Bagea kang MZ Tah leres kitu, memang nu datang bisa bae nu nyiliwuri, kukituna urang kudu surti kedah tarapti, memeh sidakep nunggalkeun diri teh kedah tarapti, amitsun Agungna ka Gusti Nu Maha Suci, jembarna ka para luluhur deuheusna ka indung bapa nu salawasna ngajaring ngaping sok sanajan nu geus teu boga wujud lahir, jembarna oge ka Indung Agung-Rama Agung (nu nyaksi hirupna sakabeh jalma nu pernah gumelar di dunya), oge pangpangna nitipkeun diri ka "kuringna" nu boga hak ngagunakeun diri sakujur, ulah nepi nu nyiliwuri kumawani ngadeukeutan sumawonna ngancik. Taaah nembe didinya dingawitan heneng-hening-eling lan waspada. Kitu manawi. tabe pun Engkus,
Sabtu, 02 Oktober 2021
kuring
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar