Minggu, 19 September 2021

ELMU KEPALA DESA 2

Dongeng Pandita

Jaman baheula di tanah Jawa (Djawa Dwipa) samemehna aya sakola atawa pesantren anu minangka disebut Kitabna Allah teh nya-eta bumi jeung langit , ari pangna disebut Kitabna Nu Maha Suci, sabab mungguh mahluk mah moal barisaeun nyieun, ari nu disebut huruf (letter) na lain cara ayeuna A,B,C, Alif, Be, Te, Se, Ha, Na, Ca, Ra, Ka …… lain !!!

Tah kaayaan nu aya dina satangkaraking bumi jeung satungkebing langit, saperti tatangkalan, jujukutan, sasatoan, seuneu, cai, taneuh jeung sajaba ti eta (sakabeh anu dijadikeun ku natuur, alam, nu kasaksi ku pancadria, eta aksara anu letterlijk (eces), sabab ku anggapan jalma baheula di tanah Jawa, aksara nu aya dina kitabna Nu Maha Suci (bumi-langit) teh cenah asalna ti Lohmahfud, kabeh huruf, kabeh bener, tur kaharti, ku sakabeh mahluk, nu lolong, nu torek jeung nu pireu oge bisa nyebut ( ngama na’an ku basa kabangsaannana), ana nyebut cau teh kana wujudna cau, nyebut kalapa teh kana wujudna kalapa, gunung kana gunung, pasir kana pasir, cai kana cai jeung saliana nya kitu bae ….. jadi lamun ku urang disaruakeun jeung nu ayeuna nya aya oge bedana, saperti kieu, ayeuna mah :

Ngaraosna (maracana) == diajar nyaho kana aksara jieun jalema, naha “alif, be, te, se, ha, na, ca, ra, ka atawa a,b,c”, sanggeusna wawuh kana hiji-hijina aksara, tuluy diajar deui ngahiji-hijikeun aksara tea, eta disebutna :
u kana cau
Ngaraji (ngahargada, nyaho pangajina aksara) upama be dijabar = ba, be wau dipees – bu…. babu, tah eta teh lain babu enyaan (jleg jadi babu tulen), tapi meureun ku maneh kaharti eta mah ngan babu aksara.

Sanggeusna barisa maraca jeung ngarajina, nya bukti ayeuna loba buku-buku nu dieusi kurupa-rupa aksara jeung basa nurutkeun kabisa anu boga jieun, maksudna “mere beja ku aksara tea”, jadi ana sakitu meureun tambah kahartina ku maneh yen dina saeusi buku teh ngan beja tina kanyahona sasama jelema….

Ari baheula jaman karuhun urang mah kieu :

Ngaraosna (maracana) = sanggeusna jelema bisa usik malik sarta boga bahan ngomong tuluy diajar ngomong , ngomongkeun (nyebutkeun) naon nu katenjo, naon nu kadenge, naon nu ka ambeu jeung sajaba ti eta, jadi baheula mah ari nyebut gunung teh nuduh kana gunungna, pasir kana pasirna, cau kana cauna, nya lila-lila sanajan budak oge jadi nyaho kana wujudna anu disebut ku maranehannana, nu matak sakabeh kaayaan nu dijadikeun ku Nu Maha Suci ku karuhun urang disebut huruf, ari hartina sakabeh teu aya cawadeunnana jeung kabeh berguna, oge teu aya hiji mahluk nu bisa nurutan nyieun, geura pikiran bae ku maneh naha aya hiji mahluk nu bisa nyieun cau, paling bisa nyieun ku lilin, naha eta teh cau enyaan? Budak oge tangtu bisa nyebut eta ma cacauan ; digambar dina kertas nya disebut gambarna …..jeung hurufna tea aya itungannana dimana-mana sarua, ngan beda teh panyebut jelema nurutkeun kabangsaannana bae, saperti di Sunda mah disarebut cau k Malayu mah pisang, ari wujudna mah eta-eta keneh bae. Palebah dieu sok rada asa enya, cek beja : dina kitab Nu Maha Suci hurufna kabeh ti Loh-Mahfud, lain meunang nyieun manusa, da meunang manusa mah ngan saukur tepi ka cenah atawa semet beja, henteu wujud cara huruf ti Nu Maha Suci.

Ngarajina : sanggeusna urang nyaho kana ngaran-ngarana, jeung ku geus lilana ngarasa hirup sakumbuh nu taya pegatna jeung eusina ieu donya, sok mustahil urang nepi ka teu nyaho pangajina (hargana) gening rata-rata alihtiar , nu ngaler, ngidul ngetan jeung ngulon nareangan nu huruf keur dirina atawa keur bangsana, sabab sakabeh geus ngarasa atawa ngaraos (ulah ngirung manana), seeneu teh: panas cai teh : tiis, dunya teh berguna lamun hade ngajalankeunnana.

Katerangan dongeng anu geus diterangkeun ku Mama di luhur, ringkesna ku Mama dibalikeun deui kieu : Jelema baheula mah :

Ngaraosna (macana) : nganyahokeun jeung ngingetkeun sarta nepi ka bisa ngucapkeun :”Naon-naon nu ka ambeu, nu ka denge , nu katenjo jeung nu ka rasa”.
Ngarajina : Nyaho pangajina sakabeh nu aya di satangkaraking bumi satungkebing langit,nsaperti: perlu make seuneu teh lantaran butuh ku panasna, cai ku tiisna jeung nyegerkeunnana jeung lian-liana deui.
Ngaraosna geus ulah make beja deui, estu karasa ku sorangan, sabab ku pamanggih jelema baheula, ari cek keneh cek keneh (beja keneh beja keneh) mah moal bisa jadi kapercayaan anu tetep.
          Sanggeusna : Ngaraos (maraca)
                               Ngaraji (nyao harga)
                              Ngaraos (ngarasa)
tuluy diajar “boga rasa” …..sabab ku kayakinan jelema baheula, upama jalema geus baroga rasa, nu tangtu di dunya bakal aya katengtreman, dimana dunya tengtrem, pangeusina anu tangtu pinanggih jeung genahngeunah nepi ka raosna.
          Naon hartina genah? = ari hartina genah nya-eta “pangancikan rasa” !!
          Ari ngeunah ? = eta, katuangan raos !!
          Ari raos kapanggihna ku sakur jalema mun kabeh jelema geus baroga rasa!
Naon hartina “boga rasa” ? = ari hartina boga rasa, nya-eta perasaan anu wajib dipigawe ku carana manusa nu make kamanusaan.
          Naon hartina “kamanusaan” = ari kamanusaan nya-eta jalan-jalanna nyalametkeun dunya katut pangeusina, karena ku kayakinannana jelema baheula lamun salamet geus tangtu matak raosna.
Sabaraha pangajina ari Raos = ari raos mah pangajina teh geus moal aya nu bisa ngukur atawa ngira-ngira pihargaeunnana, kajaba ku nu geus bisa ngukur kujurna, ngimbang awakna, saperti kieu: Najan urang jadi miliuner, najan boga pamajikan jiga widadari, cicing dina gedong alus, awak jeung pakaian ditaretes ku emas jeung berlian, tapi ari teu raos kumaha ? …..sarta sabalikna: pakean rudin, imah butut, jeung batur lulus, ari raos ?......jeung ari raos teh beunang oge dihartikeun “Aji Wiji” (bibiting kanyaho) ari pangna disebut bibit kanyaho, sabab: ku ahli ngaji rasa geus ditetepkeun ku kayakinannana, yen Raos teh jadi bibitna pangawasa pancadria, katerangannana kieu: mun euweuh Raos di badan urang, urang teh anu moal bisa ngambeu rupa-rupa ambeuan, mohal bisa nenjo rupa-rupa tetenjoan, mohal bisa ngomongkeun rupa-rupa omongan, jeung mohal bisa eling kana rupa-rupana elingan ….malah lamun ku maneh kaharti, Raos teh nya-eta “Aji Dipa” (elmu papak) buktina nya kieu :

          Raja tuang gula ngarasa amis !
          Pangarit dahar gula oge ngarasa amis !
          Raja ningali gajah !
          Pangarit oge nenjo gajah !
          Raja ngangseu nu seungit !
          Pangarit oge ngambeu nu seungit !
          Raja ngarungu anu ceurik !
          Pangarit oge ngadenge nu ceurik !
          Raja sasauran !
          Pangarit oge ngomong !
          Raja emut !
          Pangarit oge kudu inget !
Sakur nu nyaho kana Aji Dipa tangtu ngarti kana maksudna kaayaan nu gumelar, da tadi kapan geus bisa ngaraos (maraca) huruping dunya, nu dijadikeun ku Nu Maha Suci :

Sugan moal ngalangkahan pager, da pager teh aya maksudna …..nya-eta “wates”.
Sugan moal nyokot seuneu, lamun maneh butuh kutiis !
Sugan moal nyebut percaya, lamun maneh acan ngarasa !
Sugan moal milampah kalakuan anu goreng, da goreng teh temahna matak cilaka !
Sugan moal ngahina (nganyerikeun) ka sasama mahluk, da nyaho tunggal sa-Gusti!
Sugan moal nguntap ka karuhun, da urang lantaran asal gumelar teh ti anjeuna !
Sugan moal arek (boga maksud) ngaruksak sakur kaayaan nu dijadikeun ku Pangeran, moal rek nyieun teu ngeunahna rasa-rasana mahluk Pangeran, saperti 7 rupa nu dilarang ku Karuhun :

1.     Madat    = nu aya matak ngaruksak badan jeung pikiran
2.     Maen     = nu aya matak ngaruksak rumah tangga
3.     Madon   = ngumbar shwat, nu temahna matak ngaruksak turunan
4.     Minum  = nu aya matak teu eling
5.     Maling   = nu matak ceda di dunya
6.     Mangani = ngarah-ngarinah, nipu ka pada kawula, euweuh deui kabisa ngan ngabeja-bejakeun “cenah” nyaritakeun nu teu wujud tur teu karasaeun ku batur, karana nu kitu panutupna jadi :
7.     Mateni = maehan rasa pribadi, euweuh kahayang, leungit budi jeung pangerti hirup alah-baian munding, karesepna ditutungtun, lolong sagalagalana, disebut hirup da paeh, disebut paeh da hirup, nya nu kitu nu ilahar disebutna “bangke hirup” bau kalakuannana, ari awak direreka, didangdanan ngarah jiga, mun kurang pek disetripan, estu ngabobodo dewek, marukana  ari Anu Maha Suci butuh ka pakean lahir, butuh ku basa carita, teu nyahoeun yen sakabeh nu dumadi, wujud katut rasana teh eta dijadikeun ku anjeun-Na.

Da ari kayakinan karuhun mah kieu :

Nu Maha suci teh “lain” syareat (lahir) tapi anu nyareatkeun (ngalahirkeun)!
                        “Lain” tarekat (gerak) tapi anu narekatkeun (ngagerakeun)!
                        “Lain” hakikat (rasa) tapi nu nga-hakekatkeun (ngaraoskeun)!
                        “Lain” marifat (eces) tapi anu nga-ma’rifatkeun (nga-eceskeun)!

jadi jigana karuhun mah moal percayaeun lamun ku urang : Gusti Nu Maha Suci disebut “linggih dina kursi gading” …….tapi sakituna omat ari kanu sejen mah ulah nyarita kitu bisi ditarimana lain ku harti, engke bisa jadi anu kitu sok ngambek teu puguh-puguh, sabab gampang pisan kaasupanana setan, ngaku-ngaku sabillulah, padahal mah pinuh ku napsu goreng nu ngaranjing, kadang2 ka maneh wani “mateni’ , ari manehna mah da geus puguh tadi oge geus disebut bangke hirup, paeh rasa kamanusaan, ngahirupkeun ka setanan, Adamna geus lali tapel, poho ka bangsa jeung basa, kasurupan ku nu sejen, ana ngomong teu kaharti, lir upama Satria ka siku ku Dewa geus ngajadi Buta Gede nya tuluyna jadi murka.

Jadi ringkesna “Aji Dipa” teh, ngandung harti yen Elmu Karuhun Nusa Jawa ti baheula tug ka kiwari henteu rek hianat jeung teu rek ngabedakeun ka sakabeh Kamurahan jeung Ka-asihannana Nu Maha suci, ngaraos ngaraji nepi karasana pisan ku sorangan…..Raosna estu taya geusan ngalahirkeunnana, sabab moal nepi ku carita, ana ku urang kasurti, tangtu urang bisa ngaku kalawan yakin yen “enyana” KALAM Nu Maha Suci teh “ECES” henteu cenah deui……Saperti kieu bae, cacakan diri nu sagir (leutik), upama panon jeung awasna, ana nuduhkeun ka Isun, estu kalawan nyatana, nuduh kanu beureum, koneng, bodas reujeung hideung, gede leutik, panjang ponduk reujeung sajaba ti eta, tara jeung pokna ku lisan, tapi estu wujud pisan eces lain beja deui. Nya kitu tuduh ti Rosul estu puguh Rasa wungkul, nu teu make ucap deui, saperti: Rasa urang nu nuduhkeun amisna gula, haseumna cuka atawa panasna seuneu, estu reujeung ka-rasana.

Lamun mahluk teh enyaan, enggon-enggoning ngaku kamanusaan, anu tangtu dunyana tengtrem, nya kitu mun sarerea, dunya gede ge geus tengtrem (verde op aarde) ?

Mun “hirup’ boga pamilih, nyaho nu bau jeung nu seungit.
Mun “dengena” geus dipake (nurut kana parentah ti kalamulah).
Mun “nenjo” jeung tingalina (nyaho)
Mun “ngucap” jeung prakna digawe.
Mun “eling” jeung ingetan (sakabeh lampah nu geus karasa matak cilaka poma            ulah dilampahkeun deui, jieun conto).

Mun “Suci” enggeus nyareat, di donya moal aya kasangsaraan, jeung sasama tangtu repeh-rapih, hirup moal kakauman (rasis); tapi lain lobanu nggeus ngaku-ngakuna jadi ahli sareat? puguh ari anu ngaku mah loba, tapi ngakuna teh kakara semet ngaku wungkul, nu dipake agul teh kakara tepi kana migawe aturan beja, cenah ti jelema keneh, sakaumna-sakaumna. Buktina panon jeung awasna geus nuduhkeun ka nu sangsara, tapi kakara semet nenjo ari taringalina mah loba keneh anu acan, sabab mun tingali mah meureun nggeus prak nyareatkeun naon-naon nu dituduhkeun ku Rasulna, lolobana mah ana boga bahan anggur hayoh nyarieun adegan anyar, tihangna lain agama, tapi ku kai jeung awi, marukana ari adegan Pangeran teh eta, teu tingali adegan Nu Maha Suci mah, meh raruksak, kalahiran jeung kabatinnana ku manehna di karajeunkeun.

Mun “Suci” enggeus narekat, meureun ahli juru pitutur teh geus rarukun, pada aringet ka dulur, jeung sasama pada daek rukun, ihtiar jadi Wiji, nu goreng pek dihadean sarta moal sabalikna, si jahil dibere jalan, narekabna nu bener ge dijahilan, atuh nu tangtu nu bener ge laun-laun jadi kasurupan, ngomong jeung lampahna oge jadi beda, beda jeung adatna tadi nya tuluyna ceuk nu teu nyaho mah osok disarebut kawas nu ngaco.

Mun “Suci” hakekatna enggeus karasa nu tangtu loba kanyaho, nyaho estu lain beja, moal cenah deui cenah deui ….

Marifatna, da puguh geus “nganyahokeun”, nyaksian jeung nekadkeunnana, yen euweuh deui Pangeran anging Anu Maha Suci jeung Rasululah teh eta “Utusannana”…..

Mun mahluk geus baroga rasa (Sahadat), dunya tangtu beresna, tapi lamun kakara semet omong keneh mah, bukti geus rebuan taun kalah beuki kusut, bukti nu mawa omongannana oge carang langka anu bener, lolobana mah wungkul beuki ngariruhan, ngaradon nepa-nepakeun jahilna, elmuna kawas elmu sihir bisa sulap malikeun mata jelema, buktina loba jalma jadi poho, poho ka rupa jelema, sumawonna ka baraya, ka dulur ge rek ngagempur, ngan sirikna teu ngadukeun hulu bae, ka Karuhun wani nguntab teu boga rasa rumasa, marukana manehna asal ti mana. Tahayul dijieun angkeuhan, maca ieu maca itu, marukanna padu ngomong geus bisa meunang ganjaran.

Coba lamun geus “Nyembah Hyang”, ngariblat (taringali) kana sakur nu dumadi pada ngarti pada surti, yen kabeh anu gumelar estu ka-Agungan Nu Maha Suci, meureun mahluk moal arek kumawani, kumalancang, ngagogoreng jeung ngaruksak kana ka-Agungan Pangeran, waktu lima dipilampah:

1.     Waktu hirup daek ngawijudkeun hade.
2.     Waktu ngadenge daek ngadenge nu Wujud.
3.     Waktu nenjo daek nenjo ka nu wujud.
4.     Waktu ngomong daek ngomongkeun nu wujud.
5.     Waktu eling salawasna daek inget ka nu wujud …….

Takbirna moal ngalahir, ngagedekeun karumasaan, Rasa dijieun panutan, Tobatna ulah rek deui-deui milampah jalan nu salah, lamun bisa ngalampahkeun kitu.

TEU WUDU : Pakean baresih (laku lampah sing hade), bersih sungut (ucap sing hade), bersih ceuli (denge sing hade), beresih panon (awas sing hade) beresih irung (sing seungit), beresih leungeun (leungeun sing hade, ulah hayang nyokot nu batur, komo mun dipake teuteunggeul mah), beresih suku (sing bener aya laku lampah), mun dipigawe buahna tangtu karasa, melak hade tangtu buahna ge hade, mun hade tangtu salamet, mun salamet tangtu Raos, Raosna ti Rasululah…

Mun ngarasa beungeut perong, urut dipolas poles, sibeungeutan masing beresih, paribasa ulah kandel kulit beungeut, masing boga kaera, ulah ngan resep ditungtun, baleg lamun enggeus harti……
Kacaduwan ti Karuhun omat ulah dipigawe, sakur nu aya matakna, nyilakakeun kana diri, rumah tangga kitu deui, bangsa katut lemah cai, ulah sarue jeung domba, matak rugi harta harti, di dunya pada ngahina….

Kapamalian ge kitu, tata jeung basa pek pake, ulah rek ngarasa hina make kaboga pribadi, gening tata basa deungeun, diparuja-paruji, dipujana disusuhun, dipuji dipandang suci, loba tingkah anu owah, owah sagala-galana, ka kolot bet jadi wani, ka Karuhun sumawona, sajarah dewek mah lapur teu cara sajarah batur, dipake agul adigung, diomongkeun unggal lembur, caritana mikat batur, teu harti basa Karuhun, nya-eta luluhur urang. Buhun hartina baheula nu jadi bibitna urang, mun poho kadinya, geus tangtu basa jeung bangsa, turun moal aya harga, urang na oge nya kitu, ka dieu geus ngalainkeun, siga jalma nu teu puguh, teu puguh mana bapana, naon pingaraneunnana ….tah sakitu hartina pamali, bisi maneh acan terang …….
Sakulah lain sabalong, tapi sing sakulah-sakolih jeung sasama mahluk Pangeran guna migawe nu bener, ari contona kapan geus nyata, sakabeh anu dumadi, nu dijadikeun ku Nu Maha Suci estu sakulah-sakolih, da lamun nu dumadi henteu sakulah-sakolih, dunya teh moal bener, seneu, cai, angin jeung bumi katut jeung hawa-hawana geus mere conto ka munusa sangkan daraekeun rukun, diri maneh oge dunya anu leutik, kapan sakitu rukunna :”Sa-adatna” ari manusa mah tangtu ngarti yen kuduna boga rasaWaktu limana ngawujudkeun kalamna Pangeran nu make lantaran ku pancadria. Tulung-tinulungannana ku maneh mereun karasa ti leutik nepi ka gede, ti budak nepi ka kolot, ana boga karep, Wujud jeung Rasa nu di maneh nu migawe sarta oge nu nyumponan kahayang maneh, Ngaji rasana sing sacara nu di badan maneh, gening lamun maneh kapireupeunan leungeun maneh teu dititah deui geus buru-buru nulungan (ngarontok) ka nu keur manggih kacilakaan, mun eusi dunya pek kitu, nurutan sacara dirina, meureun kabeh Munggah jadi Hiji, ngahiji di Adegan Pangeran, nu pinuh ku raos wungkul. Turutan atuh diri maneh teh, da eta guru maneh nu mursid teh, da luareun diri mah ngan sakadar pa-guron, jeung eta mah ngan sakadar sasama hirup, nu pada gumelar di alam pawenangan, aya carios Karuhun nu kieu: “Lamun teu nyaho ka diri, tuluyna rajeun kasasar, lain kasasar karampa, tapi sasab, utrak-atrok neangan Suci kaluar, teu nyahoeun nu Suci mah nya-eta Nu Neangan nana, tuluyna tuturut munding, wani nuduh ka nu lain-lain, majarkeun : Pangeran teh nu linggih dina korsi gading. Nuduh Rasul ka jelema, kitabna jieun jelema, Malaikatna jangjangan, Takdirna diukir-ukir, Kiamatna jaga-engke, teu kaharti, teu ka surti, ti budak nepi ka kolot, kulit seger jadi peot, huntu pageuh jadi lemong, umurna terus mondokan , nyungsi deukeut ka kiamat, dunya leutik teu ka timu, sok komo dunya nu gede, bongan teu ngujur ka kujur , teu ngimbangan kaawakan ngancokeun jaganing engke, ka-Rohmanan ka-rohiman ti Pangeran teu karasa, teu nyahoeun Rohman-Rohim teh Nu Suci, suci ti Nu Maha Suci. Ngan palebah dieu jadi teteguhan, mun kapanggih jadi nyaho, mun nyaho nya jadi harti, mun harti boga pamilih: Jawana, “Adohe tanpo wangenan”, ceuk Sundana Jauh taya geusan ngukurna bedana Gusti jeung Kawula, sabab Nu Suci mah nu dijadikeun ku Nu Maha Suci, jauhna lir upama Gula jeung Amis, ari Gula mah wujudna jeung ari Amisna mah Rasana……

                   Kabeh ge Wujud Anjeunna
                   Kabeh ge Raos Anjeunna
                   Kabeh ge Kitab Anjeunna
                   Kabeh ge Tekad Anjeunna
                   Kabeh ge Takdir Anjeunna
                   Kabeh ge Kiamatna ku Anjeunna

Nyata Wujud tur Agungna, sabab wujud nu gumelar katut karasa-rasana estu nyata ka-Agungan naNa…….

Atuh ari percaya teh ulah kana “cenah” , bisi moal ajeg, ana teu ajeg baroraah arek Iman……Ari percaya kudu ka nu wujud jeung rasana, saperti nyaho kana gula jeung amisna, lamun nyebut gula pajar haseum, eta ngarana bohong ana bohong eta ngarana owah, bakating ku mindeng owah tuluyna jadi teu eling, ana teu eling jadi poho, ana poho ka Karuhun ge wani, ana wani ka karuhun ka guru oge teu nurut, ana teu nurut ka guru, ka ratu ge nyieun wani, ana wani ka Ratu, ka Pangeran oge nyieun cara kaulinan.

Palebah dieu mama ngingetan : Ulah arek wani-wani moyok ka sasami mahluk sabab kabeh dijadikeun ku Anjeunna, jadi lamun maneh moyok, eta ngandung harti “lain” moyok kana dadamelan nana bae, tapi sarua jeung moyok ka Nu ngadamelna, komo lamun wani nyebut “kupur, kupar, kapir” ka batur eta mah estu eces yen manehna ‘anu murtad”…… sabab Nu Suci mah sok RukunNgiblatna kana Adegan nana Pangeran, Tulung-tinulungan, Rumasa, Ngarasa Sa-Wujud (ana Rukun = Islam…..ana Islam = Rukun)………Iman lain kana beja tapi ka Nu Wujud jeung Karasa, nyebut gula ka wujudna nyebut amis ka rasana….

Ari alifna alif nu lempeng, bener cara ti Loh-mahfud, mujina ku geus ka aji, yen enyana sadaya puji teh ka-Agungan Gusti, lahirna tara hayang kapuji, sumawon dilagu lagu, hayang kadenge ku batur, sieun leungit pamujina.

Welas asihna ka sasama mahluk cara ka diri pribadi, tara sok ngawilah-wilah, da geus nyaho yen Gusti teh welas tur asihna estu ka sakabeh anu dumadi, lir upama ka nyaahna dalang kana golek nu sakotak, ti Cepot nepi Ratuna pisan estu sarua bae, ka panayagan, gamelan katut laguna, henteu meunang aya nu salah, sabab lamun salah goong bae, aya matak ngarobahkeun kana lagu ……

Nya kitu laguna Kamanusaan lamun salah eta matak teu ngeunah, henteu genah ka nu ngajamanan, ngarasa yen hirup henteu ngalagu. Raosna henteu kapanggih, ka Wujudna henteu eling, Kalam weleh henteu katimu, tuluyna atrok-atrokan, lagu deungeun ditariru, ngagolek maen rebana, susah ngadalangan nana, paling surup kana igel (parigelna) buta hejo resep ngudag-ngudag beja, ngungkab2 bangsa cenah….. Kumaha lamun kapanggih ku tukang jahilna tuluy na budi dipake nukeuran harti, harti soteh lain harti nyaho, tapi harti jahil, nu pangartina ngan ngarah, nya tungtungna budi urang teh meakeun lahir, beak sawah beak imah, beak ka basa-basana, ana diganti ku harti batur ti si tukang caritanah (cenah) bukti loba nu jadi ngaco, ngomongna jadi teu puguh, ngadak-ngadak kasurupan, ganti adat ganti sipat, adat nu ti luluhurna oge ku manehna rek di robah, marukana ari adat teh lain ti Kodrat, ibarat manusa rek dijieun anjing, asal moal bisa jadi najan haben dipulasara, didangdanan, diganti ngaran jeung ngomong, nu nyaho mah tangtu nyebut si eta asal-usulna, lir upama bangsa Emas, ayeuna dijadikeun Ali, ceuk nu nyaho tangtu nyebut Ali Emas, emas keneh, emas keneh, sanajan dijieun tasbeh atawana emas kawin, emasna teu leungit-leungit………

Dina suluk wawacan “Prabu Angling Dharma”, nu ngagaduhan Aji Dipa teh Anjeunna …..: ari hartina Prabu teh nya-eta Ratu Rat = Jagat, Tu = Tuduh……Angling (angelingaken) = ngelingan ku kanyataan nana, awas, rungu, angseu jeung ngandikana estu aya di Anjeunna….Dharma = Laku nu utama (hade….Aji Dipa nu di pupundi, ari hartina Aji Dipa nya-eta Elmu papak (Ratu ngaraos uyah teh asin, pangarit oge nya kitu). Naon nu papak teh?.........RAOSNA.. Saha nu teu butuh ku Raos?...Panutupna mah, nya kudu nyaho jeung ngarti “HURUF” nu gumelar nu asal ti Loh Mahfud, maksud-maksudna nu dijadikeun ku Pangeran….Saha nu bisa nerangkeun Aji-Dipa ku carita? Bisa nerangkeun haseum ku carita? Naha beunang ku peupeureundeuyan?

Cagap atuh seuneu teh, letak atuh cuka teh, geura panggih “Ajina…..Ari dharma nu utama, nya-eta maneh masingna sabar, leukeun ngolahkeun diri, reujeung ngamumulena, ulah cara nu pohoan, inget teh ngan, kumaha sawah, kumaha duwit, kumaha kabogoh, kumaha-kumaha, uteuk jeung hate dipake gudang kumaha, tapi ari ngumaha mah tara, rajeun ngumaha make nanya batur, teu inget ka Nu ngumaha, usik malik teu ngarasa, inget teh ngan kana palu, teu malire kana leungeunna, keris dipanjang punjung teu curiga ka Nu ngajunjung, cing atuh KUMAHA SUCI? naha bisa digawe lamun lain kumaha nu suci? bisa ngangkat palu lamun leungeun teu mangangkatkeun? Bisa hasil maksud lamun ngan ngomong bae di pangkeng? Tangtu diri maneh oge ngajawab bari godeg, najan teu ngomong oge tangtu kaharti, godeg teh nya-eta hartina: gaib –heran – aneh…….

Maneh nyebut Pangeran teh Allah, diri ge tuluy ngaenyakeun, nyaksi ku unggeuk, nu hartina = enya, enya,enya …..ari kaharti naha rek tuluy bae kitu, atawa rek nojod nepi ka teu elingna? Kade bisi teu eling pisan nepi ka wani nyebut Pangeran ka nu teu Wujud (nga enya keun ka nu lain, nga lain keun ka nu enya)…..Suwung nu dituju, tungtungna pok bae ngomong: “duka teuing ka dituna mah, kumaha Pangeran bae”, nepi ka kituna kapan ari bakating ku teu kapanggih mah….Jeung maneh masingna sabar, leukeun ngolahkeun desa katut pangeusina supaya salamet, ulah cawadeun Pangagung……Tawekalna mun manggih cocoba, nu moyok cara satria geura anggap nasehat, mun kawas buta anggap mamala, mun dipuji komo kudu ati-ati…………Sunda disarebut sundek, ulah dipake nyeri ati, da enya Sunda mah sundek, sundekna ku henteu bisa, teu rumasa ieu aing, usik malik ngarasa ku Maha Suci jauh tina kumaha duit, kumaha anu kumaha itu, sabab geus karasa, ngumaha ka dunya teh loba nu kasurupan ku si beureum jadi gede ambek, kusi koneng jadi lieur, ku si bodas jadi sedih, ku si hideung nepi ka paeh rasa-rasana cindekna mah teu eling bae, ana teu eling? Kumaha?...

Allah tobat, naha tobat ka Allah? Nya tuluyna sakitu geus cukup pasihan ti Pangeran, make hayoh marenta duwit, marenta awewe geulis menta emas jeung inten…..Jadi enya gaib ari dadamelan Pangeran mah geuning……

Nu lolong rasana, rajeun leumpang ari ditungtun ku batur………….Nu torek rasana, rajeun ngalieuk ari ditowel ku batur……Nu rasana geus teu ngambeu, estu teu boga pamilih si jahil disebut Suci (seungit), ari Karuhun nu di pikaseungit ku sarerea, wawangina nyebar ka sakuliah dunya, jelema katut kebudayaan nana estu pikabitaeun batur, disebut bau, komo nepi ka aya nu nyebut onbeschaafd (teu boga kasopanan sagala)……Nu pireu rasana, rajeun ngomong ari dipapatahan ku batur, ana bisa saeutik-eutikeun ka bapa oge make basa ti batur, nya tuluyna ka Pangeran oge make ngomong ku basa ti jelema anyar, tatanya kitu keneh, ngadak-ngadak nganyar-nganyari, tata basa nu sorangan kalindih ku nu kumaki, kawas jalma nu teu puguh wewedalan nana poho  ka geusan ngajadi, ngaku ka karuhun batur, nu sorangan dilainkeun jeg budak euweuh bapaan, naon pingaraneun nana?

Tah  kapan nepi ka kitu ari jelema nu geus owah, owah sagala-galana, ana tuluh beuki maceuh, pager batur ge dirumpak, ana dibere nginjeum  sok tara daek mulangkeun, ka indung bapa teu eling, karuhun direken sigung, ka Pangeran oge wani, majarkeun nyieun  perjangji, ka Pangeran carita hartina tembang, didituna mah ngalagu, dedengekan di tabeuhan, geus peurih beuteung dalahar, kadaharan rupa-rupa, kadaharan beunang milih, nu loba nguwatkeun sahwat, ngudag-ngudag pangabogoh sifat cinta ampir leungit, tuluyna ngajadi kejem, ka pibaraya teu ditoleh, aragulna ti ayeuna, sawarga enggeus diaku, malah ngaku bisa mawa batur.

Lantaran kabita ku caritana, bukti loba jelema nu katipu, lain ngan dunyana wungkul, tapi aya kajadian anu ngahajatan anakna parawan ka aki-aki, nya tuluyna loba jalma nu teu puguh, rumah tangga karusut, di kampung jadi baringung, desa taya komarana…… ku ayana anu kitu loba jalma kabogana ampir beak, jeung baraya henteu campur, laun-laun henteu akur, teu daraek merlukeun parentah jeung kapentingan Nagara henteu cara ka si Jahil, imah sawah ge dijuwal, anjuk hutang dibelaan….

Nu matak ama talatah ka anak ama di ditu, ka Kolot omat masingna koloteun ka ki Amil sing jongjon getol amalna, Ki Katir nu ngabantuan, Ki Kulisi pangjagakeun nu balener, bisi si Jahil ka lembur, talingakeun bisi ngarah jeung ngarinah, nu temahna aya matak ngaruntagkeun desa katut pangeusina……ari ka RAHAYAT mah eta kumaha maneh bae, sabab maneh nu jadi LULUGU….

Isun : Dongeng Aji-Dipa ku sim-abdi katampi, mung sajabana ti sim-abdi ngagem eta aji, naon pameserna supados sim-abdi  kiat sareng tiasa pinanggih sareng hasilna? ……Oge ka payun upami mama aya waktos mugi ulah henteu kersa nambihan deui katerangan anu berguna, manawi sim-abdi diparengkeun tiasa melakkeun binih-binih ka saean ka nu sanes.

Pandita : Ari pikeun mama mah anu tangtu satungtung masih diayakeun umur sarta bisa keneh cumarita moal weleh nya nganasehatan ka maneh, ari sababna teu aya lian sugan maneh ka hareup bisa migawe eta nasehat ku prak-na, dimana sok diprak-keun anu tangtu aya kajadian nana, eta kajadian geus moal salah deui, lamun melak goreng buahna tangtu goreng, sarta sabalikna lamun melak hade tangtu buahna hade deui.

Isoen : Sanes mama, sateu-acanna sim abdi wangsul aya anu bade ditaroskeun ka mama, kitu oge upami karujukan …….sareng upami tiasa diterangkeun ku lisan nya-eta :
                   Naon ari hartosna Nur Allah?
                   Naon ari hartosna Nur Muhammad?
                   Naon ari hartosna Nur Cahya?

Pandita : Ieu pertanyaan maneh ku mama dijawab, tapi lamun salah ku maneh geura salahkeun, ari sababna maneh oge tangtu nyaho kana KECAP Allah, eta teh basa Arab, ari di Sunda keun nya-eta Nu Maha Suci tea……ari NOER di Sunda keun ku mama mah eta hartina: TERANG atawa NYAHO, jadi lamun maneh geus ngaharti mah kana Aji Dipa anu geus diterangkeun tadi, sok moal salah deui maneh teh tangtu nyaho NAON arti Allah teh? lamun geus nyaho, lamun geus nyaksian lamun geus nekad keun yen euweuh deui Pangeran anging Allah (La illaha illalah) tah eta teh NUR Allah….

Ari Nur Muhammad … Nur = Nyaho = Nyaksian = Nekadkeun
                        Muhammad = Utusan Allah = Kekasih Allah.

Ari Muhammad teh Manusa nu migawe kamanusaan.

Ari Muhammad teh Wali nu migawe kawalian nana……
                        (sok nulung ka nu butuh, sok nalang ka nu susah, sok nuduhkeun ka
                      nu teu nyaho, nganteur ka nu keueung).

Ari Muhammad teh Nabi nu migawe kanabian nana…… 
                       (ari mere terang sok eces/wujud tara make cenah, cara panca dria ka
                    urang, tara bohong)
Ari Muhammad teh Rasul, nu migawe karasulan nana ……
                        (ari mere terang sok jeung karasana oge lain cenah, cara rasa nu di
                       urang, asin nya asin, amis nya amis, jeung satuluyna)

Anu matak lamun maneh geus harti atuh sing boga “budi”.

Ari Nur Cahya ….Nur = Nyaho = Nyaksian = Cahya = Beureum – Koneng – Bodas – Hideung.

Nu adatna Panas, nu sipatna Beureum, eta enggon nana “seuneu” , nafsuna “amarah”  = ka-Hewanan

Nu adatna Ngahiliwir, nu sipatna Koneng, eta ngaran nana “angin” nafsuna “luamah” = Ka-dunyaan.

Nu adatna Ti’is nu sipatna Bodas, eta ngaranna “Cai”, nafsuna “sawiah” = ka-Robanan.

Nu adatna Tetep, nu sipatna hideung, eta ngarana “bumi” nafsuna “mutmainah” = ka- …..?
Lamun Mutmainah kaeusian ku anu tilu nafsu anu di luhur sarta leuwih ti mistina (teuing) eta ngaranna ka-Setanan.

Ayena mah kieu bae heulaan nan, lantaran kahiji waktu geus akir teuing, dongeng mah sok piraku rek ngadongeng bae, bisi maneh fa’na teuing kana dongeng geus bae engke deui resep kanu ngadongeng, sedeng nasihat kumaneh teu dilampahkeun, eta matak ngabubadirkeun waktu, ieu carita ku mama rek diringkeskeu bae :

Lamun maneh geus terang (Nur) = tangtu maneh Nyaho Nyaksi jeung Nekadkeun nana Mangeran ka Allah ku milampah pagawean nu Wujud-na hade sarta berguna keur sarerea!!! Geura tembongkeun Cinta, sacara Allah ka Mahlukna!!! Sacara Bapa ka Anakna!!! Geura pandang sakabeh Mahluk sacara ka diri na pribadi!!! Da nyaho Pangeran teh Welas jeung Asihna estu teu ngawilah-wilah!!!

Mun geus terang yen KN Muhammad teh Utusan Allah.

Mun geus terang ka :
KN Muhammad teh Manusa nu bisa migawe ka-Manusaan nana.
KN Muhammad teh Wali nu bisa migawe ka-Walian nana.
KN Muhammad teh Nabi nu bisa migawe ka-Nabian nana
KN Muhammad teh Rasul nu bisa migawe ka-Rasulan nana.
                              Sok berbudi atuh ! ! !


Nur Cahya :
Ulah leuwing teuing jeung ulah kurang teuing make seuneu, angin, cai jeung bumi ….sabab lamun kurang maneh tangtu pinanggih jeung gering (teu cageur …..) Nya nu kitu lamun leuwih teuing, bisi nafsu maneh kaleuwihan teuing, ana kaleuwihan tuluyna sok : ka-Hewanan =GU-magah, ka-Dunyan = GU-minding, ka-Robanan = GU-masep (gu-meulis) tuluyna sieun ku barang paeh, mi-Allah ka barang paeh, manutan ka barang paeh, Nu sok ruksak di pi-iman, bangsa bohong digedekeun, hirup pinuh ku pangalamunan ana tarik teuing ngalamun nya sok rajeun ka surupan, poho ka diri pribadi, boro raah ka Pangeran, lali basa lali bangsa, lali sa-gala-galana, tah nu kitu disebutna ka-Setanan.
,,,,,,,,Sing harti atuh ! ! !

Di-imah ku mama ieu dibere pagawean geusan pikiraneun, engke ari kadieu deui ku mama rek ditanya, sarta maneh kudu bisa nerangkeun nana, kieu : Di dunya ku ayana seuneu , cai, angin jeung bumi geus ngajadikeun ayana sri tatangkalan nu ngarandung sari ….. Tina cai bisa ngajadikeun ayana uyah rasana? …..Baheula Karuhun urang pang na teu pati susah cara urang ayeuna, sabab cek pamanggih  nu baheula nu bisa ngajadikeun raos teh nya-eta uyah lain bae sri, sanajan manusa oge ari teu uyahan mah ….? Ari urang ayeuna carang nu mikiran raos (rasa) tapi ka-lolobaan nana ngan susah ku mikiran deungeunna, enya kitu? Lamun ku maneh geus kaharti, maneh moal wani nyebutkeun yen Karuhun urang teh bodo, jeung moal boga rasa maneh leuwih pinter ti Karuhun maneh, naha ari raos teh ku sapedah loba deungeunna ?.....Geura pecakkan sari – rasa – tunggal  (satria satunggal) = hijikeun uyah jeung sangu tutug ngaranna, bisi aya anu acan  ngaraosan jeung nu acan nyahokeun maneh sing daek karana Allah pang-nutug-keun….ngelmu oge tutugkeun atuh, geura prak digawe, ari pameuli na mah, euweuh deui ngan diri maneh, titipan ti indung bapa geura mumule ……………
Geuning bareto kolot maneh  geus carita ka maneh hareupeun ama, mun teu salah kieu :
“ Isun “ mama jeung ibu sa-acanna ninggalkeun ka maneh, rek ngawaris barang anu pohara berguna keur maneh, sajabana ti pangarti ti sakola jeung ti pasantren, nya-eta mihape diri maneh sing salamet, karana lamun diri maneh teu salamet mah eusi dunya ku maneh moal karasa kani’matan nana komo sawargana jaga …Sakiitu
bae, ulah loba teuing dongeng, bisi poho deui, hartikeun bae heula, jeung meujeuhna urang netepan, da wajib urang manusa :

Netepan Kamanusaan !
Netepan Karahayatan !
Netepan Kapangkatan !

Nyatakeun jugjugeun urang …..Emas nu sigit (nu hade) masing kapanggih …..Jucungkeun tekad nu hade…..Ulah unggut kalinduan, ulah gedag ka-anginan, jati ulah kasilih ku junti, bisi cara tangkal Bungur, kacicingan ku mangandeuh, mang-puluh-puluh taun lilana, ana geus sidik kapanggih, bungurna ngan kari lunggul, henteu dahan henteu daun, nu ngajegir asalna mangandeuh tea, gede tangkal gede dahan, hieum ka daun-daunna, ngarana “Ki-Arah-Wana”. Waktu tadi bungur dipake kalangenan, ari ayeuna geus jadi kiara leuweung, pinuh ku jurig jeung iblis, nu sok ngaririwaan jeung ngageringkeun jelema, estu matak gila nenjo, beda adat, beda sifat, beda ka ngaran-ngaranna sidik lain bungur tadi …..

Ayeuna mah geus tepi ka waktu, meujeuhna geura heg balik, binih ti mama ayeuna bawa, pelakeun deui di ditu, ngan ulah luhureun batu, bisi binih henteu jadi, ngan kade bisina linglung, ulah poho tapak tadi, ku mama di du’akeun, sing salamet diri, rumah tangga katut saeusining desa, ginanjar salawasna, ku Pangeran Nu Kuasa..
Mun patepung urang jaga, sugan pa-amprok papanggih, Nu Raos urang dongengkeun, pituduh di ka Wujudkeun….

“Aji-Dipa” rasa batur jeung urang sing pada “Raos”n-na.

Kumambang Lampah Isun

Eling-eling mungguh nu hirup di lahir,
henteu meunang pisan
jahil, dengki, nganyenyeri
ka sasama mahluk Tuhan

Tekad, lampah, boh ku ucap oge sami,
sareng sawangsulna,
mungguh sarat nu utami,
kedah murah buka tangan.

Kitu deui resep nulung nu prihatin,
mideudeuh nu susah,
eta Dharma nu sajati,
saratna kamusaan.

Aji-Dipa sanes elmu bangsa junti,
tetes asli Jawa,
jawa teh hartina: “HARTI”
nyaho ka Purwa – Daksina …..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar