Mustikana ngancik jadi pamatri, dina galih anu wening, ati anu suci jembah manah dina rasa nu rumasa, jiwa nu wiwaha, kalawan pikir anu ngarti. Teges cirina sipat anu ngaJati diri. Kajembaran rasa tara kapolés ku rasa hayang témbong diri, lain ucap anu gelar, lain lisan anu nyora tapi témbongna jadi rasa, anu bisa dirasakeun ku rasa-rasa anu sarasa. KaHadéan anu gelar ngan ukur lilisanan, kahadé ngan ukur popolésan (basa – basi). Tapi kahadéan anu gelar ku laku jeung lampahna , Nyata teges Sarining kajembaran diri anu ngajati.
Ka jembaran Rasa, ti nangtu, bakal teges buktina, nyata aya salaku anu jadi cirina, ku kapribadianana, nyata mancerkeun cahaya budi jeung basana anu katata. Kajembaran rasa, usik sajero ning cicing, obah sajeroning dada, usikna , maranti diri, obah na maranti rasa. Nu nganteur ka lemah sungka nyangkaruk geusan kapuluk. Pasir liuh peupeuntasan. Ajrih ning rasa panggalih. Milih rabi minda rasa Rabi na ka sang gumati. Rasa na sang guruh minda guru na weruh pituduh.
Japa na Aji ning diri geusan midiri!
Japa na Aji ning rasa geusan mirasa!
Japa na Aji ning harti geusan ngarti !
Japa na Aji ning kersa geusan ngersa !
Nyumput buni nembrak caang. Buni sotéh niat ati anu suci, Nembrak caang ku laku lampah nu nyata. Nu di teundeun di handeuleumkeun, geusan paneuleuman nana. Nu di tunda dina hanjuang. Geusan diri ngadaya juang. Nya hamo luntur ku waktu. Kapan tapak dina tindak, kapan galur dina catur, mun di téang tangtu panggih mun dipénta tangtu mikeun. Nya hamo laas ku jaman)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar