Senin, 04 Oktober 2021

maenpo

Haturan Baraya,

Ari pamendak simkuring mah Mean Po nteh asalna mah ti Cina ngan begitu datang 
kadieu eta aliran Po teh eleh ku Bah Kaer ti Bogor. Saterusna Bah Kaer teh sina 
ngajar silat/penca di Cianjur ku Sembah Dalem Eyang Wiratanu Datar, jadi 
saenyana Maen Po nu dimaksud mah Penca/Silat tea nua aya diurang ngan ku sabab 
teua apal  jadi Penca oge disebut Maen Po ceuk basa baheulana mah Ulin Po. Jadi 
asalna Maen Po teh lain ti Cianjur atawa ti Cirebon nu jelas mah ti Cina 
datangna nu ngaranna Maen Po teh. Kabehdieunakeun muncul Ibrahim ti Palembang 
nya masih di Cianjur ngadegkeun we aliran Syahbandar.
Katelah di Cianjur teh aya 3 aliran nu ngahijikeun jadi 3 gerakan nyaeta 
Bandarkarima (Bah Bandar, Bah Karim, Bah Madi). Tina nu 3 eta teh masing-masing 
kabisana teh nyaeta Ngulinkeun, Motongkeun jeung Neunggeul 

Tah sakitu pedaran ngeunaan maen Po teh bisi aya salah mah hampura we  pan 
urang teh keur  ngawujudkeun demokrasi lain.

Sampurasun,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar