Jumat, 10 September 2021

Rd. Muslimat : Punten kang….nafsu teuing abdi, da hoyong enggal-enggal jelas atuh. Leres tah lalakon di Guha Hiro teh, kumaha cara ibadahna di dinya teh ?naha cara solat anu ayeuna ?teras cenah ku Malaikat Jibril teh dikaluar-kaluarkeun heula getihna anu kalotorna, leres kitu eta teh ?

Rd. Muslimin : Rai…..ari tata cara ibadah di Guha Hiro waktos harita mah, tangtu oge lain kawas rokaat-rokaat atawa pertingkah solat jiga ayeuna, kapan ibadah solat mah diwajibkeunana oge saparantos Kanjeng Nabi Muhammad SAW di Isro jeung di Mi’rajkeun ka Sidratul Muntaha/langit katujuh tea. Ari sate acan eta mah panginten sapertos SIDAKEP SINUKU TUNGGAL, keyeng manteng sumerah diri ka Nu Maha Suci, kop badak, kop maung ceuk babasaanana, ridho masrahkeun ka nu Maha Suci. Tah upami jalmi anu terus-terusan kitu, atuh pasti moal kaancikan nafsu anu teu pararuguh, nafsu anu kalotor anu ngancik ngagoda diri teh kalaluar laleungit, kitu eta jelasna matak ceuk dongeng dikaluarkeun getihna anu kalotor. Ari anu jadi nafsu teh kapan tina getih.

Rd. Muslimat : Kahartos kang, rada ngagebray ayeuna mah. lamun kitu mah, panginten ku bersihna “ Qolbu” Kanjeng Nabi Muhammad SAW, anu tiasa nangkep kana sagala rupi Wahyu-Wahyu Illahi teh leres kitu kang ?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar