Rd. Muslimat : Mudah-mudahan kang !, rai tiasa ngalaksanakeun sakumaha katerangan-katerangan sareng wejangan ti engkang. Rada emut kang !, rai kantos nguping kieu : “ SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA”. Cing kumaha salang surupna tah kang ?
Rd. Muslimin : Eta teh rai, Hadist Nabi Muhammad SAW. :
ﻮﻤﻦ ﻄﻠـﺒﻞ ﻤﻮﻠﻦ ﺒـﻐـﻴـﺮﻱ ﻧـﻔـﺴـﺢ ﻓـﻘﺪ ﻇﻞﻇﻞ ﻷ ﻦ ﺒـﻴـﺪ
WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA DHOLALAN BA’IDA
Ceuk sundana : “ SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA”.
Rd. Muslimat : Sumuhun, naha disebat bakal kasasar, naha Alloh teh aya dina diri manusa kitu ?, atuh upami Alloh aya dina saban diri manusa mah, panginteun seueur Alloh teh, atuh pasalia saret Surat Al-Ikhlas. Kalihna ti eta, naha geuning anu nga-daro’a bet sok disebat “ Tamu Alloh”, naha memang Alloh teh aya di “ Baetulloh” ?, cing kang !, lieur keneh rai mah.
Rd. Muslimin : Tuh ….nya rai !, ari seuh-seuhannana mah bingung nangtukeun anu di ibadahan ku urang teh, sedengkeun urang kapan ti aalit parantos ngalaksanakeun ibadah cenah ka Manten-Na, kumaha tah rai ?, netepan sadinten sawengi tijuh belas rokaat, seja sujud sumujud sumerah ka Alloh, tapi sareng Allohna teu acan “ TAHKIK /HAKUL YAKIN”, nembe “ Percaya” ngaraos cekap ku ngucapkeun Syahadat, sareng percaya soteh dumeh aya padamelannana. Padahal geuning teu cekap semet kitu, sakumaha pituduh Jungjunan Kanjeung Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Salaku panutan urang Islam, anu dipiconto ku sakumna umat Islam yen “ AWAL-AWALNA AGAMA TEH KUDU NYAHO HEULA KA ALLOH “. Maksudna supados ulah ragu-ragu enggoning urang sujud sumujud tur sumerah ka Manten-Na.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar