Alhamdulillahhirabbil'alamiin,
saleres na mah sim kuring teh rada ragu kedah kumaha ngabasakeun ka para sepuh
di milist teh.
Sadayana di-'akang'-keun tapi sapertos na mah seueur anu sayuswa indung bapak
sim kuring he.. he..
Bade ngiringan sapalih anggota milist weh ah anu nga-uwa-keun heu heu heu...
Basa sunda sim kuring karaos ku nyalira saleres na mah, nya eta kabacana kadang
sok sapertos 'teugeug', hoyong sundana 'ngalir' da angger weh kalahka teugeug
he he he...
Perkawis 'kosong' sareng 'atheis' memang benten :)
Atheis tiasa diasosiasikeun sareng 'penolakan'. Janten tos nolak kana
eksistensi gusti nu maha suci. Atheis teu percanten kana naon anu teu
katingali ku mata atawa teu karasa ku panca indra. Janten atheis mah biasa
intelektualitas di payunkeun, walau kadang aya oge 'atheis belegug' anu teu
intelek oge teu percanten kana rohani ka-tuhan-an, eta mah kudu dimaklum. Tapi
atheis intelek biasana oge teu percanten kana perdukunan jeung jurig, lamun
percaya jurig eta lain atheis asli, ngaku-ngaku wungkul. Benten sareng jalmi
anu ngaku ber-agama, percanten kana ka-tuhanan tapi sok tutulung ka dukun atawa
ka makhluk halus, nu kieu leuwih riweuh deui, jelimet!
Perkawis 'kosong', nyaeta 'laa ilaa ha' heula, eta kosongna kanggo nyiapkeun
panarimaan, sabalikna tina panolakan. Kalawan sadar yen hakekat anu maha suci,
anu teu tiasa dikonseptualkeun teh moal kaserap kana diri upami diri eusi keneh
tina sagala konseptual kadunyaan. Ari konseptual kadunyaan teh sadayana oge
hasil konvensi manusa. Boh istilah tuhan, Allah, hyang, dewa, god, sadayana oge
hasil konseptual manusa. Eta oge panginten anu dimaksad yen Adam teh cerdas
mampu nyebutkeun ngaran-ngaran di bumi jeung dilangit, eta maksad na teh, yen
manusa mah mampu ngawangun duniana sorangan ngalewatan konseptual budaya anu
berkembang rebuan tahun dibentuk ku konvensi masyarakat. Tah sapertos na mah
di dunia hewani sareng dunia malaikat mah teu aya dunia konseptual hasil
konvensi di antara maneh na mah. Janten malaikat mah panginten mung tiasa
'mencerap' atanapi 'nangkep' hakekat langsung anu saenyana dina realitas, tapi
eta oge terbatas anu memang bisa
ka-serap.
Mangga urang kaji deui Quran Surat Al-Araf ayat 172:
"Dan (ingatlah), ketika Tuhanmu mengeluarkan keturunan anak-anak Adam dari
sulbi mereka dan Allah mengambil kesaksian terhadap jiwa mereka (seraya
berfirman): "Bukankah Aku ini Tuhanmu?" Mereka menjawab: "Betul (Engkau Tuhan
kami), kami menjadi saksi". (Kami lakukan yang demikian itu) agar di hari
kiamat kamu tidak mengatakan: "Sesungguhnya kami (bani Adam) adalah orang-orang
yang lengah terhadap ini (keesaan Tuhan)".
Naha urang inget kana dialog eta jeung gusti Allah? Pastina moal aya anu
inget, padahal tina tiap diri pernah dialog saperti kitu. Tapi eta dialog oge
nya henteu saperti konseptual manusa, yen lamun dialog teh kudu
pahareup-hareup, anu hiji nyarita anu hiji ngadengekeun. Maksud eta dialog
dina Al-Araf ayat 172 teh yen jiwa urang teh pernah aya dina kaayaan 'nyerap'
realitas asli. Realitas asli di mana pangakuan anu teu ngagunakeun panca
indra; polo oge can kabentuk. Eta dialog jeung pangakuan teh mangrupa
'pangalaman adiduniawi', mangurupa pangalaman non-duniawi anu saayana yen jiwa
nyaksian ka gusti Allah. Gusti Allah di dieu deuih, nya anu dipikaharti ku
urang ayeuna oge nya hasil konsepsi oge akhir na mah. Tah tapi jiwa urang
pernah ngalaman realitas aslina, pangalaman asli dialog jeung ANJEUNA.
Gubrag eta jiwa ngahiji jeung waragad ngagubrag ka dunya. Bayi anu sampurna
teh bayi anu lengkep bisa mroses konsepsi duniawi. Mimiti si bayi di ajar
indrawi kulit, diraba, nyekel. Bisa ngadenge, bisa ningali, bisa ngecap rasa ci
susu. Beuki gede eta budak teh diajarkeun, ieu mamah, ieu papah. Padahal eta
kabeh teh konseptual, konvensi manusa. Mamah jeung papah teh anu ngabogaan
budak, heu heu karunya teuing eta konvensi. Saenyana eta teh palsu. Eta kabeh
oge konvensi jelema. Komo beuki gede deui budak teh, dibere cocooan. Geus
mimiti si budak ngarasa 'cocooan nu aing'. Karunya teuing, eta konvensi ego
jelema oge. Ngarasa boga hak. Ngarasa ngapimilik. Padahal ngapimilik teh
konvensi di dunia konseptual jelema. Beuki lila atuh jelema teh anu tadina
jiwana suci ngaku yen 'euweuh kakaitan' ngan saukur ka ANJEUNA teh ayeuna mah
ngait kaditu kadieu jiga hileud ngait dina dahan jeung dangdaunan!!!
Tah janten konsep 'kosong' teh kumaha urang balik deui kana kaayaan saperti
urang can lahir ka dunya ieu, can katipu ku 'dunia virtual koseptual konvensi
jelema'. Kumaha atuh, urang kudu maot heula? Eta oge nya salah sahiji cara.
Tapi lamun keur hirup keneh oge tiasa dilatih, nyaeta ku jalan dzikir tea. Tapi
duka kumaha atuh da ajaran dzikir teh karaos ku sim kuring sorangan keur di
madrasah atawa pasantren, teu jelas maksud tujuan na teh. Aya dzikir hayang
rejeki, aya dzikir hayang kasaktian; jadi teu pararuguh. Malah mah euweuh teu
kasebut dzikir hayang teu boga kapimilik nanaon, hayang 'kosong'. Euweuh! Da
sieuneun meureun si kiayi teh kaleungitan kulawarga, kaleungintan kapamingpinan
di pasantren, kaleungitan pihormat ti jelema, kaleungitan masjid! Meureun
kiayai na oge napel dina nu karitu jiga hileud napel dina dahan jeung
dangdaunan!
Saleresna upami leres kitu dina kapercayaan masyarakat Kanekes (maksad sim
kuring 'upami leres' teh sanes ngaragukeun, tapi sim kuring nembe uninga yen
urang Kanekes gaduh kapercayaan sapertos kitu); eta teh saleresna sami dina
ajaran budhisme oge teu aya konsep ka-tuhan-an teh. Makana dianggap cenah
budhisme mah filsafat lain agama, da meureun ari agama mah kudu aya tuhan,
malaikat jeung sajabana. Padahal Budha Gautama oge nya percaya, iman, ka
ANJEUNA. Ngan teu loba nyebut-nyebut konsep ANJEUNA da cenah percumah ari can
'kosong' mah moal kahontal; engkena kalahka jadi konsep anyar, jadi berhala
anyar.
Tah ari Islam katingalina neruskeun konsep tuhan anu geus diwariskeun ku
tradisi yahudi/kristen. Tuhan anu dijelemakeun. Tuhan anu dekeut tempat urang
menta tulung tina kasangsaraan. Aya alusna, nyaeta jalma anu pikirana heurin
(arab jahiliyah atuh heurin pisan pikirana teh makana jahiliyah), moal bisa
kosong, nya tapi jadi bisa 'ngahontal tuhan' kalawan sederhana. Tapi gorengna,
eta tuhan teh dimanipulasi jadi proyeksi hawa napsu diri sorangan pikeun
ngamusuhan batur, merangan batur, nuduh batur ahli naraka, jst.
Dina jilid 1 Ihya Ulumuddin, Imam Ghazali loba nyarita yen sagala ibadah
saperti sholat, puasa teh kabeh oge ibadah duniawi. Lain ibadah
ukhrawi/akhirat. Sim kuring harita lieur teu kataekan, naon maksudna. Padahal
kabeh ustad oge ngajarkeun yen sholat jeung puasa teh ibadah ukhrawi. Nya
ayeuna sahenteuna atuh rada ngarti sim kuring teh naon maksud Imam Ghazali teh.
Sholat jeung puasa teh ngan saukur alat. Alat pikeun ngabersihkeun jiwa. Lain
alat pikeun ngala bidadari (heu heu heu). Lain oge sholat jeung puasa teh tiket
asup surga. Eta ngan saukur alat ngabersihkeun jiwa. Lamun kalahka agul jadi
tukang ibadah, nya kalahka beuki kotor eta jiwa. Napel eta jiwa dina ibadah
jiga hileud napel dina dahan jeung dangdaunan!
Ari Atheis, nya eta mah bisa oge jalan peralihan kana 'kosong'. Jalma atheis
sabenerna bisa jadi leuwih gancang asup kana 'kosong', kulantaran jalma atheis
geus lesot tina konvensi agama anu kadang kala kalahka musingkeun sorangan.
Ari jalma anu teu atheis heula, tina agama biasa hayang asup kana 'kosong'
leuwih beurat kulantaran kudu ngalesotkeun loba ajaran konvensi. Komo jalma anu
latar belakangna pasantren jika sim kuring, leuwih beurat deui. Rek 'kosong'
teh jadi sieun murtad, sieun bid'ah. Tengah peuting ceurik batin beurat asa
katimpa gunung. Batin ngajerit hayang beubeunangan anu saenyana. Dunya jadi asa
sepi. Jadi asa teu boga babaturan. Guru jeung sobat bisi ngira diri kuring jadi
gelo, murtad atawa nya disaruakeun jeung atheis tea.
Lamun hayang kosong tapi oge aya adabna. Lamun teu adab jadi gelo enyaan, jadi
jelema kufur tur teu mihormat batur, bisa jadi setan. Kosong artina lain teu
boga agama. Komo teu mihormat para nabi, picilakaeun tah nu kitu teh. Da
waragad mah angger di dunya, tina taneuh, seuneu, cai jeung angin. Jadi kudu
mihormat dulur. Kudu mihormat tradisi. Boh tradisi islam, boh Kanekes, boh
Kristen, boh Yahudi. Eta tradisi teh ibarat cangkir. Ku kuring moal didahar
cangkirna, tapi sim kuring rek nginum eusina, nginum caina. Ari caina basi teu
murni mah moal diinum ku sim kuring teui paduli dicangkiran ku bentuk naon wae
oge.
Wallahu'alam
Febi Ahmad Hazairin
Tidak ada komentar:
Posting Komentar