Kasadaya baraya anu sa Iman, boh anu angkat haji atanapi anu aya di masing-masing padumukan, sim kuring seja ngawilujengkeun "Iedul Adha" 1434H. Mugia sadayana aya dina ridho sareng rohmat Allah SWT diijabah sapamaksadan. Bah Oca, Alo Febi sareng baraya urang Sunda sadaya, soal “Tapak Meri Dina Leuwi” atanapi “Tapak Soang di Awang-Awang”, tiasa janten masing-masing kagungan “pamendak/kamandang”, tiasa wae hasil analisa pribadi atanapi hasil tina maca “seratan/buku” karya para ulama agama/bujangga sastra/filosof.
Supados tiasa dijujut timana eta pamendak asal usulna, sim kuring maca buku ”Mistik Islam Kejawen”karya Simuh, 1988. Eta buku medar “Wirid Hidayat Jati” karya R. Ngabei Ranggawarsita (1802-1873 M). Tetela eta basa tos dianggo ku anjeunna. Duka anu mana anu ti heula, seratan urang Sunda atanapi Ranggawarsita?. Ceuk eta buku dina ngudag “kasampurnaan”kudu terang heula naon anu dimaksud : 1. Baitul Makmur:panglinggihan kalangenanDzat Allah SWT,ayana dina mastakaAdamnyaeta polo/uteuk, di antara dua otak aya manik, dilebetmanik aya budi lebetbudi aya nafsu lebetnafsu aya suksma, lebetsuksma aya rahsa lebetrahsa eta Allah SWT. 2. Baitul Muharam:panglinggihan pingitan Dzat Allah SWT,ayana dina dada Adam, jerodada aya hate, di antara dua hateaya jantung, dilebetjantung aya budi, lebetbudi aya jinem atanapiangen-angen, lebetangen-angen aya suksma, lebetsuksma aya rahsa, lebetrahsa etaAllah SWT. 3. Baitul Muqaddas:panglinggihan nu disucikeunDzat Allah SWT,ayana dilebet”kelamin”Adam, lebetkelamin aya ”pelir”,di antara dua ”pelir”aya ”nuftah”atanapi”mani”,lebet”mani” aya ”madi”, lebet”madi” aya”wadi”, lebet”wadi” aya”manikem”, lebet”manikem” eta teh”rahsa”, di lebet”rahsa” eta”Allah SWT”. Dina eta buku oge dieceskeun awalna Allah SWT dina ”nukat ghaib”anu ngaliputan sakabeh kaayaan, turun jadi cahaya wiwitan, dilebetna aya”alam Ahadiyat, alam Wahdat, alam Wahidiyat, alam Arwah, alam Mitsal, alam Ajsam dan alam Insan Kamil”, jadi“manusa anusempurna hakekatnasifat Alah SWT”. Salajengna aya hadist qudsi anu unggelna rehna Kangjeng Nabi Muhammad SAW waktos ngajarkeun elmu ma’rifat ka Sayidina Ali RA ngaharewos kieu: Saenyana euweuh nanaon, sabab basa masih keneh suwung/kosong tacan aya naon-naon, anu leuwih aya tiheula nya “Aing”, euweuh deui Pangeran sajaba ti “Aing”, Dzat Anu Maha Suci, anu ngaliputan sfat “Aing”, marengan ngaran “Aing” jeung jadi tanda pagawean “Aing”. Dina ajaran “Wirid Hidayat Jati”, tina hadist qudsi di luhur, Dzat Allah SWT sareng Sifat-NA di dunya sering disilokakeun sapertos babasaan anu teu asup akal (irrasional) contona ”Khodok ngemuli lenge” atanapi”Bangkong ngaheumheum liang”, pilari “Tapaking kuntul ngalayang (Tapak soang di awang-awang)”, “Galihing kangkung ( Galeuh kangkung)”,“Wekasaning samodera tanpa tepi (Tungtunnalautan tanpa tepi”. Kulantaran di Sunda oge pabalatak babasaan sarupi kitu, tiasa janten maknana oge caket caket kana maksad “Wirid Hidayat Jati” nyaeta ngudag elmu “kasampurnaan”, maluruh “Dzat Allah SWT” anu “TAPAKNA/SIFATNA” sanes wae anu aya di diri manusa tapi oge di makhluk di alam jagat raya saeusina di dunya (LEUWI?). Tiasa janten ieu babasaan asalna ti tatar Sunda, malah moal boa ti Sumedang(?). Kukituna anu penting ayeuna sanes wae milari “pihartoseun”nana, nanging janten kawajiban urang Sunda, kedah nalungtik kaautentikan aslina, dina hiji waktos kedah tiasa ngabuktoskeun yen urang Sunda sanes murid R. Ngabei Ronggowarsita...he..he.. Wallohu'alam. Cag
Tidak ada komentar:
Posting Komentar