..
nyarios kieu...
”heug atuh kula
moal deui cacarita...
ninggalkeun ieu alam...
ngan engke sing waspada bakal daratang munding bule....
bakal aya....
bakal aya ...
(nu sabagaian seueur tos kabuktos ieu cariosan syeh siti jenar teh)
Saatos nyarios kitu
badan syeh situ jenar
sirna
kagentos ku hiji tangkal
nu seungit ngadalingding.
Naha bet kajadiana kitu?Naon maksudna?
(Urang teraskeun upami pareng)
[25/9 19:11] aji rasha: Di gunung tangtung;
Leresan Karang adeg
ngeunaan elmu kanuragan
nu jadi tunggul kawedukan
nujadi tangkal kabedasan
nu cenah cecepengan
pamukpajajaran baheula.
kieu.....
Usik tangtung teh
jadi na (kudu) hiji
ngan diwangun
ku opat bagian
nu kudu bisa jadi reng..
dina aweuhan
jadi sir dina sari...
jadi ras dina rasa...
jadi pakean
dina awak
jadi dangdanan
dina badan:
1. Usik awak
Usik na awak,
resep pisan
gampang kacirina, kamampuh
naon wae asal nu kadongkang bisa
ditonjok, ditajong,
dibabuk, nyingcet, lumpat Kana awak jadi
pasti bisa neunggel
Jampena
pakuat kuat
pakesit kesit
pagede gede
Ngan edas
ngulik usik na
awak mungkul mah sakeudeungjayana,
dina umur ngolotan teh ngurangan/leungit;
matak timbul basa....
baheula mah jang
abah teh jago tarok
jago bobok
jago mukakeun anderok.. ayeuna mah
leungit/ngurangan
geus suda ku tanaga...
eleh kadeseh ku nu ngarora.
Matak mun tukang
ngulik usik na awak mungkul ngajago keur ngora...
tungguan we 5 taunan deui...
komo geus rarempo mah ....
geus kitu tinggal babuk ku nu
ngora...gampang.
Gening muhammad ali ge keur ngora mah jago ...
tong wani ngajak gelut ka inyana...ayeuna mah
kudu wani da geus kolot ....
parkinson deuih.
2. Usik napas
Usik na napas,
resep pisan
sabab
siga teu pira
tapi
lamun ka olah bisa nimbulkeun ka mampuh diluar usik na awak
nu luar biasa...
teu kudu pa antel ...
bisa
ngalempag ti kajauhan...
rosa tanaga..
cepet usikna...
weduk..awakna...
entengna bisa motongkeun
beusi..
nu leuwih teus tibatan tulangna jrrd ..
Jampena
pakuat kuat
pangger angger
pa lemes lemes
Pan dina gelut na ge...
saha nu kuat napas na
pasti
meunang....
teu kudu awak siga rambo....
asal kuat
dimana neundeunna napas jeung apal ngagunakeunana...
rek dijero
rek didada
rek di beuteung
rek kaluar rek kajero
rek di luar kabeh
aya guna
jeung kamampuhna...
masing masing....
pasti jago...
beuki
kolot teh beuki tapis
beuki jago...
lain jadi eleh.
Ngan edas
ngulik usik na napas teh
kudu diniatan heula
makena...
kudu usaha heula....
kudu di kamudi ku uteuk... komo rada hese mun metakeunna tukangeun bujur
treuk. lamun geus teu napasan leungit.
3. Usik rasa
Usik na rasa,
resep pisan sabab
aneh ayana teh
lamun sareh.
Neangana ku paeh.
Carana ku
henang hening henung. Jampena
ku tarima,
Eusi na teh lamun suwung,
suwung na teh lamun eusi,
satungtung rasa na tedak wedalan galunggung
hartina
galuh agung nu ngagalunggung
moal ka tembus
ku wisaya...
moal kahalangan tempat. Teu kudu diniatan heula
da geus jadi tumpah darahna, teu kudu hese cape heula
da wisesa murba.
Jampena
pasareh sareh
panggger angger
Pantangana
lamun keuna ku was-was jeung pangridu ridu nafsu. Bates kamampuhna
ngan nepi ka bahrul hayat...
saleuwihna ti eta
moal nyaho
da geus karem ka jatina...... Tapi edas eta mah
teuing ku mulya.
4. Usik na cahya eusi
komo ieu resep pisan
sabab
jatining usik...
sakabeh nu aya di alam teh nyatana cahya...
ceuk einstein wae e=mc2...
awak teh cahaya..
cahaya teh awak
constanta na wadah... fungsina jadi.
Dikamudi ku ati nurani
(ati nu caaang cahayaan). Ayana di jero-
jerona tangtung.
Jampena
pacaang caang
pa poek poek...
Nyaho jatining caang
nyaho jatining poek....
bisa nyumput buni
dinu caang.
Sabab
nganyahokeun caang soteh ceuk nu poek
lamun ceuk nu caang kumaha?
Poek soteh ceuk nu caang
ceuk nu poek kumaha? Nyatana mah
caang lain
poek lain
caang enya
poek enya
ngan lamun usik
papoek poek
pacaang caang.
Pantangana
lamun ngaku...
cirina lamun jadi...
kahontalna lamun geus
teu maneh maneh acan.
Anu kasinugrahan cahya
bari tapis ngagunakeunana...
teu kahalanganku awak..
teu kahalangan ku umur...
teu kahalanganku tempat
teu kahalangan ku jaman. Teu kahalangan ku bahrul hayatna...
Awak na leungit ge
terus mancur.
Runtut jeung nu alus,
wawuh jeung nulembut,
galo jeung nu nyaho,
dalit jeung nu leutik,
Satungtung dunya ieu katut eusina aya
Moal runtag seseliran.
Tina eta nu opat,...
Elmu na
pamuk pajajaran mah
nyaeta lamun geus
bisangahijikeun usik sunda (Nur) jeung rasa galuh;
jadi di PAKU-an Pajajaran tangtung.
Sumarambah dina nafas
nyiliwangikeun awak. Awakna dikamudi nafas, nafasna jadi pamanah rasa; rasana merenah di jaya dewata
(dewa=dev=cahya);
dewatana di pakuan...
nunggal dipajajaran....
kanyataan wahdaniat.
Usik awak usik nafas ... luarna;
usik rasa usik cahya...
jerona;
Jero tembus ka luar;
luar paesan jero
jero bagian jero...
luar bagian luar;
jero luar...
luar jero...
ngan jero mah jero
luar mah luar.
Ari usik urang aya dimana?
boa dilebah teuing...
teuing ku awak
teuing ku nafas
teuing ku rasa
teuing ku cahya
teuing ku Allah...
teuing ku batur
nu sok disebut
lelembut
ngan cilaka temen lamun kitu sabab
asup kana paribasa
sayang kaak na suhunan
kut angkut nu boga teu
nyaho nyaho.
.........
[25/9 20:23] aji rasha: JUNG NANGTUNG
WAWUH KA KUJUR
AJEGKEUN SAPANGADEG
HURIP INGWANG
HIRUP INGSUN
JIRIM JISIM PANGANCIKAN
Tah dina perkara
jirim-jisim jeung kuring oge naon bedana
jeung ingsun/isun,
kaula atawa abdi,
pamanggih simkuring numutkeun ajaran nu katampa dina ajaran
spiritual Bapak Mei
aya beda jeung
kanyaho umum.
Kieu kateranganaana:
Ari "jirim" teh
nyaeta wujud nu katingali atawa
badan wadag (lahir)
nu asalna tina
1.cahaya beureum (acining seuneu) -
2.cahaya bodas (acining cai) 3.cahaya koneng (acining
angin)
4.cahaya hideung (acining
bumi),
sedengkeun "jisim"
nyaeta wujud nu teu katingali badan halus (batin)
nu asal ti pangawasa Gusti.
Jirim
teh tempat
pangacikan jisim
contona:
awas ngancik di panon,
denge ngancik di ceuli, langkah ngancik di suku .
Tah eta
jirim jeung jisim mangrupakeun
parabot nu digunakeun
ku kuring pikeun ngumbara
di dunya.
Naha saha ari
"kuring"?.
Tah ari "kuring" mah
nyaeta lain lalaki-lain awewe, lain budak lain kolot,
teu boga anak
teu dianakkeun
nu asalna
ti Gusti
jeung salawasna
teu pisah jeung
Gustina
jeung
sifatna langgeng,
ngan sok kadang kapopohokeun atawa dipopohokeun
ku jalma,
nyatana
nu sok ngelingan,
sok mapagahan,
sok nitah bener
nyaram salah
nu ngancik di unggal jalma sakuringna-sakuringna.
Ari eta nu salawasna
boga kahayang jeung sok kadang sakadaek-daek
teu mikirkeun batur nu oge sok aya di unggal jalma eta saha?.
Naha eta nu disebut
Syetan teh
?.
Tah dina elmu sunda sakanyaho kami
teu acan manggihan katerangan soal syetan
saperti nu digambarkeun dina agama samawi.
Nu boga kahayang atawa napsu teh
nyaeta nu disebut
"ingsun/isun" tea
nu asal tina
kajadian anyar
sanggeus ayana
jirim jeung jisim
nu asalna ti sagaraning hirup. Jadi ingsun/isun mah
urang dunya
nu tangtu teu leupas ti pangabutuh dunya atawa napsu-napsu dunya.
Kunaon pangna isun boga napsu?
Tangtu bae sabab
kahiji ingsun urang dunya,
kaduana ingsun make wujud lahir (jirim)
nu asal tina acining dunya
(seuneu-cai-angin-bumi) nu nimbulkeun napsu-napsu, geura pek
ulah napas-
ulah nginum-
ulah dahar-
ulah make haneut,
tangtu moal boga kahayang/euweuh napsu.
Tah dina ajaran nu katampa ku kami
napsu-napsu ieu teh datangna tina 4 unsur ieu,
lain ti syetan nu asal ti saluareun diri urang
(ieu ceuk pamanggih kami salah sahiji bedana pamahaman ajaran sunda jeung ajaran agama sejen).
Dina hirup urang kabeh
mun dilenyepan bener-bener tangtu bakal manggihan mana ingsun jeung
mana kuring,
sok sanajan susah ngabedakeunana,
sabab kuring jeung ingsun
hiji tapi dua,
dua tapi hiji,
lir dua beulahan "mata uang" logam mun katingali garudana,
angkana teu ngatingali oge sabalikna.
Tah kuring
nu asal ti
Gusti
ieu nu bisa nganyahokeun
ka Gustina,
nu bisa nganjang ka pageto, jeung
bisa nganyahokeun
nu geus kajadian baheula. Ngan memang sok sering
diapilainkeun
ku ingsun.
Tah ari nu disebut
"abdi",
nyaeta jalma
nu boga rasa rumasa
keur ngabdi ka
Gustina,
tah lamun geus bisa salawasna
ingsun
bisa ngabdi ka
Gustina
luyu jeung
sifat-sifat Katuhanan
eta meunang pangkat "manusa",
sedengkeun
"kaula"
nyaeta
nu boga rasa rumasa
jeung keur kumawula ka dirina,
kumawula ka
luluhurna
(indung-bapa),
kumawula ka
lemah-caina,
kumawula ka
bangsana
jeung kumawula ka
Gustina.
Tah ari
"kami"
nyaeta
ingsun
nu keur ngagunakeun
lahir jeung batin.
Kitu sun,
pamahaman kami dina perkara ieu, mudah-mudahan bae aya gunana pikeun
nambah wawasan kidulur Sunda.
[25/9 22:30] aji rasha: Kapungkur abdi
sateuacan rimbitan
kantos naroskeun naon
anu disebat
mari'rifat ka Gusti teh ? saurna,
gali olah manfaatkeun
jadi tos dugi teh
sanes beres malah kedah
tiasa ngagali ngolah na sareng ngamanfaatkeun
dina nanaon oge ti
mikro dugi ka makro
Lajengna deui diajarmah
ka mana wae jeung
kasaha wae,
ngan alusna mah saenggeus rimbitan saurna,
ngan ari patokan mah
anu katanpi tentang
kailmuan
diantawisna :
1. Elmu sarea't nya eta :
Elmu tentang
panyarek sareng panitah nusok dijantenkeun
tata cara paribadatan sareng diaji di ajaran agama
termasuk dina
adat istiadat dugi
ka hukum ka tatanagaraan
anu rupi rupi tergantung kana asal usul, tempat sareng
jaman dikaluarkeunana eta sare'at.
Dzikirna
dzikir jahar (tarik)
Manfaatna henteu picarekeun jeung
henteu titaheun
estu pujieun
da mani soleh
Godaanana
sok haying nitah jeung nyarek bari kirang pas
Upami dina silatmah pangintean ibing penca
Carana
sering maca sareng
ngobrol ka ahlina
2. Elmu tarekat nyaeta :
Elmu tentang
jalan pikiran atanapi ayeunamah
logika panginten, mung dina sekup diri mah
ngalatih otak tina
ngalatih alatna
dugika digawena
eta alat,
sareng kanggo nalungtik naon nu sabenerna,
make dicarek jeung dititah caang weh eta
ge nembe kaharti
kedah diteraskeun dugi terang hakekatna atanapi kaluarna rahmat
dina hate
Manfaatna
tiasa ngiatan kana
panyarek sareng panitah
dzikirna
dzikir khouf (laun)
alamna malakut
Godannana
pedah kenging kakiatan
sok jadi wani teuing
jeung ngajago
Upami dina penca mah panginten olahan nafas atanapinusok disebat pernapasan
Carana
sering latihan ka ahlina sareng ngobrol
3. Elmu hakekat nyaeta:
Elmu tentang
naon nusabenerna
panyarek jeung panitah teh
sareng terang manfaatna. Atanapi
olahan hate
tina mulai
alatna gerakna sareng ngamaknaannana
kana panyarek jeung
panitah
sareng sidik jeung
nuturkeun gerakna eta rahmat ti
gusti
dina hate
Manfaatna
tiasa ngajelaskeun sareng mere kasadaran kana
ayana panyarek sareng panitah.
Dzikirna
dzikir sir jeung
alamna alam jabarut
kenging roh weh
roh kudus
Godaannana
sok nurutan jiga nu bogana padahal tos teu usum atanapi sanes wancina
lantaran apal jeung nyaho kana
eta panitah jeung panyarek
Upami dina penca mah panginten gerak otomatis terangkana sagala jurus boh diurang jeung dibatur
Cara na
sering meditasi
sareng munajat
dibingbing kuahlina bari sering dialog paduduaan.
Ma'rifatmah
langsung sareng gustina dina nyiptakeun sagala
solusi sesuai dengan kadarna masing-masing tos dialam
caang (sunda)
tapi heunteu serab jeung nyerabaan tos
disebat jalmi tanggel waler jadi wali pinilih
nya ahli
rasa nu sajati
anu tiasa ngamerdekakeun sajati sa dunya.
Mangga nyanggakeun
[26/9 14:20] aji rasha: Adeg Adeg
Reinkarnasi maksudna
(1) hirup deui na hiji jiwa (jelema atawa sato)
dina awak nu anyar
“the rebirth of a soul
in a new body” atawa
(2) sukma sinukma tutuluyan ka awak nu anyar
“Passage of the soul through
successive bodies”, kajadiana kieu teh
ku sabab karma‘causa effect’ amal tingkah laku
Singgetna lamun di sunda
mah reinkarnasi teh
NITIS/NYUKMA
(ka nu anyar).
Tulisan ieu rek ngajelaskeun diantarana:
Naha enya sare
hiji kajadian hirup paeh tuluy dihirupkeun deui?
Kumaha wae kajadian keur sare?
naha enya aya jalma ayeuna titisan batur baheula?..
kumaha kajadian nitis
ka awak nu anyar
lamun awakna geus rusak? Naha bet bisa?
Naon gunana?
Naha sanajan ulikan na aya tapi dina ahirna ….. diulahkeun?
nurutkeun nu kapanggih di sunda.
Urang mimitian ku:
1. Urang kabeh reinkarnasi sato/jelema saencana…
tapi ulah itu
jadi
gustina
-----
KAMI, ngaku satata
jeung nu lain (dia)
euweuh luhur handapan. KAULA, abdi nu ngaula/ngabdi ka batur
(nu jadi gustina).
----
Geus jadi kanyaho sarera yen Jelema nu hirup didunya disebut nyawaan,
lamun
geus euweuh nyawana disebut teu hirup/paeh.
Nyawa teh teu datang sakaligus lengkep (inditna ge saeutik saeutik,..
Barang gubrag sanajan
mata
ceuli
irung
sungut
aya bari dibungkus kulit…orok
can bisa neuleu,
can bisa ngadenge,
can bisa nyarita,
can bisa ngangseu,
can bisa ngarasa…
nu gede ngamurba orok mah
hirup (diantarana kabukti aya nafasna)….
bisa na panca indera boga/ lengkep sampurna teh …saeutik saeutik…
sanggeus asup Gizi kadaharan/inuman
kana awakna
nu asalna tina
sato (asi & tutuwuhan, herbivore;
jelema (indung&bapa) omnivore
rantai makanan)
nu geus (di) paeh (an).
Didieu benerna
caritaan kampung yen
“ti nu paeh bijil nu hirup” . Sabab ku
asupna/nitisna sato/tutuwuhan nu geus paeh (terus diolah jadi kadaharan) nya orok ngagedean
jadi jelema
nu hirup
nu ngadenge
nu ngadeuleu
nu ngangseu
nu nyarita
nu ngarasa.
Hirup nu nandeanana.
--
Dina ulikan kasundaan,
aya dua istilah nu beda
hiji hirup
hiji deui nyawa.
HIRUP
nyatana
nu ngajadikeun
sperma + sel telur
jadi janin
katiban sukma
-proses nitis ka 1-
terus usik malik dina beuteung indung…
Sedengkeun,
NYAWA mah
mimiti kapimilik
marengan hirup na
sanggeus si janin
gubrag ka dunya
ditampa ku indung beurang/bidan/dokter
terus di buka
‘selaput’na..
antel jeung hawa dunya
nya terus ceurik..
nya jadi bareng
hirup (hayat) jeung nu hirupna (hayan)
aya nyawaan.
---
Asupna/nitisna
ieu ‘bangke’
kana kuburan beuteung teh jeung ruh/jiwana,
lantaran asalna
can hayang dahar nitis eta jadi hayang/bisa dahar
da saacana sato mah nyatu; asalna
can hayang/bisa sahwat
jadi hayang/bisa
da saacana sato mah
sahwat mungkul;
asalna can hayang maehan/bisa gelut
jadi hayang/bisa
da samemehna
tukang sesebred
tukang ngahakan, jst
Wah maenya?..
cobaan tong dahar rada lila..
komo mun daek mah nepikeun ka kurang gizi/gizi
buruk ….
Moal hayang dahar,…
moal resep ningali buju oge
moal timbul sir resep/bogoh ka nu gizi buruk
sabab teu nyampak anaSIR ‘sato’na nu
jadi daya tarikna)….
moal mikir
hayang burger
hayang boga leuit gede hayang korupsi
pasea maehan,
shalat dzikir tafakur
ge embung, …
diuk nangtung bener ge
moal bisa.
Eta kabeh sabab geus euweuh/
teu jadi/
teu boga deui
sir tina sari kadaharan,
sari na ilang/kurang…
sagala jadi teu nyari..
kalahka dipikaresep
laleur (bangke).
Jadi sir teh ku sabab sari,… sir ku sari…
sur ser kaditu kadieu
ana piur jadi
nafsu nya ngumpul ngawarnaan/ngaribriban rasa dina hate –
dua kakuatan ngumpul
dina pikir/akal bijil jadi pamilihna,
patunggalan loba jisim kapirasa
jadi hiji
Beuki lila,…
tina ngagoler jadi nangkuban jadi diuk jadi nangtung,
hulu saluhureun jajantung,..
akal leuwih luhur/
gede pangaruh/ dominan tibatan
hate.
Hate nu mimiti mah
ka limpudan/
awas ka hirup mungkul,
jadi leuwih kasorot/narima/kapangaruhan ka loba loba warna warna nu hirup/
nyawa titisan sato.
Matak antukna
bagian hirup
saukur jadi hate leutik
jeung bari hese diteangana da nu lobana ngabengbreng. Nu leutik ieu teh
nu caangna (nurani)
jeung nyaangan lampah….
tapi jadi kalimpudan
ku nyawa …
meureun apal
kanu ngulik sunda=nur kapanggihna ATI teh
nyatana sunda
nu lir pulo leutik
ditengah sagara.
Jelema…
basariyah..
jadina kumaha nu nitis kana awak....
you are what you eat.
boga
sir
nafsu
akal
kabeh pangaruh nu nyukmana…
gening di china mah jelema
jeung jaman ge dicirian ku sato ..
tingal kalender jeung SHIO china.
Ku pangaruh nu nitis
dina mangaruhan
sifat/
karakter
jelema lamun dilajur,
Jelema bisa
leuwih ti sato –
da kumpulan ti rupa-rupa sato nu nitis.
Matak kongas aya
dongeng cenah malaikat kantos ‘protes’ naha jelema dijantenkeun khlalifah..
generasi pengganti nu dominan ngalifahan di buana…
sab jelema mah
tukang ngarusak jeung ‘ngaluarkeun getih mungkul’ (sapi bikang:30).
Tapi, lamun euweuh nu nitis....
jelema moal aya di dunya-kadunyaan.
Lamun teu make nu nyukma ka jelema
basariyyah moal bijil…. Kongas Siwa
ti argadumelah ka dunya ‘naek’ sapi sapatemon
dina nandini
naha teu tiasa hiber nyalira?…Wisnu ti utarasegara hoyong ka pertiwi ‘jadi’ bagong,
naha wisnu goreng rupa?;
ari ka dunya kedah wae nitis, ka awak batur
(misalna: ka Krisna Rama
Arjunawijaya)?…
guruminda ka purbasari nganggo ‘acuk’ lutung?
Nu naritis nyukma… diperlukeun ku jelema
guna sangkan boga ka
-jelema-an….
kasebutna ayeuna mah maraneh na teh
ibadah mantuan
ka jelema
ku jalan nyukma.
Ari ka jelemaan
dipake keur
ngajadi nu hirup
ameh nyawaan.
Ngan bedana
araranjeuna mah –
Hyang Siwa,
Hyang Wisnu,
Sang Patanjala-
saukur dina peryogi mungkul kasukmaan teh teu katutuluyan…
tiasa ulah alih sukma.
Hiji resi
dina mahabarata mah
gening sapatemon ‘jadi‘ sato..
tapi…
nepika tiwas ka panah
pandu.
Eta sabab….
teu kendat kendat
ajaran/nasehat/pangwewedi tinu karenging hidayat
nyatana nu pareng
hate leutikna/
nuranina
kapanggih tuluy
nguatan caang -
jadi
meunang tuduh ti nu
Maha Suci,
para nabi
para rasul
para batara nu linewih
marasihan ‘lilinggeran’ supaya teu jadi sato teuing teu jadi sato tuluy….
meh aya bijil kamanusaan
nu bisa jadi wawakil kasimpenan/
katitisan/
tempat mancur mubyarna HIRUP nu bijil ti
hate leutikna/
nuranina
sorangan
memeh kaanglipudan
nyawa…
Eta sabab…
sok loba nu harayang balik ka fitrahna lir orok karek lahir..
kaayaan nu jiwana can kapinuhan nyawa
masih keneh gede Hirup…kanyataan nu
Maha hirup.
….Nya mulya pisan
kanyaho
tapak geus loba
awak kuat keneh
ari jiwa geus balik deui
ka wiwitan dina
sagara hirup…
genah pisan..
eta kabeh dipigawe
ku jalan nahan
teu kaasupan nu nitis
nu gening tara puasa
(bulan puasa) tutuluyan…kudu wae ahirna mah buka dahar nginum sahwat deui…muka deui lawang patitisan… jadi
wadah nu nyukma… …. dadasar prawira sasmitaning Sang Uswatun hasanah rahmatan lil alamin…..
Sabab teu tuluy-tuluyan puasa nahan teu kaasupan, dina pas usik malik teh
kumaha petana sangkan maranehna
teu jadi gustina dewek?
tapi saukur ngaulaan
ibadah kanu boga awak…….
kami (mah) hayang
jadi titisan para kaula mungkul.
Kami (mah) daek soteh narima reinkarnasi para kaula nu daek mantuan pedah eukeur jadi jelema …
…Kumaha carana?....
Naha enya sare
hiji kajadian hirup paeh
tuluy dihirupkeun deui? Kumaha wae kajadian keur sare?
2. Sare - hudang
hirup paeh tuluy
dihirupkeun deui
kajadian nitis
sukma sinukma
nu tuluy tumuluy….
satungtung boga awak..
[26/9 15:26] aji rasha: Sare - Hudang
Kajadian Nitis
Sukma Sinukma
Nu TuluyTumuluy….
Satungtung
Awak Kuat
A
Nu nyukma
ngareaan nyawa
nguatan awak
ngagedean.
Gawena…
di lahir awak (jasad/badan) jadi kaula nyawa;
di batin nyawa
ngaulaan awak.
Sir anu piur
jadi nafsu nyawa,
dilahirna,
awak nu nurut nandangan. Suku lempang
leungeun ngaragamang
mata neuleu
ceuli ngadenge
sungut engab
biwir seuri nyengir
sabab
nyawa nu hayangna.
Ti dieu,
bijil babasan kampung…..
nafsu nu matak kaduhung badan (awak) anu
katempuhan…
(duhung =peso;
kaduhung =pegat, misah,
putus, eureun, anggeus ).
Kitu na teh enya pisan sabab….
kahayang nyawa
lamun diturut mah
anggeus kaluar
tinggal badan nu ngarasakeun narimana; dahar kahayang nyawa…diturut…
kaduhung hayangna..
da dahar di turut..
tinggal seubeuh, bunghak, gembrot, kuat, jagjag,
nyeri beuteung, pantes jrrd awak
nu nampa nyimpen mamawa;
Sahwat..diturut..
kaduhung hayangna….
tinggal leuleus, reuneuh, relaxed, .sehat……
kabeh awak nu katempuhan
Diajar ngelmu
kahayang nyawa
duhungna ti kirik nepi
ka jadi anjing
awak kahese hese.
Ngan kade tong templang sabeulah…
Kajadian di batin
beda deui…
jasad/awak
mangaruhan nyawa.
Nu ditampa disimpen
dibabawa jeung sakabeh
nu geus dipigawe awak/badan
di batina
engkena
mangaruhan
nyawa;
awak caharaan aya dangiang sabab
hasil
ngelmu ngulikna nyawa;
Nyeri huntu sapeupeuting nyawa nu nandangan ceurik/ambek ambekan teu bisa hees.
Pernah ngadek nyarekan nipu batur ku sungut kahadean ku leungeun..
kasimpen…
dina awak….
isuk jaganing geto sok nembongan mangaruhan deui
kana nyawa
sanajan sungut teu nyarita awak-awak nu lain nyaritakeun pagawean nu enggeus.
Ka batur mah gampang bisa nutupan ku sungut, kapribadina mah moal bisa sabab marengan bawa
jeung mawa sorangan.
Beuki lila nyawa beuki kapangaruhan tapak tina jasad….
pon kitu deui sabalikna
jasad awak kapangurahan nyawa….
Naon-naon amal nyawa dilahir kabeh dicatet dina
awak/jasad/badan,
engkena di batin
naon naon nu geus
katarima ku awak
mangaruhan deui nyawa…- nyawa mangaruhan awak…. awak mangaruhan nyawa…lahir batin…
lahir jeung batin…
kitu jeung kitu..
kitu jeung kitu…
Kitu jeung kitu...
kitu jeung kitu…
B
Untungna,….
Nu Maha Hirup…
maha suci
welas asih
ngamurbeng reujeung ngauban saenyana,
kaayaan
‘causa effect’
karma
catetan kitab tingkah laku amal dina jasad
dina nyawa teh
dibere lolongkrang...
aya eureuna
aya reureuhna….
aya dioemeanana…
nyatana
dibere sare…..
PAEH nyawana…
Jeung deui,
saencan rusak awakna
kasempetan PAEH
terus nyawaan deui… teh tuluy tumuluy dibikeun ka jelema -
henteu sakali – sigana,
ameh daek mikir
(lila lila mah sugan ngarti) pakeun manggihan jalan nalutur…
Atawa…
Sugan we kengeungeunahan kaedanan resep tuluy
di dunya resep
ka nyawa
nu saukur bobogaan
hese paeh teu daek leah ngaleupaskeun nyawa.
Nu karitu teh pohoeun
ka caritaan urang lembur nyawa gagaduhan/bobogaan banda sasampeuran….
enya ukur
narima nu nararitis
nu nyarukma sabab
eukeur jadi jelema
da samemehna mah
henteu boga …
nyampeur banda raja kaya didunya meungpeung eukeur.
1. Lamun Leutik keneh
Leuwih loba sare,
sarena leuwih loba ngimpi bari poho..
Ngimpi keur “restorate” awak.
Pules keur ‘restorate’ nyawa….
tah kahayang hirup…
nyawa keur meujeuhna dipikabutuh keneh…
nyawa ngadominasi….
da memang perlu ameh
engkena lengkep jadi jelema…ameh kasebut jelema. Dipepende di do’an
ku indungna..
sing “mimpi indah”..
lila sare…tibra…
enya da indungna jelema.. hayang kabaturan engkena ku jelema deui.
2. Kagedenakeun
(ti sawawa ka dewasa)-
Waktu sare ngurangan, ngimpi + poho
“kaimbangan’ ku eling;
Pili genti gumantung
mana nu kuatna…
Matak sok aya nu inget tadi peuting geus ngimpi..
matak sok loba nyarita
rupa rupa ngimpi teu puguh/teu runtut,..
asa ngimpi tapi teuing
naon/poho deui,
aya nu kebluk hese hudang, aya nu keuna ku eureup eureup
(pangaruh sukma ti luar nu hayang asup…
tapi dina arek ‘beresonansi’ awak nyawa nolak/kurang cocok frekuensina)…
aya nu keuna ku teluh/gendam/wisaya/hipnotis,
aya nu meunang tuduh (ngimpi 1/6 ka nabian)…matak aya nu hese sare..
matak aya nu sare lila
tapi teu seger
sare sakerejep tapi cukup…
Tuluyna,
rebutan/perang
di jero kurungan
antara poho jeung eling. Perang sajero kurungan…....
tah kahayang hirup …
jelema didunya asup ayakan dipilih mana nu
enya-enya ;
C
Kumaha ari
kajadian kana
jasad/awak/badan…..
Salira sare…
sabab hirupna masihaya….
Jutaan sel
dina
awak/
badan/
jasad
robah…
aya nu diomean
aya nu nambah
nu ngagedean
nu ngajauhan .
Kukituna sanajan
nu kaciri gampang mah
robahna awak
jadi ‘bentuk’ anyar teh
ngan saukur:
orok,
budak,
sawawa,
dewasa,
kolot.
Sabenerna
tiap peuting ngalaman robahan ditingkat
sel nu sakitu lobana.
Kukituna
pas hudang teh
geus lain awak
nu samemeh sare….
tapi awak nu anyar
(beda)...
nu ngalaman robahan jutaan sel ti nu samemehna.
“Fungsi integral” nu
hirup sabenerna
sabab aya obahan jutaan “increment”.
Orok, budak, sawawa, dewasa, kolot mah ngan tilikan ‘pengamatan’ sababaraha ‘milestone’ mungkul.
Jadi,… saluyu jeung nu ditepikeun diluhur….
Dina hudang deui
sanggeus sare teh
nyawa nyukma nitis deui kana awak nu anyar-
jeung terus anyar tiap nitis. “the rebirth of a soul in a new body”;
jeung
kusabab sare hudang teh terus tuluy tumuluy saacan awakna rusak….
nya sukma sinukma
jadi tutuluyan
“Passage of the soul through successive bodies”…
ka awak nu anyar deui… anyar deui…anyar deui…
itung we..
lamun umur 63 tahun
aya
63X12X30=22680 kali re-incarnate…
sukma sinukma.
Tangtu lamun
imeut ngararasakeun
ku sorangan,….
kasaksi yen..
’kualitas’
patitisan saenggeus sare (paeh tadi peuting) ditangtukeun ku kualitas
amal-tapak samemehna (samemeh sare),.:
Geus diajar elmu motivasi kamari…
nyerep kana awak kana jiwa…isukna jadi jelema anyar nu pinuh sumanget
(teuing isukna deui mah); meunang stress kasusah trauma kamari…
isukna gering nangtung stroke maag gelo
nu dizkir asal dikir…
kasarean (paeh)…
pas hudang nitis
jadi nu lain (gelo)-
loba conto jaradi gelo sanggeus dzikir rebuan kali bari teu bener nu ngajarna;
nu dzikir bener migawe
jeung mursidna ..
sare..
isuk na
(bisa sakali atawa sanggeus ratusan kali nyukma)
nyukma tawadlu
kaalusan…;
Tilikan urang gedean (rentang waktu tilikan)…
Leutikna geringan
awak goreng cicing
di kampung….
kabeneran tuluynakacukupan
daek olahraga/
kadidik elmu luhung
cicing di kota…
gedena…
amal/tapakna jadi alus..
eta awak/nyawa ‘menjelma’ jadi titisan anyar nu mulya luhur darajat
dangong menak…
pada ngaharomat….
moal nyarangkaeun baheulana ti kampung
bau lisung-urang
kotana nyahona lir titisan kusumah..
nyahoeun soteh batur sakola
keur SD-SMPna di lembur…
eh gening si eta teh baheulana mah anu..anu
oge sabalikna….
asal menak …
goreng amal…
isuk (jaga ning) getona kakolotnakeun
patitis jadi jalma rujit
awak euweuh nu ngambeuan tingggal ngambeuan
padung…
sukma sinukma
causa effect
amal tingkah laku…
loba conto moal
beak picaritaeun…
Kitu jeung kitu..
kitu jeung kitu..
kitu jeung kitu …
D
Moal anggeus anggeus.. moal aya eureuna muir muter di dunya kadunyaan –sanajan
dina engkena diajar
(kudu diulik heula)
nitis ka awak batur
Tah dihandap ieu caritaan qur’an…
Nu Ngamurbeng
geus nangtukeun :
Qaala Fiihaa tahyauna wa fiihaa tamuutuuna wa
minhaa turjauna…….
jelema mah di dunya (bumi) hirup, di dunya (bumi) paeh,
didunya (bumi) keneh dihirupkeun deuina…(QS. 7:25)…..
Matakna
SATUNGTUNG JADI
JELEMA
hirup paeh dihirupkeun
tuluy teh didunya…
sukma sinukma reinkarnasi tuluy di dunya (bumi)…
moal bisa ka aherat.
Matak lamun masih keneh jadi jelema nyawaan…
nya tuluy di dunya. ……
kitu jeung kitu..kitu jeung kitu….
Satungtung can bisa(ngadeg) yaomil qiyamah
keur manehna (bisasorangan kalawan tulungna nu Ngamurbeng).
Bongana deudeuieun
ka bobogaan
(nyawa)…
…ari kuduna….
Atuh sing bisa ngaleupaskeun nyawa
meh teu jadi jelema…
moal keuna
ku kurungan
dunya..
Ieu kabeh kudu
diulik
disaliksik
waktu awak jagjag keneh
dikeureuyeuh…..
sing keuna babasan di sunda yen nu ngulik dina kapribadian …
usik malik
teu asa ngumbara sanajan ceuk batur kawas jelema da KIAMAT SAPAPANJANGNA (jelema jeung lain jelema ukur sabarabat nyawa geus tapis pulang anting sakarat …
..mun teu kitu mah lapur moal leupas
ti sukma sinukma…
sok asaan… lain eukeur???
…..
E
Ti dieu ….
nuhun rebu rebu nuhun…
di sunda di wariskeun
turun tumurun ti
babaheula ti rebuan taun katukang….
atikan tuntunan ajaran ti nu marulya
-kongasna -
conto Sang Uswatun Hasanah….rahmatan lil alamin …
teu eureun eureun
aya wae nu nerus nyambungkeun,
ahlak anjeuna,
apik ka diri
nyaah ka
badan/awak,….
diantarana:
1. Ari bade kulem anjeuna mah mrogram anjeun:
Bismika Allahumma Ahyaa wa bismika Ammutu…..
Nyawaan sareng henteuna lillah ku asmaNa.
Tah ari sare teh paeh..
hudang hirup deui
nyawaan deui ..
tara was was antara
paeh jeung hirup...
komo teu paeh teu hirup..
laa yammutu fiiha wa laa yahya…
sare henteu hudang henteu ge kumaha
rasana??
Diwincik deui di sunda:
Memeh sare….
ngado’a mrogram heula…... meh enya enya ngalaman sare paeh nyawana…
bari merenahkeun
pantes saperluna jeung leuwih specific….
badan (awak) nu sarena,…
ari ati tanghi
(nyaring-eling henteu keuna ku poho)…
sukma (nyawa tinu nyarukma kana awak)…
muji
Lamun paeh nu nyesa hirupna…
ari hirup tarakeuna
ku poho…
eling terus…
Lamun sare
(keur) euweuh nyawaan,
nya (keur) paeh tea ngarana. Disebut eukeur da hirupna aya keneh di jasad …
Nafasna kaluar kajero keneh…
atawa jajantungna
ngetug keneh;
kaayaan kitu teh bisa paeh tuluy…
bisa hudang deui.
Kajadian kieu teh saluyu jeung nu diingetkeun ka urang rebuan taun katukang
dina qur’an yen saenyana Allah nu ngamurbeng “yatawafa anfusa hiina mautiha
wallatii lam tamut fii manaamihaa, fa yumsikul latii qadaa alaihal mauta wa
yursilu ukhraa ilaa ajalin musamma…inna fii daalika la aayaatnin liqaumi
yyatafakkaruun.
Nu maha asih tur nyaah nyabut nyawa /maehan jelema dina keur
maot sarua jeung kanu keur sare,
(bedana) nu sare mah
dihirupkeun/diasupkeun/dibikeun deui (ka na jasad), ari nu maot mah henteu,
nepi ka mangsa nu ditangtukeun…..
saenyana eta teh tanda-tanda keur nu daek ngalenyepan (abrulan, 39:42).
Sok ngado’a memeh sare?....
lamun geus ngado’a bener bisa sare?...
enya jampe
teh di sorangan bareng jeung pamakena?...
2. Hudang ti peuting-..
assolatu khairum minanaum…
Nu masih keneh
di ka-jelema –an
‘sare’na
ngalaman sababaraha panta nu bulak balik
tiap 1,5 -2 jam. ….
Singgetna rek les,pules,..
ngimpi
balik deui kitu jeung kitu. Lamun sare 8 jam
ngalaman 3-4 cyclus. bijaksana asih nyaahna
Maha hirup…
jelema dibere
kasempetan….
sabagian keur ngaalusan nyawa
sabagian keur ngaalusan awak
da nyawa awak
kudu diibadahan….
sabagian
keur ngabdi ka hirup.
Matakna …gening…
Sabagian di pake keur awak (REM-ngimpi),
sabagian keur nyawa (pules-deep
sleep), sare…
(2/3 peuting) da keur jadi jelema…
sabagian deui keur hirup
(1/3)….
tibatan di program ku bobogaan -
nyawa tina sukma nu nitis terus
(ngimpi)..
mening leuwih alus mrogram sorangan bari nyaring ..
matak aya
tahajud,..
kasubuhnakeun
aya nu ngingetan ..
eusina
assolatu khairum minanaum
(mening ge shalat ti batan hees tuluy)….
ieu panggeuing tara disada waktu isa..
. tara rek sare diguyah guyah salat..
tapi ulah kajongjonan tuluy hees kawas
bangke atawa kababawa impi…
mening solat mrogram sorangan supaya teu ditulisan
ku nu nyukma…
sageuy ari ku sorangan mah.
..Dadasar kawijaksanaan Sang Rahmatan lil alamin…. nyaho pernahna ngabagi bagi
kumaha kabutuh Sakawayana…
F
Kumaha nyaliksikna leuwih jero….
kumaha cara nitis ka awak batur
(reinkarnasi ka
awak batur –
kumaha cara ka orok,
ka nu geus boga ingetan jrrd,…; naha eta teh
ulah –nunjukeun kabodoan?...
kumaha nu disebut kasampurnaan?
Sampurna ning
sampurna?......
Tidak ada komentar:
Posting Komentar