Bag III
Disiplin Ulikan Kasundaan Eusi
Ulikan eusi kasundaan, ulikan sunda jero, eusi atawa jati, mangrupakeun ulikan
nu lengkep teori reujeung praktekna sanajan pustakana aya dina hambalan sunda
nu ayeuna geus teu populer deui di lingkungan formal alam pikiran kalolobana
urang sunda katut para budiman sunda ayeuna. Ieu ‘elmu’ ngeunaan Sunda, katut
‘teknologi’ tina metakeun sunda eusi keur kamaslahatan alam katut eusina nu
geus kapanggih ku luluhur sunda baheula, kahontalna teh make parabot rasa nu
geus kacaangan sunda.
Ulikan ieu dina proses edukasina mentingkeun JADI tibatan saukur nyaho. Hartina
ulikan disiplin kasundaan leuwih mentingkeun jadi Sunda (Nyunda) tibatan nyaho
ka sunda, leuwih mentingkeun jadi Caang moncorong cahayaan. Tibatan saukur
nyaho ayana Sunda.
Kabiasaan Dina Nganepikeun Sunda Eusi
Saperti nu di sebutkeun diluhur ulikan sunda eusi mentingkeun jadi, mentingkeun
jadi sunda nu caang cahayaan timanan ngan saukur nyaho ayana caang eusi. Jadi
dina nganepakeun ulikan ngeunaan sunda eusi teu sambarangan ditepikeun.
Nepikeuna jeung nepakeunna teh make ‘media’ husus nyaeta make paawas awas rasa
pabersih bersih ati ku cara mernahkeun tangtung di bumi suci alam padang hasil
tina henang hening henung sunda.
Kulantaran ngeunaan alam rasa dina hambalan sunda, tulisan, ucap ‘teori’ atawa
katerangana sering disilib sindirkeun atawa dipilihan ngajaga timbulna salah
harti nu ngadenge/numacana. Dina geus kacekel barang tur Aya-na karek
dijentrekeun satarabasna.
Hal eta teh lantaran, caritaan sunda eusi mah hese kahontal ku jalma nu
ngagedekeun keneh uteuk jeung angkeuhna sorangan. Dina merenahkeun tangtung
nage carita sunda eusi bakal ngan saukur dikira kira lamun jalmana can manggih
‘Aya’ jeung ‘barang’na. Ari kira kira tangtu lain jeung moal nu enyana.
Sigana moal jadi aneh upami budiman sapertos Hoof-Panghulu H. Hasan Mustapa
seueur masihan simbol siloka sareng sindir dina ngadugikeun pamendakna teras
dipilih-pilih nurutkeun pamahaman nu ngupingna, diantarana misalna wae H Hasan
Mustapa mung milih sabagian ayat Qur’an –dina adab padikana disebut 105 ayat,
numutkeun etangan Ayip Rosidi 352 ayat- dina nyerat tafsir qur’anul adhim.
Dipilih ngan sabagian leutik tina qur’an sigana tangtos kaemuteun ku anjeuna
yen tafsirna hiji waktos, bakal kaaos ku umum nu teu sadayana apal kana aya
jeung barangna, kaayeunakeun geus kajadian. Eusining qur’an nu numutkeun
anjeuna, hatamna ti sunda ka sunda deui teh moal gampang kaharti ku ‘bangsa
kaula’. Saurna ge, ‘Komo lamun jalmana geus tikait kana panyakit ati’.
Bangsa kaula didinya lain nuduhkeun urang sunda kabeh tapi sakabeh bangsa jalma
nu masih keneh di ka-kaulaan, teu masagi dina rasa kuring, rasa kami, rasa
ingsun jeung rasaning aing. Nu karitu moal bisa ngahontal eusining bacaan
sagemblengna.
Kusabab sunda(eusi)na mah moal kahartieun ku pamahaman ka-kaula-an komo deui
ku nu geus kotor hatena nu ngan ngarti sisindiran jeung wawangsalan. Ayat ayat
nu dipilihna keur nuduhkeun supaya jalma nu di ka-kaula-an katuduhkeun kana
sunda.
Dina kanyataanana lantaran kamampuh umum nu teu sarua eta tafsir jadi ‘dongeng’
atawa ‘carita’ penafsiran nu warna warna utamana ku para budiman nu teu weruh
ka sunda eusi.
Tapi tangtu eta teh lumrahna kitu jeung kuduna kitu, ku ayana wacana teh
ngabantu nyaangan uteuk dina nyusuk kanyataan ‘aya’ jeung kanyataan ‘barang’ nu
dicaritakeun nyaeta Sunda tea.
Ngan jadi pihanjakaleun lamun dina ngabahasna saukur make uteukna mungkul teu
daek make ati anu putihna. Tangtunganana teu daek dijadikeun kabuyutan
(kabuyutan=tempat suci) da nganggap kabuyutan teh ayana diluar, di kuburan
luluhurna mungkul, teu hayang nyieun sorangan siga luluhurna baheula nu mampuh
nyieun jeung boga kabuyutan.
Kapan loba kacaritakeun elmu tapak kamampuh pikeun ‘tanjeur na juritan’
‘heubeul jaya di buana’ teh pan ayana di kabuyutan, jadi boga kabuyutan
sorangan teh kudu pisan lamun hayang hirup mulya ameh masing masing bisa makena
dina nyanghareupan musuh jeung tangtangan hirup.
Nu teu daek nyieun kabuyutan dina dirina sorangan pohoeun kana ayat Al Qur’an
nu unina kieu: Fi buyutin addinallahu anthur fa'a wa yudzkara fihasmuhuu
yusabbihu lahuu fiihaa bilqudhuwi wal ashal (QS Annur: 36), yen ngan di
buyut=tempat suci asma Allah teh diijinkeun ayana. Matak kudu jadi nyieun
kabuyutan nu deuheus ka awakna supaya bisa nyusuk jeung gampang makena. Dina
ngahartikeun sunda nu teu daek beberesih ati jeung lampahna mah ngan saukur
meunang dongeng bari teu karasaaeun manfaatna ku inyana sorangan.
Hal ieu teh nu oge sok dipaurkeun ku para budiman sunda eusi sanesna, sieun
sunda teh ngan saukur jadi dongeng, pagede gede carita, parame rame mere
tafsiran tapi nyundana teu jadi, da teu daek manggihan aya jeung barangna.
Kadieunakeun, paling henteu nu katengetan taunan katukang, dina ngahartikeun
mentingkeun jadi Sunda tea, sabagean jalmi tedak sunda nu nganyahokeun sunda
eusi nganggap ieu ulikan pamali. Pamali diomongkeun pamali dituliskeun
sagawayah sabab ngajaga jeung kasieunan bisi ulikan teh jadi ngan saukur
dongeng, pagede gede carita wungkul, bari teu karasaeun teu kapanggih. Dina
kapaksa nulis, nulisna terus sok di silib sindirkeun atawa lamun ditepikeun sok
milih milih kanu enggeus ‘mateng’ pola pikir jeung pola lakuna, dipilihan kanu
geus tapis neuleuman sunda luar heula. Ngarariung nepikeun eusi na ge sok milih
dina waktu sareureuh budak atawa ditepikeun teu sagemblengna, sesana sina
kapanggih sorangan ku nu hayang nyusudna.
Kabiasaan nu katengetan eta tangtu ngan saukur kawijakan jalmina atawa sifatna
kasuistis nu kahareup bisa di saluyukeun jeung kabutuh selerna asal tetep
mentingkeun JADI. Sabab, harti ‘hese’ nganyahokeun sunda eusi didieu lain
hartina teu bisa kahontal jeung teu bisa manggihanana, komo teu bisa di
‘bukakeun’ mah sabab lamun puguh ‘cara jeung jalanna’ mah teu hese hese acan.
Cara jeung jalan ieu, nu ayeuna dina loba lingkungan formal karasa asing,
tibabaheula sabenerna turun tumurun di tepakeun ditepikeun dicekel dialusan ti
mimiti kapanggihna ku luluhur urang sunda tug nepi ka jaman ayeuna
disampurnakeun nganggo sir’ah jeung minhaj Islam nu datang ti tanah Arab.
Ulikan kasundaan eusi nu tangtungan jeung nembongkeunana 1) ngagunakeun awas
caang rasa jeung bersih ati; 2) bijilna tina SIR nu ku sari, 3) ayana
lantaran RAS ku rasana nu hasil tina merenah tangtungan di bumi suci alam
padang sabab mampuh henang hening henung dina Sunda eusi, sabenerna mangrupa
skill nu bisa diajarkeun bisa ditepakeun kalawan empiris.
Ulikan sunda eusi ieu ngarupakeun ulikan empirik sabab lamun make jalanna saha
wae nu makena bakal tepi. Tapi tangtu lamun teu nyaho jeung teu make carana
lebeng moal panggih. Lir ibarat hayang nyaho internet [sunda eusi diibaratkeun
internet] teu boga modemna (warnet euweuh), sanajan komputer awakna alus
hardware jeung software na alus moal bisa nepi. Jadi we internet ku nuboga eta
komputer ngan saukur ‘khayalan’ Nya terus we dikira kira da rea maca ngeunaan
internet eta tina majalah, buku atawa dongeng batur nu eusina lain hand book
atawa journal tapi ngan saukur ‘cenah’ nu dibungbuan ‘basa iklan’. Sanajan cang
tangtu jadi ‘sasar’ atawa ‘bias’ dina nyahona ngan saukur dongengna wungkul.
Informasi jeung fasilitas ti internetna mah weleh teu ngarasaan jeung
ngabuktikeun. Tapi, lamun bisa nga-acessna mah kabeh nu nga-access pada ngarasa
jeung ngabuktikeun sarua gening kitu internet teh. Tah dina sapopoena tiap
netter beda beda
makena beda beda naon nu didownload [khasanah pustaka jeung teknologi sunda
eusi] ka komputer awakna kumaha karesepna kumaha kabutuhna.
Ngawanohkeun ‘modem’ ieu nu sigana perlu ditepikeun deui supaya kana sunda
eusi teh loba nu nganyahokeun, ngarasaan, jeung ngabuktikeun. Supaya jaradi
caang nyaangan uteuk angkeuh jeung lampahna dina nanjeurkeun deui sunda boh
dina budayana boh dina tangtungan kasundaana nu ayeuna warna warna jeung terus
kagerus jaman.
Jenis modemna nu aya dina pabetekan pustaka hambalan Sunda: aya nu tina Agama
Islam, aya oge nu tina ‘inovasi’ luluhur sunda baheula. Ngan ari kanggo para
budimanna mah, sigana, kedah tapis nganggo duanana sabab lamun teu pernah
ngaraoskeun jeung ngabuktoskeun sacara haqul yakin ngeunaan inovasi luluhur
tedak sunda, terus teu jadi ‘tacit jeung explicit knowledge’, tangtos moal
ngeusi dina nganepikeun jeung ngama’naana budayana, moal ENYA, da ngan saukur
nganggo kira-kira. Nuduhkeun jeung ngajelaskeun budaya sunda -nu nyunda- ka
selerna oge tangtu teu eusian da teu merenah Sundana.
Panutup
Panginten nu ngaos, timimiti ningal ieu tulisan ngemut : naha bener henteu ?
boa ngan saukur ngira-ngira, ngimpi, ngahayal, atawa supertisi ? atawa naha
ngan saukur pamanggih subyektif ?
Ieu tulisan ‘panganteur’ bijil tina hasil multiple case study. Protocol jeung
data base kajian sadia pikeun external validity, Tehoritical proposition keur
nganalisa papanggihan aya, sabagian ditepikeun dina ieu tulisan Keur internal
validityna. Key informants masih aya, Dokumentasi artefak arsipna aya, oge
chain of evidence dina hambalan sundana bisa nedunan construct validity,
Tinggal daek langsung jadi participant observer ngalakukeun kajian sorangan
pikeun nganyahokeun ngeunaan tangtungan Sunda jati - lain ngan saukur mitos
tapi aya, empirik jeung bisa dipake. Ngan tangtu pikeun ngalakukeun participant
observation, maca data base jeung nyusud chain of evidence na perlu ‘training’
heula.
Ieu ‘kajian’ perlu ‘tempat’ keur ngawacanakeun utamana dina nepikeun hasilna,
‘pustaka’ sumber na masih dikalangan koleksi pribadi-pribadi tertentu
hariwangeun keneh lamun disimpen di ‘perpustakaan umum’ lantaran sieun
‘pustakawanna’ teu ‘eungeuh’.
Ngahaja ditulis ti pandeuri sabab hayang oge nganepikeun yen tangtungan sunda
jati, khasanah pustaka jeung teknologi sunda dina hambalan sunda bisa di
talungtik dibuktikeun make pola pikir pola laku disiplin ilmu ‘jalmi nyakola
modern’ , supaya rea urang sunda ayeuna nu gedena ku sikep ilmiah (scientific)
bisa maca pustaka jeung make ‘teknologi’ dina hambalan sunda keur nanjeurkeun
deui sunda; sugan ari rea mah engke paTAPA di nagara nu masagi dina tangtungan
sunda eusi, aranjeunna jadi sauyunan nanggarakaeun Pajajaran anu mulya nohonan
uga.
Ngan tangtu kudu dimimitian ku sumanget, nu saur kangjeng Nabi Muhammad saw
mah, Al hanifiyyat al-samhah.
Robbana atmim lanaa nuuranaa…
Nun… Nungauban sampurnakeun sunda abdi..
(At-tahrim 66:8)
Amin.
Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar