Jumat, 10 September 2021

Rd. Muslimin : Rai !, lancar jeng henteuna, salamet jeung henteuna enggoning mulang deui ka akherat atawa kana Asal tea, gumantung nalika aya di dunyana, gumantung “ Elmuna” tea, boh elmu keur kaperluan di dunyana, naha elmu anu dipibandana teh jadi “ Karya” henteu ?, lamun geus jadi karya, naha anu matak mangfaat atawa anu matak jadi mamala keur manusa atawa oge karya anu mubah ?. Lamun karyana matak mangfaat, naha parantos di amalkeun ka papada manusa?.
Catet Rai !, Elmu jeung Karya anu di amalkeun nu nunjel kana kalancaran, kasalametan urang engke ka akherat. Ari jelema anu teu boga elmu jeung karya mah, hartina anu teu ngalaksanakeun tujuan jeung tugas, atuh moal boga bekel boh keur dijalan boh keur engke geus datang ka akherat.

Rd. Muslimat : Ke…kang !, eta mah nembe elmu kanggo kaperluan di dunya, nyaeta elmu pengetahuan sareng kaparigelan oge teknologi, ari ngeunaan elmu Agama kumaha nunjelna kana pamulihan ka akherat engke?.

Rd. Muslimin : Euh…! Leres ampir wae hilap. Elmu ka-Agamaan mah rai, atuh anu nangtukeun pisan pikeun kalancaran mulang ka Asal.
Penting pisan “ Elmu Agama” ieu disused sing tepi ka tutug, sabab lamun henteu tutug, engke bakal utag atog. Ari anu utag atog teh biasana oge anu poekeun. Kusabab kitu, ngajina sing tepi ka “ CAANG “, ngarah teu utag atog. Syaratna kedah tumutkeun sakumaha dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Nyaeta “ AWALUDINI MA’RIFATULLOH ”. Ceuk sundana : Ari awal-awalna Agama kudu nyaho heula ka Alloh. Ngandung harti, urang teh kudu maluruh heula “ INNA LILLAHI “ nyaeta “ Asal ti Allah”. Eta rai, rumasa asal ti Alloh ?.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar