Bag II
Katerangan Sunda Eusi
Dina Ageman Urang Sunda Ayeuna (Agama Islam)
Sabagian katerangan tina Qur’an dina tulisan ieu dicutat lain rek saukur
nyalindung ka Qur’an dina ngajentrekeun ulikan SUNDA eusi tapi utamana
nuduhkeun yen ulikan SUNDA eusi, jero atawa jati dina Qur’an aya sanajan
sir’ah kalawan minhaj dina manggihan jeung nyimbolkeunana teu sarua.
Sunda teh Iman, Iman teh Sunda
Sunda dina harti sunda eusi nyeta Nur nu nyaangan ati nu kapanggih ku awasna
ati (rasa) teh kanyataan Iman, sabab Iman dina (agama) Islam numutkeun Allah
swt dina Al-Qur’an mangrupikeun Nur. Iman teh Sunda jati (Nur) nu mangrupakeun
hidayah nu datangna ti nu murbeng Alam.
‘.…[Kitab jeung] iman teh Nur (Sunda) ti Allah, nu ku sunda eta Allah mere
pituduh ka sing saha bae nu kuanjeuna dikersakeun, jeung saenyana ku sunda eta
maneh bakal mere pituduh kana jalan –sirothol- mustaqim’ (As-syura, 42:52).
Dina disiplin kasundaan, saperti nu disebutkeun di bagian saencanna, Nur ieu
kapanggihna lamun hiji jalma nyirnakeun pancadriana heula, oge tapak uteuk
jeung angkeuhna sorangan heula nepikeun ka teu kumanehna manehna acan.
Nyunda Ciri nu Ariman
Lamun meunang iman Nur nya jadi nyunda. Hartina lamun nyunda caang cahayaan,
Nur(sunda)na moncorong jeung pasti terus hayang tetep nyunda cahayaan.
Numutkeun Firman Allah swt dina Al-qur’an ‘…Jalma jalma nu ariman mah nyunda
(caang cahayaan), sundana (Nurna) tembong sumirat moncorong dihareupeun jeung
dina (lebah) leungeun katuhuna, maranehna nu nyunda (nu caraang) nyarita: Nun
Gusti, mugi Gusti nyampurnakeun kasundaan abdi sadaya…’ (At Tahrim, 66:8).
Jadi sabenerna lamun hiji jalma, hususna, urang sunda (etnis/genetis) iman
terus bener ngulik jeung ngalakonan Islam kuduna bakal leuwih nyunda gumawang
lain jadi ‘Arab’, Kuduna mah anu loba elmuna elmu lahir elmu batin kudu leuwih
nyunda caang moncorong, lain jadi ‘bule’.
Kitab Mangrupa Sunda
Sunda eusi ngajadikeun, pancadria uteuk jeung angkeuhna kacaangan. Lamun tapis
didinya nya jadi permana kana kamulyaan jeung kani’matan hirup hurip, saperti
nu geus kaalaman ku jalma jalma saencana. Al Qur’an nu harti asalna bacaan
bacaeun oge mangrupa sunda:
‘.… Kitab [jeung iman] teh Nur (Sunda) ti Allah, nu ku sunda eta Allah mere
pituduh ka sing saha bae nu kuanjeuna dikersakeun, jeung saenyana ku Nur
(sunda) eta maneh bakal mere pituduh kana jalan –sirothol- mustaqim’ (As-syura,
42:52).
Dina ayat nu lainna bisa ditingali yen ku kitab, nu mangrupa Nur (sunda) eta
tea, Allah ngaluarkeun jalma jalma ti poek ka nu caang kalawan idinna jeung
nunjukkeun ka jalan mustaqim (AL Maidah, 5:16).
Kitab Alqur’an oge aya dina hate nu nyunda: “kitab (Al Qur’an) teh ngarupakeun
ayat ayat Nu Maha Kawasa nu nyata dina hate jalma nu ngelmu” (Al ankabut,
29:49). Ari elmu ngandung harti kanyaho, sedengkeun ari kanyaho teh unsur
caang (sunda) nu mere jeung jadi tuduh ka tiap jalma dina pikir ucap jeung
usikna nyanghareupan kabutuh hirup huripna.
Nu Nyunda Moncorong Cahayaan Tanda Sajatining SUNDA
Allah nurunkeun ayat ayatna ka abdi abdina lantaran seja nyundakeun
[ngaluarkeun maranehna tinu poek kanu caang] (Al Hadid, 57:9).
Caang cahayaan sunda ieu ngarupakeun ciri nu ariman boh Lalaki boh awewe:
‘Mu’minin jeung mu’minat mah sumirat tembong Nur (sunda) dihareupeun jeung dina
leungeun katuhuna, mareunang pangbagea kabagjaan surga keur maranehanana ..’
(al Hadid, 57:12).
Cahaya (sunda) Caang teh mangrupakeun rahmat jeung ampunan Nu murbeng Alam
Allah swt lantaran maranehna pengkuh nyunda [mu’minin] (Al Ahzab 33:43).
Urang sunda sakuduna, ngalangkungan para budimanna, sing bisa katuduhkeun yen
kayakinan sunda nu tembong dina pola pikir pola laku katut tapak budayana
baheula teh nyumber tina pangaweruh ti Nu Maha Kawasa Allah rabbul ‘alamin. Ieu
teh bisa kahontal lamun para budiman sundana bener nuduhkeun nembongkeun sunda
(eusi) kalawan ENYA ka bangsana dina pola pikir pola lakuna.
Hayang Manggihan Jeung Meunang Sunda Teh Kudu Islam
Cara hayang manggihan sunda eusi teh euweuh deui kudu tumut turut sumerah
(aslamtu) ka Nu Murbeng alam: ‘Jalma jalma nu dibukakeun ku Nu murbeng Alam
hatena kana tumut turut sumerah (aslamtu) ka Gustina, manehna meunang Sunda ti
Gustina’ (Az Zumar, 39:22).
Jadi lamun para budiman sunda baheula nyunda eta teh pasti lantaran pola laku
lampah jeung pikirna Islam tunduk turut tumut ka nu Murbeng alam.
Sedengkeun Nu Murbeng Alam ieu cahayana langit jeung bumi ‘Allahu nuurus
samawaati wal ardhi’ anu ‘Nurrun ‘ala nurrin’. Kanyataan Sunda eusi ieu sanajan
‘nyata’ da moal aya ucap lamun euweuh ‘barangna’ lain hiji ulikan nu sagawayah
da teu bisa kahontal ku kamampuh jalma biasa nu masih teu daek, terus teu bisa
bener aslamtuna.
Pangaweruh Sunda Eusi Tanda Kaluhungan Luluhur Tedak Sunda
Para budiman urang ‘sunda’ (etnis) ayeuna tangtos tos pada aruninga kecap
Sunda, saperti nu diantarana diterangkeun dina Ensiklopedi Sunda, mimiti
kapanggih karek di taun 736 dina prasasti Rakyan Jarupangambat sedengkeun
karajaan Sundana karek ngadeg tahun 669 M.
Ngaran Sunda ieu nu mere ciri jeung sesebutan ngeunaan kahirupana hiji bangsa
tangtu lain nu pangheulana aya jeung hirup di daerah jawa kulon, sabab didaerah
jawa kulon keneh, kurang leuwih 500 taun saacanna (130 M) geus aya karajaan nu
disebut Salakanagara, nu ngarupakeun karajaan pangmimitina aya di Nusantara,
dimana salila ngadegna teh geus boga budaya, ‘beunta’, daragang jeung wawawuhan
jeung bangsa lain nu ‘maju’ saperti India jeung China. Sanggeus karajaan
salakanagara pareum, saacan Sunda kasebut – dina prasasti - malah aya karajaan
Tarumanagara nu salila kurang leuwih 300 tahun neruskeun salakanagara
(358-669). Tarumanagara geus sanggup mere bukti sajarah –diantarana batu tulis
di Bogor - nu warta ayana eta kahirupan geus kacatet oge ku seler bangsa lain.
Saterusna, sanggeus Sunda aya, sanajan dina sajarahna dibere warna ku robah
robahna pamarentahan jeung nagarana diantarana aya Kendan, Galuh, terus jadi
Pajajaran, terus nepikeun jadi Sumedang larang, Banten, Cirebon - ngaran nu
dijadikeun ‘sesebutan’ atawa ciri pikeun manusa, kamanusaan jeung budaya na
tetep dipilih Sunda. naha lain urang Salaka, urang Taruma, urang Kendan, atawa
urang indraprasta, urang Galuh, atawa urang Pajajaran ? (dua kecap panungtung,
katingalina, ngan sering dipake piken ‘nostalgia’ ka ayana jaman kamulyaan
baheula) naha bet ngaku jeung nyebut urang Sunda ?
Hal ieu teh tangtu aya ajen inajen nu hayang ditepakeun hayang ditepikeun jeung
nu terus aya lantaran luhung jeung bener eusina. Ajen inajen ngeunaan SUNDA
ieu dipiara jeung diwariskeun ti generasi ka generasi sabab ngeunaan kayakinan
hirup hurip nu mulya nu datangna ti Nu murbeng alam.
Sunda ieu tangtu hasil ‘inovasi’ ti budiman luluhur sunda tina naon nu geus
kapanggih dina nyanghareupan tantangan hirup hurip nu aya hubungan jeung
kayakinan tangtunganana dumasar kana pola pikir pola laku saacanna. Kapan agama
di tatar sunda teh ngarupakeun pengembangan tina agama hindu agama budha nu
samemehna datang ka tatar sunda, istilah jeung jargon-jargon agama di sunda na
ge pan rea nu beda jeung hindhu atawa budha.
Lamun ngarujuk kana Al Qur’an, nu sabagianna ditepikeun saencana dina ieu
tulisan, sunda eusi sarua jeung nu didugikeun Qur’an. Kaluhungan budiman
luluhur sunda baheula waktu can ngagem Agama Islam nunjukkeun yen aranjeuna teh
parantos ngalampahkeun ‘bener.’
Kukieu teh bisa katingali yen Luluhur sunda baheula tangtu tos kasumpingan
Rasul nu moal boa rasulna urang sunda sorangan. Komo deui numutkeun Qur’an yen
tiap umat kapasihan Rasul kanggo nyundakeun jalmana nya hartina nyandak tinu
poek kanu caang ku pangersana Rabbul Alamin.
Sanajan lamun ditengetan nurutkeun tahun kapanggihna prasasti jaru pangambat
eta, 700 M, teh ratusan taun sanggeus Agama Islam (Islam AL khusus= sir’ah
sareng minhaj nu digelarkeun ku Kangjeng Nabi Muhammad saw) lungsur ka buana
panca tengah (abad ka 6 M) nu mungkin aya pangaruhna tina Islam. Tapi, can aya
bukti yen pangaruhna aya di tatar sunda. Atawa lamun aya pangaruh na ge hal
ieu leuwih nunjukkeun yen para budiman luluhur sunda harita sir’ah jeung
minhajna beda ti agama Islam ti tanah arab.
Sakali deui, konsep gambaran ngeunaan Sunda eusi nu sawanda saperti nu
didugikeun ku Al-Qur’an ti agama Islam (Islam AL khusus) nunjukkeun yen urang
sunda baheula, paling henteu para budimanna, geus gaduh pangaweruh ngeunaan
kayakinan Islam (Islam Al umum nu dicandak sadaya Rasulullah di tiap umat).
Jadi, budayana ge tangtu nyumber tina falsafah kayakinanana falsafah tauhid
falsafah kasundaan nu caang hasil pola pikir pola laku nu kacaangan ku Nu Maha
Suci. Robah jadi Agama Islam (Islam al khusus) teh lantaran sir’ah jeung minhaj
nu digelarkeun ku Kangjeng Rasulullah Muhammad saw langkung langkung sampurna
nyampurnakeun sakabeh nu enggeus dipake samemehna, kaasup nu dipake di tatar
sunda nu mun sacara praktek na mah eta jalan (sareat) teh lewih sederhana.
H.Hasan Mustapa (1930), nu numutkeun Ayip Rosidi tos dianggap Bujangga Sunda
pangbadagna, ngadugikeun ngeunaan ‘tempat’na Agama Islam jeung tangtungan Sunda
jati (HH Mustapa, Tafsir Quranul adhim: 293-294), yen Agama Islam nu
digelarkeun ku Kangjeng nabi Muhammad saw teh ‘sareat pangparatan hakekat’, nu
ngabuka rasiah sindir siloka prawira perlambang teori nu tiheula-heula dina
nekanan Sunda ka Sunda deui. Ieu Hoofd Panghulu ngadugikeun yen eusi Al qur’an
nu jadi sumber ajaran Islam ka buktikeun ‘nekanan saur karuhun [tedak sunda]
hatamna Qur’an ti sunda ka sunda deui’. Ti (Nur) Cahaya caang ka caang (nur)
cahaya kanyataan sunda eusi.
Jadi, ageman nu dipake ku urang sunda ayeuna, Agama Islam, teh ngan beda
sareatna mungkul –leuwih sampurna- nu matak dina ngagem Islam nu datangna ti
tanah Arab ieu teh H Hasan Mustapa gaduh kasimpulan: ”baheula ku basa sunda
ahirna ku basa arab: jadi kaula nyundakeun Arab nguyang ka arab, ngarabkeun
sunda tina basa Arab”.
Hanjakalna, kadieunakeun rea para budiman sunda, kulantaran henteu wanoh jeung
henteu masagi kana tangtungan sunda eusi luluhurna, seueur nu ngajelaskeun ka
selerna yen gantina ageman kana agama Islam ti tanah Arab teh kulantaran
kayakinan luluhur sunda baheula goreng, ‘musrik’ atawa salah. Nya tangtu
budayana oge jadi ‘musrik’, goreng atawa salah da nyumber tina kayakinan anu
goreng musrik atawa salah tea. Jadina, budaya sunda na oge saeutik saeutik tapi
pasti ditinggalkeun sabab maranehna kayakinkeun yen eta budaya teh nyumberna
tina kayakinana anu ‘supertisi’ henteu ‘tauhid’ lain ti Allah swt jrrd. Terus,
pola laku kabiasaan asal sapopoena anu masih dina budaya ‘sunda’ oge jadi loba
kasieun kapaur kaera ku ka cap kolot, tahayul (mitos), bid’ah, syirik jrrd,
lain ngakar ti Islam.
Matakna loba urang sunda nu neuleuman jeung make agama Islam jadi Arab budayana
sabab manehna kayakinkeun yen budaya arab teh kasebutkeun nyumber tina Islam.
Komo deui sanggeus jadi Indonesia terus patepung jeung budaya sejen –barat- nu
keur nanjung, budaya sundana beuki kagerus da nu ngarora ngarasa teu boga nu
alus ngeunaan asal usulna nu perlu dijadikeun tangtungan. Urang sunda ayeuna
jadi rea nu teu reueus, teu hayangeun miara jeung make budaya sundana, lantaran
nu normal mah tangtu mikir naon untungna miara jeung make –komo nanjeurkeun-
pola pikir pola laku katut tapak-tapak anu sumberna mitos, musrik, salah atawa
goreng ?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar