Minggu, 03 Oktober 2021

jangjawokan

Jangjawokan: 
Pupur aing pupur panyambur 
Panyambur panyangkir rupa 
Nyalin rupa ti Dewata 
Nyalin sari Widadari 
Nya tarang lancah mentrangan 
Nya halis katumbirian 
Nya irung kuwung-kuwungan 
Dideuleu teu hareup sieup 
Disawang ti tukang lenjang  
Ditilik tigigir lengik 
Mangka welang mangka asih ka nu dipupur 
Ditenjo ku saider kabeh 
------------------(Jangjawokan Paranti Dipupur). 

Ruwatan Tanaman: 
Weweg sampeg,
Mandala pageuh 
Mangka tetep mangka langgeng 
Mangka langgeng tunggal tineung 
Datang hiji datang dua 
Datang tilu nungku nungku 
Datang opat ngawun ngawun 
Datang lima lingga emas 
Datang genep nguren nguren
Datang tujuh lilimbungan 
Puluhan tanpa wilangan 
----------------------(Sri Dangdayang Tresnawati).
Pelet atau Asihan: 
Asihan aing si burung pundung 
Maung pundung datang amum 
Badak galak datang depa  
Orak laki datang numpi  
Burung pundung burung cidra ku karunya 
Malik welas malik asih ka awaking
----------------------(Asihan Si Burung Pundung).  

Selamatan: 
Calik calik nu geulis 
Nyai Sri calik di dieu 
Unggah ka pasaran lega 
Geusan sia gagayahan 
Geusan sia gagayahan 
Di gedong manik mandala pageuh 
Lemut teuing ku buruanana 
Lesang teuing ku bojana 
Nu geulis ranggeuy mirikiniknik 
Bar ngampar ku samak metruk 
Gasan bujang kasangna bagus 
Gasan Nyai tes netepan 
Ngajepret palisir bodas 
------------------(Sri Dangdayang Tresnawati).

Jampe: 
Kalaka kaliki 
Kala lumpat ka sisi cai 
Aing nyaho ngaran sia 
Ngaran sia kulit cai 
Tawa tawe 
Ditawa ku sang indung putih 
Tiis ti peuting waras ti berang 
Paripurna hirup waras 
------------------------(Jampe Dicoco Kala). 


Si semar datang 
Si togog puyuh gumuyuh 
Sangkan hewan sangkan mati 
Ngaran talaga di cai 
Sabulan meunang ngaherang 
Dua bulan ngalenggang
Tilu bulan gumulung 
Opat mangrupa, limana usik 
Genep bulan kamurulloh
Tujuh bulan jaga nata 
Dalapan bulan conggeang 
Nu larang malik ka handap 
Salapan bulan godebag 
Godebag ka mata sare 
------------------------(Jampe Nganjang). 

Rajah: 
Hong citra kasunyian 
Hong citra kasundulan 
Jleg bumi 
Jleg manusa 
Jleg setan 
Manusa wisesa 
Setan sampurna  
Sampurna kersaning Allah 
Ashadu Anla Ilaha Illallah 
Wa Ashadu Anna Muhammad ar Rasulullah 
------------------------(Rajah Citra Kasunyian).
Ajian: 
Dampal suku ngabatu datar 
Bitis ngabatu wilis 
Nyurup ka badana
Nyurup ka sumsumna 
Getih sabadan 
Bedas ngala ka aki 
--------------------(Ajian Kabedasan).  

Singlar:  
Carulung cai ti manggung 
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi 
Mun deuk nyatru ka si itu 
Mun deuk hala ka si eta 
Anaking palias teuing 
-----------------------(Singlar Ka Musuh).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar