VIII
Kumaha gulung supaya ngagalunggung??
Diulemna SSJ kana gempungan Wali Sanga mah, sabenerna, pakeun ngabahas
kaayaan umat kusabab ayana pamahaman murid-murid SSJ (ngaku tina
ajaran/pangwuruk SSJ) ngeunaan syariat agama – nu aya imbasna ka masarakat
umum (malah nepi kana ranah politik –ki kebo kenanga, ki Ageng Pengging jrrd).
Tangtu geus pada nyaho yen pamanggih murid can tangtu bener ngawakilan (teu
kabeh bisa ngawakilan) pamanggih guru sanajan loba oge murid nu leuwih
pinter/jero/bener pamanggihna ti guru. Tapi lamun muridna salah –migawe salah-
guruna sok dipenta bantuanana/pamanggihna/ ‘advisna’ pakeun ngomean muridna
jeung ngomean ‘akibat’ tina kalakuan murid. Kasalahan murid lain kasalahan
guru- iwal ti lamun memang kabukti guruna nitah murid supaya migawe salah. Ieu
kabeh alesan diulemna SSJ kana riungan Wali.
SSJ pupus dina eta riungan (Pajemuhan Wali Sanga), atuh jadi katurug katutuh,
ngajadi ‘bukti’ yen SSJ kenging ‘hukuman’ dugi ka pupusna. Aya nu nyebat ku
para wali dihukum pati (diantawisna kadugikeun ku kang
Mrachmatrawyani-haturan); Aya oge nu nyebatkeun yen SSJ milih pupus nyalira
dina riungan wali – ‘Serat Siti Jenar” Bratasekawa);
Padahal (nurutkeun ieu dadaran mah) anjeuna pupus cilaka ku ‘polah’ nyalira.
Matakna ieu dadaran, insya Allah, arek nepi kana kumaha supaya salamet gulung
na abdi gusti teh jadi ngagalunggung.
Saacanna urang dongengkeun gambaran kajadian pupusna SSJ dina riungan wali:
Dina pamadegan yen sakabeh wujud jeung nu maujud dialam dunya teh teu aya deui
iwal ti Allah. Laa maujuda ilallah laa wujudika ilallah...dicobi ku keris
duhung (keris “Kantanaga” kagungan Sunan gunung jati) ..ku kangjeng sunan
kalijaga.
Barang dicobi teh.... eta keris teu teurak...teu tiasa antel antel acan
(kawas ajian batara karang panta/level batu- tingal kaadaman + Batara karang).
---------
Kabiasaan nguji kamampuh patekadan kasampurnaan dina tohid nepikeun ka ayeuna
masih keneh aya.... jeung bakal terus dipake Sabab patekadan / kayakinan teh
kudu kaharti karasa tur bukti.
Lolobana mah nu jauh keneh kana alam tohid sok sarieun mun diajak ngukur
kasampurnaan sabab sieun kabawa paeh. Nu kapikirna teu bisa baralik deui.
Lebareun keneh ku kahirupan dunya.
Padahal cenah ceuk nu geus paeh samemeh paeh...he...he..he.. lamun paeh
(nyawana) nu aya (nyesa) hirup mungkul usik malik pan kongas dina qur’an Allah
nyanggem “nu paeh dijalan Allah sabenerna hirup masih barang hakan barang pake
ngan batur-batur teu apaleun” (tingali paeh samemeh paeh).
-------------
urang tuluykeun deui:
“Enya...enyana mah tapi wujud (af’al) Allah (awak) nu ngajentul ieu mah lamun
ditewek lumrahna kudu teurak....”
Nguping kitu..teras we eta keris teh nanceb...tapi teu bijil getih...biasa wae
teu reg rog
(kawas ajian batara karang panta/level taneuh- tingal kaadaman + Batara karang)
“... lumrahna wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah mun katewek bijil
getih.”
Teras we tina salira SSJ bijil getih tapi bodas...
(kawas ajian batara karang panta/level taneuh/cai (Jannah) - tingal kaadaman +
Batara karang)
“.... lumrahna mun getih tina wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah...
bijilna beureum”
Teras eta getih jadi beureum ngaberebey... bari salirana tetep seger tur teras
sila.
(Tah ngawitan ti dieu SSJ katideresa ku polah nyalira “nyebut Allah kanu
sejen...” rido nu maujudna jadi awak ‘jelema biasa’ nu getihna beureum...sanes
wujud ‘manusa’ af’alna Allah..... bari nuju ditakonan ku si “kantanaga” nu
maunatna teh mun dipake moal bisa dibalikan deui)
“Aeh...naha bet jadi kitu?
...lumrahna mah nu bijil getih terus moal hirup tapi tuluy paeh.”
....Tuluy eta awak-awakan...teh ngagoler.
SSJ nyarios...”sok hayang ditembongkeun naon deui?”
Ditempas “... teu lumrah aya mayit masih keneh nyarita...”
Saharita...SSj..nyarios kieu...”heug atuh kula moal deui cacarita...
ninggalkeun ieu alam...ngan engke sing waspada bakal daratang munding bule....
bakal aya....
bakal aya ...
(nu sabagaian seueur tos kabuktos ieu cariosan SSJ teh)
Saatos nyarios kitu badan SSJ sirna kagentos ku hiji tangkal nu seungit
ngadalingding.
Naha bet kajadiana kitu?? Naon maksudna??
(Urang teraskeun upami pareng)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar