- Innalillahi wa innailaihi rajiun…hiji kaidah symmetry….asal ti Allah balik deui ka Allah..
Lantaran manusa aya di dunya teh midua –asalna hiji jadi midua lantaran mida (misabab) nuturkeun sakumaha marga (jalan) lantaran- nyatana boga dua hal : jiwa & raga, nyawa & hirup, jisim & jirim, kuring & kurung, lahir & batin- nya dina ilaihi rajiun na teh, balik deui ka hiji nu sok disebut Allah– kudu wae tarapti: aya nu mulih ka jati aya nu mulang ka asal.Karek enya ilaihi rajiun lamun teu salah nempatkeun.
Kongas aya babasan mulih ka jati mulang ka asal, ieu babasan siga nu geus klise loba nu asal diomongkeun bari geus loba nu teu (pati) paduli naha bet aya dua hal/atawa saukur nganggap babasan nu murwakanti mungkul.
cara nyusukna -ngabuktikeun enya henteuna ieu kaidah symmetry- ngarunut dumasar kana nengetan proses ’transformasi’ umum , kayaning:
A
Asalna Mimiti (wiwitan) tina sperma/sel telur sundana aci putih maya herang- aci putih tunggang herang…tuluy jadi sukma mulya..tuluy jadi sukma rasa…sari rasa…jst jst jst
Ngagedean jasad dina jero rahim indung mimitina asup hiji-hijina ti bujal..ngaliwatan tali ari ari…(lain tina sungut)...ci kiih jadi caina; teu basa teu carita tapi meta/usik/hirup jeung ngarti/nyaho (bisa narima pangaruh ti luar –kayaning emosi indung lagu jrrd) ..disebut sang terus rasa…jst jst jst.
Matak nu ngulik kasampurnaan rasa…apal ka wiwitan..ku mailk malikeun braja…bisa apal terus rasa..nyaho memeh pok..da meta teu kudu ku sungut…nyata mustikaning nafsu nu sok disebut kamutmainahan…jst jst jst.
B
Tuluy dijuru keun…dina waktu nu pang alus alusna (wayah-na bijil sanggeus sakabehna lengkep keur tiap anak sudang (janin))..hulu geus deukeut ka juru..awak awakan leah nuturkeun.. …. Bandingkeun engke jeung wayahna/waktuna surup…enya henteuna babasan…wekasan di wiwitana/mimitina.
Kumaha kajadian ngajuru teu kudu hese lalaki ge tinggal nyaksian-atawa tanya ka dokter/indung beurang/bidan kumaha hesena/nyerina/susahna dina waktu sirah ngaliwatan palawangan(vagina) nu leutik/juru (dibanding volume rahim) hawa hawanu rek paeh loba kasaksi-sirah orok oge kawas nukukuncungan da hese ngaliwatan palawangan…aya nu hasil, aya nu paeh jeung indungna, aya nu salamet hiji..jrrd... jrrd…( bandingkeun engke jeung sa- karat) matakna sok dibantuan na ku diingetan –‘sing kuat nafas' bari aya oge nu diengineer disoek/dilegaan juruna atawa make sistem vaccum, bedah jll –
C
Geus medal –wedalan ngaliwatan juru (ngajuru)- bet malik alam tibalik belah….
Sungut muka/dibuka ku indung beurang ari bujal ditutupan… ‘wali’ nu salapan (7 diluhur 2 dihandap) muka ‘wali’ nu tunggal nutup;
nya tuluy nyawaan –rasa dunya- nungtut nambahan kusabab aci-aci sato/tutuwuhan (taneuh)/cai/hawa (angin)/ daya/upaya (energy/seuneu).
Tuluy bisa nafas panca indra nungtut ayaan suku leungeun usik/meta… nangkarak nangkuban diuk nangtung…jst jst….
Matak dina balik..kudu bisa wali nu salapan nutup (Tanya ka nu sok nungguan nu gering tepi ka maotna sabaraha persen nu teu kawawa/teu karasa ngising/kiih ??)... wali 'tunggal' muka deui…..(keur lawang naon?-tanya ka nu balageur kareresa ngamandian mayit naon beda/saruana tiap mayit)…
Matak teu aneh mun loba nu latihan nyimpen nafas bari numpakan nyawa dina beuteung (nu aya bujal)…..diajar nutup lawang sanga… lamun rek….; mateni patang perkara lamun rek…..., diuk sila lamun rek….., nangtung mun metakeun….jrrd 7 varian teknikna.
D
Beuki lila beuki ngarasa jadi jelema..Rasa beuki kalimpudan nyawa….
….sabab geus ngarasa jadi jelema…nya tuluy boga pangrasa sorangan (salah sahiji pangrasana: jadi budak gede kolot jst jst) jadi raja (malik) pribadina ngambah warna warna rasa dunya –sir tiditu sir ti dieu dirarasakeun diobeng ku rarasaan asa kitu asa kieu mun teu pangger jadi asa asa campur jeung rus ras meunang ngeunah jeung teu ngeunah beda beda ngarasakeun rasakeuneun…..ngumpul jadi nafs (jiwa:boga akal/budi)…. tiap nafs sarasana sarasana sab beda beda pangrasana…jst jst jst..
-- bag detailna dihapus katimbang ieu notes ukur kanggo aosan 'light reading'---
E
dina balikna…
Kusabab beda beda tapak amal pagaweanana...teu kabeh bisa symmetry-harmony - unity.
Nu kolot sok pikun (jadi budak deui) tapi teu kabeh kolot pikun memeh maot; rek paeh leungit nyawana sok nangkarak (kawas keur datang nyawa mimiti2) tapi teu kabeh bari nangkarak da aya nu paeh katabrak, paeh bari diuk, nangtung, bari nyupir jrrd jrrd;….teu kabeh lengit panca indera heula najan loba nu torek heula teu awas heula …; rek ngagedean sok gering heula..rek paeh ge sok gering heula…tapi teu kabeh paeh gering heula..jst jst jst…
Nu paeh ge kajeun disebut ku nuhirup innalillahi wainnilaihi rajiun ge gening cenah ayana di kubur- barjakh- antara, jadi can bisa balik ka Allah –ilaihi rajiun- nunggu nunggu kiamat dunya. Jadi eta babasan ti nuhirup saukur do’a/harepan atawa basa basi mungkul meh siga disebut bageur/hade ku turunan nu ditinggalkeun…. Matak tuluy diingetan yen turunana kudu wae ngad’oakeun/ nga re-program –ngarahkeun ti dunyana ameh meunang nikmat qubur jrrd jrrd. Tapi,…. aya oge –pasti loba wae, da eusina jalma mah saha nu nyaho- nu enya manjing innalillahi wa innilaihi rajiun pas harita keneh..pan saur Allah baheula dina qur’an aya nu tepung jeung kami rebuan taun –lila pisan- aya nu bisa gancang sakedet netra ….
dimana gunana nuturkeun ajaran Sang Khataman Nabiyyin enyana??? (tingali Bagian 8: teknik2 nga-engineer jalan balik di sundai-islam disunda)
II . Falaa tammutuna illa wa antum muslimun.. Sapi bikang, 2: 132
Omat Ulah paeh lamun teu muslim ….. cecekelan nu beurat enya….nya dumasar ti nyekel eta lamun geus kabeh–jiwa & raga-sorangana- muslim (leah/sumerah/aslamtu kalayan kaffah ka rabbna) tah waktuna paeh enya. kumaha cirina??
kumaha supaya supaya enya do’a salamet ngajadi/matih lain saukur menta bari teu apal hasil/kabulna ??
‘taubatan qoblal maot’ menta/daek balik (taubat=balik) memeh maot (naon wae nu kudu tobat/balikna samemeh maot?),
‘rahmatan indal maot’ -ngeunah/kasinugrahan- eukeur sakarat,
‘maghfiratan ba’dal maot’ dihampura –sampurna euweuh gantar kakaitan- saenggeusna.
naon hubungana jeung waktu wedal/waktu surup..medal surup dina tanggal (itungan rotasi bulan-revolusi bumi)...kumaha 'conyugasi', 'time reversal'na?
bagian saterasna urang kintunkeun upami pareng.....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar