Jadi enggoning ngudag tujuan menangkeun inten eta, jelas kedah kagungan Tarekah/jalan/pagawean anu sanes lumayan hese belekena, bari eungap teuleum ka dasar laut. Upama kuat, teras kapendak, karasa kecepeng eta inten ku pribadina, nya Ma’rifat (nyaho), lain ceuk cenah beja wungkul, yen didasar laut palebah dinya teh aya inten.
Rd. Muslimat : Ke kang !, upami kitu mah elmu ka-Ma’rifatan teh ngait pisan sareng Hadist “ AWALUDINI MA’RIFATULLOH “ tea ?
Rd. Muslimin : Kitu pisan rai !, da Ma’rifat mah penting pisan, mangrupi enas-enasna tina Iman.
Rd. Muslimat : Naha pangna kitu kang !, kapan dina Rukun Iman anu kahiji oge cukup ku “Amantubillah”, nyaeta “ Percaya ka Alloh” , geuning teu aya tumbah tambihna ?
Rd. Muslimin : Rai….!, kapan Rukun Iman mah kagolong kana Elmu Syareat tea, salancar tahapan kahiji kapan eta mah, ari tingkatanana mah kapan ku engkang parantos diterangkeun ti payun, yen Iman teh aya tilu tahap, nyaeta : IMAN TAQLID (ILMU YAKIN), IMAN IDLAL (AINAL YAKIN) ,IMAN TAHKIK (HAKUL YAKIN) alias Ma’rifat kitu tah.
Rd. Muslimat : Eu…euh !, kahartos kang !, kahartos, hapunten rai rada kuled, anu mawi mugi engkang ulah kapalang sabar ngajelaskeun anu rada gampil kahartosna. Anu bade ditaroskeun ayeuna : Naha pangna dianggap penting pisan urang kedah Ma’rifat (terang) ka Alloh ?, malih kedah diheulakeun, naon margina eta teh kang ?
Rd. Muslimin : Bade teu penting kumaha rai !, kapan Alloh teh tujuan ibadah urang, kapan “ Tujuan hirup manusa teh , nyaeta pikeun ibadat ka Alloh”, sasat Alloh teh sembaheun urang. Kumargi anu bade disembah ku urang, atuh kedah puguh heula, tangtukeun heula anu bade disembahna, lain sabalikna, ngahelakeun sembah tapi anu bade disembahna teu tangtu, teu acan dikenal, ke bilih mubazir, hanas hese cape.
Rd. Muslimat : Kahartos kang !, nanging kumaha carana hoyong kadugi kana “ TAHKIK” atawa “ HAKUL YAKIN” atawa “ MA’RIFAT” teh ?
Rd. Muslimin : Nya kedah ku “ Elmu”, ari elmu teh kapan kanyaho, ari kanyaho kapan datangna ti dua lawang, nyaeta ti papada urang sareng tina daluang. Ti papada urang nya sapertos rai ayeuna, ulah narima kitu bae, tapi kudu weleh tetelepek sing dugi ka ngarti. Ari tina daluang nya sing seueur bucu-baca, bari disarengan ku sabar, lekeun, keyeng. Elmu anu parantos katarima boh tipapada urang boh tina daluang, tingkatkeun sing jadi luang, hartina pangalaman, ari pangalaman kapan buah ti nu kaalaman ku urang. Anu matak sing loba ngalaman.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar