Jumat, 10 September 2021

Rd. Muslimin : Sawios anu parantos mah rai !, da dimaklum murangkalih keneh, itung-itung ngapalkeun basana heula. Tapi ari parantos dewasa kieu mah, penting ngarautan, mikir, nafakuran, sakumaha dina hadist Kanjeung Nabi Muhammad SAW oge : “ TAFAKKURU SA’ATIN KHAIRUN MIN IBAADATI SAB’IYNA SANATAN “. (Anu hartosna : mikir /tafakur samenit atawa sakedeung leuwih alus tibatan ibadah 70 taun).
Rai..!, Hadits Nabi : AWALUDINI MA’RIFATULLOH teh estuning ngajurung supados pas sareng eusina kalimah Syahadat, oge Rukun Iman anu kahiji, nyaeta “Amantubillah”. Kukituna wayahna ayeuna mah kedah dilenyeupan tur ditingkatkeun eta elmu anu parantos katampi the, sangkan dugi kana sasaranana. Kedah keying tur leukeun rai !, nyusud Elmu teh margi dawuhan Kanjeng Nabi oge : “ MAN THOLABAL SYAI’AN BIJIDDIHI WA JADAHU”, Hartosna : Saha-saha jalma anu nungtut salah sahiji hal bari keyeng, tangtu maranehna pasti bakal hasil.

Rd. Muslimat : Atuh ari kitu mah, rai teh kedah ngawangsulan deui tina Syahadat, kumaha carana supados kapendak sareng “ SAJATINING SYAHADAT “.

Rd. Muslimin : Penting pisan rai !, sing kapendak, margi pangemut engkang mah Syahadat teh ibarat Pondasina Agama, anu matak dina Rukun Islam jadi nomer hiji. Insya Alloh upami pondasina kuat, weweg, atuh kana ibadah-ibadah Rukun Islam anu sanesna oge bakal kuat sareng weweg :
Kana ibadah nomer dua, mangrupa tihangna Agama, nyaeta Sholat, bakal kuat, tihangna kuat da pondasina kuat.
Kana ibadah nomer tilu, nyaeta Zakat, bakal ngarasakeun ka sasama, jadi jalma berehan.
Kana ibadah nomer opat, nyaeta Puasa, bakal ngarasakeun puasana tina tekad, ucap, lampah anu henteu pararuguh.
Kana ibadah nomer lima, nyaeta Munggah Haji, mangrupa puncak tina rentetan ibadah-ibadah tea, upami : dirina parantos TAHKIK (mantep) kayakinan ka Nu Maha Suci. Dirina parantos kosong tina sifat tur pagawean anu kotor nyaeta dosa-dosa (Taqhalli). Dirina di eusian ku sifat tur ibadah anu pinuji (Tahalli). Dirina baris “ Awas ka Hakekat Dzat Nu Maha Suci” (Tazalli), nya disebut “ Munggah Haji”.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar