Di kampung sim abdi akang..eteh, Di gunung tangtung; Leresan Karang adeg aya dongeng ngeunaan elmu kanuragan nu jadi tunggul kawedukan nu jadi tangkal kabedasan nu cenah cecepengan pamuk pajajaran baheula. Saurna, kieu..... Usik tangtung teh jadi na (kudu) hiji ngan diwangun ku opat bagian nu kudu bisa jadi reng..dina aweuhan jadi sir dina sari...jadi ras dina rasa...jadi pakean dina awak jadi dangdanan dina badan: 1. Usik awak Usik na awak, resep pisan gampang kacirina, kamampuh naon wae asal nu kadongkang bisa ditonjok, ditajong, dibabuk, nyingcet, lumpat jrrd. Kana awak jadi �atletis� nepi ka jadi kawas �rambo�; nu siga rambo pasti bisa neunggel samsak 50 kg, nu begeng hudang gering 10 kg misalah urat. Jampena pakuat kuat pakesit kesit pagede gede Ngan edas ngulik usik na awak mungkul mah sakeudeung jayana, dina umur ngolotan teh ngurangan/leungit; matak timbul basa.... �baheula mah jang abah teh jago tarok jago bobok jago mukakeun anderok...�. ayeuna mah ..emh ...leungit/ngurangan geus suda ku tanaga...eleh kadeseh ku nu ngarora. Matak mun tukang ngulik usik na awak mungkul ngajago keur ngora...tungguan we 5 taunan deui...komo geus rarempo mah ....geus kitu tinggal babuk ku nu ngora...gampang. Gening muhammad ali ge keur ngora mah jago ...tong wani ngajak gelut ka inyana...ayeuna mah kudu wani da geus kolot ....parkinson deuih. 2. Usik napas Usik na napas, resep pisan sabab siga teu pira tapi lamun kaolah bisa nimbulkeun ka mampuh diluar usik na awak nu luar biasa...teu kudu paantel ...bisa ngalempag ti kajauhan...rosa tanaga..cepet usikna...weduk..awakna... entengna bisa motongkeun beusi..nu leuwih teus tibatan tulangna jrrd ..jrrd. Jampena pakuat kuat pangger angger pa lemes lemes Pan dina gelut na ge...saha nu kuat napas na pasti meunang.... teu kudu awak siga rambo....asal kuat dimana neundeunna napas jeung apal ngagunakeunana...rek dijero rek didada rek di beuteung ...rek kaluar rek kajero rek di luar kabeh aya guna jeung kamampuhna...masing masing....pasti jago...beuki kolot teh beuki tapis beuki jago...lain jadi eleh. Ngan edas ngulik usik na napas teh kudu diniatan heula makena...kudu usaha heula....kudu di kamudi ku uteuk... komo rada hese mun metakeunna tukangeun bujur treuk. lamun geus teu napasan leungit. 3. Usik rasa Usik na rasa, resep pisan sabab aneh ayana teh lamun sareh. Neangana ku paeh. Carana ku henang hening henung. Jampena ku tarima, Eusi na teh lamun suwung, suwung na teh lamun eusi, satungtung rasa na tedak wedalan galunggung hartina galuh agung nu ngagalunggung moal ka tembus ku wisaya...moal kahalangan tempat. Teu kudu diniatan heula da geus jadi tumpah darahna, teu kudu hese cape heula da wisesa murba. Jampena pasareh sareh panggger angger Pantangana lamun keuna ku was-was jeung pangridu ridu nafsu. Bates kamampuhna ngan nepi ka bahrul hayat...saleuwihna ti eta moal nyaho da geus karem ka jatina...... Tapi edas eta mah teuing ku mulya. 4. Usik na cahya eusi Eleuh komo ieu resep pisan sabab jatining usik...sakabeh nu aya di alam teh nyatana cahya...ceuk einstein wae e=mc2...awak teh cahaya.. cahaya teh awak constanta na wadah... fungsina jadi. Dikamudi ku ati nurani (ati nu caaang cahayaan). Ayana di jero-jerona tangtung. Jampena pacaang caang pa poek poek...Nyaho jatining caang nyaho jatining poek....bisa nyumput buni dinu caang. Sabab nganyahokeun caang soteh ceuk nu poek lamun ceuk nu caang kumaha? Poek soteh ceuk nu caang ceuk nu poek kumaha? Nyatana mah caang lain poek lain caang enya poek enya ngan lamun usik papoek poek pacaang caang. Pantangana lamun ngaku... cirina lamun jadi...kahontalna lamun geus teu maneh maneh acan. Anu kasinugrahan cahya bari tapis ngagunakeunana...teu kahalanganku awak..teu kahalangan ku umur...teu kahalanganku tempat teu kahalangan ku jaman. Teu kahalangan ku bahrul hayatna...Awak na leungit ge terus mancur. Runtut jeung nu alus, wawuh jeung nu lembut, galo jeung nu nyaho, dalit jeung nu leutik, Satungtung dunya ieu katut eusina aya Moal runtag seseliran. Tina eta nu opat,.................. Elmu na pamuk pajajaran mah nyaeta lamun geus bisa ngahijikeun usik sunda (Nur) jeung rasa galuh; jadi di PAKU-an Pajajaran tangtung. Sumarambah dina nafas nyiliwangikeun awak. Awakna dikamudi nafas, nafasna jadi pamanah rasa; rasana merenah di jaya dewata (dewa=dev=cahya); dewatana di pakuan...nunggal di pajajaran....kanyataan wahdaniat. Usik awak usik nafas ... luarna; usik rasa usik cahya... jerona; Jero tembus ka luar; luar paesan jero jero bagian jero... luar bagian luar; jero luar... luar jero... ngan jero mah jero luar mah luar. Ari usik urang aya dimana? boa dilebah teuing... teuing ku awak teuing ku nafas teuing ku rasa teuing ku cahya teuing ku Allah... teuing ku batur nu sok disebut lelembut ngan cilaka temen lamun kitu sabab asup kana paribasa sayang kaak na suhunan kut angkut nu boga teu nyaho nyaho. ======================= Baktosna Eddy Nugraha
Sabtu, 25 September 2021
kanugaran
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar