Rd. Muslimat : Ke…..kang !, tadi ku engkang diterangkeun :
Dzat Alloh Ta’ala teh LAESA KAMISLIHI SAE’UN
Sifat Alloh Ta’ala teh CAANG LUMENGGANG Nyatana NUR
Asma Alloh Ta’ala teh NUR MUHAMMAD (Nur Papat Warnae)
Af’al Alloh Ta’ala teh Saniskara anu dumadi, Alam Semesta katut sagala eusina, kalebet diri manusa. Anu bade ditaroskeun ku rai ! ayeuna ari Alloh-Na nu mana ?
Rd. Muslimin : Ari….rai !, kapan Alloh mah kaunggeul dina dalil oge : “INNALLOHA ALA KULLI SAI’IN QODIR”, Hartosna : Satemen-temenNa Alloh Ta’ala Maha Kawasa kana saniskara dina sakabeh Alam.
Pikeun jelasna, kieu geura rai :
Dzat ngaliputan Sifat, ibarat “Madu gumulung sareng amisna” ari Lafadzna Alip
Sifat, enggon/tempat netelakeun Asma, ibarat “Srangenge (Panon poe) gumulung sareng caangna” ari Lafadzna Lam Awal.
Asma, enggon/tempat netelakeun Af’al, ibarat “ Kaca enteung anu dipake ngenteung”, pasti aya wawayangannana (Kalangkangna) nurutkeun saparipolah anu ngaca. Ari Lafadzna Lam Akhir.
Af’al, enggon/tempat perbawaan Dzat, ibarat “ Laut sareng ombakna, pasti pangawasa ombak gumntung ka laut”. Ari Lafadzna He.
Tuh…kapan ngawujud Lapad ALLOH ( ﺍﷲ ). Janten sakali deui, sagala rupi anu aya boh anu batin (ghoib=samara-samar), boh anu lahir (bukti) parantos ka Dzat-an, ka Sifat-an, ka Asma-an, ka Af’al-an Alloh SWT. Kumaha rai…!, parantos rada ngageubray ?, paham ?……
Rd. Muslimat : Nya…kanggo Asma Alloh mah parantos aya gambaran, janten ku Qudrat – Irodat-Na, ngaliputan kana saniskara alam katut eusina, nya kalebeut diri manusa. Parantos kahartos kang !, kana sarat Sahna Maca Syahadat anu opat mah, nyaeta Dzat, Sifat, Asma, Af’al, ayeuna kantun hiji deui, kedah Sidik ka Rasululloh, mugi dijelaskeun !.
Rd. Muslimin : Nuhun… atuh rai !, ari parantos paham mah, ngarti kana Dzat, Sifat, Asma, Af’al Alloh, nanging henteu cekap ku ngarti sareng paham wungkul, da kedah ku teras tiasa ngabuktikeunnana kanggo nyumponan sumpah urang dina kecap Ashadu, hartosna Nyaksi teu aya deui Panggeran kajabi Alloh, kapan kitu lain ?….., ari nyaksi teh kapan ningali, nya atuh kedah dugi ka awasna, ulah mung semet basa.
Rd. Muslimat : Upami hoyong dugi ka kitu, kumaha carana kang ?
Rd. Muslimin : Nya kedah kagungan padamelan, milari cara, milari jalanna, pilari tarekahna atawa Torekat-na.
Rd. Muslimat : Ari Torekat-na, Tarekat naon kang ?
Rd. Muslimin : Nya Torekat para Wali atuh, da kapan para Wali anu ngarulik tur parantos dugi ka Elmu et amah. Geuning dicarioskeun yen Kanjeng Syarif Hidayatulloh salaku lulugu para Wali anu aya di Cirebon, anu kantos Ma’rifat kana Hakekat Muhammad. Urang oge upami kekeuh keyeng mah, piraku teu kapecretan-kapecretan wae mah.
Rd. Muslimat : Nuhun kang !, diwartosan, et amah emutaneun sareng pilarieun oge pidameleun rai. Cobi ayeuna mah teraskeun heula bae kana papahaman perkawis Kedah Sidik ka Rasululloh.
Rd. Muslimin : Rai… upami Rasululloh anu maot tur dikubur di tanah Madinah, eta disebatna naon ?
Rd. Muslimat : Kirang paos kang !, mugi diwartosan sakantenan !
Tidak ada komentar:
Posting Komentar