Rd. Muslimat : Manawi salira engkang nuju rineh, mugi ridho galih, kersa ngajelaskeun perkawis elmu agama anu ku rai teu acan kapaham pisan.
Rd. Muslimin : Insya Allah rai, anu sakinten engkang terang mah, atuh anu ku engkang can kapaham, urang sasarengan pilari. Cing perkawis naon anu masih keneh teu acan ngartos teh ?
Rd. Muslimat : Anu bade ditaroskeun teh, anu kahiji perkawis “ kecap Agama “, naha tina bahasa naon?naha bahasa Arab, Sunda, Jawa, anu kaduana “ gunana Agama “, pikeun manusa?
Rd. Muslimin : Rai ! ari kecap Agama mah lain tina bahasa Arab, tapi tina bahasa Sangsekerta. Ari hartina, geura urang recah : A, hartina “ henteu “. Gama, hartina “ Kacau “. Jadi lamun dihijikeun mah A- Gama teh hartina “ henteu kacau “. Gunana pikeun manusa, atuh jelas mangrupa “ ageman, padoman, tuntunan “ sangkan hirupna ulah kasasar, sangkan tujuanana tepi kanu dituju..
Rd. Muslimat : Euh…tadina rai mah nyangka teh tina bahasa Arab, dumeh Agama Islam diturunkeun di tanah Arab. Dupi bahasa Arabna naon agama teh ?
Rd. Muslimin : Ari bahasa Arabna mah Agama teh “ Din “. Geuning dina dalilna oge kieu “ INNA DINNA INDALLAHIL ISLAM “, Sundana : “Mungguh Alloh, Agama Islam teh anu pangluhung-luhungna”. Teras sanggeum hadist Rasululloh kieu : “ AWALUDINI MA’RIFATULLOH “, Sundana : “ Awal-awalna Agama teh kudu Ma’rifat heula ka Alloh”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar