Jumat, 10 September 2021

Rd. Muslimat : Saparantos ngetan anu dikapayunkeun ku engkang nembe, boh Hadist boh dalil Qur’an, sadayana museur nuduhkeun yen teu kinten pentingna “ NGAJI DIRI “, ngukur, ngaca ka awak sorangan. Upami hoyong terang ka Alloh SWT. Sawangsulna anu hoyong terang ka Alloh SWT, tapi milarian kaluar tina dirina, nu kitu bakal kasasar.
Anu jadi patarosan rai teh, anu kedah dipilari, diaji teh Diri anu mana ?, kapan diri anu ieu mah parantos puguh ngajentul, naha make kedah dipilari, dikanyahokeun deui ?, cing kumaha maksadna kang ?

Rd. Muslimin : Rai…..!, sing emut, kapan diri urang teh aya dua bagian, bagian anu luar, anu katingali ku panon ieu disebatna “ JASMANI”, ibarat “Baju” atawa bungkusna. Sedengkeun bagian jero, anu teu katingali (ghoib/samara-samar) disebutna “ ROHANI” atawa Batin, nya mangrupa eusina anu dibungkusan ku Jasmani. Tah diri anu ghoib, anu samara-samar atawa batin atawa Rohani, ieu anu kedah dipilari teh.

Rd. Muslimat : Ke…kang !, kapan et amah parantos puguh teu katingali ku soca, atuh kumaha tiasa kapendak ?

Rd. Muslimin : Eta rai percaya kanu Ghoib henteu ?, upami rai teu percaya atuh hartina rai teu percaya kana Lafadz Al-Qur’an : “ ALADZINA YU’MINUNA BIL GHOIB”, Hartosna : Nyaeta anu percaya (ngabenerken) kana hal-hal ghoib.

Rd. Muslimat : Ih…. Ari engkang, atuh kantennan percaya mah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar