Jumat, 01 Oktober 2021

kalam ka sunda an 1

Kalam Kasundaan:Tangtungan SUNDA 
Ku 
Eddy Nugraha

Bubuka

Kanyaho urang sunda ngeunaan nu aya hubungana jeung ‘sesebutan’ sunda warna 
warna, timimiti nu nganyahokeun sunda dina harti kayakinan, budaya, karajaan, 
etnis, basa, tempat, sastra, seni tug nepikeun ka nu teu apal pisan naon ari 
sunda teh. 
Salian ti warna warna kanyaho urang sunda ngeunaan ‘sesebutan’ sunda eta, harti 
nu dipake ku para budimanna ngeunaan sunda oge robah robah ti jaman ka jaman.  
Misalna, dina pustaka tahun 50-an harti sunda teh nepikeun ka leuwih ti 25 
harti  (Sajarah Sunda I, 1956). Satuluyna, dina kamus basa sunda [timiti 
citakan ka 1 (LBSS, 1975) nepi ka citakan ka 7 (LBSS 1992)] ngan dihartikeun 
sacara etnis sanajan ditambah katerangan ngeunaan harti asalna. Robah robahna 
ieu nunjukkeun robahna pangartos para budiman urang sunda dina ngama’naan sunda 
jeung dina ngajelaskeun ngeunaan tangtungan sunda ka bangsana. 
Ka beh dieunakeun dina ensiklopedi sunda (2000), ku para budiman nu ngadamelna 
entri sunda dihubungkeun deui jeung budaya, tempat, etnis, karajaan, sastra 
jeung basa nu ngarupakeun ‘produk’ atawa tapak budaya nu geus kakumpulkeun, 
tapi acan nuduhkeun jeung ngajelaskeun kayakinan eusi atawa jati nu jadi, jeung 
nu kudu jadi, tangtungan urang sunda. 
Ngeunaan kayakinan eusi atawa jati dina ensiklopedi sunda ngan saukur 
dihubungkeun jeung entri agama sunda wiwitan nu dibere komentar ‘hanya sedikit 
diketahui’, oge teu aya katerangan ngeunaan hubungan eusina jeung ageman ayeuna 
nyaeta Agama Islam. Padahal, di bagian sejen di sebutkeun yen dina pamahaman 
para budiman urang sunda, aranjeunna pernah garaduh pamadegan yen budaya sunda 
teh mangrupakeun ‘seluruh perwujudan gagasan, perilaku, dan hasil kegiatan 
manusa sunda dalam bidang-bidang;… , dan sistem religi (ensiklopedi sunda, 
586). Tangtu ‘kecap’ religi teh nyoko kana kayakinan tangtungan  eusi atawa 
jati.
Sedengkeun, pangaweruh ngeunaan sunda nu nuduhkeun tangtungan  eusi atawa jati, 
lain ngan saukur ‘produk’ jeung tapak, diperlukeun pisan di ieu jaman global 
dina upaya miara jeung ngawariskeun budaya sunda ka generasi nu pandeuri. 
Perluna teh lantaran  kahiji, generasi sunda ayeuna geus rea manggihan 
budaya-budaya sejen nu ‘aralus’ jeung geus dipake nyampak dina kahirupan 
sapopoena, pangpangna budaya ti Jawa nu geus rea campur dipake di sunda, Arab 
nu jadi ‘baju’ Islam, ‘Indonesia’ nu jadi budaya formalna, jeung budaya barat 
nu maju elmu jeung teknologina, nu ku ‘kaalusana’ teh geus rea jadi bagian tina 
kabiasaan hirup sapopoena.  
Tangtungan jati atawa asal ieu, nu  lamun bener tur alus mah, bisa nimbulkeun 
kareueus ngeunaan asal usulna sorangan jadi urang sunda - boga ‘asal usul nu 
pantes diakukeun’ – jeung bisa jadi  cecekelan dina kahirupan ngajajar jeung 
jajaran seler-bangsa lain. Lamun geus boga kareueus ka asal usul jatina tangtu 
daek kawaris, daek make jeung daek nanjeurkeunana.
Kaduana, budaya sundana sorangan nu rek diwariskeun ayeuna geus saru geus 
nyampur jeung budaya deungeun, jeung geus rea teu jadi pakean kalolobana urang 
sunda ayeuna, atawa ngan saukur jadi ‘pinggiran’ dibanding dominasi budaya 
‘alus’ lainna. Kukituna tangtungan eusi atawa jati luluhurna bisa jadi 
payakinan jeung pamake dina milih budaya-budaya nu aya ayeuna, terus dina make 
jeung mekarkeunana keur ngajembarkeun tangtung.
Tulisan ieu ngarupakeun guaran panganteur ngeunaan sunda nurutkeun harti asal 
nu aya hubungana jeung kayakinan ngeunaan tangtungan sunda, utamana sunda eusi 
atawa jati  malah mandar  nanjeurkeun deui sunda. 

Bag I
Sunda Dina Harti Sunda Asal jeung
Kayakinan Ngeunaan Tangtungan Sunda

Dina Kamus Umum Basa Sunda (LBSS) disebutkeun yen harti asal Sunda, teh caang, 
gumawang moncorong, kukituna Sunda teh mangrupakeun Nur atawa cahya. 
Jadi, nurutkeun harti asal diluhur, kasundaan teh ngarunut kana sifat sifat 
Sunda, sifat sifat  caang gumawang jeung moncorong cahya atawa Nur. 
Ana kitu mah  anu nyunda teh nyaeta anu caang anu gumawang anu moncorong 
cahayaan. 
Sedengkeun Nyundakeun jadi ngandung harti nyaangan mindahkeun tinu poek kanu 
caang kana cahaya.
Harti sunda asal ieu saenyana nuduhkeun hiji ulikan tuturunan nu jadi dasar 
tangtungan jeung payakinan tedak sunda. Pustaka na ge aya dina sunda. 
Panganteur pikeun eta ulikan didugikeun saperti dihandap ieu:

Ulikan Kasundaan asal (wiwitan)

Sunda dina kasundaan asal ngawengku ka cahaya nu kapanggih ku kamampuh lahir 
jeung cahaya nu kapanggih ku kamampuh batin.
Pangaweruh ngeunaan Sunda, cahya atawa Nur ieu jeung kamatihan kamampuhan nu 
bijil tidinya dina pola pikir pola laku geus mangrupakeun ulikan anu masagi, 
sanajan kadieunakeun beuki teu populer malah karasa ‘asing’. 
Ieu Sunda teh kapanggih, Aya, dina jeung jeroeun tangtung katut luareunana; 
Sunda nu kapanggih jeung aya dina jeung diluar tangtung disebut Sunda luar, ari 
Sunda nu aya dijero tangtunganana disebut Sunda jero. 

Sunda luar

Sunda luar kapanggih pangheulana, mimitina ku parabot ngagunakeun awasna panca 
indra, angkeuh jeung uteuk kawas sunda panonpoe, sunda bulan jeung sunda 
bentang nu langsung kapanggih ku pancadriana nepikeun ka nu kapanggih ku uteuk 
jeung angkeuhna bari make parabot dhahir kayaning sunda seuneu, sunda lampu jll 
-  katompernakeun ku pangaweruh nu kapanggih ku pancadria, uteuk jeung angkeuh 
teh nyata yen Sunda ieu aya ditiap barang dhahir (E=mc2)]. Kecap sunda keur 
nerangkeun sunda luar kadieunakeun jarang dipake cukup ku cahya/caang lampu, 
cahya/caang panonpoe jrrd.
Sunda luar ieu mere tuduh nembongkeun kana rupa rupa kanyatan hal/barang, nu 
cicing atawa usik, nu aya didhahir. Ti dinya terus mangaruhan nyaangan  rasa 
rumasa inyana ngeunaan kahirupan jeung hirup huripna. Tina rasa rumasa ieu 
mekarkeun pola pikir pola laku budayana.  

Sunda jero

Sunda jero, nu jadi poko bahasan ieu guaran, kapanggih mimitina ku parabot 
ngagunakeun rasa - ari rasa teh mangrupakeun awasna Hate, Ati atawa dina basa 
arab mah disebut Qalbu - tapi rasana lain rasa rarasaan, rasa ieu rasa  nu 
dijurung  jeung boga rumasa kana katunaan panca indra, rumasa kana katunaan 
angkeuh jeung uteukna. Ku karumasaan ieu, rasana jadi awas kana ayana Sunda 
jero.
Sunda luar luas ambahanana da kapanggih aya di alam dhahir, sedengkeun Sunda 
jero nyamuni kapanggih ayana heureut di jero tangtung. Tapi, lamun geus 
kapanggih Sunda jero ieu luar biasa gedena (Sunda besar) jeung guna katut 
kamampuhna ngawengku jeung metakeun sakabeh alam katut eusina.
Ku pangaweruh ngeunaan Sunda jero katuduhkeun yen sunda nu aya di ieu alam 
dhahir, sunda luar, ngan mangrupakeun gambaran, tanda, usik, ciri jeung tuduh 
ayanana Sunda jero, matak Sunda luar disebut oge sunda kecil. Sunda luar 
disebut oge sunda Sajati lantaran ngarupakeun tanda kanyataan ayana Sunda jero 
nu jadi jatina. Ulikan ngeunaan sunda luar atawa sunda sajati sok disebut 
ulikan cangkang da sunda luar teh ngabungkus ngahalangan Sunda jati. Sedengkeun 
ulikan sunda jero (jati)  disebut ulikan eusi sabab Sunda jati teh eusi poko 
sumberna sunda luar atawa sunda sajati.
Sunda jero leuwih hese kapanggihna timanan sunda luar, pareng bisa kaawaskeun 
jeung mermanakeunnana teh saeunggeus boga kanyaho ngeunaan sunda luar sabab 
nyamuni dijero tangtung, kapanggihna lamun bisa ngaleutikeun tug nepikeun ka 
nyirnakeun tangtung (heula) nyirnakeun (heula) kanyaho nu bijil tina angkeuhna, 
tina uteukna jeung tina pancadriana kanyataan naon nu sok di ‘jargonkeun’ paeh 
samemeh paeh, dina ulikan sunda eusi jadina paeh samemeh paeh teh ku cara tumut 
turut tunduk sumerah ka Nu Maha Suci (aslamtu). 
Kanyaho Sunda eusi nu geus kahontal ku luluhur tedak sunda mangrupakeun kanyaho 
nu nepi ka hambalan luhur alam cahya (Nur), atawa alam malakut (malak = cahya), 
disimbolkeun ku jargon alam kaHyangan - alam kahyangan alam  luhureun alam 
kadewaan (dewa=dev=cahaya). Jadi kanyaho sunda eusi ngeunaan ulikan dina 
hambalan cahaya luhureun cahaya - nurrun ‘ala nurrin. Alam Sunda (cahya Nur) 
eusi atawa jati tempat nganyahokeun ayana AYA, oge merenahkeun gambaran ka 
jatian mutlak panungtungan nu pangluhurna atawa pangjerona ngeunaan Nu Murbeng 
alam. Kapanggihna lamun mampu beberesih nepikeun ka geus teu ku manehna manehna 
acan. 

Nyunda Dina Tangtungan Sunda Eusi

Saeunggeus rasana manggihan Sunda jero, si rasa jadi leuwih awas dina nengetan 
jeung nangenan hirup. Lewih awasna rasa ieu ngajadikeun uteuk leuwih encer 
atawa sok disebut caang uteuk; panca indra na leuwih awas jeung leuwih mampuh 
malah ahirna, lamun permana jeung pengkuh, bisa mampuh ngawaskeun sunda jati; 
angkeuhna jadi leuwih merenah da boga rumasa kacaangan terus bisa mernahkeun 
tangtung, tungkul ka jukut tanggah ka sadapan bisa pindah cai pindah tampian. 
Nya usikna jadi nyunda caang gumawang (herang beresih) tanda Sajatina Sunda 
(eusi/jero). 
Nu nyunda katingal katengetan ku batur moncorong tanda kanyataan sunda jati 
dina tangtungan. Moncorong teh kaciri leuwih caang jeung fokus ti 
sabudeureunana. nu moncorong teh teu kudu  kabeh caang lir caang panonpoe 
tengah poe, tapi nuduhkeun hijidi ‘hal’ nu leuwih caang leuwih buleud leuwih 
padu ti sakurilingna.  Lampu batere oge nu weuteuh bisa moncorong ari convergen 
jeung poek mongkleng mah sabudeureunaan. Mata maung moncorong lamun peuting 
mah, sabalikna panon poe ge karek disebut moncorong lamun keur isuk isuk. 
Jadi, jalmana karek disebut nyunda lamun leuwih punjul ti nu lian tina sagala 
hal; bisa dina harti cahaya, aura, wibawa, sima, pola pikir, elmu,  kamajuan, 
karir, seler jrrd; tapi punjul na teh nyaangan, jadi tuduh, conto, ngauban kanu 
lian. 
Para budiman sundana, lain sunda dina harti etnis atawa genetis tapi sunda 
eusi, boh di menak boh di cacahna barisa nyararumput buni dinu caang hartina 
marampuh nyimpen angkeuh hawa nafsuna nepikeun ka teu bijil dina waktu 
masamoan, nu bijil tina tangtungan kaciri ku batur teh tinggal caang sunda 
jatina nu caang nyundakeun nyaangan  batur jeung sabudeureunana. 
Kadieunakeun harti nyumput buni dinu caang teh sok dihartikeun nyumput  teu 
kaciri ku batur nepikeun ka hese kapanggihna. Ieu carita teh bijil ti  jalma nu 
teu ngarti sunda eusi, komo manggihanana, jadi teu bisa nengetan ka nu nyunda 
(eusi)  da lamun weruh ka semuna mah justru nu nyumput buni dinu caang teh 
gampang ka ciri da caang jeung moncorong. Caang ucapna caang lampahna caang 
uteukna moncorong tangtunganana gumawang eusina nya tandaning sunda tea.
Pikir, ucap jeung lampahna anu nyunda, diantarana katengetan ngaliwatan para 
budiman sunda eusi, tara kaluar kapangaruhan ku angkeuhna tapi pengkuh 
nurutkeun gerentes ati putihna. 
Dina prakna katembong ku batur bijil nyari tina SIR na, kaatur nurutkeun kumaha 
RAS nu bijil tina rasana, nya sok disebut sir kusari ras kurasa kumambang di 
alam rasa, rasa sajatining rasa nya rasa nu caang kacaangan Sunda. Ringkig 
jeung rengkakna nuduhkeun jeung nembongkeun sunda eusi nu sok kaciri dina tata 
lakuna. Tapakna ayeuna bisa katengetan, diantarana, dina seni ‘kesenian’ 
baheula atawa dina gerak ulin penca eusi.
Lamun teu nyunda - teu jadi sunda, teu jadi caang – ngan saukur nyaho ayana 
caang, komo teu apal, teu  karasa teu kapanggih mah tangtu Hirupna moal hurip, 
poek kabawa sakaba kaba kasasar tibabaradug.  Nya disindirkeun salah sahijina 
make dongeng sangkuriang - nyaeta ngeunaan nu geus loba kanyaho jeung 
pangaweruh tapi henteu caang eusi henteu nyunda jati:
Lamun (gunung) sunda(Nur)na euweuh teu katangen ku diri, (Gunung) sunda(Nur)na 
geus musna teu kapanggih, ilang ngan kari dongengna. Nya tinggal burangrangna 
ngagunung ngajegir ngarangrangan, parahu hirupna teu bisa lalayaran da geus 
nangkub dina kabingung. Diri ngan jadi tunggul, tunggul nu jadi sagede gunung 
lantaran teu bisa nunggalkeun awak, lantaran teu bisa mendet (sang Hyang) 
tikoro, tikoro nafsu manehna sorangan nu tungtungna ngaberung nafsu ngumbar 
amarah. Henteu apal kana wayah, asa peuting asa beurang, katipu ku lisung 
batur. Jadina sok teu wayahnaan, teu nyaho ka wayah (waktu) teu bisa 
merenahkeun awak. Ajina jadi teu matih jampena jadi teu teurak,  situ huripna 
teu jadi. Ngarungsing keur ngorana, kurunyinyi pakokolot, euweuh anu 
lalebareun, da saha anu lebarna ari lain nu ngarasana.
Dongeng sangkuriang tangtu ngarupakeun kapinteran budiman sunda baheula dina 
nyilibkeun eusi da gunung gunung jeung carita urut situ mah geus pasti aya 
memeh dongeng sangkuriang nangkubkeun gunung kacaritakeun. Kajadian alamna aya 
heula terus katengetan jalma budiman, nya hasil tina nengetan lingkungan teh 
tuluy dianggit di reka jadi carita bari ditambahan nyilibkeun eusi.

Kasundaan Eusi Disimpenna Dina Sunda 

Pustaka ngeunaan tapak tapak budiman sunda disimpen na lain dina daluang atawa 
barang tapi dina hambalan Sunda jati. Kukituna Aya jeung barangna eta sunda, 
katut tapak-tapak khasanah jeung kamampuh sunda mah ngan bisa kapanggih lamun 
jalmana mampuh nganjang ka hambalan sunda.Tapak barang jeung daluang mah ngan 
sabagian hasil pagawean tina make jeung kacaangan sunda eusi nu bisa jadi tuduh 
ngeunaan Sunda sagemblengna. 
Pustaka ieu bisa kabaca katengetan ku nu mampuh nganjang ka hambalan sunda. 
Pustaka sunda eta satungtung dunya ieu aya moal keuna ku ruksak. Moal hese 
neundeun moal hese nyokot moal beurat mamawana da henteu maksa dina 
marenganana. ‘karakteristik’ ieu pustaka sok disindirkeun ku kecap diteundeun 
di handeuleum sieum di tunda di hanjuang siang paragi nyokot ninggalkeun. Eta 
kabeh lain tangkal nu ngajentul tapi tangkal diri nyaeta Handeuleum sieum nu 
ngahirupkeun Nur hanjuang siang nu ngahuripkeun rasa, kabeh alat jeung 
passwordna sabenerna aya di seuweu siwi tinggal nganyahokeun jeung makena, 
nepakeun jeung nuduhkeun kana ieu ‘konci’ jadi kawajiban budiman sunda tiap 
jaman supaya seuweu siwi teu poekeun tangtung, supaya seweu siwi sunda 
(etnis/genetis) mampuh maca eta pustaka terus katuduhkeun jeung jadi nyunda 
(caang). 
Tempat nyimpen khasanah sunda eusi nu ayana di alam nur sunda sok dituduhkeun, 
diantarana, ku carita Mundinglaya dikusumah:
yen lamun hayang ngamulyakeun pajajaran (awak) kudu manggihan Layang salaka 
Domas = Layang =bacaan, tingal kecap asal Qur’an= bacaan) Salaka Domas = nu 
caang cahayaan lir emas sinangling), aya oge nu nyebut layang sasaka domas, 
sasaka=tihang, jadi maskudna sarua wae nyaeta bacaan nu jadi tihang tangtungan 
nu mangrupa Nur Sunda. Eta bacaan teh ayana di jabaning langit =langit nu sejen 
ti langit dunya nu kapanggih ku nu perluna harita. Ieu ngandung  harti langit 
kanyaho lain nu aya di alam nur Sunda. 
Bacaan di langit nu lain ti langit dunya nu sasari teh kapanggihna ngan ku 
Munding laya di kusumah (munding=hewan, laya=paeh, kusumah=kamanusaan; 
tangtungan kamanusan nu kahewanana geus paeh). Sanggeus ngelehkeun poek na 
hijab jungkiringna awak (jongrang kalapitung) terus meruhkeun guriang  tujuh,  
tujuh patapaan panaekan awak nu kudu dihijikeun ditunggalkeun. Nya, jadi 
Guriang Tunggal  nu boga ciri wisesa dina wayah. 
Ahirna lamun bisa wisesa dina wayah, menang bacaan (layang)  nu mangrupa sunda 
(nur) nu lir emas sinangling (salaka domas) atawa jadi tihang (sasaka) 
tangtungan. Ieu layang Nur (sunda) teh terus marengan kababawa jeung nu 
wisesana keur pakeun jeung bacaeun  dialam dunya, jadi tuduh kamulyaan hirup.
Tuduh lain ngeunaan pustaka jeung kamampuh sunda eusi diantarana sok 
disimbolkeun ku caritaan ngeunaan Gunung Sunda. Gunung sunda hiji ngaran gunung 
nu rea diakukeun aya di hampir ditiap wewengkon dimana para budiman sunda eusi 
pernah nurunkeun jeung nepakeun eta ulikan misalna di subang, sukabumi, ciamis 
jrrd. Gunung Sunda eta dipake nunjukkeun ayana tempat caang (nur) sunda eusi 
dimana kamampuh luluhur aya, bari jeung Gunung Sunda geologisna mah geus euweuh.
Kanyataan jadi lobana akuan tempat ayana gunung sunda sabab harita mah 
komunikasi antara  Wiku/Ajar  jeung jalma-jalma nu diajarna teu saperti ayeuna. 
Jadi lamun ceuk hiji pandita dina hiji waktu ‘ieu yeuh ‘tempat’  manggihan 
Sunda eusi’, nya terus tempatna jadi disimbolkeun ngaran Gunung sunda. Terus 
lamun diwewengkon lain aya Ulama/Wiku  lain nu nepikeun Sunda eusi, ‘tempat’na 
teh disebut deui gunung sunda, da dijaman harita leuwih ‘komunikatif’ nuduhkeun 
eusi make perlambang Gunung anu jelas kaciri ngeunaan ‘gede’ jeung ‘agung’ na 
eusi sunda. 
Jaman harita tangtu teu jadi masalah mere ngaran ka hiji gunung/pasir, jeung 
jadi teu asa pacorok jeung ngaran pasir/gunung diwewengkon lain nu (relatif) 
paanggang, bisa jadi dina waktu harita teu katepikeun katempat lain, bari komo 
ngaran eta henteu negrak da ngeunaan perlambang eusi. Nya terus eta ngaran 
turun manurun  napak di dinya. 
Tapi ayeuna, ku komunikasi nu geus sakitu gampangna jadi timbul pasualan naha 
gunung sunda teh bet jadi loba. Mana gunung sunda nu benerna ? Kabeh oge bener, 
da bisa jeung meunang wae, tapi nyata AYAna mah dina tangtungan nu manggihanana 
baheula jeung nu katepaan tur nanjeurkeunana ayeuna, da ngaran gunung sunda na 
mah ngan saukur siloka perlambang nu dibarengan tapak. 
Mangga tengetan, eta teh sawanda jeung ‘dongeng’ gunung pasir  di Arab nu 
disebut Jabal Nur (Jabal=gunung, Nur=Sunda). Eta gunung dingaranan gunung sunda 
lantaran tempat eta nu dianggo Kangjeng Nabi Muhammad saw khalwat teras 
mendakan Nur (SUNDA eusi/jati) bekel nyaangan (nyundakeun) umat. 
Jadi perluna urang sunda  dituduhkeun ngeunaan ulikan sunda teh sabab  lamun 
teu wanoh kana aya tur barangna ulikan sunda eusi, can bisa nganjang ka eta 
hambalan sunda, bakal hese nuturkeun carita carita kasundaan (eusi) komo 
meunang pustaka sunda eusi keur bekel nyundakeun urang sunda (etnis/genetis), 
merenahkeun jeung nanjeurkeun deui budaya anu sundana, da disimpenna eta 
pangaweruh numere kamampuh teh ayana dina hambalan Sunda. 
Lamun can pernah nganjang ka hambalan sunda, Kabinangkitan luluhur sunda dina 
nganepikeun tangtungan ngaliwatan simbol jeung perlambang nu nuduhkeun aya 
jeung barang dina hambalan sunda teh hese kahontalna,  nya terus biasana nu can 
ngahontal ieu nganggap eta ‘tuduh’ teh  ngan saukur mitologi nu teu cocok jeung 
paham Islam.  Ku lantaran dianggap mitos atawa dimitoskeun ku budimanna 
[mitos=takhayul=ngahayal=supertisi] jadi we selerna ge teu bisa nyokot hikmah, 
teu bisa katuduhkeun, tina eta carita ngeunaan luluhurna, terus akibatna,  
budayana ge kagerus da teu kanyahokeun jatina [tengetan wanda pamendak 
Prof.Dr.H Dadang khamad, Msi dina Agama Islam dan budaya Sunda, KIBS 2001]. 
Tapi, Lamun geus nyekel jeung weruh kana eta ‘Aya’ jeung ‘barang’na ulikan 
tangtu kapanggih yen dina ‘dongeng-dongeng’ kasundaan aya ‘benang merah’ nu 
natrat ngeunaan tangtungan sunda, ulikan Sunda, nu rea dianggit dicaritakeun ku 
rupa rupa kabinangkitan luluhur tedak sunda keur nuduhkeun SUNDA jeung 
kamampuhna  ka seuweu siwi seler bangsana. 
Malahmah, dimana geus manggihan hambalan sunda tengtu engke bisa kabaca bisa 
katengetan ayana ‘teknologi’ sunda nu geus kapanggih ku budiman tedak sunda ti 
bihara ka bihari nu dipake pikeun nyundakeun alam katut eusina. Conto-conto 
‘teknologi’ sunda eusi nu pinunjul -nu ngan bisa kapanggih, ka wacanakeun, 
kabukakeun diantara nu aya jeung keur dina hambalan sunda- sok rea dijargonkeun 
di wacana sapopoe ku istilah elmu kabuyutan galunggung (nyusuk tempat suci dina 
awak supaya jadi caang lir inten dina galuh nu agung), elmu kasiliwangian (elmu 
silih seungitan pada batur),  jeung elmu kasumedangan (elmu madangan, nyaangan 
nyundakeun alam tur eusina) atawa Elmu kabantenan (elmu sasaka supaya jadi 
kanyataan ujung kulon). Jadi jargon soteh, lantaran dina hambalan sundana eta 
‘teknologi’ teh geus jadi ulikan nu masagi tapi sifatna eksklusif ngan 
kahartieun ku nu kabeneran katepaan lantaran panggih jeung Ajar/Ulamana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar