Jumat, 10 September 2021

ALAM AJSAD/AJSAM
Nyaeta Martabat Manusa.
Parantos gelar Alam Semesta (Dunya), nu Maha Suci seja ngersakeun deui midamel Manusa (Adam Majaji). Nimbalan ka Malaikat kedah nyandak sari pati (acina) Seneu, Angin, Cai, Taneuh. Eta sari pati anu opat rupa teh dipidamel, nya kajadian kieu :
ACINA ANGIN kajadian KULIT Jeung BULU ADAM
ACINA SENEU kajadian GEUTIH Jeung DAGING ADAM
ACINA CAI kajadian URAT Jeung BALUNG ADAM
ACINA TANEUH kajadian OTOT Jeung SUMSUM ADAM
Ku Kawasa-Na (Qudrat-Na) sareng Keresa-Na (Iradat-Na) Alloh SWT, nya ngagelar jadi Dalil Muhammad, nyaeta MIM – HE – MIM – DAL, nyaeta :
Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF MIM AWAL (ﻣ )
Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF HE (ﺣ )
Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF MIM AKHIR (ﻣ )
Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF DAL (ﺩ )
Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω )

SAREATNA NYA JANGGELEK JADI WUJUD “ MUHAMMAD”

ﻣ ﺣ ﻣ ﺩ

MIM AWAL (ﻣ ) Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna SIRAH
HE (ﺣ ) Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna DADA
MIM AKHIR (ﻣ ) Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna UDEL
DAL (ﺩ ) Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna SUKU

Tapi teu acan usik malik. Saparantos diliangan eta wujud teh, anu lobana 9 (salapan) liang, nyaeta :
Dina palebah SIRAH :
PANON = 2 LIANG
CEUPIL = 2 LIANG
PANGAMBUNG = 2 LIANG
BAHAM = 1 LIANG
JUMLAH = 7 LIANG
Tina palebah UDEL (handapenana) = 2 Liang
Jumlah sadayana jadi 9 Liang.
Saparantos kumplit, teras disorot ku NUR MUHAMMAD kajadian bisa usik eta wujud teh. Jelasna kieu :
Wujud /Adegan/Jasad luar, bungkusna anu asalna tina Saripati : SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH, disebatna Adam.
Wujud jero /Batin/Rohani, eusina anu diwangun ku Nur, Rasa (sir), Roh, Qolbu (Budhi), Nafsu (Akal), anu asalna tina Nur Muhammad (Cahaya nu opat rupa), anu ngahirupkeun, ngusikeun, melikeun eta adegan ADAM.
Sedengkeun Sagara Hirupna atawa Bibit Nyawana mah, tina JOHAR AWAL atawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati atawa Hakekat Muhammad atawa NURULLOH tea.
Tah..boh Alam Semesta (Jagat Gede/Alam Qubro/Alam Kabir), boh Diri Manusa (Jagat leutik/Alam Sagir, anu diwangun ku Badan Rohani disebut Muhammad Rasululloh, sareng Badan Jasmani disebut Adam), malah sareng saniskara anu aya di ieu Alam semesta, ieu ka asup kana martabat Alam Arwah mangrupa Af’al-Na atawa Karya-Na Alloh SWT.
Kitu tah….. rai !, babaran Dzat, Sifat, Asma, sareng Af’al teh. Sateuacana neraskeun kana martabat anu sanesna, kumaha dugi ka dinya parantos paham ?

Rd. Muslimat : Ke….kang !, rada lebeng keneh…., janten eta anu di jelaskeun ku engkang nembe teh, mangrupi sarat pikeun SAHNA MACA SYAHADAT ?

Rd. Muslimin : Leres eta saratna teh !, ari kitu kumaha ?

Rd. Muslimat : Geuning bangga nya kang !, ari sugan tea mah cukup maca we Syahadat teh.

Rd. Muslimin : Iiih…ari rai !, ari semet maca mah, eta kapan Syareat, ari anu dijelaskeun bieu mah eta parantos kana Elmu Hakekat, hartosna anu leresna atawa anu Hakikina. Ieu tengeutkeun deui bilih kurang jelas ! :
Martabat Alam Ahadiat teh nuduhkeun Dzat-Na Alloh, anu “ LAESA KAMISLIHI SAE’UN”, nyaeta Dzat anu teu tiasa di umpamakeun sareng rupa, sareng warna, sareng tempat, sareng waktu, sareng sora jeung sajabana. Anging ieu Dzat teh ngaliputan atawa Murba Wisesa kana saniskara anu aya, boh kanu Ghoib, boh kanu nyata.
Martabat Alam Wahidiat mah, Dzat teh jumeneng Sifat nyaeta Nur, ari sifatna (rupana) teh CAANG GUMILANG. Dzat teh gumulung dina Sifat, lir upama seneu sareng hurungna. Dzat ibarat seneu/panas, Sifat ibarat hurungna, teu tiasa dipisahkeun, Dzat ngaliputan Sifat. Di dieu nyata aya Bibit Hirup – Hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad
HURIP nyatana Rasa, Rasana Alloh nya RASULULLOH.
Martabat Alam Wahidiat, mah nuduhkeun ayana Asma (jenengan) nu asal tina sorotna tina Johar Awal atawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati atawa Hakekat Muhammad atawa NURULLOH , jadi cahaya opat rupa, disebut Nur Muhammad nya ngajadi Huruf / Lapad ALLOH ( ﺍﷲ ) = Alif – Lam – Lam – He, ari Tasjidna jadi Johar Awal.
Sing lenyeup Rai !, ieu Nur Muhammad atawa Cahaya Opat Rupa : Berem, Koneng, Bodas, Hideung teh mangrupa sumber atawa bibit saniskara anu ngajadi. Ari sumber atawa bibit Hirup sareng Hurip (Rasa) mah nyaeta JOHAR AWAL atawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati.
Ningkat deui ka Alam Arwah, ieu mah parantos Alam Nyata/Bukti/Aen Nya buktina Alam Semesta, manusa, sasatoan, tutuwuhan, kaasup oge Makhluk lemes (Jin) jeung Setan. Ieu ngabuktikeun Af’al-Na Alloh SWT (Padamelan Alloh SWT), ku Sifat Kawasa-Na (Qudrat-Na), sareng Sifat Keresa-Na (Irodat-Na), istuning ngaliputan, ngancik, akrob, gumulung sareng saniskara anu ngajadi atawa anu dijadikeun ku Alloh SWT.
Jadi Rai..!, sadayana anu dumadi di Alam Arwah ieu, boh anu ghoib, boh anu nyata, istuning ka Dzat-an, ka Sifat-an, ka Asma-an, ka Af’al-an Alloh SWT.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar