Pepeling Hyang Niskala
Ieu Darma Pamulih Hyang Niskala
Ku aci darma pamulih
Ku aci nulsya sakti
Ku aci nusya larang
Ngageugeuh nusya seda
Ngageugeuh nusya sakti
Ngageugeuh nusya larang
Aci putih herang jati
Di jero ning jembawasa salira
Salawasna dimanikan
Mangka datang ka bulanna
Mukakeun kowari manik
Sawetuna ti tan hana
Salawasna dimanikeun
Mangkana nepi ka mangkana
Dongkap ka mangsa
Pulang deui ka tunana
Bayu tan metu
Sabda tan muwah
Hedap tan ngaruan
Kurungan tan keneng tumuwuh
Sampurasun
Kokorehan neangan buku heubeul ngeunaan jadi diri, singhoreng aya keneh buku
heubeul na teh.
Ayana wujud jalma nyaeta:
Diturunkeun ROH ti Gusti ka Nabi Adam
Ayana ROH bisa aya dinu diantara :
- 2 sapta pangdangu
- 2 sapta paninggal
- 2 sapta pangambeu
- 1 sapta pangucap
- 2 sapta pamiceun
- 1 sapta pusereun agung
Ragana dijieun tinu :
- Cai paling bersih
- Taneuh paling bersih
- Seuneu paling bersih
Datangna SIR ti bapak anu BODAS nyaeta tulang jeung Sum-sum
SIR ti indung anu Beureum nyaeta Getih, Daging oge Kulit.
Jadi jalma kudu suci, sabar, eling aya dina ikhlasan sabab:
ayana sumpah samemeh dijieun jeuleuma nyaeta, Kaula nyaksian hirup-hirup
nyaksian teugeus kaula anu hirup nyaksian jeung nyata, sumpah kaula anu hirup
disaksian ku hirup. Keucapkeun ku ati nu suci, sabar jeung eling adeugkeun ku
ka Ikhlasan. Lamun nya anjeunna jadi Manusa, ieu pagawean manusa, keucapkeun
sumpah ka Alloh wujud hirup moal bengkok sineumbah. Malah hirup saumpama
bengkok sineumbah kana hirup, hak nyeumbah kaula menta jadi sato anu teu
manfaat dahar ku manusa. Hirup nyaksian nu hirup di saksian sakumaha anu geus
dirag-ragkeun cara pangawasa manusa Kaula Sanggup Ngajalankeun.
Singsaha jeuluema anu geus kenal kana dirina tangtu nyaho ka nu
nyiuen/nunyiptakuenna. Jeung sing saha anu nyaho kana anu nyieuna tangtu nyaho
kana dirina (Syahadat).
Lamun jeuleuma ngahina ka sasama sarua jeung ngahina kanu nyiptakuenana.
Lamun ngahina ka Indung Bapa, sarua jeung ngahina kanu diri sorangan. Soalna
Gusti alloh ayana di hate manusa sewang-sewang.
Jadi jeuleuma ulah adigung, sabab pinteur jeung bodo teu ngabogaan, soalna
Gusti Alloh moal ngarobah tingkah laku Manusa iwal ti Manusa eta sorangan
(Tingkah lakuna). Kumargi kitu keudah jadi jeuleuma WISESA (diri jeuleuma anu
geus bisa mawa dirina)
Syahadat Manusa, jleug Langit, jleug Bumi, Jleug Manusa Sajatining Manusa
anu sajatina.
Seja mapagkeun diri, ku teutep anu geuget ku raray hegar marahmay sangkan
diri miboga kaluhungan elmu kajembaran manah anu geus ngancik kiwari
Tabe Pun
Pun YayanMinggu, 03 Oktober 2021
pepeling hyang niskala
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar