Sabtu, 02 Oktober 2021

jirim-jisim-ingsun

Dina PAPATET aya padalisan kieu:
   
  JUNG NANGTUNG WAWUH KA KUJUR
  AJEGKEUN SAPANGADEG
  HURIP INGWANG HIRUP INGSUN
  JIRIM JISIM PANGANCIKAN
   
   
  Tah dina perkara jirim-jisim jeung kuring oge naon bedana jeung  ingsun/isun, 
kaula atawa abdi, pamanggih simkuring numutkeun ajaran nu  katampa dina ajaran 
spiritual Bapak Mei aya beda jeung kanyaho umum. 
   
  Kieu kateranganaana:
  Ari "jirim" teh nyaeta wujud nu katingali atawa badan wadag  (lahir) nu 
asalna tina cahaya beureum (acining seuneu) - cahaya bodas  (acining cai) - 
cahaya koneng (acining angin) -jeung cahaya hideung  (acining bumi), sedengkeun 
"jisim" nyaeta  wujud nu teu  katingali badan halus (batin) nu asal ti 
pangawasa Gusti. Jirim  teh tempat pangacikan jisim (kawas dina papatet di 
luhur, contona: awas  ngancik di panon, denge ngancik di ceuli, langkah ngancik 
di suku  jsb). Tah eta jirim jeung jisim mangrupakeun parabot nu digunakeun ku  
kuring pikeun ngumbara di dunya. Naha saha ari "kuring"?.
   
  Tah ari "kuring" mah nyaeta lain lalaki-lain awewe, lain budak  lain kolot, 
teu boga anak teu dianakkeun nu asalna ti Gusti jeung  salawasna teu pisah 
jeung Gustina jeung sifatna langgeng, ngan sok  kadang kapopohokeun atawa 
dipopohokeun ku jalma, nyatana nu sok  ngelingan, sok mapagahan, sok nitah 
bener nyaram salah nu ngancik  di unggal jalma sakuringna-sakuringna.
   
  Ari eta nu salawasna boga kahayang jeung sok kadang sakadaek-daek  teu 
mikirkeun batur nu oge sok aya di unggal jalma eta saha?. Naha eta  nu disebut 
Syetan teh ?.
    
  Tah dina elmu sunda sakanyaho kami teu acan manggihan  katerangan soal syetan 
saperti nu digambarkeun dina  agama samawi. Nu boga kahayang atawa napsu teh 
nyaeta nu disebut  "ingsun/isun" tea nu asal tina kajadian anyar sanggeus ayana 
jirim  jeung jisim nu asalna ti sagaraning hirup. Jadi ingsun/isun mah urang  
dunya nu tangtu teu leupas ti pangabutuh dunya atawa napsu-napsu  dunya.
   
  Kunaon pangna isun boga napsu? Tangtu bae sabab kahiji ingsun  urang dunya, 
kaduana ingsun make wujud lahir (jirim) nu asal  tina acining dunya 
(seuneu-cai-angin-bumi) nu nimbulkeun  napsu-napsu, geura pek ulah napas-ulah  
nginum-ulah dahar-ulah make haneut, tangtu moal boga  kahayang/euweuh napsu. 
Tah dina ajaran nu katampa ku kami  napsu-napsu ieu teh datangna tina 4 unsur 
ieu, lain ti syetan  nu asal ti saluareun diri urang (ieu ceuk pamanggih  kami 
salah sahiji bedana pamahaman ajaran sunda keung ajaran agama  sejen).
   
  Dina hirup urang kabeh mun dilenyepan bener-bener tangtu  bakal manggihan 
mana ingsun jeung mana kuring, sok sanajan susah  ngabedakeunana, sabab kuring 
jeung ingsun hiji tapi dua, dua tapi hiji,  lir dua beulahan "mata uang" logam 
mun katingali garudana, angkana teu  ngatingali oge sabalikna. Tah kuring nu 
asal ti Gusti ieu nu bisa  nganyahokeun ka Gustina, nu bisa nganjang ka pageto, 
jeung bisa  nganyahokeun nu geus kajadian baheula. Ngan memang sok sering  
diapilainkeun ku ingsun.
   
  Tah ari nu disebut "abdi", nyaeta jalma nu boga rasa rumasa  keur ngabdi ka 
Gustina, tah lamun geus bisa salawasna ingsun bisa  ngabdi ka Gustina luyu 
jeung sifat-sifat Katuhanan eta meunang pangkat  "manusa",  sedengkeun "kaula" 
nyaeta nu boga rasa  rumasa jeung keur kumawula ka dirina, kumawula ka 
luluhurna  (indung-bapa), kumawula ka lemah-caina, kumawula ka bangsana jeung  
kumawula ka Gustina. Tah ari "kami" nyaeta ingsun nu keur ngagunakeun  lahir 
jeung batin.
   

Tidak ada komentar:

Posting Komentar