Gunem caturna
KARTA sareng WINATA
Karta : Kang …. ku jalaran dina waktos ieu rame jalmi2 anu nyarioskeun tina “agama”, ku margi eta abdi bade tumaros, naon ari hartosna agama teh?
Winata : Ari “agama”, kahartina ku akang mah eta teh: “patokan, angger-angger atawa ugeran” pikeun nyungsi kana jalan salamet.
Karta : Naha ari urang, bangsa Sunda (Jawa) ngagaduhan agama?
Winata : Ih atuh puguh, entong sariganing urang bangsa manusa (Sunda-Jawa) kapan tuh itu oge, eusina alam dunya, sato hewan, tatangkalan nepi ka pager-pager aya patokan nana saperti: nu weuteuh bakal bututna, nu pageuh aya longgerna , kembang ngajadi buah, reuneuh aya ngajuruna, jeung sajaba ti eta, jadi cindekna katerangan akang mah kabeh ge aya patokan nana.
Karta : Leres….. jadi kahartosna ku abdi ayeuna, agama teh patokan anu tetep, sapertos sakabeh anu aya mimitina, kedah bae aya panganggeusan nana.
Winata : Enya kitu …. ngan bae ari agama anu diterangkeun ku akang ayeuna mah ngandung maksud ngajawab kana pertanyaan rayi tina hal agama anu kudu dipigawe ku manusa, ulah rek disamakeun jeung agamana sato hewan, atawa tatangkalan, da eta mah pada boga patokan sewang-sewangan.
Karta : Kumaha atuh ari pikeun patokan urang manusa supados tiasa salamet teh?
Winata : Keur waktu di dunya, euweuh deui nu jadi patokan akang mah :
Badan kudu cageur
Adat kudu bageur
Kanyaho kudu bener
Akang-na kudu pinter
Karta : Ngarah naon pangna urang kudu mageuhan : Agama, patokan atawa angger-angger teh?
Winata : Kahartina ku akang, lamun badan urang cageur, kalakuan bageur, kanyaho bener sarta pinter eta teh matak salamet, sarta sabalikna, mohal jadi jelema nu gampang ditipu atawa jadi jelema mubadir.
Karta : Nu kumaha ari nu kasebut mubadir teh?
Winata : Ari nu kasebut mubadir ku akang mah nya-eta jelema nu euweuh gunana, keur mah teu cageur tambah teu bageur euweuh kanyaho katambah bodo, sok cul kana patokan sorangan ngudag-ngudag beja patokan anu ti batur (cenah), eta anu kitu anu kasasar (teu jeung kahartina) sok aya matak ngaruksak dunya katut pangeusina, jeung mun cara penyakit tea mah eta sabangsa jeung penyakit anu sok tepa (menular), sarta hese ditambaan nana.
Karta : Upami akang kersa sareng aya waktos, mugi ka abdi ayeuna mang dongengkeun sakedik-kedikkeun mah, tina hal asal usulna aya agama di urang.
Winata : Hade ….. tapi ngadongeng oge, ngan sakadar ngadongengkeun “a g a m a a k a n g”.
Karta : Sawion …. mung disuhunkeun anu kahartos ku akal pikiran abdi.
Winata : Atuh puguh, keur naon ngadongeng keun anu teu kaharti mah, da urang teh lain barudak, malah lamun aya kecap anu teu kaharti, kudu daek “nanya”, mun aya nu teu mufakat, kudu daek ngamufakat keun, ulah rek sagala enya bae, da lain munding ulah rek asa-asa; bisi kahareup aya pikir penasaran, atuh matak naon datang ka imah atawa ngondang akang, ari rek ngabadami keun pi salameteun mah; da ari urusan agama mah euweuh nu matak teu kaharti jeung moal aya nu matak jadi pasea (rugi), ari anu aya matak pasea atawa nu aya matak nga renggang keun baraya mah eta lain urusan agama, tapi marebutkeun urusan nu henteu kaharti (neangan kauntungan sorangan).
Karta : Mangga, namung sae nah ti mimiti heula.
Winata : Kieu geura:
Badan urang asal lantaran ti indung (lain badan urang bae anu asal ti indung teh, tapi sakabeh badan anu nya’reat di alam mana bae eta aya asalna, indungna) taneuh tina bumi, napas tina angin, seuneu tina panon poe, cai ti laut).
Adat urang asal lantaran ti bapa (lain adat urang bae nu asal ti bapa teh, tapi sakabeh adat di alam mana bae eta aya asalna/bapana)
Kanyaho urang asal ti guru (guru nu tara sili bantah tara sili lainkeun, ti jaman kanjeng Nabi Adam tug nepi ka urang ayeuna, tenjo, denge, ambeu, ucap jeung ingetan estuning papak sarua).
Kuringna asal ti Gusti: anu matak lamun urang enggeus nyaho sarta rajeung geus nyaksina :
yen badan enya ti indung , sok piraku uarang teu nyaho ka indung ?
yen adat enya ti bapa, sok piraku uarang teu nyaho ka bapa ?
kanyaho enga ti guru, sok piraku sakitu ayeuna dianteur ku guru, di nyaho keun; mana gula mana amis; mana cuka mana haseum, jeung sajaba ti eta, masih keneh acan nyaho ka guruna ?
kuring enya ti Gustina, sok piraku urang can nyaho ka Gusti ?
ari Wujud anu aya, apan ieu badan urang
ari Wujud anu euweuh, apan ieu adat urang
ari Wujud anu gaib, apan ieu kanyaho urang,
ari Wujud anu teu aya dat-sipatna nu teu arah, teu enggon, kapan kuring tea.
Lamun urang geus ngaharti, tangtu urang bakal ngaku yen :
badan urang sarerea teh sa’asal (saindung)
adat urang sarerea teh sa’asal (sabapa)
kanyaho urang sarerea teh sa’asal (saguru)
kuringna urang sarerea teh sa’asal (sa-Gusti)
anu matak ceuk agama: urang kudu mandang ka diri batur sacara ka diri pribadi. Nya ari ringkesna katerangan akang mah, lamun rayi hayang migawe agama , geura prak bae :
Pikanyaah barang nu jolna ti indung (badan sing cageur, cukupan kaperluan nana, ulah disiksa, da eta teh sanes nu rayi, malah upami rayi enggeus tamat ngalakon di ieu dunya nu gede, kudu sing bisa mulangkeun kana asalna deui).
Pikanyaah barang nu jolna ti bapa (adat sing bageur ulah murka da tuang rama teh sanes buta).
Pikanyaah barang nu jolna ti guru (kanyaho sing bener, ulah ngagugulung cenah bae, da rayi teh enggeus baleg).
Pikanyaah barang ni Nu Maha Suci (kuringna/dewekna sing pinter).
Karta : Ari nu disebut pinter teh kumaha ?
.
Winata : Ari pinter teh, geus teu loba omong, nenjo ka nu labuh hudangkeun, nenjo ka nu aus bere nginum, lain bae ka badan batur, ka badan sorangan ge kudu kitu, sabab lamun rayi tara daek barang dahar reujeung nginum, tangtu rayi moal cageur, sarta lamun rayi henteu cageur tangtu rayi moal bisa bageur. Geuning jaman Karuhun mah, ku pinter-pinterna, samemeh ngala tah sok melak heula, acan aya nu ngaliwat (aus) sisi jalan geus disadiaan gentong cai jeung sajaba ti eta, sabab anu masih ngocoblak mah, eta kakarakasebut ngapalkeun, ari prakna mah duka teuing (kalobaan nana mah ngan wungkul popojok).
Pikeun migawena di rayi enggeus komplit, ngan tinggal ngagawekeun bae dibarengan ku hartina, saperti :
lamun rayi arek barang cokot, naha sok gegeroan ka leungeun? Kapan terang ari leungeun anu cageur mah kakara ku karentegna hate oge geus jung indit nyokot naon nu di pikarep ku rayi. Jeung ari leungeun anu bageur mah tara nyokot anu lain-lain, sarta leungeun anu nyaho mah geus tara nyalahan – tah eta nu kitu disebutna pinter rayi ! sarta sabalikna, anu ngagero keneh mah eta sidik yen masih keneh jauh (aya keneh antaraan nana), anu matak baheula mah aya sindir kieu :
Lodong nu kosong, ngalentrung ! ….
Tapi inget rayi, jaman ayeuna mah ulah kaget, mun teu loba omong sigana moal aya nu mercaya (tapi kitu soteh ceuk nu hayang dipercaya !)
Karta : Sanes kang, eta cariosan akang anu bieu, naha ngabantun hukum ti mana? Sareng hukum teh aya sabaraha rupina?
Winata : Ari babaku nu dipake ku akang, upama nyaritakeun hal sareat hukumna kudu hukum sara, jeung anu jadi hakiman nya-eta kudu sare’at (sara) deui.
ari hartina hukum teh nya-eta putusan
ari hartina hakim nya-eta nu mutuskeun.
Ari sare’at (sakabeh anu gumelar) anu dijadikeun ku Nu Maha Suci ti baheula tug nepi ka kiwari estu tetep (netepan kana ka ayaanna), saperti : Baheula tangkal kalapa buahna kalapa, ayeuna oge tangkal kalapa teh buahna kalapa keneh.
Di Amerika tangkal apel buahna apel. Di Sumatra oge tangkal apel teh buahna apel keneh jeung sajaba ti eta, jadi ceuk akang mah sakabeh anu gumelar nu dijadikeun ku Nu Maha Suci mah ti baheula nepi ka kiwari beunang disebut bisa ngahukum (mutus) jeung ngahakiman nana (sara jeung hukum sarana teu papisah).
Hukum Adatna :
Ari adat (sakabeh adat nu gumelar) anu dijadikeun ku Nu Maha Suci ti baheula tug tepi ka kiwari, oge estu tetep (netepan kana ka-ayaan-nana). Saperti :
Baheula adatna gula teh amis.
Ayeuna oge gula teh amis bae.
Di Eropa adatna cuka teh haseum.
Di Jawa oge adatna cuka teh haseum bae jeung sajaba ti eta.
Jadi ceuk akang mah sakabeh adat nu dijadikeun ku Nu Maha Suci ti baheula nepi ka kiwari, beunang disebut bisa ngahukum (mutus) jeung ngahakiman nana (adat jeung hukum adatna teu papisah).
Hukum Akalna :
Sakabeh nu nyare’at katut adat-adatna, ku akalna nu berakal (boga kanyaho) ti baheula nya tug nepi ka kiwari geus di “ngaranan”, saperti aya ngaran seuneu jeung ngaran panas, aya ngaran cai jeung ngaran tiis, jeung sajaba ti eta, ari maksudna taya lian supaya nga-gampang-keun cumarita, geusan campur jeung nu sejen, nurutkeun basa kabangsaan nana, ari
Hukum Allahna:
Ti baheula nepi ka kiwari,
Saha nu nenjo gunung nya siga gunung.
Saha nu nyagap seuneu nya ngarasa panas.
Jadi lamun rayi geus nyaho ka eta 4 hukum, meureun rayi moal ngomong nu bakal teu kaharti di hareupeun akang, saperti:
moal nyebut kalapa buahna nangka,
moal nyebut ka cuka adatna amis,
moal jeruk dingaranan gedang, jeung
moal rek nyagap seuneu ayeuna ari panasna engke.
Cindekna rayi teh meureun moal wani ngabohong (ngawadul) ka akang, sumawon-na ka anu sejen, sabab ku rayi oge tangtu kaharti, geuning ngabohong ka anu sejen teh eta sarua bae jeung ngabohong ka diri rayi pribadi.
Tapi palebah dieu rayi sing harti anu dicarita-keun ku akang bieu teh “hukum sara” “hukum adat” ‘hukum kala” jeung “hukumulah” nu dijadikeun ku Nu Maha Suci, nu ti baheula tug nepi ka kiwari estu teu aya robahna.
Karta : Naha aya deui hukum nu sanes ti eta ?
Winata : Atuh puguh aya mah, nya-eta hukum meunang nyieun jelema nu berakal, ari maksudna taya lian supaya jelema-jelema nu aya di dunya daek nurut kana aturan nu ditetepkeun ku jalema deui, sa kaum-kaum na , saperti :
Hukum Sarana
nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana
dihakiman ku jelema
ayana di kaum-na
Hukum Adatna
nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana
landrecht, landraad, justitie, jeung saterusna
Hukum Akalna
nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana
dihakiman ku jelema, ayana di bangsa
tukang hukum akal deui
Hukumulohna
sabagian gede loba cenah
Cenah ti pada jelema
Cenah lamun urang maling
Cenah engke urang di akirat disiksa
Cenah lamun urang bageur,
Cenah engke di akirat urang diganjar.
Tah kieu katerangan hukum anu opat , ari maksudna mah taya lian mere nyaho kanu bodo (nu can nyaho ka dirina) da ari katerang akang lamun jelema geus : cageur awakna, bageur ka batur, bener kanyahona jeung geus pinter, geus nyaho kana hukum sara ti Gusti, geus nyaho kana hukum adat ti Gusti, geus nyaho kana hukum akal ti Gusti, jeung geus nyaho kana hukum Allah ti Gusti, sok piraku teu nyumponan kana hukum jieun jelema, sa-kaumna, sa-bangsana nurut adat ka-sopanan nana.
Karta : Dupi akang bade nurut kana aturan jieun jelema anu 4 bieu ?
Winata : Atuh puguh,……sakabeh jieun jelema anu lumbrah dipake dina jaman ieu ku urang kudu dipake sabab lamun teu make, urang teh jiga kumaha? Tara-kadang bisa cilaka.
Karta : Cilaka kumaha ?
Winata : Saperti kieu bae, dina waktu ieu jelema di nu rame marake baju, bajuna jieun jelema, naha rayi arek wani buligir (teu dibaju) di nu loba jelema ?
Karta : Moal da ngaraos isin.
Winata : Era kusaha ?
Karta : Ku jelema.
Winata : Tah kitu rayi, anu matak ayeuna mah sakabeh jieun jelema ku rayi ulah rek dilain-lain , teu dipake dina waktuna make; sabalikna ari rayi keur nyorangan mah teu dibaju oge teu aya pi-kaeraeun, da diri mah tara ngera-ngera, ari era nu dipake ka-era ku diri mah ti dunya nepi ka akirat, nya-eta lamun urang ngalanggar kana agama tea. Di dunya urang teu cageur, tambah henteu bageur katilu teu boga akal, bodo alah batan bodo, nga enya-enya nu lain, nga-lain-lain nu enya; nu matak ari ceuk akang mah :
KAHIJI :
Ulah rek poho ka indung, sangkan badan urang cageur, karana ti alam manaoge moal aya anu ngaleuwihan kana kanyaahna indung ka anak, tapi dasar dunya geus ti balik ayeuna mah loba jelema nu geus ngaku tukang ngelmu tukang nyaritakeun lampah deungeun sing-rariungna teh euweuh deui ngan nyaritakeun jeung muji-muji bae deungeun nu teu aya hasil ka maranehna, ari indungna mah sigana geus kaluli-luli bae, malah loba nu ngarasa era (hina) boga indung bangsa urang Sunda (Jawa), malah mun bisa mah ngarana ge hayang make ngaran bangsa deungeun, teu ingetan waktu indungna ngakandung, salapan bulan lilana, nepi ka ngajuruna pisan, susah payah dilakonan nya-kitu enggeus di dunya, nyatu, nginum dihuapan disusuan, leutik nepi ka gede, ti hirup nepi ka paeh, kanyaah indung teu pegat.
KADUANA :
Ulah rek poho ka bapa, sangkan adat urang bageur, karana di alam mana oge moal aya anu ngaleuwihan kana ka-nyaahna bapa ka anak, tapi nya-eta atuh dasar loba pamanggih nu tibalik tea, jelema teh ngan muji-muji deungeun bae, nu estu teu aya pihasileun nana, leuheung lamun nyahona bener mah, da ari kalobaan nana ngan sa ukur beja wungkul, jeung mending lamun diturutan kahadean nana anu dicarita keun ku maranehan nana teh , da ari kalobaan nana ngan kakara tepi kana agulna wungkul, ku sapedah bisa maca, bisa ngomong make basa deungeun atawa bisa ngadongengkeun lampah deungeun tea, teu ingetan ka bapa anu sa kitu paeh posona, pagawean nu kumaha oge dilampahkeun taya liyan ku-nyaahna kanu jadi anak, jadi cindekna ka-nyaahna bapa ka-anak ti hiru nepi kapaehna estu teu aya pisan anggeusna jeung estu taya pangarahan nanaanu matak rugi ka anak.
KATILUNA :
Ulah rek poho ka guru, sangkan kanyaho urang bener, sabab moal manggih guru nu leuwih pinter ti guru urang, nu nuduhkeun mana gede mana leutik, panjang pondok sumawonna, amis peuheur, beureum koneng, mana indung mana bapa,, dunya katut adatna, wujud nu aya nu euweuh, , alam gaib kitu deui, tapi nya-eta atuh dasar teu dasar, ayeuna mah nu dijieun guru teh babaku jelema nu JIGA, ngomongna jiga, pakean nana jiga, nu karesepna jiga jeung sagalana jiga.
Jadi urang mah bangsa Sunda atawa Jawa anu henteu jiga (da enya!!). Di jaman ayeuna mah geus euweuh nu nanya sumawonna aya nu mercaya, nu matak akang mere nyaho ka rayi upama arek ngelmu ulah waka rek ingkar ti diri rayi heula, kapan barangna ku akang tadi geus diterangkeun : badan ti indung, adat ti bapa, kanyaho ti guru jeung kuringna ti Gusti Nu Maha Suci.
Tapi lamun ayi hayang jadi tukang ngobrol, ngobrolkeun kaayaan dunya gede atawa hayang jadi tukang tembang ngalagukeun lagu-lagu dunya, ngarah jiga tea geura guguru bae ka jelema anu ayeuna, sabab jelema mah loba rupana, loba bangsana jeung loba karesepna, anu dipikaresep (di-pikabutuh) ku maranehna tangtu diparandangna “ALUS” , tapi lamun ku maranehna teu di-pikaresep (teu dibutuhkeun) sok dipandang “GORENG”, ceuk jelema inten teh alus , ceuk hayam anu alus mah “sangu” , padahal anu dijadikeun ku Nu Maha Suci geus tetep hukum sarana suci sagala galana.
KAOPATNA ;
Ulah rek poho ka Gusti, sangkan urang pinter, di dunya moal sabaraha lilana, sing bisa :
nyumponan badan sing cageur
nyumponan adat sing bageur
nyumponan kanyaho sing bener
nyumponan kuring sing pinter
Ari Gusti teh Nu Maha Suci bibitna sakabeh Nu Suci, ari Nu Suci teh nya-eta sakabeh nu dijadikeun ku Nu Maha Suci.
Nu Maha Suci teh nu ngagaduhan sifat welas jeung asih (Rohman Rohim ?),
ari nu welas nu asih di alam badan nya ti indung
ari nu welas nu asih di alam adat nya bapa
ari nu welas nu asih di alam gaib nya guru
ari nu welas nu asih di alam kabeh nya Gusti Nu Maha Suci (Robil-Alamin?)
Nu matak ceuk akang mah saha2 anu ngalainkeun ka indungna, sarua jeung ngalainkeun ka lemah-caina.
anu ngalainkeun ka bapana sarua jeung hiji bangsa nu teu boga adat/teu boga kasopanan.
anu ngalainkeun ka guruna sarua jeung nu geus teu boga akal/sato !
anu ngalainkeun ka Gustina, sarua jeung penghianat /setan !
Nu matak rayi tina hukum jieun jelema oge rayi kudu nyaho hukum sara sa-kaumna, hukum adat sa-adatna, hukum akal sa-akalna, hukumuloh sa-Allahna, tapi lebah dieu, sang-geusna rayi nyaho jeung nyaksian, rayi omat ulah rek popojok, da dunya mah beda-beda, kaumna kitu keneh, kaum cuka mah haraseum, kaum kina parahit, kaum gula aramis, seuneu panas cai tiis, kabeh ge ngaraku bener, ngan benerna teu ngahiji, kahalangan ku sara-na, kahalangan ku adat-na, kahalangan ku bener-na, kahalangan ku pinter-na: ka-lolobaan-nana pinterna pinter sorangan, benerna hayang bener sorangan, adatna murka sorangan jeung sara-na siga-na teh bet hayang keur sa-sorangan-eun, nu matak alam ayeuna loba nu pa-unggul-unggul, unggul saur, unggul tincak, mun teu unggul boga rasa henteu luhur, padahal saur sepuh urang baheula mah ulah arek luhur saur, ulah arek luhur tincak, da anu rumasa luhur teh estu jalma pang-hina-na, ayeuna mah geus pageuhan bae patokan rayi sorangan, sabab baheula aya saur sepuh anu kira-kira kieu :
“Engke di jaman ahir, bakal loba jalma di dunya anu ngaraku ku ucapna geus SUCI, kanyahona ngan semet TEJA, tapi ari angkeuh asa pang-luhurna. Ari hartina teja teh nya-eta cahyana dunya (beureum, koneng, bodas, hideung jeung sajaba ti eta), pagawean nana ngan nyiksa diri sina teu cageur, ngajak-ngajak henteu bageur, sok ngaku bener sorangan ngalain-lain ka batur, ngaran Suci di dunya enggeus diaku, tah nu kitu ulah arek di-guru-an, bisi rayi badan jeung banda ruksak dipake tawajuh, jeung baraya patelak, benerna ngan be-beneran, pinterna nya kablinger, teu ngaraksa ka barang ti indung nu dititipkeun ka manehna, teu nyaho eun indungna mah nenjo anakna teu dahar atawa-na henteu nginum teh sok tuluy ceurik, mun nenjo anakna gering, indung mah luas ngorbankeun nyawa asal boga anak cageur deui, anu dititah tirakat soteh manehna lain jas-na tapi ari ieu badan-na disiksa sina teu cageur teu dibere nyatu nginum, marukana ari badan teh manehna, anu dititah tirakat tea, hih lain, ari badan mah titipan ti indung, salilana manehna ngumbara di dunya gede nya make badan eta nu kakuatan nana numpang/make ti dunya nu gede, sarta lamun enggeus, atuh geus pulang keun deui ka-asalna, ari tirakat keur manehna nya-eta boga kanyaho teh geura pake, sing bisa ngajaga badanna ulah aya ka-kurangan-nana sangkan cageur, sing bisa ngajaga adatna ulah aya ka-kurangan-nana sangkan bageur! bisa ngurus badan jeung teu nyieun teu ngeunah ka batur, sakitu oge bener jeung pinter!
Tapi dasar dunya geus tepi ka dasarna, eta jelema nu kitu, ana nenjo ka jelema nu sok ngurus kana kasehatan badanna, make hayoh nyebut Fir’aun sagala (eta ku sapedah sok dahar jeung nginum?), kawas nyaho ka Fir’aon teh, naon ari Fir’aon teh? Kuhayang-hayangna dipercaya, make hayoh make basa nu teu kaharti ku urang, ngarah euweuh tuluyna, ari Fir’aon teh nya-eta jelema nu teu cageur tambah teu bageur, owah akalna, ngaku suci ku ucapna, nepikeun ka teu nyaho kana getihna pribadi nu ngocor di na badanna (ceuk basa Walandana “Stroomen”) beurang peuting teu aya eureun-na, bisi rayi acan nyaho :
ka-nyaah ti indung salawasna ngocor dina badanna
ka-nyaah ti bapa salawasna ngocor dina adatna
ka-nyaah ti guru salawasna ngocor dina kanyahona
ka-nyaah ti Gusti salawasna ngocor di alam kabeh, kade lain ngocor kawas cai rayi ! getih ngocor (Stroomen). Tina ngocorna getih jadi kakuatan (magnet). Tina kakuatan jadi nyaho = terang (licht). Tina terang jadi nyaho ka kabeh !
Ku gebleg-geblegna eta jelema anu euweuh kanyaho kana stroom nyebutkeun nana oge “sihir” (marukana usik malikna teh teu make stroom?), tapi ari nyarita mah mani kawas jalma anu leuwih, panon poe, bintang, bulan sagala ditata-an, siga nu heu”euh tapi electrileit (listrik) anu di badan na henteu nyaho naha kitu ?
Cindekna katerang akang :
Nu poho ka badan sarua jeung poho ka indung – nu poho ka indung sarua jeung nu tani poho ka bumi.
Nu poho ka adat sarua jeung nu poho ka bapa – nu poho ka bapa sarua jeung nu dagang teu boga kasopanan.
Nu poho kana kanyaho sarua jeung nu poho ka guru – nu poho ka guru sarua jeung nu boga kahayang (karajinan) euweuh akalna (benerna).
Nu poho kana dirina sarua jeung nu poho ka Gusti – nu poho ka Gusti sarua jeung nu rek kumawula euweuh kapinteran nana !
Karta : Sadaya cariosan akang titadi ku abdi dicatet dina ieu buku, mung bae tadi akang aya saur kieu :
badan ti indung – adat ti bapa – kanyaho ti guru – ari kuring ti Gusti, jadi kahartos-na ku abdi; Nu Maha Suci teh bibit anu saruci, anu saruci teh nya-eta anu dijadikeun ku Nu Maha Suci teh nya-eta:
“Sare’atna nya dunya katut pangeusina; Tarekatna nya adat dunya; Hakekatna nya kanyaho; Marifatna nya kuring/”
Ku margi eta sae akang kersa nga-dongengkeun deui sakedik mah tina hal patokan kuringna.
***
Winata nga-dongeng-keun pamendak tina hal
PERTANYAAN JEUNG JAWABAN KURING
1. Ari kuring asal timana ?
2. Ari asal mah ti Pangeran.
1. Atuh lamun kuring asal ti Pangeran mah meureun anu tangtu “nyaho” ka Pangeran-Na ?
2. Atuh puguh ….da moal pati-pati kuring keur waktu kawin ka pamajikan kuring, di payuneun wakil Pangeran (Halifatuloh) ? sarta disaksi ku sarat-sarat kaum kuring, dina Adeganana Pangeran (Baitulaoh?) geus ngucapkeun:
“Kuring “NYAHO” sarta “NYAKSIAN” yen euweuh deui Pangeran nu wajib dikawulaan ku kuring anging Gusti kuring Anu Maha Suci”. lamun kuring henteu nyaho.
1. Saha “asmana” Pangeran teh ? jeung saha ari “ngaran” kuring ?
2. Kuring mah teu arek wawanianan nyebut asmana Pangeran, da kuring “yakin” Pangeran kuring mah teu aya bangsana (laesa kamislihi?) ari anu sok dingaranan mah, eta nu tangtu bae aya bangsana, jeung pangna dingaranan teh taya lian ngan supaya gampang dicaritakeun nana jeung inggis atawa bisi pahili; saperti pangeran-pangeran anu di dunya …Kuring ge nya kitu keneh; sakalieun boga ngaran ,,abdi” oge lamun kuring geus bisa ,,ngawulana” ka Pangeran (Gusti kuring) tea.
1. Naha ari ,,Karta’’ teh lain ngaran kuring ?
2. Ih, ari Karta mah ngan sakadar ngaran jieun jelema (jieun batur) nu nganga-ranan karana adegan kuring di dunya, nya-eta ku lantaran loba bangsana, ku supaya ulah pahili tea jeung ari nu dingaranan Karta mah eta aya indung bapana (kolotna) …..Kitu oge eta ngaran Karta teh henteu gampang-gampang diaku bae , da lamun kuring dhohirna migawe: kahewanan teuing, kadunyan teuing, karobanan teuing, atawa kasetanan mah, ngaran “Karta” teh teu beunang (teu pantes) dipake, da Karta teh keur “ngaran” manusa nu geus bisa “migawe” kamanusaan nana.
1. Ari Pangeran kuring teh lain Nu Maha Suci ?
2. Enya…..
1. Atuh lamun kuring asal ti Nu Maha Suci mah, kuring oge mereun suci, da itu geuning cai nu aya dimana-mana nu asalna ti laut (sagara cai) bet disebut tunggal cai keneh?
2. Atuh puguh, da lamun kuring teu suci mah, di dunya teh kuring anu tangtu moal bisa nyaho: mana anu disebut salah jeung bener, hideung jeung bodas, panjang jeung pondok, amis jeung pait, goreng, hade, jeung sabangsana nu dijadikeun ku Pangeran kuring.
1. Ayeuna kuring sanggeusna ngarasa aya dina badan nu dipake ku kuring satungtung aya di alam dunya (pamajikan), naha masih keneh eling ka kuringna jeung kana kawajiban kuring pribadi ?
2. Atuh puguh, eta mah kieu geura, saibarat kuring keur ngawayang uwong, di-dangdanan jeung di jieun naon bae, naha Erjuna atawa jadi Buta, kapan ari kuringna mah eling, yen kuring mah lain Erjuna jeung lain Buta, ngaku ngaran Erjuna (Buta) soteh dina keur ngawayang uwong bae; nya kitu deui keur waktu kuring di alam dunya, dina adegan jeung ngaran manusa, dina satungtung ngigelkeun jeung ngalagukeun lagu kamanusan teh, kuringna mah kudu tetep elingna kana asal kuring pribadi, jeung oge dibarengan bari migawe kawajiban kuring sacara nu asal ti Gusti nu Maha Suci.
1. Naha boga kawajiban naon jeung kudu kumaha cara-carana ari anu asal ti Gusti Nu Maha Suci teh ?
2. Haarr …. kapan samangsa-mangsa asal ti Nu Maha Suci, anu tangtu eta teh Suci, nya kitu deui lamun kuring geus nyaho mana nu disebut salah jeung mana nu disebut bener, kuring diwajibkeun ngarukunkeun dlohir jeung bathin (anu jadi pamajikan kuring, sok komo lamun nepi ka bisa ngarukunkeun saluarreun diri kuring dunya katut pangeusina mah).
1. Ngarah naon sina rukun teh ?
2. Ari anu disebut rukun ku kuring mah kieu: Sakabeh mahluk Pangeran anu araya di dunya, sing baroga perasaan kumaha cara-carana nu kumawula ka Pangeranna nurutkeun adegan jeung ngaran manehna da ari picontoheun mah kabeh oge picontoheun, sanajan anu teu ngomong oge, saperti tuh panon-poe, geuning panasna, cahyana, keur sarerea, ngahasilkeun ka sarerea, pagawean nana bukti ! Tuh laut! nyaian ka sarerea, niisan ka sarerea, pagawean nana bukti ! Tuh angin ! nganapasan ka sarerea, mindah-mindahkeun hawa ka sarerea, pagawean nana bukti jeung tuh bumi! oge kitu! Cindekna: seneu, cai, angin jeung bumi geus jadi conto; malah badan jeung kasehatan nu dipake ku kuring ayeuna, ayana teh ku rukunna eta nu opat, ayeuna ari kuringna nu ngaku asal ti Nu Maha Suci, tur geus ngaku leuwih mulya ti sakabeh mahluk, dina waktu nyekel rol (ngalakon) di dunya, mun cara dina ngawayang uwong mah, di dunya teh keur nyekel lalakon jeung pakean Bathara Guru, naha pantes ari igel jeung lagu cara igel -parigelna buta hejo bae ? Atuh lamun kitu bae mah dunya katut pangeusina teh moal aya beresna (kusut). Jadi hartina rukun anu dicaritakeun ku kuring mah kieu : Kajeun pabarencay sumawonna ngumpul, asal sing rukun! silih ome keun dina kasalahan nana, silih turutan dina kahadean nana deukeut sumawonna jauh ulah rek migawe pagawean atawa omongan nu temahna matak teu salamet ka dirina tawa ka nu sejen, sabab: sanajan henteu ngocoblak ngomong, tapi, ari migawe pagawean nu hade mah, eta leuwih gede mangpaatna ti batan nu wungkul ngomongkeun atawa ngapalkeun keneh samaliun kitab papatah (tirakat ngosongan beuteung!) timana jalanna rukun jeung batur lamun di jero beuteung na ribut bae.
1. Ari geus rukun kumaha ?
2. Nya ari geus kitu mah, anu tangtu dunya katut pangeusina teh surupdisebut bener jeung salametna.
1. Ngarah naon ari geus balener kabeh ?
2. Kapan ngarah paruguh surupan nana deui, tuh geuning itu nu nyontoan mah mani teu aya eureunna; cai ka laut deui, seuneu ka panon poe deui, napas ka angin deui, taneuh ka bumi deui, estu teu matak hese ka kuring mun tas ngawayang uwong tea mah pakean teh bet beberes ku maneh (otomatis?), jeung ari kuringna mah hayang balik ka asal kuring deui, da ari dunya mah lain asal kuring, bener ayeuna mah kuring teh keur ngalakon di dunya sing surup dina adegan dunya soteh, cageur jeung bageur; tapi ari geus tamat lalakon mah kuring teh sing surup ka asal kuring deui, malah ari kahayang mah nu nurutkeun kawajiban, dunya katut pangeusina teh meujeuhna babalik sing surup ka kuring (dunya sing surup ka kuring, kuring oge sing surup ka Pangeran kuring), da lamun acan suci mah sok asa moal bisa, “pulih ka jati pulang ka asal kuring deui, nya ka Gusti Nu Maha Suci” (inna Lilahi wa inna Lilahi Rojiun?).
1. Lamun kuring geus bisa ngarukunkeun diri, komo lamun tepi ka bisa nga-rukun-keun nu sejen, naon pingaraneun kuring ?
2. Ari nu geus bisa nga-rukun-keun mah, eta pantes dingaranan “abdi” sabab geus bisa ngawulaan nana ka Pangeran.
1. Cing carita keun, kudu kumaha kuring di dunya ngawulaan nana Pangeran, tepi ka tutgna boga ngaran abdi teh ?
2. Lamun dicarita-keun mah, kieu kuring teh : Kudu mangeran ka Gusti Nu Maha Suci, ari pagawean nana nya-eta urang di dunya sarerea kudu maranut ka : sakuring-kuringna nu asal ti Nu Maha Suci tea, sabab tadi oge geus diterangkeun da kuringna nu aya di aranjeun teh asal ti Pangeran kuring keneh, henteu beda cara cai dimana-mana, asalna ti laut keneh. Urang di dunya pada karumawula ka Pangeran pada harayang jadi abdi-na (abdi Gusti) = ngalimah kalih; mun keur waktu urang baheula di pasantren (pamuridan mah eta teh disebutna “{Syahadat”): Kudu mangeran ka Gusti Nu Maha Suci, Kudu manut ka utusanna Nu Maha Suci.
1. Kumaha ari mangeranna ka Gusti Nu Maha Suci teh? Jeung kumaha ari manut ka Utusan nana teh? da mustahil ari cukup ku ngomong wungkul mah, da ari ngomong na mah budak leutik oge mun diajar mah meureun bisa-eun.
2. Ari mangeran ka Gusti Nu Maha Suci urang kudu migawe pagawean nu Suci (ngawujudkeun pagawean anu hade) jeung ari manut ka Utusan Nu Maha Suci urang kudu daek mere pituduh ka sakur nu teu nyaho-eun kana jalan anu bener, dibarengan ku tekad anu henteu rek ngarah ngarinah, sabab urang kudu :
Sembahyang
Ngiblat kana adegan Nu Maha Suci, (ka sakabeh nu dumadi), kudu ngarti sarta surti, bisa nangtung, ruku, sujud jeung lungguhna sakabeh mahluk teh ana kacukupan seuneu, cai, angin, bumina, anu matak lamun urang enggeus harti sarta lamun nenjo mahluk anu kakurangan (teu cageur atawa teu bageur) urang kudu bisa nyalametkeun, geuning dina panutupan solat, aya kecap aweh salam (mere salamet = nyalametkeun) ka sakabeh Rahmatna Allah nu geus diberkatkeun ka urang sarerea (asalamu alaikum warahmatulohi wa barkatuh?)
Zakat – Fitrah
Nulung ka nu butuh – nalang ka nu susah, ngateur ka nu keu-eung, nuduhkeun ka nu teu nyaho; lamun urang acan nyaho ka nu butuh atawa ka nu susah (anu kakurangan dahareun atawa inumeun) urang kudu :
Puasa
Tah dina puasa urang bakal nyaho kumaha ari rasana teu dahar? kumaha ari rasana teu nginum ? jeung sajaba ti eta. Lamun urang geus kaharti sarta ka surti, naha henteu leuwih hade lamun urang sarerea (dunya katut pangeusina) pada rukun sing:
Munggah jadi Hiji dina Adegan Nu Maha Suci
Ku nyumpumponan kana Rukun anu 5 bieu ? sabab eta nu Rukun teh Suci, jeung ari nu hayang Suci, pagawaean nana kudu Rukun !
Hukum Sarana geus pada baroga, sakaumna-sakaumna !
Hukum Adatna geus pada baroga, sa-adatna-sa-adatna !
Hukum Akalna geus pada baroga, geusan ngahijina/Rukunna !
Hukum Allahna nu geus tetep dina Adegan Nu Maha Suci :
Saha nu nyagap seuneu : Panas
Saha nu melak bakal ngala buahna
Saha nu resep ngabobodo ka batur (nga-wirid-keun bohong ka nu sejen) sabetah kabita ku dunyana atawa hayang diesebut jelema pinter, awal-akir anak incuna bakal milu kabobodo ku pelak manehna ayeuna !
Saha-saha nu nyebarkeun elmu salingkuh, awal-akir anak incuna oge bakal jadi jelema bodo !
Saha-saha nu sok tuturut munding anak incuna oge alamat teu beda jeung munding!
Kuring percaya : Gusti Nu Maha Suci geus ngajadikeun dunya katut pangeusina ku ayana dunya katut pangeusina teh geus ngajadikeun lantaran kuring sarerea.
Sareatna badan ti Indung
Tarekatna adat ti Bapa
Hakekatna kanyaho ti Guru
Ma’rifatna kuring ti Gusti
Ayeuna kasebut ku lumbrah :
Badan teh nya badan kuring
Adat teh nya adat kuring
Kanyaho teh nya kanyaho kuring
Kabeh diborong ku kuring
Nu asih ka badan kuring nya indung
Nu asih ka adat kuring nya bapa
Nu asih ka kanyaho kuring nya guru
Nu asih di alam kabeh nya : Gusti Nu Maha Suci (Robbil Allamin)
Nu matak lamun kuring geus baleg, enggeus boga kanyaho, tur kuring mah estu nu MIBUTUHNA ku badan cageur, ku adat bageur, jeung kanyaho nu bener, atuh mistina mah tikel rebu milu nya’ah ka badanna, milu nya’ah ka adatna, jeung milu nya’ah kana kanyahona teh, malik nya’ah ka alam jeung pangeusina kabeh nu dijadikeun ku Nu Maha Suci nu dipikabutuh ku sarerea.
Sakabeh badan ulah disiksa/sina teu cageur.
Sakabeh adat ulah dipake ngasut/sina teu bener ulah kurang (min), jeung ulah leuwih (plus) bisi jadi jelema anu teu jejeg (abnormal)
Kanyaho anu aya matak teu hade ulah sok disebarkeun bisi nular ka nu sejen jeung euweuh deui puntanganeun kuring ayeuna (dina waktu ieu) mah ngan wungkul kuring pribadi,
Kuring anu nyagap seuneu , batur moal milu panas.
Kuring anu dahar, batur moal milu seubeuh
Kuring anu goreng, batur moal milu dosa jeung sajaba ti eta.
Jadi ringkesna kuring teh kudu tetep mageuhan agama (patokan) kuring pribadi,
Jeung kuring teu dikukudukeun pipindahan agama atawa moyok nu batur,
Nu hade wajib diturut, gorengna kudu di jauhan/ mun bisa kudu ngomekeun,
Sabab ari goreng teh ka kuringna matak jadi karugian anu pohara gedena, sareatna badan ruksak, tarekatna jeung dulur oge patelak, hakekatna guguru ka Teja cahya, ma’ripatna lain Suci lain pinter, tapi jadi bebeakan beresih sagala-galana (0=nol).
Badan kuring sanajan dipolas-polis, diruruba ku carita atawa ganti dangdanan, (ganti sipat, ganti adat, kanyaho nurutan batur, kuringna mah teu panglingeun).
Adat kuring sanajan digosok unggal waktu moal luntur, da boga bakal sorangan, saibarat kopi susu, sakitu geus dihijikeun ku cai panas nu ngagolak, rasana mah teu pahili, susu – susu, gula – gula, nya kitu deui kopina; ngan raosna nu ngahiji soteh, kitu oge lamun salah sahiji barang teu aya nu leuwih atawa aya nu kurang, jeung kitu oge lamun anu ngarasakeun nana boga kanyaho (cageur bageur).
Kuring teu arek era disebut bangsa Sunda (Jawa)
Kuring teu arek era make kasopanan Sunda (Jawa)
Kuring teu arek era nyaritakeun hal patokan Sunda (Jawa)
sabab kuring percaya Gusti kuring Anu Maha Suci ngajadikeun nana mahluk teh moal kakurangan atawa moal kaleuwihan.
Kuring percaya bangsa Kuring teh jelema aya kamanusaan nana.
Kuring percaya bangsa Kuring teh boga adat, aya kasopanan nana.
Kuring percaya bangsa Kuring teh boga kanyaho, aya kawruhna.
Kuring percaya bangsa kuring teh kudu iman, aya kukuhna da mustahil ari kayu-batu,sato-hewan, dunya katut pangeusina boga kukuh, ari kuring henteu ?.......nya ari rupa mah puguh bae beunang dipolas-polis saperti : “Kai ku pamaksa jelema, dituar, di ku di kieu nepi ka geus jadi meja, disirlak atawa di cet, tapi kai na mah teu leungit-leungit nya kitu deui sirung nu jadi dina tunggulna, nya kai deui kai deui.
“Naha bisa Suci lamun teu make Iman”?
Kaharti kukuring mah lamun :
teu iman ka nu Wujud = teu cageur
teu iman ka nu Karasa = teu bageur
teu iman ka nu Bener = teu boga kanyaho
teu iman ka nu Pinter = bodo
teu iman ka nu Pasti = tangtu
teu iman ka nu Salamaet = cilaka
Lamun palebah dieu acan masih kaharti keneh geura ngalieuk atuh ka kenca ka katuhu kilang bara daek nenjo tincakeun ka hareup mah, atuh anu ka tukang-tukang ……..
balikeun awak teh sugan inget ka wiwitan :
Tah Indung Anjeun
Tah Bapa Anjeun
Tah Guru Anjeun
Tah nu “wawangina disilih ku anjeun”.
Palebah dieu, teu aya menak teu aya kuring, henteu beunghar henteu miskin, saha bae nu nyebarkeun cucuk, awal akir eta cucuk teh bakal jadi, lobana tikel puluh batan anu disebarkeun (leuweung?), sarta anak incuna (turunan nana = tironan nana) anu nyebarkeun tea age, nya bakal kacugak ku pepelakan nana.
Anu matak lamun urang nya’ah ka anak incu nu hirup pandeurieun urang, omat ulah rek wani-wani migawe pagawean anu goreng (nu teu pantes), malah kudu dibere nyaho jeung sina mikanya’ah ka bangsana, mika cinta kana adat sorangan nana, da ari elmu akalna mah jolna ku campur tea, sarta tuduhkeun Hukum-mulohna nu lain jieun jelema (disingsieunan atawa dibibitaan).
---------------------------------
Keur sedengna raos ngadongeng, bet karungu suara lonceng 8 kali nawisikeun parantos tabuh 8 wengi ….Ku jalaran eta Winata emut dina tabuh 9 teh kedah nyaksian hajatna : Kai Kartawinata di kampung Pulasan Jatinagara.
Rayi …..saur Winata; naha urang ngobrol teh bet kajongjonan teuing, kapan wengi ieu teh urang diarondang ka Jatinagara.
Karta : Aeh sumuhun, na abdi mah mani hilap, teu emut sakedik-kedik acan, sigana upami teu diemutkeun ku engkang mah anu tangtos moal kana emutna.
Winata : Hayu atuh, ngan dijalan etang-etang tamba keueung palebah kuburan si Arkab, tukang kitab tea, rayi kudu tembang, ari laguna ku pamenta akang kudu Kinanti.
Karta : Mangga, mung guguritan nana kenging timu tina laci meja, sawios?
Winata : Ah, pek bae !
Di jalanna
Keur mah hujan taya eureunna, katambah tambih ku po’ek naleueur sareng nanjak mudun , karareueung tambah sieun, ma’lum seueur bejana (cenah) tea, komo eta mah palebah astana si Arkab tea handapeun kiara leuwung, mani siga anu nangtung, jangkung gede tue hideung, kaina mani janggotan, pantes pamuntangan jurig, kaciwis nu sok meulit bitis, Karta sareng Winata leumpangna di tarariung, tungkul henteu luak lieuk, hate dug-deg kekenyudan, asa geus kop, asa geus am, bukurna kekerejedan …..
Karta bakating ku sieun taya papadana ngan gorowok bae tembang tarik pisan laguna ku Kinanti buhun :
Sir ati ngajadi gulung, lila-lila jadi kuring, anjaclang di alam Padang, rus ras sok rea ka eling , katineung reujeung kamelang, melang mangmang beurang peuting.
Nunggu nunggu cunduk waktu, nganci-nganci nitih wanci, ngadagoan datang mangsa, henteu kendat beurang peuting, sanajan nepi ka ajal, bulak-balik mo’ katilik.
Mungguhing nu jadi mahluk, tuna harta sepi harti, henteu bodo-bodo acan, surup jeung unggeling dalil, nyebut enya puguh enya, nyebut lain puguh lain.
Mahluk mung darma lumaku , Gusti nu ngusikkeun diri, ibarat dalang jeung wayang, nya kitu mahluk jeung Gusti, aya maneh aya kula, teu pisan pisah saeutik.
Paur lamu seug dicatur, ketir lamun dipikir, moal lancar ku di talar, Gusti lain dina biwir, di dunya henteu gumelar, amung mahluk anu lahir.
Lamun mukir anu saestu, moal kalis ku ka inggis, susah lamun nincak salah, ati henteu weleh ngait, lamun emut sok sumuat, beuki lila beuki muhii.
Ninggang di jalma takabur, umangkeuh reujeung sumingkin, samar kana bisa nyasar, ari tetep moal lilir, nyekel iman ngan salancar, da ngukuhan elmu nu dir.
Nu puguh ngan matak linglung, muru bukur malar bukti, ngudag-ngudag nu teu guna, kira-kira teu kasungsi, bongan tekad anu salah, nguntit-nguntit anu lain.
Mun kitu tangtu kaliru, misil moal jadi hasil, malah malah tambah susah, pinanggih reujeung kasedih, ubarna ngan kudu sabar, pasti anu tangtu jadi.
Kukuh pengkuh kudu puguh, cengeng ati masing pasti, sanajan lempang salengkah, ulah henteu jeung dipikir, poma arek tinggal bismilah, sangkan rahman-rahim panggih.
Dunya mung saukur ngaku, henteu beunghar henteu miskin, menak kuring sakabehna , teu diwincik wiji-wiji, pasti kapurba-wisesa, ti lahir nepi ka bathin.
Mungguhing anu linuhung, lantip ati tur berbudi, nyoreang taya karingrang, tebih marganing kasedih, ca’ang padang narawangan, dumeling ngagem ka-eling.
Aheeeeeeng !!!! ceuk Winata
Ku rarasaan akang mah, lain ku sapedah kana lagu kabangsaan sorangan bae, naaa da asa moal manggih lagu anu karasana ku akang nyenyep nyerep sumrambah kana lelembutan cara lagu Sunda mah, disebut ngeunah da lain kadaharan disebut genah da lain tutumpakan, tapi sakabeh : badan, adat jeung kanyaho teh mani asa nyaksian kabeh …… lamun ceuk urang Ciwaruga mah nu kitu disebutna teh “anggeus”!!! cenah.
Sedih lain, suka lain, tapi ku rus-ras ka nu geus di alin2.
Sadarongkapna ka Jatinagara kaleresan pribumi nuju keur ngijabkeun, disaksian ku ondangan, atuh teu kantos dicalikeun deui, Karta sareng Winata teh mararenanh-keun maneh bae, maksadna ngiring nyaksian kana pakaulan nana pribumi ka putrana, laguna ku :
“Kasinoman”
Kieu ijabna Kai Kartawinata teh :
Neda ageung pangaksama, ka pramitra jaler istri, anu sami ngalu’uhan, ka ieu riungan wengi, muga karesa nyakseni, reh numut galur karuhun, budak kedah disunatan, boh awewe boh lalaki, malah mandar rahayu dipawenangan.
Salametan ieu budak, yakin ti nini ti aki, katut ti indung bapana, malah ti kadang ti wargi,jembarna ti Maha Suci, jumunjung Nu Maha Agung, kumarga eta sumangga lenyepan ku sanubari, wincik budak malah mandar jasa mekar.
Baeu banget anak bapa, ujang sarawuh si nyai, Fatimah Mamunah Dayat, anak bapa sing prihatin, ujang teu nini teu aki, ngan bapa jeung ema wungkul, tur aya di pangumbaraan, ngan bae enung anaking, mangka janglar tumarima kana kadir.
Rumasa ema jeung bapa, ti mimiti enung lahir, taya tandana ka anak, nyipat kawelas-ka’asih, ngan sugan baring supagi , ginanjar Gusti yang Agung, barisa ngajaga awak, mingpin sanubari batin, anging ieu bekel di Pawenanngan.
Pertanda bapa ka ujang, Ema nya’ah ka si nyai, lain uwang lain barang, ngan bapa ieu ngawaris, malah mandar jadi eling, keur jimat enung ka payun, mun pareng paranjang yuswa, bekel gumelar di lahir, baris modal ngumbara di Pawenangan.
Poma poho ka wulangan, cai lali awit bijil, henteu nyaho ka sagara, ulah kaya memeh miskin, poma tonggoy kana lahir, sing emut enung ka puhu, conto Batara Surya, sumorot kadia tatit, ngempur pamor sumirat ti beulah wetan.
Hegar rahmating Pangeran , mahluk Gusti sami muji, kana kajembaran nana, pecat sawed nema wanci, rumangsang anu ngagilir,mipit menit muru waktu, ceg anceg wates manceran, ditema ku waktu lingsir, tunggang gunung kawas anu ngawawa’as.
Jeg anu ngahiap hiap ngajak sumujud ka Gusti, muja ka yang Maha Mulia, layung koneng nu ngaganti, nyilokaan mahluk Gusti, candra wetan anu cunduk, tah ujang hirup di dunya, masing sasihna ti Gusti, wincik bapa teangan masing kapendak.
Mun bapa aya hadena, conto ku ujang ku nyai, anu goreng mah ulah, ujang nyai masing eling, nu ingkar ti laku Suci, kajeun bapa kajeun indung, ari goreng laku na mah, ulah diturut saeutik, mikolot mah poma ujang ulah robah.
Sing tumetep poma robah, pahing soteh adat iblis, bisi ngaruksak turunan, anggur ujang mangka nyangling, sing caringcing ulah cicing, anggur sipuh laku sepuh, ujang teu aya salahna, mun kolotna beuheung munding, geuwat rawat ku tekad jeung kalakuan.
Tembongkeun lampah si ujang , contokeun karintih nyai, ari ku lisan mah ulah, poma dek nyiduh ka langit , kajeun di wali di nabi, taya nu miwulang sepuh, tah ujang matak doraka, anu lancang kumawani, kajeun hina kajeun laip bapa urang.
Pangeran di pawenangan, Gusti ujang di lahir, nu jadi marga lantaran, pang ujang jeung nyai lahir , digelarkeun Maha Suci, sababna bapa jeung indung , nu matak ceuk caturangga paribasa nini aki, indung bapa di dunya nu leuwih mulya.
Kajeun jelema beurat beunghar, sugih harta loba harti, mun teu rumawat ka sepah, temahna matak balai, nu matak sing jadi eling, meungpeung bapa sareng ibu ayeuna masih gumelar, kadongdora ujang eling, geus euweuh mah geuning sok dikarorehan.
Di tareang ka kuburan, nyai ujang mah anaking, ayeuna bae ayeuna, sing ngesto na sanubari, meumpeung cukup saksi diri, wawakil yang Maha Agung, ari jalan rumawatna, waris bapa nu ngabukti, ku si ujang poma kudu dipiara.
Lain waris harta benda, wujud diri sanubari, geuning ujang boga badan, boga tangan boga kuping, kumplit anggahota diri, warisan ti rama ibu, cing coba bapa rek nanya, kira-kirana ka-uji, sabaraha eta pihargaeun nana ?
Pamenta ema jeung bapa, kade ujang mangka lali, pangajina diri ujang, modalna keur nyungsi batin, mun teu nyaho harga diri, temahna sok jadi bingung, sok lieur lolong dunyana, batinna mah komo deui, indung bapa sok dijieun ponakawan.
Cangcaianna ti sepah mah, ujang masing jadi eling, karasa pisan ku bapa, nu matak enung anaking, poma masing jadi eling, di anak mah kantun mulus, sangsara mah geus ku bapa, ngan saeutik ka si nyai, pesen bapa geura regepkeun ku ujang.
Mun bapa ninggang ka mangsa, tepi kana titis tulis lain rek sungkan rek baha, teu tarima kana takdir , kabeurat teu aya deui , kajaba ngan anak wungkul, kainggis sieun minculak, ingkar kana hukum diri, ngan sakitu ka bapa anu jadi beurat.
Kawasna moal sampurna, bapa mo pulih ka jati, mo bisa pulang ka asal, kahalangan ku kaeling, sukma ngalayang di lahir, anak anu jadi galur, tah lamun ujang nyai nyaah, tandana rek males pulih, ka bapa mah lain sipat kadaharan.
Mungguhing lelembutan mah, basa lembut eta latip, basa latip eta laesa, mo bisa dibanding lahir , anging kudu latip deui, kakara tiasa terus, ka sukma bapa teu wiat, ku jalan pijah si nyai, jeung si ujang pijahna ku kalakuan.
Nu nyumponan ka sampurnaan, nu cocog sareng agami, nya-eta lampah utama, nu pantes tata karami, jeung deui ujang sing eling,, pagulung soteh jeung indung,, jongok ayeuna jeung bapa, bukti soteh ku jasmani, basa jasad baju nu keuna ku ruksak.
Teu langgeng mungguh ayana , keuna ku owah ku gingsir, mungguhing enggeus ruksak mah, ujang susah nya milari, hayang papanggih jeung bukti, tepung jeung rama jeung ibu, bukti jeung kurungan nana, kajeun ka cai ka leuwi, ka sampalan ka leuweung ka pajaratan.
Taya panginten kapendak, biasana mungguh jalmi, ngarasa inget ka bapa, ka indung nya kitu deui, lamun geus euweuh di lahir, tah kitu mungguh di mahluk, babari eleh ku hawa, ujang mah kasep anaking, sing tiasa langgeng dina patekadan.
Peupeuriheun eyang ujang, ngan kantun asma dilahir , susah najan diteangan, wayahna bae anaking, pang bapa bisa merwincik, karasa ku bapa enung, hirup teu indung teu bapa, kaburu pahatu lalis, karasana taya gunung pananggeuhan.
Ka saha geusan nya muntang, geusan bapa titip diri, euweuh deui ngan ka anak, nitipkeun lahir jeung batin, lahir bapa tilis ceuli, batin henteu unggut-unggut, nu matak ujang teangan, tunggalna ti Maha Suci, sangkan bisa nyumponan ka tineung manah.
Sing beunang sarining kaca, geura tilik marga diri, nyai ujang siga saha, geura padeukeun nya diri, tilik sing gemet sing rintih mangkade enung kasaru, lepat ngabandingkeun nana, boh bilih lali ka awit nyai ujang kade salah nya terima.
Mun ujang memper ka bapa, aya ciri nini aki, eta mah kantun ngamanah, ka saha ujang nya eling, ujang bade titip diri, geusan umangken jumunjung, da bukti tos di cacandak, kantun ngajangjian diri, geura talek dek ka saha tumarima?
Piraku ka nu lainmah, kapan sidik marga diri, ujamh nyai siga bapa, bapa kawas nini aki, nini aki kawas umpi, umpi ujang kawas uyut, uyut ujang urang mana, tah sakitu sing kapanggih, mun geus pendak tah tanda ujang tarima.
Kadar ngan jadi “panyelang”, nyelang bongan tadi nyilih, nginjeum ceuk basa Sundana, ka Gusti kuring anu Asih, INDUNG, BAPA, GURU KURING, nu matak ulah rek linglung, ka nagara nu baheula, siloka di Pajajaran, kapanggihna lamundaek nga-Bandungan.
Bogor ceuk basa baheula, eta basa ngandung harti, koropok mungguh jatina, beak ku nu ngadon nyilih, anak anu kumawani, patokan bapa digempur mikaresep ka nu anyar, karasana nya eyeuna, lolong torek nu jadi hukuman nana.
Satamatna nu pakawulaan nya lajeng didu’aan, maksadna:
Salamet Sunat Putrana
Salamet Nu gaduh wajib (ibu ramana)
Salamet Nyaksian (guru-guru sadayana)
Salamet abdi sadaya; mugi-migi tiasa ngawulaan ka Gustina, nya.
Gusti Anu Maha Suci
anu welas anu asih di alam kabeh !!!!!
Salajengna teras bubaran ngabantun saberkat-berkatna !!!!!!!!!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar