Kamis, 30 September 2021

kalam kasundaan 3~disiplin kasundaan eusi

Bag III
> Disiplin Ulikan Kasundaan Eusi
>
> Ulikan eusi kasundaan, ulikan sunda jero, eusi atawa jati,
mangrupakeun ulikan nu lengkep teori reujeung praktekna sanajan
pustakana aya dina hambalan sunda nu ayeuna geus teu populer deui di
lingkungan formal alam pikiran kalolobana urang sunda katut para
budiman sunda ayeuna. Ieu ‘elmu’ ngeunaan Sunda, katut
‘teknologi’ tina metakeun sunda eusi keur kamaslahatan alam katut
eusina nu geus kapanggih ku luluhur sunda baheula, kahontalna teh make
parabot rasa nu geus kacaangan sunda.
> Ulikan ieu dina proses edukasina mentingkeun JADI tibatan saukur
nyaho. Hartina ulikan disiplin kasundaan leuwih mentingkeun jadi Sunda
(Nyunda) tibatan nyaho ka sunda, leuwih mentingkeun jadi Caang
moncorong cahayaan. Tibatan saukur nyaho ayana Sunda.
>
> Kabiasaan Dina Nganepikeun Sunda Eusi
>
> Saperti nu di sebutkeun diluhur ulikan sunda eusi mentingkeun jadi,
mentingkeun jadi sunda nu caang cahayaan timanan ngan saukur nyaho
ayana caang eusi. Jadi dina nganepakeun ulikan ngeunaan sunda eusi teu
sambarangan ditepikeun.
> Nepikeuna jeung nepakeunna teh make ‘media’ husus nyaeta make
paawas awas rasa pabersih bersih ati ku cara mernahkeun tangtung di
bumi suci alam padang hasil tina henang hening henung sunda.
> Kulantaran ngeunaan alam rasa dina hambalan sunda, tulisan, ucap
‘teori’ atawa katerangana sering disilib sindirkeun atawa
dipilihan ngajaga timbulna salah harti nu ngadenge/numacana. Dina geus
kacekel barang tur Aya-na karek dijentrekeun satarabasna.
> Hal eta teh lantaran, caritaan sunda eusi mah hese kahontal ku jalma
nu ngagedekeun keneh uteuk jeung angkeuhna sorangan. Dina merenahkeun
tangtung nage carita sunda eusi bakal ngan saukur dikira kira lamun
jalmana can manggih ‘Aya’ jeung ‘barang’na. Ari kira kira
tangtu lain jeung moal nu enyana.
> Sigana moal jadi aneh upami budiman sapertos Hoof-Panghulu H. Hasan
Mustapa seueur masihan simbol siloka sareng sindir dina ngadugikeun
pamendakna teras dipilih-pilih nurutkeun pamahaman nu ngupingna,
diantarana misalna wae H Hasan Mustapa mung milih sabagian ayat
Qur’an â€"dina adab padikana disebut 105 ayat, numutkeun etangan
Ayip Rosidi 352 ayat- dina nyerat tafsir qur’anul adhim.
> Dipilih ngan sabagian leutik tina qur’an sigana tangtos kaemuteun
ku anjeuna yen tafsirna hiji waktos, bakal kaaos ku umum nu teu
sadayana apal kana aya jeung barangna, kaayeunakeun geus kajadian.
Eusining qur’an nu numutkeun anjeuna, hatamna ti sunda ka sunda deui
teh moal gampang kaharti ku ‘bangsa kaula’. Saurna ge, ‘Komo
lamun jalmana geus tikait kana panyakit ati’.
> Bangsa kaula didinya lain nuduhkeun urang sunda kabeh tapi sakabeh
bangsa jalma nu masih keneh di ka-kaulaan, teu masagi dina rasa
kuring, rasa kami, rasa ingsun jeung rasaning aing. Nu karitu moal
bisa ngahontal eusining bacaan sagemblengna.
> Kusabab sunda(eusi)na mah moal kahartieun ku pamahaman ka-kaula-an
komo deui ku nu geus kotor hatena nu ngan ngarti sisindiran jeung
wawangsalan. Ayat ayat nu dipilihna keur nuduhkeun supaya jalma nu di
ka-kaula-an katuduhkeun kana sunda.
> Dina kanyataanana lantaran kamampuh umum nu teu sarua eta tafsir
jadi ‘dongeng’ atawa ‘carita’ penafsiran nu warna warna
utamana ku para budiman nu teu weruh ka sunda eusi.
> Tapi tangtu eta teh lumrahna kitu jeung kuduna kitu, ku ayana wacana
teh ngabantu nyaangan uteuk dina nyusuk kanyataan ‘aya’ jeung
kanyataan ‘barang’ nu dicaritakeun nyaeta Sunda tea.
> Ngan jadi pihanjakaleun lamun dina ngabahasna saukur make uteukna
mungkul teu daek make ati anu putihna. Tangtunganana teu daek
dijadikeun kabuyutan (kabuyutan=tempat suci) da nganggap kabuyutan teh
ayana diluar, di kuburan luluhurna mungkul, teu hayang nyieun sorangan
siga luluhurna baheula nu mampuh nyieun jeung boga kabuyutan.
> Kapan loba kacaritakeun elmu tapak kamampuh pikeun ‘tanjeur na
juritan’ ‘heubeul jaya di buana’ teh pan ayana di kabuyutan,
jadi boga kabuyutan sorangan teh kudu pisan lamun hayang hirup mulya
ameh masing masing bisa makena dina nyanghareupan musuh jeung
tangtangan hirup.
> Nu teu daek nyieun kabuyutan dina dirina sorangan pohoeun kana ayat
Al Qur’an nu unina kieu: Fi buyutin addinallahu anthur fa'a wa
yudzkara fihasmuhuu yusabbihu lahuu fiihaa bilqudhuwi wal ashal (QS
Annur: 36), yen ngan di buyut=tempat suci asma Allah teh diijinkeun
ayana. Matak kudu jadi nyieun kabuyutan nu deuheus ka awakna supaya
bisa nyusuk jeung gampang makena. Dina ngahartikeun sunda nu teu daek
beberesih ati jeung lampahna mah ngan saukur meunang dongeng bari teu
karasaaeun manfaatna ku inyana sorangan.
> Hal ieu teh nu oge sok dipaurkeun ku para budiman sunda eusi
sanesna, sieun sunda teh ngan saukur jadi dongeng, pagede gede carita,
parame rame mere tafsiran tapi nyundana teu jadi, da teu daek
manggihan aya jeung barangna.
> Kadieunakeun, paling henteu nu katengetan taunan katukang, dina
ngahartikeun mentingkeun jadi Sunda tea, sabagean jalmi tedak sunda nu
nganyahokeun sunda eusi nganggap ieu ulikan pamali. Pamali diomongkeun
pamali dituliskeun sagawayah sabab ngajaga jeung kasieunan bisi ulikan
teh jadi ngan saukur dongeng, pagede gede carita wungkul, bari teu
karasaeun teu kapanggih. Dina kapaksa nulis, nulisna terus sok di
silib sindirkeun atawa lamun ditepikeun sok milih milih kanu enggeus
‘mateng’ pola pikir jeung pola lakuna, dipilihan kanu geus tapis
neuleuman sunda luar heula. Ngarariung nepikeun eusi na ge sok milih
dina waktu sareureuh budak atawa ditepikeun teu sagemblengna, sesana
sina kapanggih sorangan ku nu hayang nyusudna.
> Kabiasaan nu katengetan eta tangtu ngan saukur kawijakan jalmina
atawa sifatna kasuistis nu kahareup bisa di saluyukeun jeung kabutuh
selerna asal tetep mentingkeun JADI. Sabab, harti ‘hese’
nganyahokeun sunda eusi didieu lain hartina teu bisa kahontal jeung
teu bisa manggihanana, komo teu bisa di ‘bukakeun’ mah sabab lamun
puguh ‘cara jeung jalanna’ mah teu hese hese acan.
> Cara jeung jalan ieu, nu ayeuna dina loba lingkungan formal karasa
asing, tibabaheula sabenerna turun tumurun di tepakeun ditepikeun
dicekel dialusan ti mimiti kapanggihna ku luluhur urang sunda tug nepi
ka jaman ayeuna disampurnakeun nganggo sir’ah jeung minhaj Islam
nu datang ti tanah Arab.
> Ulikan kasundaan eusi nu tangtungan jeung nembongkeunana 1)
ngagunakeun awas caang rasa jeung bersih ati; 2) bijilna tina SIR nu
ku sari, 3) ayana lantaran RAS ku rasana nu hasil tina merenah
tangtungan di bumi suci alam padang sabab mampuh henang hening henung
dina Sunda eusi, sabenerna mangrupa skill nu bisa diajarkeun bisa
ditepakeun kalawan empiris.
> Ulikan sunda eusi ieu ngarupakeun ulikan empirik sabab lamun make
jalanna saha wae nu makena bakal tepi. Tapi tangtu lamun teu nyaho
jeung teu make carana lebeng moal panggih. Lir ibarat hayang nyaho
internet [sunda eusi diibaratkeun internet] teu boga modemna (warnet
euweuh), sanajan komputer awakna alus hardware jeung software na alus
moal bisa nepi. Jadi we internet ku nuboga eta komputer ngan saukur
‘khayalan’ Nya terus we dikira kira da rea maca ngeunaan internet
eta tina majalah, buku atawa dongeng batur nu eusina lain hand book
atawa journal tapi ngan saukur ‘cenah’ nu dibungbuan ‘basa
iklan’. Sanajan cang tangtu jadi ‘sasar’ atawa ‘bias’ dina
nyahona ngan saukur dongengna wungkul. Informasi jeung fasilitas ti
internetna mah weleh teu ngarasaan jeung ngabuktikeun. Tapi, lamun
bisa nga-acessna mah kabeh nu nga-access pada ngarasa jeung
ngabuktikeun sarua gening kitu internet teh. Tah dina sapopoena tiap
netter beda beda
> makena beda beda naon nu didownload [khasanah pustaka jeung
teknologi sunda eusi] ka komputer awakna kumaha karesepna kumaha
kabutuhna.
> Ngawanohkeun ‘modem’ ieu nu sigana perlu ditepikeun deui supaya
kana sunda eusi teh loba nu nganyahokeun, ngarasaan, jeung
ngabuktikeun. Supaya jaradi caang nyaangan uteuk angkeuh jeung
lampahna dina nanjeurkeun deui sunda boh dina budayana boh dina
tangtungan kasundaana nu ayeuna warna warna jeung terus kagerus jaman.
> Jenis modemna nu aya dina pabetekan pustaka hambalan Sunda: aya nu
tina Agama Islam, aya oge nu tina ‘inovasi’ luluhur sunda baheula.
Ngan ari kanggo para budimanna mah, sigana, kedah tapis nganggo
duanana sabab lamun teu pernah ngaraoskeun jeung ngabuktoskeun sacara
haqul yakin ngeunaan inovasi luluhur tedak sunda, terus teu jadi
‘tacit jeung explicit knowledge’, tangtos moal ngeusi dina
nganepikeun jeung ngama’naana budayana, moal ENYA, da ngan saukur
nganggo kira-kira. Nuduhkeun jeung ngajelaskeun budaya sunda -nu
nyunda- ka selerna oge tangtu teu eusian da teu merenah Sundana.
>
>
> Panutup
> Panginten nu ngaos, timimiti ningal ieu tulisan ngemut : naha bener
henteu ? boa ngan saukur ngira-ngira, ngimpi, ngahayal, atawa
supertisi ? atawa naha ngan saukur pamanggih subyektif ?
> Ieu tulisan ‘panganteur’ bijil tina hasil multiple case study.
Protocol jeung data base kajian sadia pikeun external validity,
Tehoritical proposition keur nganalisa papanggihan aya, sabagian
ditepikeun dina ieu tulisan Keur internal validityna. Key informants
masih aya, Dokumentasi artefak arsipna aya, oge chain of evidence
dina hambalan sundana bisa nedunan construct validity, Tinggal daek
langsung jadi participant observer ngalakukeun kajian sorangan pikeun
nganyahokeun ngeunaan tangtungan Sunda jati - lain ngan saukur mitos
tapi aya, empirik jeung bisa dipake. Ngan tangtu pikeun ngalakukeun
participant observation, maca data base jeung nyusud chain of evidence
na perlu ‘training’ heula.
> Ieu ‘kajian’ perlu ‘tempat’ keur ngawacanakeun utamana dina
nepikeun hasilna, ‘pustaka’ sumber na masih dikalangan koleksi
pribadi-pribadi tertentu hariwangeun keneh lamun disimpen di
‘perpustakaan umum’ lantaran sieun ‘pustakawanna’ teu
‘eungeuh’.
> Ngahaja ditulis ti pandeuri sabab hayang oge nganepikeun yen
tangtungan sunda jati, khasanah pustaka jeung teknologi sunda dina
hambalan sunda bisa di talungtik dibuktikeun make pola pikir pola laku
disiplin ilmu ‘jalmi nyakola modern’ , supaya rea urang sunda
ayeuna nu gedena ku sikep ilmiah (scientific) bisa maca pustaka jeung
make ‘teknologi’ dina hambalan sunda keur nanjeurkeun deui sunda;
sugan ari rea mah engke paTAPA di nagara nu masagi dina tangtungan
sunda eusi, aranjeunna jadi sauyunan nanggarakaeun Pajajaran anu mulya
nohonan uga.
> Ngan tangtu kudu dimimitian ku sumanget, nu saur kangjeng Nabi
Muhammad saw mah, Al hanifiyyat al-samhah.
>
> Robbana atmim lanaa nuuranaa…
> Nun… Nungauban sampurnakeun sunda abdi..
> (At-tahrim 66:8)
> Amin.
>
>
> Cag.
>

Hana kabeh teureuh wani pateuh

Parutuna Rajadirajana Guru bakalana warman
Puseurana Rarajana Dipantara
Jaya Nagarana Kala kabhinekan ageuman
Brahmanan rajaresi teu rasa pangbeneran

Lain ngajak malikeun ageuman
Yeuh sarina kabeh ageuman

Dharma sembahyang kudu ka nu bener
Nu Nyipta, Ngajaga, Nyirna tah tilu inti dina hiji Gusti
Budi lumaku lampah kudu sing bener
Nu kapuji ku hate sakabeh purwa ciptaan Gusti
Bakti panangtungkeun kudu jaradi bener
Manunggaling jeung nangtungkeun titah Gusti

Basakeun ku Basa Dia !
Na Ayana Kabeh ti saha ?

Ngan Mah
Kunjara Basa Purwa
Kabeda Pamawa upacara
Kapengkol Rasa Paranditana
Dia milih kuma dia
Pilih Pangpangna kuma dia
Yen sing bener anu dia, kuma dia
Yen milih bati sewang-sewang
Yen moksa Sawarga Kahyang sewang-sewang
Aya Mah
Silih Asoran Wargana
Silih Ajeunan Wargana
Nyawarga tah Nagara Jaya Buana
Gemah Ripah Repeh Rapih
Jang Naha kaBener bawa apuy pati ?
Jang Naha kaBener bawa bohak nyeuri
Aya Mah
Kabhineka surti ngahiji
Impleung …leumpeung…

Jeup heula Wangi !
Da dia mawa nyeuri
Bisi naringali katukang nurun kanyeuri
Kula muka ti candrabaga ngarah taya deungki
Mangka kersa Dia moal ngajadi

Ieu lain jang entragan maraneh !
Dia mah pada heureuy, heuheuy, deudeuh
Moal kasampak moal kasorang
Kala Warman Kala Kesang
Kala Wangi Kala Pateuh
Dia mah pada heureuy, heuheuy, deudeuh
Piceun bagen ieu tulisan
Lamun Dia jamedud bari enyaan nyiaran Kasundan
Kabehan Riwan Kabuyutan Moal eureun pangharepan
Kuma Maraneh !

Bubat Wangi…..!
Kula ningali..
Kala pada beureum
Awak beurem lir apuy wesi
Bari Baraseuh peurih pinuh getih
Mata beureum lir apuy geni
Bari merebey ngalembereh getih
Huntu Rumekot
Mata Molotot
Guar Gaur … Gagauran
Supu Sapa … Sasapaan
Tepi ka tepung pati
Nyeuri milu neupi ka pati
Ngawangi ngabakti bela pati
Maraneh Hareureuy Heuheuy Deudeuh
Raja jadi punakawan

Pulasari Wangi….!
Kula ningali
Kala wirang
Kadungsang-dungsang
Jibrug kucimata reujeung kesang
Samar awak jadi sudraan
Rewag rewig jiga sasatoan
Nembang bari ceurik kapeurihan
Mangke siah tingali
Mangke siah tingali
Ngajerit maratan langit
Ngoceak maratan jagat
Tepi ka tepung pati
Nyeuri milu neupi ka pati
Ngawangi nyimpeun papati
Maraneh Hareureuy Heuheuy Deudeuh
Raja jadi punakawan

Jeup heula Wangi !
Da dia mawa nyeuri
Bisi naringali katukang nurun kanyeuri
Kula muka ti candrabaga ngarah tong aya nu deungki
Mangka kersa Dia moal ngajadi

Mangka teungeut sing rineh !
Budak cacarita di aya jeung taya
Sumput ku maraneh
Bisi kahalang ngeusi talaga warna
Kasampak pangna bedah
Ngiringan jadi pedah
Pandawa ti Amarta
Nyunda balik ka Hastina

Cag heula…

Sukmajaya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar