Rd. Muslimin : Tah geuning parantos rada calakan meueusan. Arek bisa nangkep kana rahasiah-rahasiah Alloh kumaha, upama kaayaan poek mah. anu mawi rai…., anu hese teh usaha sangkan QOLBU atawa HATE bersih tina kokotor-kokotorna, boh kokotor anu lemes (hadas leutik) boh anu katara (hadas gede). Jadi wayahna kudu perang salilana, da musuhna ngagulung di diri urang, sawaktu-waktu datang ti luar diri urang, nyaeta ti papada urang.
Rd. Muslimat : Ke….kang !, masih keneh dina soal Kitab Al-Qur’an. Naha tina wahyu-wahyu anu katampi ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW teh disusun ku mantenna atawa kusaha ?
Rd. Muslimin : Rai…!, boh wahyu anu perantaraan Malaikat Jibril, boh Isyarat atawa tanda-tanda ti Nu Maha Suci, nu katangkep ku “ Caangna manah Kanjeng Nabi Muhammad SAW, diterjemahkeun kana bahasa Arab, didugikeun ka para Sahabat. Ku para sahabat di catetkeun dina naon bae anu kaleresan harita aya, begitu nampi, terus dicatet. Da disusunna mah saparantos Kanjeng Nabi pupus nyaeta ku Sayidina Usman, saparantos ngalangkungan musyawarah mufakat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar