Sampurasun...,
Ieu tahapan umum samadhi, nyaeta konsentrasi hening batin...
(1) Tahapan awal. Nyaeta urang usaha ngalindeukeun kalincahan pikiran jeung
batin. Carana urang usaha fokus kana hiji objek, misalna objek dzikir, kalawan
nyebut salah sahiji ngaran mulya Pangeran Nu Murbeng Alam. Dina tahap ieu
masih loba keneh kaluar asup gangguan pikiran jeung batin. Eta gangguan teh
kaasup kana kelompok kokotor batin.
(2) Tahapan tenang. Ieu tahapan menengah. Dina tahap ieu pikiran jeung batin
geus lindeuk. Kokotor batin bisa diteken. Panto pikiran jeung batin dijaga
ketat jadina jero pikiran jeung batin tengtrem. Dina tahap ieu geus bakal
karasa sacara fisik jadi rileks. Pikiran fokus kana objek (misalna objek
dzikir). Napas/renghap jadi halus/ipis pisan (tong sieun lamun jadi ampir teu
ngarenghap ku alatan halusna pisan renghap urang, tapi oge tong mikiran renghap
urang kulantaran bisa ngaganggu pikiran urang tina fokus kana objek dzikir. aya
oge umat lain anu ngajadikeun renghap salaku objek, lain dzikir ucapan).
(3) Tahapan hening murni. Ieu tahapan luhur, teu kabeh jelema bisa ngahontal
tahapan ieu. Lamun geus bisa asup kana tahapan (2) eta oge geus alus pisan.
Dina tahapan (3) ieu, panca indra urang geus moal fungsi. Jadi urang moal bisa
ngadenge sora, moal bisa ngarasakeun awak urang. Anu aya ngan saukur renghap.
Renghap oge lain karasa sacara halus dina irung, tapi renghap anu geus pindah
kana simbol pikiran (kulantaran syaraf irung geus teu karasa). Tahapan (3) ieu
di jerona masih aya sababara level. Ulah katipu. Loba jelema anu hening teu
make elmu katipu dina tahap (3) ieu. Manehna geus teu bisa ngadeteksi dirina
sorangan, jadina dipikir manehna geus ngajiji jeung Nu Maha Suci. Tah eta
pandangan sesat. Pandangan sesat eta kulantarana manehna teu boga pandangan
bener saencanna dina praktek hening. Oge loba anu katipu ku 'es bonbon',
nyaeta efek samping tina tahap ka (3). Tahap (3) level luhur (misalna tahap 3
level 5) mata batin
geus seukeut pisan, mungkin bisa ningali tempat anu jauh atawa efek samping
lainna samisal bisa ngadenge sora ti tempat anu jauh. Ieu jadi mungkin
kulantaran fungsi panca indra geus diwakilan ku fungsi batin. Tiap panca indra
teh aya pasangan batinna, lamun panca indra euweuh pasangan batinna maka
misalna urang moal bisa neruskeun 'gambar tina mata kana reaksi batin', moal
bisa neruskeun 'sora tina ceuli kana reaksi batin'. Tah dina sapopoe pan urang
timbul emosi misalna atoh atawa sedih kulantaran ningali kajadian atawa
ngadenge bewara; eta reaksi atoh atawa sedih na hasil koneksi mata/ceuli panca
indra jeung mata/ceuli batin. Dina tahap hening ka (3) ieu mata jeung ceuli
batin jadi seukeut pisan, utamana dina tahap (3) level 5. Jalma sok katipu
atoh ku es bonbon (efek samping) ieu. Jadi jiga budak leutik, resep ku
kasaktian. Akhirna batinna lain bersih kalahka tigejebur kana lumpur
kasarakahan anu kaasup kategori kagorengan. Aya oge anu
katipu jadi ngalindur "anna al haq" (uing teh kebenaran murni). Tapi ku
ngalindur jiga 'anna al haq' jigana mah can asup kana level (3), mungkin masih
level (2), kulantaran dina level tilu mah geus moal bisa ngomong ku biwir,
ngomongna ku batin, tapi lamun batin ngomong 'anna al haq' eta oge geus katipu.
Kakuatan batin level (3) teh sabenerna kakuatan pikeun neangan 'tapak meri
dina leuwi'. Tah ku kakuatan batin hasil samadhi level (3) ieu teh tapak meri
dina leuwi bakal jadi katingali kalayan jelas tapakna jeung alurna. Terus ku
urang dibersihan eta tapak meri dina leuwi, tepikeun ka leuwi batin urang teh
bersih 100% tina kokotor. Jelema nu mampu jiga kitu geus lain bakal asup surga
deui, tapi bakal 'kembali kepada-Nya'.
Wallahu'alam
Febi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar