Jumat, 01 Oktober 2021

cara ngahening

Sampurasun...,

Ieu cara kanggo ngarojong jalan cepat kanggo ngahaluskeun konsentrasi hening 
batin....,
Kondisi hening batin moal tiasa kahontal lamun dina batin urang loba keneh 
kokotor.  Tos disebutkeun dina email sateuacanna yean aya tilu kagorengan 
pokok: kasarakahan, kabencian jeung kabodoan.  Jalma anu 'bageur' biasana 
tingkat kabencianana ipis, tapi masih hese leupas tina kasarakahan.  Kulantaran 
sifat kabencian teh panas kana hate, gelisah hate, teu genah hate; eta sifat 
kabencian.  Tapi sifat kasarakahan hate teh atoh, hate curinghak, hate 
mikahayang, jadi karasa endah, jadi loba impian anu genah kana pikiran; ieu 
sifat kasarakahan.  Kulantaran kitu jalma hese lesot tina kasarakahan 
kulantaran kasarakahan karasa genah kana batin jeung pikiran.  Ieu tipuan.

Rahasiah urang hayang gancang bisa ngahontal hening batin, nyaeta ngalesotkeun 
diri tina objek-objek kasarakahan jeung kabencian.  Objek kasarakahan jeung 
kabencian teh aya dina internal jeung eksternal.

Contoh objek eksternal kabencian: urang ngewa ka hiji jelema kulantaran eta 
jelema nyarekan, ngumpat ka diri urang. Atawa urang iri/sirik kana kamajuan 
batur.

Contoh objek internal kabencian:  urang pernah ngalakukeun dosa, jadi urang 
gelisah jeung menyesal, kadang ngewa ka diri sorangan, kuciwa ka diri sorangan. 
 Ieu kudu dilesotkeun.  Maaf-keun diri urang sorangan. Ulah dilakukeun deui 
dosana.  Hayu urang maju kana kaalusan.

Contoh objek eksternal kasarakahan: urang hayang pisan mobil mewah, padahal 
kabutuhan geus bisa ku mobil anu sederhana oge.

Contoh objek internal kasarakahan:  urang hayang gancang-gancang ngahontal 
tingkat kasucian kujalan samadhi level luhur, tapi urang poho kana ngamurnikeun 
moral.  Ieu kasarakahan anu geus nipu.

Tah, objek kabencian jeung kasarakahan kudu dilesotkeun.  Ieu makna "laa ilaaha 
illallah...."
Kang jeng Nabi pernah ngadawuh, yen sing saha anu dina akhir hayatna (sakratul 
maut) bisa ngucap 'laa ilaaha illallah...' maka bakal asup kana surga.
Tah eta ucapan 'laa ilaaha illallah' teh dina sakratul maut moal bisa 
diucapkeun lamun batin jeung pikiran urang kaiket ku objek anu lain, misala: 
objek harta benda anu dipikanyaah pisan, dikumpulkeun puluhan taun; atawa objek 
anak incu jeung pamajikan nu rek ditinggalkeun, diri jadi hariwang ku nasibna.  
Tah eta objek-objek teh ngajerat dina batin jelema anu sakratul maut, jadina 
teu inget ka gusti Allah, teu bisa berserah diri tur kaikhlasan, tur kosong 
batin tengtrem tina sagala objek ikatan kagelisahan jeung kasarakahan. Kedahna 
mung aya 'laa ilaaha illallah...'.

Jadi, dina latihan samadhi hening teh urang diajar ngalesotkeun pikiran jeung 
batin tina sagala macam objek di dunia ieu, anu sadayana oge tipuan....

Wallahu'alam

Febi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar