- Nerangkeun jalan balik asal ti Allah (hirup) kudu balik ka Allah (hirup) teh aya tilu, nyaeta:
1. HAKULLOH : Elmuna geus nepi kana pangkat Kamil (sampurna/marifatulloh). Maotna bakal kana “Kamil Mukamil” (sampurnaning sampurna), nyaeta beak rasana jeung beak jasadna balik deui kana asalna kapungkur nyaeta awal-awalna cahaya tea (mulih kajati, mulang ka asalna).
2. HAKUL MUHAMMAD : Elmuna geus nepi kana pangkat Misal, nyaeta marifat asal wujud (sagara adam), nyaeta nganyahokeun kana asal cahaya: beureum, koneng, bodas jeung hideung. Engke maotna bakal asup ka sawarga, kana kanikmatan anu langgeng teu aya bandinganana nepi ka saterusna.
3. HAKUL ADAM : Elmuna ngan ukur beja, ceuk dalil jeung kitab, ngajina ngan tuturut munding henteu dirasa, diaji, diuji supaya bisa karasa ku sorangan. Nu matak bisa ngimankeun diri sorangan ngan ukur imanna teh ka barang nu anyar, nu aya di alam dunya. Nah! nu kitu mah cilaka salilana. Asal ti dunya balik ka dunya, ti getih balik kana getih, ti seneu balik kaseneuana jeung saterusna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar