Jumat, 10 September 2021

Jejer bubukaning carita, nyaritakeun di hiji nagara jujuluk Ragataya ari jenengan rajana nyaeta Prabu Jasaddiyah, Prameswarina jenengan Ratna Atiyah. Parantos kagungan putra dua pemeget, jenenganana, anu cikal Raden Muslimin, raina Raden Muslimat. Duanana parantos pada-pada dewasa, estuning dipikadedeuh ku ibu rama, diatik elmu pangaweruh pikeun kaperluan hirup di dunya, oge diimbangan ku “Elmu Agama” pikeun jalan pulang engke ka akherat. Raka sareng rai istuning pada hormat, ngesto suhud kana piwejang Rama sareng Ibu..

Kacaturkeun sakur piwuruk Rama parantos kapaham, kaharti ku pikir, sumurup kana kalbuna, sasat Rd. Muslimin sareng Rd. Muslimat teh parantos ngaraos sawawa, pasagi pangarti, pangpangna bag-bagan Elmu Agama. Nya Rd. Muslimin sareng Rd. Muslimat teh pamitan ka Ibu Ramana, seja ngalih tempat ka “ Lembur Singkur ”, supados langkung khusyu enggoning ngalenyeupan Elmu Agama. Ku Ibu sareng Ramana diwidian, bari dijajap ku du’a restu.
Saparantos raka sareng rai araya di lembur singkur, beberes bebenah suapaya tumaninah tur ngarasa betah. Dina hiji waktos, nalika Raden Muslimin nuju anteng ngalenyeupan Elmu anu aya dina kitab, norojol raina Raden Muslimat, gek calik payuneun bari sila meneko, bari pok nyanggem :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar