Rd. Muslimim : Nuhun atuh……, nanging percayana ulah semet basa, tapi kedah dugi karasa. Kieu geura rai !, ari anu disebat Rohani teh diwangun ku 4 (opat) perkara, nyaeta :
NARUN
HAWAUN
MA’UN
THURABUN
Rd. Muslimat : Punten kang !, jelaskeun ku bahasa anu kahartos ku rai.
Rd. Muslimat : Kieu atuh :
Ari NARUN teh Cahaya Berem
Ari HAWAUN teh Cahaya Koneng
Ari MA’UN teh Cahaya Bodas
Ari THURABUN teh Cahaya Hideung
Tah ieu cahaya anu 4 (opat) teh disebatna NUR MUHAMMAD, atawa HAKEKAT ADAM (Bahrul Adam), Hartina : “Sagara saniskara anu ngabukti di Alam Semesta katut sagala eusina.
Rd. Muslimat : Ke …. Kang !, kapan eta mah moal katingali ku soca anu bukti ieu, kumaha atuh supados tiasa katingali ?.
Rd. Muslimin : Ningali anu ghoib mah, sakumaha Sanggeum Rasululloh oge dina dalilna : “ RUYA’TULLAHI TA’ALA FIDUNYA BI AENIL QOLBI”, anu hartosna : Ningalina Alloh di dunya kudu ku awasna hate/ Qolbu.
Rd. Muslimat : Ulah kapalang kang !, upami hoyong tiasa awas hate kedah kumaha ?
Rd. Muslimin : Nya kedah bersih Qolbu/hate tina kokotor, sabab kokotor Qolbu eta jadi “Hijab” atawa pipinding kana awasna ka Nu Maha Suci.
Rd. Muslimat : Ari anu janten kokotor teh naon kang ?
Rd. Muslimin : Dosa rai !, dosa alit sareng dosa ageing. Geuning unggal wudhu, ari bade sholat sok dibersihkeun ku cai. Rai uninga, ari dosa alit anu kumaha ?, sareng dimana tempatna ?, oge kumaha meresihannana ?
Rd. Muslimat : Hemeng keneh kang !, keun et amah lenyeupanen rai. Mung nu bade ditaroskeun teh, eta nyusul anu tadi perkawis Cahaya anu opat rupa tea, upami ieu mah, upami kaleresan rai parantos mendakan, naha eta Alloh teh ?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar