[23/8 15:43] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Kitab Kaopat
Élmu Daya Laduni
Dina hakékat na diajar Élmu Hikmah kacida babarina keur jalma-jalma anu Yakin, Tekun, jeung Ikhlas. Sabab sajeroning diajar Élmu Hikmah kacida dalit kaitanna jeung Élmu Spiritual atawa Élmu Ibayah ka Allah SWT.
Sateu acan urang ngalengkah keur diajar Élmu Hikmah leuwih ti heula urang kukuhkeun Pondasi Élmu Spiritual urang ka Sang Khalik sabab Élmu Hikmah Daya Laduni asalna langsung ti Allah SWT. tur henteu bisa diganggu gugat ku makhlukna. KUN FAYAKUN…..
Firman Allah, anu hartina:
Satemena kaayaan kakawasaanNa lamun Anjeunna miharep aya hiji hal, Anjeuna ngan ngayawuh (hakekat) barang éta: ” Jadi andika! “. Maka manéhnaa terus jadi.
[23/8 15:44] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Baca Surat Ya-Sin ayat 82.
Ngeunaan Élmu Laduni
Yén Makhluk ieu henteu kawasa, tapi Allah anu Maha Kawasa!
Diajar (nungtut élmu) diwajibkeun keur sakumna Muslimin tur Muslimat (hadits).
Tapi Hakikatna élmu datangna ti Allah lian tina Atikan. Kitu deui rezeki datang lian tina gawé urang!
Urang diajar sabab diparéntah Allah tur Sunnah Nabi.
Lamun Allah miharep, jeung urang diajar, Allah maparin élmu
Lamun Allah mikahoyong, jeung urang diajar, tapi Allah henteu maparin élmu
Lamun Allah mikahoyong, tanpa diajar ogé, Allah maparin élmu
Laailaha illallah
Diajar téh makhluq, Allah anu Kawasa.
Kecap laduni dipetik ti ayat Allah anu unina:
“Tur kami geus ngajarkeun ka (Nabi khidhir) ti sisi Kami hiji élmu”. (Al Kahfi: 65)
[23/8 15:46] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Perkara ieu geus dijelaskan ku Sayyidina ‘Ali ra. Nalika anjeunna ngajawab pananyaan balaréa, “naha anjeuna geus meunang élmu khusus atawa wasiat khusus ti Rasulullah saw. Anu ngan dibikeun ka anjeuna tur henteu ka jalma lian?”
Hazrat ‘Ali ra. ngajawab : ”Demi Allah anu geus nyiptakeun sawarga tur jiwa-jiwa, kuring henteu pernah meunang nanaon kajaba élmu anu Allah paparinkeun ka salah saurang keur ngagem Alqur’an!”
Ibnu Abi Dunyarah ngadawuh yén pangaweruh tina Al-quran tur naon-naon anu ditangkep tina Alqu’an sakitu jembarna. Saurang ahli tafsir kudu mikawanoh 15 cabang élmu anu disebutkeun di hareup. Tafsiran jalma anu henteu mahir sajeroning élmu-élmu ieu nyaéta kaasup tafsiran bil-rakyi (tafsir numutkeun pikiran sorangan) anu hal ieu dicaram ku SYARA’. Para sahabat ra. Meunang élmu basa Arab sacara tabii tur élmu-élmu lian maraéhna meunang langsung ti élmu kanabian (nabi SAW).
Nabi SAW ngadawuh: ”Singsaha anu mere fatwa sajeroning masalah agama, tanpa aya élmu maka keur manéhna meunang laknat Allah, malaikat tur manusia sakumna” (HR. Imam suyuti).
Jadi Élmu laduni = Élmu ti Allah asbab hasil amal, sabab Allah geus nuduhkeun cara meunangkeunana ka urang .
[23/8 15:46] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Tatacara Diajar Élmu Laduni
Élmu laduni tur cara/jalan keur meunangkeunana di sajeroning ALQU’AN TUR HADITS :
Sieun Ka Allah
Kitab alhikam, Syaikh Ibnu Athoillah aAasykandary (ka Madrasah Alazhar-asyarif abad 7 hijriah) nyebutkeun nukilan ayat ti Aalqur’anulkarim :
“wataqullaha wayu’alimukumullah” (Qs. Al baqarah ayat 282)
Hartina : “Sieun ka Allah pasti Allah bakal ngawulang manéh “ (Qs. Al Baqarah ayat 282)
Sifat sieun/tunduk/tumut ngan ka Allah, kacida mulyana. Lian deui élmu laduni anu Allah paparinkeun tapi Allah bakal nundeukkeun sakumna makhluq, malahan malaikat ogé bakal khidmad tur satuluyna mantuan (kalayan izin Allah), sakumaha maksud tina hadits nabi SAW :
[23/8 15:47] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Nabi saw ngadawuh: “man khofa minallahi khofahu kulla syai waman khofa ghoirallah khofa min kulli syai”
Hartina : “Singaha anu kasieunna ngan ka Allah maka sakumna bakal takut/tunduk kainyana. Singsaha sieun/tundukna ka salian ti Allah maka sakumna makhluq bakal (jadi asbab) pikasieunan keur inyana"
Paluruh alkisah-alkisah para salafushalih, kumaha pasukan dakwah sahabat milampah jalan saluhureun cai meuntasan walungan Tigris di Irak, pasukan dakwah sahabat anu leumpang meuntasan Laut Merah, Mu’adz bin Jabal ra shalat 2 rakaat maka gunung batu anu baradag beulah dua muka jalan keur manéhna, para sahabat nu kasohor ngupingkeun dzikir barang paéh (roti tur mangkok) .
Abu Dzar Alghifary ra. Ku paréntah khalifah Umar ra., inyana ditugaskeun keur ngasupkeun deui ka jero lahar gunung seuneu anu geus kaluar tina kawahna. Maka kalayan izin Allah, lahar panas kasebut asup deui ka kawah gunung (kasebut hayatushabat).
[23/8 15:47] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Abdullah Atthoyar ra. Bisa hiber kawas malaikat anu boga jangjang, maka nalika ditanya ku Rasulullah, naon anu jadi asbab Allah masihan karomah kasebut, maka anjeuna ngawaler ”kaula ogé teu nyaho, tapi mungkin sabab kaula ti saméméh asup Islam nepi ka ayeuna kaula teu pernah nginum khamr, jst”.
[23/8 15:48] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 2. Ngamalkeun Ému Anu Dipikanyaho
Salahsahiji hadits shohih yebutkeun yén nabi Muhammad saw ngadawuh:
“man ‘amila bimaa ‘alima waratshullahu ‘ilma maa lam ya’lam”
Hartina : Nabi saw. ngadawuh: ”Sing saha anu ngamalkeun elmu anu dipikanyaho ku inyana maka Allah SWT. bakal maparinkeun elmu anu tacan dipikanyahona".
[23/8 15:50] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 3. Heunteu Mikaasih Dunya
‘Alammah Auyuti ra. ngadawuh: “andika nganggap yén élmu mauhub nyaéta di luar kamampuhan jalma. Dina hakékatna henteu kitu,malahan cara keur ngahasilkeun ĩlmu ieu ku ayana sababaraha asbab. Ngaliwatan ieu Allah swt. geus ngajagnjieuan élmu kasebut. Asbab-asbab ieu nyaéta : ngamal keun élmu anu dipikawanoh, henteu mikanyaah dunya tur nu lian-lian….”
Sakumaha kaunggel dina hadits, yén Nabi saw. ngadawuh: “Sing saha anu zuhud kana dunya (henteu cinta dunia), maka bakal dipaparin élmu ku Allah tanpa diaajar” (Fadhilatushaqat).
[23/8 15:50] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 4. Ngado'a
Sagala datang ti Allah, maka Rasulullah maparin conto ka urang supaya terus ngadoa supaya dipaparin élmu tur hidayah ti Allah swt.
Keur nuwuhkeun rasa sieun ka Allah jeung dzikir. Keur nuwuhkeun zuhud ka jeung mujahayah.
Sedengkeun Doa bakal ditarima lamun urang ikhlas. Ku kituna urang kudu diajar tur dibingbing ku guru-guru anu mursyid.
[23/8 15:51] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 5. Dakwah
Lamun urang ngamalkeun dakwah (Amr bil ma’ruf wa nahya ‘anil munkar) atawa ngajak kana kahadéan tur nyegah kamungkaran maka Allah bakal maparin ‘ilm wa hilm (’ilmu tur kalembutan haté) langsung ti qudrat Allah swt.
Sakumaha kaunggel dina hadits qudsi (kurang leuwih maknana) nalika Allah ngadawuhkeun kautamaan umat akhir zaman ka Nabi Isa as., maranéhanana make sarung dina beuteung-beuteungna, lamun maranéhana laleumpang di tanah anu rata maranéhna dzikir “alhamdulillah”, di tanah anu nanjak maranéhna dzikir “allhuakbar”, lamun leumpang di tanah anu mudun maranéhna dzikir “subhanallah” tur maranéhna ngajak kana kahadéan tur nyegah kemungkaran (dakwah), padahal maranéhanana téh bodo (henteu boga élmu) tur kasar (henteu hilm).
Maka Nabi Isa as. naros: “Kumaha maranéhna bakal bisa dakwah padahal maranéhanana téh henteu boga ‘ilm tur hilm (kalembutan haté)?"
Maka Allah ngadawuh: ”Kami sorangan anu bakal mere ilm tur hilm ka maranéhna” (Muntakhob ahadits)
[23/8 15:51] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Élmu laduni nyaéta karunia khusus/khas keur hambaNa, komo keur maranéhanana anu geus ma’rifat. Jalma nu geus ma’rifat bakal meunagkeun sagala-galanaa sabab henteu aya kahayang kadunyaan sajeroning haténa.
Nabi saw. ngadawuh: “man wajayallah wajaya kulla syai, man faqayallah faqaya kulla syai”
Hartina : Singaha wanoh ka Allah maka manéhna bakal meunang sagala-galana. Singsaha anu henteu wanoh ka Allah maka manéhna bakal kaleungitan sagala-galana.”
[23/8 16:09] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: BAB I – Tujuh Jalan Maot
Ari jalan nu rék maot aya Tujuh (7) lalampahan, éta nu tujuh lalampahan aya panghuluna, nyaéta:
1. Baham, nu jadi panghuluna Pangucapan.
Upama urang ngawula kana kahayang ucapan, teu dipikir saméméh pok, engké di mana-mana upama nyawa rék balik, nu jadi lantaranana sok nyeri beuteung jeung seueul-angen. Sabab éta omongan urang nu matak teu ngeunah karasana ku diri batur, jalana kana ceuli/cepil, cicingna dina ati, nu geus ngarasa kateungeunah ti urang téa. Tah nu sarupa kitu, di mana-mana maot datang ka urang.
[23/8 16:10] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 2. Ceuli, nu jadi panghuluna Pangdangu.
Upama urang ngawula kana pangdangu, sagala omongan digugu. Tara kalawan dipikir heula, boh nu goréng boh nu hadé, teu terang salah benerna. Éta nu jadi lantaran maot, panyakitna ngarasa panas. Sabab éta dédéngéan urang upama nampa omongan ti batur sok dilangsungkeun kana ati.
[23/8 16:10] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 3. Irung, nujadi panghluna Pangangseu.
Upama urang ngawula kana pangangseu, naon sagala nu diangseu teu ngahiji jeung angin nu ka luar ka jero. Engké di mana waktuna maot nu jadi lantaran panyakitna ngarasa leuleus, lesu, teu nangan, atawa saperti anu mengi (asma).
[23/8 16:11] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 4 . Panon, nu jadi panghuluna Paningal.
Upama urang ngawula kana paninggal, teu sagawé jeung caangna, di mana engké rék maot sok lila molototna. Sabab beubeunangan paninggal urang léosna kana angen-angen atawa panglamunan. Naon baé nu geus katinggal tur dipikabogoh saméméhna kapimilik, éta panon sok nyileuk baé. Najan tipeuting sok lila peureum, atawa hésé saré.
[23/8 16:11] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 5. Rasa, nu jadi panghuluna Sakijur Awak.
Upama urang ngawula kana pangrasa nu aya di sakujur awak, tur nu dikawulaan téh sabangsaning pakarepan dunya wungkul, teu pati ngarasakeun kana jalan batin. Éta upama rék maot panyakitna sok ngarasa eungap tur beurat, sabab beurat narik rsa-rasa nu geus tumiba kana pancaindera téa.
[23/8 16:12] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 6. Pikir, nu jadi panghuluna Pikiran.
Upama urang ngawula kana pikiran, nyaéta paranti ngumpulkeun pikiran, di dinya mah masing ati-ati, sabab untung-rugi di palebah dinya waktuna. Untung upama nampa “diploma Islam”, cilaka upama nampa nu lian nu jauh jeung cita-cita. Sabab Iman téh hiji pakakas anu kacida pentingna ti sakabeh jinis sipat.
[23/8 16:12] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 7. Jinis.
Lamun urang hayang kabawa ku nu katujuh ieu, nyaeta Pupuhuna ti anu genep téa, poma dina sagala tingkah ulah muhit kana salah sahiji jinis. Kabéh sakur anu HAK mah mungguh dina agama Islam éta anu kudu dikawulaan paréntahna, sarta kudu make angger-angger atawa patokan dina hiji-hijina lalampahan. Sabab anu jadi panghuluna teu napel atawa ngait ka ditu ka dieu; estu merdéka.
[23/8 16:13] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Jadi lamun urang dikersakeun aya milik nepi ka meunang nugraha pakeun ngiring ka dunungan anu kagungan HAK, nyepeng ka-ISLAM-an, éta geus lain darajat deui, péndékna sabéhditueun jalanna Rahmat jeung Iman Tauhid Ma’rifat Islam.
Tah kitu jalan-jalanna nu rék maot téh; mana baé nu dipuhit di antara anu tujuh, éta moal salah deui tangtu éta nu bakal mawa ka urang, lantaran dunya geus nyobat sarta wanoh, tur geus dipikaresep ku urang.
Sabab Allah swt. Nu Kagungan sipat Wahdiyah. Éta sipat anu pasti tur tetep tara obah. Samangsa-mangsa hiji lain dua, dua lain hiji, beureum lain hideung, hideung lain beureum, maot lain hirup, hirup lain maot, kitu saterusna. Lamun urang hoyong terang kana kapastian hukum.
[23/8 16:13] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Perkara nu rék maot kateranganana kieu:
Dzat Daging/Getih, Éta kabéh ngumpul kana dasar Udel.Sanggeus ngumpul di dinya, datang nu ngumpulkeun PANGRASA jeung PIKIRAN, nya ngahijji dina UTEUK, nyaéta di alam WAHDAH.Ti dinya turun kana MANAH, éta sok aya ciri urat beuheung sok tarik waktu turunna.Sanggeus ngahiji tuluy ROH JASMANI diangkat, keur waktu diangkat sok aya ciri kawas anu kabeureuyan.Sanggeus kitu ngalih deui kana PEUJIT, ROH RABANI diangkat.Ti dinya ngalih deui kana BAYAH, ROH HEWANI diangkat. Cirina, keur waktu diangkat roh hewani sing awas ninggalina, sok bijil késang tina irung jeung sok muriding cepilna.Ti dinya teu lila deui terus kana JAJANTUNG, ROH NURONI diangkat. Cirina, pangambungna sok rada bingkeng.Ti dinya terus ngalih kana ATI, ROH IDOPI diangkat. Cirina, panon rada ngelok.Ti dinya ngalih deui kana UTEUK, ROH NABATI diangkat, ieu mah teu aya cirina, kawas geus teu pati nyeri, margi geus caket kana icalna.Ti dinya gancang turun kana ELAK-ELAKAN, ROH KUDUS nu katujuhna. Cirina, cobi cabak dina tenggekna, upama tos teu aya nu ngembut, éta téh geus sampurna. Iman Islamna geus ngahiji nu diangkat jeung nu ngangkat geus ngahiji.
[23/8 16:15] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Ari éta nu geus maot sok aya cicirén saré’atna ka nu mawana:
1. Lamun mayit semu HIDEUNG: éta jalma nu ngawula ka PANGUCAP
2.Lamun mayit semu BEUREUM: éta nu ngawula kana PANGDANGU.
3. Lamun mayit semu KONÉNG: éta nu ngawula kana PANINGAL
4 .Lamun mayit semu BODAS: éta nu ngawula kana PANGANGSEU
5 .Lamun cahayana semu GADING: éta mah anu geus BAGJA téa, muhit kana ka-ISLAM-an.
[23/8 16:17] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Mimita alam na nu sina leungit, nyaréat dina kurungan. Éta mayit ‘ngaleutikan’, mimiti aya alam “Insan Kamil’, saréatna leungit antara tuurna.Geus leungit sahiji alam, nyurup kana alam ‘Misal’. Éta ogé surup deui, leungit deui semet biritna.Alam Misal surup deui kana alam “Ajsam”.Alam Ajsam surup deui kana alam ‘Arwah’. Kurungan nungtutan leungit. Kantun sirah nu masih aya.Alam Arwah surup deui kana alam ‘Wahidiyah’, les teu aya sirah. Di dinya geus euweuh rupa. Ngahiji di palebah udel. Dina akan Wahidiyah ngan tinggal kawas ‘cimani’.Ti dinya surup deui kana alam ‘Wahdah’, kumpul deui kana jero sirah. Ti dinya mah tuluy leungit , ngan kantun cahaya pabeulit, hideung, beureum, konéng, bodas lir ibarat katumbiri.Geus kitu éta cahaya tuluy nyurup deui:
Nu hideung ka nu beureum, nu beureum ka nu konéng, nu konéng ka nu bodas, nu bodas ka nu TUNGGAL, nyaéta jadi hiji CAHAYA NU SAMPURNA, hibar jeung CAHAYA TANDING. Iman Islamna geus ngahiji.
[23/8 16:17] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Ti dinya mah kumaha kersa, lamun tetep di kuburan, ‘karamat’ ngaranna. Lamun euweuh di kuburan ngalih kana amal tadi nyaéta ka ‘Tanah Mekah’. Lantaran asal ti dinya waktu ngadeg bumi-langit katut eusina kabéh, ngaranna Ma’unah.
Ari éta nu sok aya ‘susurupanana’ MU’JIZAT ngaranna, sabab sami ngantos bumi-langit katut jeung sakabéh alam.
Ari nu sok ‘ngaririwaan’, éta mah ruh/nyawa nu néangan jalan pibalikeun, tuluy ngalayang upruk-aprak ka mana menerna. Karesepna di nu suni, di nu bala. Ana manggih nu ngaliwat tuluy éta sukma atawa nyawa gancang nyampeurkeun, maksudna hayang dituduhkeun jalan pakeun balik. Ngan kusabab geus béda alam, nanyakeunana sok ku isyarah. Kitu deui sok aya nu nyurup kana jasad sato héwan, ma’lum nu linglung teu nyaho pijalaneun.
Ayeuna cobi manahan kapan urang jeung sakumna kaayaan asal tina ‘Nur Muhammad’ ayeuna sing bisa balik kana ‘Nur Nu Asal’. Alam ogé tangtu kitu teu béda jeung diri urang. Sababna tadi sabakal papada tina ‘Nur Muhammad'.
[23/8 16:18] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Ari éta nu sok nyiksa, urang ulah kagét. Lantaran Allah swt. kawasa kabina-bina, bakal nibankeun hukum nu pasti, tara géséh ti gawéna. Margi aya dawuhanana dina Al Qur’an anu unggelna kieu:
“Lamun anjeun migawé hiji rupa pagawéan, boh nu hadé boh nu goréng, sanajan sarua jeung sireum, tangtu éta pagawéan anjeun aya wawalesna. Moal géséh ti nu geur diparigawé ku aranjeun. Kapan Kami téh sipatna Wahdaniyah nyaéta pasti, tara gerak, tara robah. Atuh lamun robah mah lain hukum Kami, tapi hukum nu dijalankeun ku umat Kami” (QS 99:7-8).
[23/8 16:18] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Ayeuna ku urang tiasa diemutkeun kantenan pisan. Upami robah-robah tangtu lain pasti, lalamunan atawa coba-coba. Allah swt. lain kitu! Upami nyebat HIJI lain DUA kitu deui sabalikna.
Tah kitu hukum Yang Agung kantun urangna ngémut-ngémut, “di dunya geus melak naon?” Pibekeleun keur balik, boh bisi leuleus di jalan. Naon kabeuki geura prak ti ayeuna. Geura melak kana peujit pakir-miskin. Lantaran éta tampatna pepelakan keur batin. Urus, piara sing hadé, tur teu matak ngarugikeun kana kadaharan keur urang, ieu mah ngan sésémpéran tinimbang jeung mubadir, teu ka ditu teu ka dieu menggah katuangan gaplah, ulah diantep haraseum, anggur pelakkeun deui ka fakir jeung ka miskin, engké tangtu bakal kasampeur jeung ka ala di alam batin.
[23/8 16:19] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: BAB II
Maot Jeung Rukun Islam
Ari rukun Islam téh apanan ukur aya lima-limana sakumaha baheula basa urang keur budak ogé geus dipapatahan, naon waé atuh? nyaéta:
[23/8 16:21] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: molahkeun kurungan nu tangtu aya wawakilna. Nu di jero ogé nya kitu ngawakilkeun deui henteu molah ku manéh, tapi ku ATI nu disebut Muhammadiyah.
Dina badan geus rumaket, gumulung jadi hii, raosna daging jeung tulang, digerakkeun, dipolahkeun nya éta ku ati téa. Geura mangga intip, lamun aya salah sahiji pancaindera anu tuna tangtu anu gerak téh ati. Ari nu nyaré’at nyerep jeung kurungan bagéan Muhammadiyah. Tah di dinya coba raraoskeun gerakna ati ka mana léosna?. Luar-jerona sing sidik, mana nu sok ngarawatna. Masing ngarti ka Allah swt. pisah tunggal sing kaharti. Lamun nyaho kana diri, tangtu nyaho ka Islamna. Upama urang teu ngarti, coba taroskeun ka nu geus kasebat Guru pasualan perjalanan batin.
[23/8 16:21] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: nu Kalima). Éta anu ngarawat pikir nu geus deukeut kana Islam. Ari nu di luar mah yakin, nyaéta nu ngaran ‘caang’ nu ngarawat ka sakabéh. Lamun caang kabéh surup, ati jalma kabeh ngampih, sabab layanna geus surup. Nu di urang tangtu ngumpul ngahiji dina tempatna. Lamun keukeuh nu aya di urang nyaring nepi ka bray beurang tara paciweuh pipikiran, raos teunangan, leuleus. Malah ingetan sok ngurangan, dahar teu pati mirasa sabab teu babarengan.
Cobi ayeuna raraoskeun, mana nu ngarawat pikir urang? Upama nuduh kana panon poé, lapur da lain. Ngaku kana panon urang, éta oge salah, da kudu ka nu caang, margi dina kekecapan ‘caang’ kedah ‘yakin’. Di mana ayana éta anu ngarawatan pkiran urang téh?
[23/8 16:22] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Saenyana mah deukeut, tapi jauh! Sok patepung tapi tara papangih! Reureujeungan tapi teu ngahiji! Ana tepung di nu suwung. Sabab sanajan panon poé pang bisana disawang mangpaatna ari tepung jeung cahaya nu aya dipanon urang. Kitu deui panon urang, bisa diarah gunana upama tepung jeung cahaya panon poé. Da ana teu tepung mah lapur sok poékeun. Bisana digunakeun téh kudu babarengan. Bisa tepung di nu suwung!
Geura ayeuna raraoskeun, upama nu caang di urang jeung cahaya nu aya di alam Kabir henteu babarengan, éta tangtu salah sahiji pancadria atawa pakakas nu aya di urang sok aya robahna, upamana: dina waktu saré , cobi éta nu saré laan calanana, sanajan nepi kana oratna témbong ogé sigana moal ngarasa éra, lantaran teu babarengan jeung layanna. Kitu deui, upama nu caang di urang nyaring, tapi nu aya di alam Kabir surup atawa pareum, éta oge lapur moal beunang digunakeun, sabab teu babarengan jeung caang nu aya di urang.
[23/8 16:22] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Tah nu sok bisa ngampihkeun pikir urang téh nyaéta ku gumulungna nu caang di urang jeung nu caang di alam Kabir: “Bisa tepung di nu suwung!”.
Numatak, urang kudu daék nyaring, nyaéta ngarah milu ka nu caang, napsu tungtut ised-sed sing kabawa ku nu caang, ulah milu ka nu poék. Margi gawéna nu poék sok ngajak salingkuh, ngabohongan kanu caang. Ari gawéna nu salingkuh ngabongohan anu caang, keresepna jeung nu poék. Geura mangga sing kahartos, “Alam padang, poé panjang”.
Ari pihartieunana ‘padang’ nyaéta caang. Ari ‘poé panjang’ nyaéta tanggal ‘opat-welas’. Beurang disambung ku peuting, panon poé surup, diganti ku bulan pada-pada sami caang, jadi caangna panjang, béda ti sasari. Kitu pihartieunana ‘alam padang poé panjang’.
[23/8 16:22] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Di urang sok aya babasan “ngabungbang”, ti peuting sok nyegah saré, nu dimaksud nyaéta, hayang milu ka nu caang, lain aleut-aleutan ka kuburan. Tapi sing nyaho gunana ‘nyaring bari babacaan’ tur geus di ilaharkeun ku ulama.
Dawuhan Allah:

Sundana: Jeung dina sabagéan peuting anjeun kudu shalat tahajud minangka hiji ibadah tambahan keur anjeun; pamuga Pangéran anjeun ngangkat anjeun ka tempat anu pinuji. (QS 17:79)
Jeung éta roh upama rek bijil anu tinangtu nyeri heula, tapi lamun kanyerina dipikanyaho sarta dipikawanoh nepi ka wawuh sugan baé aya hampurana ka urang. Ari tarékahna supaya ulah pohara teuing nyerina, urang kudu wanoh jeung ‘nu sok ngarawat kana pikir’. Hijikeun Imanna jeung Islamna sing dalit jeung gumulung. Dalitna antara angin jeung caang. Éta nu sok narik Roh jeung Sukma, anu caricingna di antara “teu napel jeung itu, teu napel jeung ieu”.
[23/8 16:24] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Jinis Roh:
1. ROH NABATI. Padumukan Iman-Islam, pernahna dina UTEUK. Ieu téh nu jadi panghulu ti antara sakabéh Roh. Ari rukun Islam tara cicing sabab jadi Sukma anu muterkeun “nyaring” jeung “sare”, nu percaya ka Allah swt.
2. ROH JASMANI. Cicingna dina dasar UDEL.
3. ROH IDOPI. Cicingna dina ATI ngahiji jeung paningal.
4. ROH NURANI, pernahna dina JAJANTUNG ngahiji jeung pangangseu
5 .ROH HEWANI, pernahna dina BAYAH, ngahijina jeung pangrungu.
6. ROH RABANI, pernahna dina PEUJIT ngahiji jeung pangucap.
7. ROH KUDUS, cicingna “di antara nu teu napel kana badan”. Damelna pulang-anting ka jero jeung ka luar. Ieu tutunggangan anu Islam, teu ngarasa nyeri-peurih, lantaran teu gumulung tea.
[23/8 16:25] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Pancén Sawatara Roh
[23/8 16:25] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 1. Ari Roh Idopi purah ngumpulkeun ‘ingetan’ dikirimkeun kana UTEUK sina ngumpul jadi hiji jeung pagawéan Islam. Kira-kira ana bijil ‘metu ka martabat soca’, tur kabéh sagala pikir jeung ingetan kumpul di dinya. Ari watekna manusa tara eureun mikabingung, mikiran ayana alam naon nu jadi bakalna, kumaha ngayakeunana. Roh Idopi ogé ngahiji jeung Paningal, paningal nu jadi ‘tungtungna Rasa’. Mun rék usik-malik rawuh jeung pikir sakabéh dina badan nu nyaréat mimitina tina panon, sabab irung mah tara nundutan. Kitu deui éta panon upami pikiran pabeulit masih kénéh paburencay sok tara téréh saré da kedah dilalanyahan heula. Pikiran sina lalindeuk sina turut jadi hiji kana puseurna utusan, kakara bisa sirna.
[23/8 16:26] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 2. Ari Roh Jasmani ngandelna ka Malaikat nu nyangking ‘Pangrasa sakudjur badan’, tapi lamu lawang anu opat nutup ieu roh tara bisa jalan, teu bisaeun usik-malik.
[23/8 16:26] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 3. Roh Nurani percayana kana Al Qur’an, saban ari roh Nurani mah ngahijina jeung pangangseu didingna dina jajantung. Lir ibarat Nabi Angin kaluar-kajero nu jalanna ngalangkungan pangambung, inarat Muhammadiyah. Nu mantak ngandel ka Qur’an, sabab hayangeun kaangken ku Kangjeng Nabi Muhammad saw, sedengkeun nu kagungan Al Qur’an téh Kangjeng Nabi Muhammad saw,
[23/8 16:27] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 4. Ayeuna Roh Hewani anu teu percaya kana poé ahir anu ngahijina jeung pangrungu, sabab kitu sok ngabantah, ari éléhna ngan ku maot. Sabab angkeuhanana ngan hayang unggul di dunya kajeun henteu di ahérat.
[23/8 16:27] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 5. Ari Roh Rabani ngahijina jeung baham atawa pernahna dina peujit. Watekna baham: omong hade, omong goréng, duanana dipilampah. Kitu deui kadaharan nu halal, nu haram, nu makruh, riba nu sok tara karasa, lar-sup asup kana baham, asal nu aya sagala bres. Nu matak sok jadi untung hade goréng kawadahan dina peujit.
[23/8 16:28] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: BAB II - Hakékat Tujuh Lapis Bumi Jeung Langit, Roh Jeung Jasad Manusa
[23/8 16:28] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Dawuhan Allah:
“Allah nu nyiptakeun tujuh langit nya kitu deui bumi” (QS 65: 12)
[23/8 16:29] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Jelas yén Allah midamel tujuh lapis bumi sakumaha ayat di luhur, numutkeun élmu tarékat kieu kaitanana jeung jasad manusa:
[23/8 16:30] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 1. Bumi nu kahiji kanyataanana PEUJIT
2 .Bumi nu kadua kanyatanana BAYAH
3 .Bumi nu katilu kanyataanana JAJANTUNG.
4. Bumi nu kaopat kanyataanana ATI
5 .Bumi nu kalmia kanyataanana HAMPERU6. Bumi nu kagenep kanyataanana UTEUK
7 .Bumi nu katujuh kanyataanana ELAK-ELAKAN.
[23/8 16:31] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Supaya dipikaharti ayeuna sugan cocog jeung engkéna. Sabab engké dina waktu maot 'nu boga imah’ meureun ngumpul jeung Roh Anu Genep. Anginna tangtu nutup, ngaranna sampurna.
[23/8 16:31] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Ayeuna guaran tujuh lapis langit sing jadi misil ka diri ibaratkeun jeung salira.
[23/8 16:33] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 1. Langit nu kahiji nu panghandapna, Roh Rabani anu ngancikna dina baham, mun urang muhit pangucap tangtu di dinya cicingna
2 .Langit nu kadua Roh Hewani, ngahijina jeung pangrungu, mun urang muhit ka dinya nya di dinya ayana
3 .Langit nu katilu, Roh Nurani ngahijina jeung pangangseu, mun urang muhit kadinya nya di dinya ayana.
4. Langit nu kaopat Roh Idopi nu ngahijina jeung paningal, mun urang muhit kana titingalian nya di dinya cicingna.
5. Langit nu kalima Roh Jasmani, nu nyicinganana ‘mabur’, rasana daging jeung tulang, eta tempat nu ‘rajin’ saparo santri. Maksudna rajin saparo santri, rajin ngaji bab agama, nyaritakeun batal jeung haram, ngabahas bab zakat jeung fitrah, tapi sok salingkuh. Ari cumarita dalil jeung hadist di tambah rajin muji jeung dzikir tapi tutuluyanan kana ngupat, nyaritakeun awak batur. Ari diri pribadi teu dipikir. Mangkana sasaran sing apik! Tanwandé di urang aya nu goréng di awak batur. Upami urang muhit kanu kitu nya tangtu merenahna di dinya
6 .Langit kagenep Roh Nabati tempat ‘mandorna’. Upama muhit ka dinya geus tangtu cicing di dinya. Ieu tempat keur calik nu daékan, daék shalat, daék ngaji, daék éléh, daék nulung, daék mapatahan nu can ngarti jsb. Tah ieu nu disebut babasan ‘silih asih, silih asuh, silih asah, silih caangan’ (SILIH WANGI!)
7 .Langit katujuh ngaranna Roh Kudus nu sok pulang-anting ka luar ka jero. Cicingna dina tutunggangan Islam, cicing di Langit Katujuh.
[23/8 16:34] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Tapi kadé sing waspada, lain daek ngaji wungkul ngorolang apal cangkem, capétang pilih tanding, ari ditanya hartina LAPUR teu pati bisa nerangkeun, kalah ka tuluy gegelendeng malik pusing ka nu nanya. Majarkeun téh jalma comél, make ngudak harti sagala. Teu perlu diladénan, nu ngaji hukum-hukuman naon pigunaeunana, ku élmu syara oge cukup. Éta nu pasti syara téh langkung lengkep, tapi lamun teu ngariung jeung nu di luar ku pangémut acan tangtu bisa cukup ku sajalanm sabab élmu syara téh disebutna Pangaturan.
Tarékat jalan Pangaturan, Hakékat anu menerkeun kana lalampahan syara, Ma’ripat anu mukakeun, nyaangan kana jalan syara atawa ngaji.
[23/8 16:35] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Kitu anu kaémut, kedahna sadayana pacantél-cantél, ieu disebutna TASALSUL dina basa Arab mah. Aya babasan kieu:
Élmu pakeun nganyahokeun.
Hakékat tukang menerkeun.
Akal tukang misah-misah.
Supaya ulah pacorok nu salah jeung nu bener, nu lain jeung nu enya, sapantesna, samistina, supaya ulah pahili tumerapna hukum-hukum.
Sabab lamun hukum geus salah, kaliru menerkeun éta sok papanjangan, jadi cék-sok papaduan. Lain hukum anu salah atawa hukum teu pasti, tapi nu metakeun hukum lolobana teu ngarti. Ibarat hiji pakarang, najan alus sarta seukeut upama salah makéna tangtu taya gunana. Ibarat metakeun bedog dipake nyacaran jukut, cobi mangga emutan, kumaha tapak-tapakna?
Sumawona dina hukum upama salah metakeun moal béda jeung pakakas tadi.
[25/8 00:18] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Sanghyang Borosngora katelah Prabu Jampang Manggung. Ngaran aslina nyaéta Pangeran Sanghyang Borosngora, anjeunna mangrupikeun putra kadua ti Adipati Singacala (Panjalu) anu namina Prabu Cakradewa. Prabu Cakradewa nyalira mangrupikeun putra Dilarang Sedeng, sedengkeun Dilarang mangrupikeun putra Ratu Prapa Selawati. Sanghyang Borosngora nyaéta putra Prabu Cakradewa ti permaisuri anu namina Ratu Sari Permanadewi. Ratu Sari Permanadewi mangrupikeun putra ka genep ti Adipati Wanaperi Sang Aria Kikis, janten Sanghyang Borosngora mangrupakeun lanceuk misan Dalem Cikundul. Sanghyang Borosngora ngagaduhan opat sadérék sareng dina yuswa 14 anjeunna diparéntah ku ramana pikeun ziarah ka bumi suci Mekah. Dina bulan Safar 1101 H Sanghyang Borosngora angkat ka Mekah anu nyandak 6 taun. Saatos balik ti tanah suci, Sanghyang Borosngora dijujut Syéh Haji Sampulur Sauma Dipa Ulama. Anjog ka kampung halamanna di Karajaan Singacala, ramana tétéla maot. Borosngora teras maksadkeun ngalirkeun ilmuna sareng nyebarkeun ajaran agama Islam ka masarakat Pajajaran Girang sareng Pajajaran Tengah, kusabab éta Borosngora ngumbara ka kampung Sancang sareng bumi Jampang.
[25/8 00:20] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Dina hitungan windu anu munggaran, Sanghyang Borosngora nganjang ka bumi karuhunna di Gunung Sawal Quarantine, Nagari Sancang, Parakan Tilu, Kandangwesi, Gunung Wayang, Gunung Kendan (Galuh Wiwitan), Dayeuhkolot (Sagalaherang), Nagari Wanayasa Razamantri, Bayabang (rapat Kyai Nagasasra), Paringgalaya (ayeuna dilelepkeun ku Waduk Jatiluhur) teras deui ka Gunung Wayang. Dina windu anu kadua anjeunna angkat ka Jampang Wetan, Gunung Patuha, Gunung Pucung Pugur, Pasir Bentang, Gunung Masigit, Pager Ruyung, Pagelarang, Jampang Tengah, Curug Supit, Cihonje, Teluk Ratu, Gunung Sunda, Cipanegah, Cicatih teras ngadatangan Salaka Domas di Sela Kancana, Cipanengah, Cimandiri. Windu Sanghyang Borosngora anu katilu angkat ka Jampang Tengah ngadegkeun padepokan di Walungan Cikaso Luhur, Taman Mayang Sari (Kuta Jero), Jampang Kulon. Di tempat ieu anjeunna katelah Haji Soleh sareng Haji Mulya. Saatos éta anjeunna angkat deui ka Cipanengah, Gunung Rompang, di tempat ieu anjeunna katelah Syéh Haji Dalem Sepuh.
[25/8 00:21] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Sanghyang Borosngora nikah ka budak awéwé yatim piatu, putu angkat Kanjeng Kiai Cinta Linuwih di Gunung Wayang. Budak yatim ieu mangrupikeun turunan langsung ti Senapati Amuk Murugul Sura Wijaya, Mantri Agung Mareja, wawakil Sri Maharaja Pajajaran kanggo wilayah Girang sareng Pusat Cirebon. Dina windu katilu, anjeunna ngagaduhan dua putra, nyaéta Hariang Sancang Kuning sareng Pangeran Hariang Kancana. Sanghyang Borosngora hirup sepuh pisan, anjeunna pupus saatos sumping ti Gunung Rompang sareng dikubur dimana-mana di sisi walungan Cileuleuy, Désa Langkob, Désa Ciambar, Kacamatan Nagrak, Sukabumi. Putrana anu payun, Hariang Sancang Kuning, ngalacak perjalanan bapakna ka Pajajaran Girang sareng Tengah, teras ka Singacala (Panjalu). Anjeunna pupus sareng dimakamkeun di Cibungur, beulah kidul Panjalu. Salah sahiji turunanana anu kawéntar nyaéta Raden Alit atanapi Haji Prawata Sari anu pengkuh ngalawan penjajah Walanda. Anjeunna katelah salaku pemberontak anu ditakuti pisan anu dijulukan "Karaman Jawa". Samentawis éta, lanceukna Sancang Kuning, Pangeran Hariang Kancana, janten Patih Singacala teras ngalih ka Panjalu, saatos pupusna anjeunna dikubur di Giri Wanakusumah, Situ Panjalu.
[25/8 00:22] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Rapat raja-raja di Gunung Rompang Dina hiji waktos sababaraha raja sareng patih ti urut wilayah Pajajaran Tengah sareng Pajajaran girang ngaliput Cianjur, Sukabumi sareng daérah sakitarna kumpul di puncak gunung anu biasana dijantenkeun lokasi patempatan ku raja sareng patih, nyaéta Gunung Rompang (dina basa Sunda istilah rompang nunjukkeun kaayaan pedang, parang atanapi péso anu parantos retak dikepak kusabab seueur teuing). Éta dingaranan Gunung Rompang kusabab dina akhir ngadegna karajaan Sunda Pajajaran saatos ngalangkungan 50 taun perang, senjata prajurit Pajajaran parantos janten rompang sabab biasa perang terus-terusan. Lokasi ieu ogé katelah "Karamat Pasamoan", sedengkeun inohong anu aya dina rapat éta nyaéta:
[25/8 00:23] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Syéh Dalem Haji Sepuh Sang Prabu Jampang Manggung anu asalna ti bumi Singacala (Panjalu) bawahan ka Galuh, di bumi Pajampangan anjeunna dikenal ku sababaraha rupa julukan, nyaéta salaku Syéh Haji Haji Mulya, Syéh Haji Sholeh, sareng Syéh Aulia Mantili. * Kanjeng Aria Wira Tanu Cikundul atanapi Pangeran Jaya Lalana, ngagaduhan gelar Raden Ngabehi Jaya Sasana, Pangeran Panji Nata Kusumah. * Raden Sanghyang Panaitan atanapi Raden Widaya nyepeng gelar Pangeran Rangga Sinom dina Sedeng, Kanjeng Adipati Sukawayana. * Raden Adipati Lumaju Gede Nyilih Nagara di Cimapag. * Kanjeng Kyai Aria Wangsa Merta ti Tarekolot, Cikartanagara. * Kanjeng Dalem Nala Merta ti Cipamingkis. * Pangeran Hyang Jaya Loka ti Cidamar. * Pangeran Hyang Jatuna ti Kadipaten Kandang Wesi. * Pangeran Hyang Krutu Wana ti Parakan Tiga. * Pangeran Hyang Manda Agung ti Sancang.
[25/8 00:25] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Tujuan rapat raja-raja ieu nyaéta ngabahas kahoyong raja sareng patih pikeun ngawangun kerjasama anu langkung caket, utamina dina upaya nyegah serangan musuh ti luar. Pikeun éta urang peryogi pamimpin anu kuat, pamimpin anu nyepeng gagang, anu disebat Raja Pakem (Raja gagang). Prabu Jampang Manggung ngusulkeun supaya Aria Wira Tanu Dalem Cikundul diangkat janten Raja Panangan, sareng proposal ieu ditampi ku sadaya inohong anu aya. Akhirna, saatos ngalaksanakeun Sholat Jum'ah anu pas sareng bulan purnama Rabiul Awal 1076 H atanapi 2 Séptémber 1655, nagara Cianjur diadegkeun anu mangrupikeun nagara anu mandiri sareng daulat, henteu tunduk kana Perusahaan, Mataram atanapi Banten, ngan ukur tunduk ka Allah SWT. Nagara ieu dipimpin ku Aria Wira Tanu, Dalem Cikundul salaku Raja Panangan
[25/8 00:27] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Panji Barani diangkat janten Patih Panjalu. Dina Babad Panjalu, tokoh Prabu Sanghyang Borosngora katelah salaku panyebarkeun agama Islam sareng Raja Panjalu anu munggaran anu nganut agama Islam, barang pusaka na masih disimpen di Pasucian Bumi Alit sareng dipahat unggal bulan Maulud saatos disucikeun heula di runtuyan prosesi acara tradisional Nyangku. Sanghyang Borosngora ngagaduhan dua putra, nyaéta: * Sumanget Konéng, sareng * Rahyang Kancana. Prabu Sanghyang Borosngora ogé dibarengan ku Guru Aji Kampuhjaya sareng Bunisakti, dua ulama karajaan anu ogé senapatis sparring.
[25/8 00:28] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Titinggal Prabu Sanghyang Borosngora aya di Jampang Manggung (Sukabumi), sedengkeun titinggal Sanghyang Panji Barani aya di Cibarani (Banten).
[25/8 00:30] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Sanghyang Borosngora sareng Hyang Bunisora Suradipati Hyang Bunisora Suradipati mangrupikeun lanceuk ti Maharaja Sunda anu namina Maharaja Linggabuana. Maharaja katelah Prabu Wangi anu pupus salaku pahlawan di istana Bubat ngalawan tentara Majapahit taun 1357. Nalika kajadian anu matak nganyenyeri ieu putrana, Niskala Wastu Kancana, yuswa 9 taun, pikeun éta Hyang Bunisora ngajabat salaku Mangkubumi Suradipati ngalambangkeun kaponakan lalaki na dina tahta Kawali. Hyang Bunisora ogé katelah Prabu Kuda Lelean sareng Batara Guru di Jampang kusabab tapa atanapi bijak di Jampang (Sukabumi). Nami Hyang Bunisora anu sami sareng Sanghyang Borosngora sareng gelar na salaku Batara Guru di Jampang nunjukkeun hubungan antara dua tokoh ieu, sanaos henteu pasti naha dua tokoh ieu jalma anu sami. Upami tétéla yén dua tokoh ieu jalma anu sami, pastina bakal muka salah sahiji halaman disumputkeun Sejarah Sunda.
[25/8 00:31] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Hyang Bunisora atanapi Mangkubumi Suradipati nikah ka Dewi Laksmiwati sareng ngagaduhan 4 (opat) anak (Djadja Sukardja, 2007): * Giri Dewata (Gedeng Kasmaya) di Cirebon Girang nikah ka Ratna Kirana, puteri Ratu Cirebon Girang, di lamping Gunung Ciremai. * Bratalegawa (Haji baharudin / Haji Purwa) nikah ka puteri Gujarat. * Ratu Banawati. * Ratu Mayangsari anu nikah ka Niskala Wastu Kancana. Hyang Bunisora dikabarkan dikubur di Geger Omas, diperkirakeun tempatna Geger Omas ayeuna nyaéta Désa Ciomas (Panjalu Ciamis), di kampung éta aya situs kuburan anu dikenal salaku makam Dalem Penghulu Gusti sareng Dalem Mangkubumi
[25/8 00:32] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Sanghyang Borosngora sareng paduka Ali RA Legenda pertemuan antara Sanghyang Borosngora sareng Sultan Ali R.A. ieu masih kontroversial nunjukkeun yén dua di antara aranjeunna hirup dina waktos anu béda. Sayidina Ali hirup dina abad ka-7 Masehi (dina taun 600an) sedengkeun dina waktos éta Karajaan Tarumanagara nangtung di tengah-tengah Sunda Tatar sareng nami Panjalu teu acan disebatkeun dina sajarah. Ngaran Panjalu (Kabuyutan Sawal) mimiti disebatkeun nalika Sanjaya (723-732) badé ngarebut Galuh tina panangan Purbasora, dina waktos éta Sanjaya nampi bantosan pasukan khusus ti Rabuyut Sawal (Panjalu) anu sobat ti ramana , Sena (709-716). Samentawis éta, upami dilacak ngalangkungan catetan silsilah Panjalu ka turunanana ayeuna, maka Sanghyang Borosngora diperkirakeun hirup di taun 1400 atanapi sahenteuna sahenteuna sajaman sareng Sunan Gunung Jati Cirebon (1448-1568). Nanging, buktina souvenir ti Sayidina Ali R.A. dina bentuk pedang, iteuk sareng baju ageung masih tiasa ditingali sareng disimpen di Pasucian Bumi Alit. Dilaporkeun, pedang anu dipasihkeun ku Sultan Ali diulik ku para ahli sareng hasilna nunjukkeun yén eusi logam sareng beusi anu ngawangun pedang sanés asalna tina jinis bahan ngadamel senjata anu biasa dianggo ku tuan sareng panday di Nusantara.
[25/8 00:34] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Sanghyang Borosngora, Walangsungsang sareng Kian Santang Carita Sanghyang Borosngora asup Islam jadi Sayidina Ali R.A. ieu sami sareng carita Kian Santang. Kian Santang mangrupikeun putra ti Prabu Siliwangi ti istrina anu kadua namina Nyai Subang Larang binti Ki Gedeng Tapa anu Islam. Tina pamajikan anu kadua, Prabu Siliwangi gaduh tilu putra sareng putri, nyaéta Wadirectsang (Pangeran Cakrabuana), Nyai Rara Santang, sareng Kian Santang (Raja Sangara). Wadirectsang sareng Rara Santang diajar agama Islam ti Pasai, Mekah, dugi ka Mesir; malah Rara Santang teras dikawin ku penguasa Mesir Syarif Abdullah atanapi Sultan Maulana Mahmud sareng putra Syarif Hidayatullah (Sunan Gunung Jati). Saatos ziarah Pangeran Cakrabuana ngagentos nami janten Syekh Abdullah Iman, sedengkeun Rara Santang saatos nikah ngagentos nami janten Syarifah Mudaim.
[25/8 00:35] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Samentawis éta, kontras sareng dua lanceuk na; Kian Santang dicarioskeun nganut agama Islam saatos pendak sareng Sultan Ali teras wangsul ka tanah airna pikeun nganteurkeun simbol-simbol Islam ka ramana: Prabu Siliwangi. Raja Siliwangi anu henteu daék nganut agama Islam maka ngaleungit sareng sadaya pengikutna di Leuweung Sancang (leuweung Sancang di daérah Garut ayeuna). Kian Santang, anu ogé ngagentos nami janten Syekh Mansyur, neraskeun syiar Islamna sareng teras dikenal salaku Sunan Rahmat Suci atanapi Sunan Godog anu petilasan na aya di garut.

[7/9 05:23] aji rasha: ILMU SUNDA PADJADJARAN SILOKA BUHUN
[7/9 05:25] aji rasha: Kanjeng Eyang Prabu Kian Santang (Sunan Rahmat r.a.), masihan peupeujeuh elmu ka katurunan sareng murid-muridna, anu dugi ka waktos ayeuna di cekel deleg ku sim kuring, iyeu elmu turun ruruntuyan ti luhur naretes ka handap, nepi ka sim kuring, kukituna inyana murid-murid sim kuring kudu apal, sa-acan latihan jurus, aya konci dadasar elmu mangrupi Siloka Buhun, ti keresana Eyang Prabu Kian Santang, salian ti murid-murid sim kuring, para pendekar jeung paguron oge masyarakat umum tiasa nalungtik siloka buhun ieu, keur nambah kuat jeung nyampurnakeun elmu masing-masing, mudah-mudahan Barokah, utamina dinu raraga ningkatkeun kakuatan raga
[7/9 05:26] aji rasha: Bismillahirrahmanirrahim
Sembah sujud kanu Maha Agung Allah Swt, jembarna Sholawat sareng salam kanggo kanjeng Nabi Rasullullullah Muhammad saw.
Di buka ku ucap Sampurasun, anu ngandung harti Sampurna Raga Ning Ingsun, cindekna panceg kokoh tapa ngabatara karang, dina elmu Kula sorangan, nyaeta elmu Kujang Campuh Gagak Lumayung, elmu Kanuragan Padjadjaran nu geus disampurna sucikeun Ku Tauhid, Iman rejeung Islam.
Sing inget katurunan jeung murid Kula sakabeh, elmu luhung Kula keur kasampurnaan hirup arandika sorangan.
Sangges Kula jadi Raja, euweuh UGA, kulantaran UGA geus ngabuah sampurna jadi ISLAM anapon ucap Kula ngan saukur SILOKA, nalika cunduk waktu ninggang mangsa, Kula tilar ti alam dunya, maot ngarana, SILOKA ucap Kula, bakal katelah SILIB atawa panjangna SILOKA BUHUN.
[7/9 05:27] aji rasha: SILIB Kula ngan dua bab-baban, Bab-baban Kanuragan rejeng Bab-baban Kakawasaan.
[7/9 05:30] aji rasha: Ieu SILOKA bab-baban Kanuragan, coba regepkeun kanu pikiran jeung ati sanubari arandika.
Euweuh kanuragan tanpa kuda-kuda, lelengkahna sing apal, arandika kudu nempo jeung maca Jalan hirup para Rosul, para Nabi jeung para Wali, anu ngagurat dina Kitab Suci Al-Qur’an, kitab suci akhirul zaman anu geus sampurna ngawengkuh Zabur, Taurat, Injil, Weda, Tripitaka jeung sakabeh kitab suci nu pernah aya di iyeu dunya.
[7/9 05:30] aji rasha: Poma sing inget !
Euweuh nu bisa maca kitab (ayat Kauliyah) sa-acan bisa maca alam (ayat Kauniyah)
Eweuh buah sa-acan aya amal
Euweuh Amal sa-acan aya Ka-ikhlasan
Euweuh Ka-ikhlasan sa-acan aya elmu
Euweuh Elmu sa-acan Kuat pangacian
[7/9 05:31] aji rasha: Inyana, kuat pangacian anu narik maheutkeun elmu, sing inget manusa asalna lemah hinadina ngan tina leuleueur Acimani sakeclak.
Kakuatan manusa ngan boga pangacian, narik ngelem ngaraketkeun elmu
Kusabab kitu sing inget modal hirup anu utama, entong nepi kabur pangacian, tapi kudu bisa ngumpulkeun pangacian, jeung nguatkeun pangacian
Euweuh kuat pangacian sa-acan apal hawa murni waktu janari subuh
Inyana kuat pangacian, hate tenang jeung kuat sumanget hirup, bakal ngudag kadigjayaan hirup jeung huripna
[7/9 05:32] aji rasha: Modal elmu pangacian, keur ngudag elmu-elmu luhung, coba regepkeun lamun hayang hirup jeung huripna.
Euweuh Hirup jeung Huripna, sa-acan apal elmu nafas kuat teuleum teu ambekan, elmu tanaga dalem Nabi Yunus a.s., watekna awak sehat kuat raga digjaya, tong waka ngalawan kuman, cacing, tetelo, panyakit, Nabi Yunus a.s nepi ka kuat hirup di jero beuteung lauk Paus Hiu.
Euweuh Saepi Angin (lari cepat) sa-acan kuat Ngagidig (jalan cepat) jeung Nyigcrig (jogging) ti pasir ka pasir elmu Nabi Sulaeman a.s
Euweuh Napak Sancang, sa-acan kuat ngojay jeung teuleumna ti pulo ka pulo elmu Nabi Hidir a.s
Euweuh Semu Gunting, sa-acan apal hawa seuneu dinu jero dada, elmu Nabi Musa a.s
Euweuh Halimunan, sa-acan bisa nyumput buni dinu ca’ang elmu Nabi Isa a.s
Euweuh Batara Karang, sa-acan bisa kokoh panceg dina pamadegan, elmu Nabi Yusuf a.s rejeng Nabi Daud a.s
[7/9 05:32] aji rasha: Euweuh Napak Mega, sa-acan apal hakekat Jasmani jeung Ruhani, elmu Nabi Adam a.s.
Euweuh Ogan Lopian, sa-acan apal tilu patokan maca ngimpina Nabi Yusuf a.s, ngimpi jasadi sarangka ruhani, ngimpi bunga rampe pikiran jeung ngimpi gho’ib sa-acan kajadian.
Euweuh Saciduh Metu Saucap Nyata, sa-acan Sabar Sampurna, elmu Nabi Yaqub a.s jeung Nabi Ayub a.s
Euweuh Kasolehan sa-acan bisa mere maweh ka sasama sok komo keur loba pakaya. elmu ikhlash sholeh-na Nabi Ismail a.s., anjeuna salian ti mere maweh pakaya harta ka sasama tepikeun ka ikhlash mere mikeun beuheung teukteukeun ka Ramana, Nabi Ibrahim a.s.
[7/9 05:33] aji rasha: Euweuh umur panjang, sa-acan awak leuleus (lentur) kawas oray
Euweuh awak leleus kawas oray sa-acan bisa tapa (jurus2) Mahdi elmu Nabi Nuh a.s dicatet ku Al-Qur’an
atawa katelah Mritya dinu Weda. Watekna awak sehat kuat raga digjaya, panjang umur persis oray, Nabi Nuh a.s nepi ka bisa hirup salaksa (1000) kurang lima puluh taun. Tong waka nyinghareupan bencana kuman, tetelo, cacing, panyakit, nepi ka banjir salaput gunung, apal samemeh kajadian disinghareupan ku nyieun parahu gede bisa nyalametkeun diri jeung umatna.
[7/9 05:34] aji rasha: Euweuh tapa (latihan) Mahdi sa-acan wani peurih, keur jadi peurah dinu salawe (25) nepi ka sawastu (100) jurus Mahdi. Kula mere ngaran jurus Mahdi, hartina nyampurnakeun (jurus2) Yoga Hindu, ku Tauhid, Iman rejeung Islam. Ngaran Mahdi di cokot tina Hadis Nabi, panempo Kula Imam Mahdi lain wujud makhluk, tapi Siloka Kasampurnaan jeung kakuatan hirup make agama rejeung elmuna para nabi, anu bisa numpur ludeskeun Dajal mangrupa-rupa kajahatan aheng di akhir zaman.
[7/9 05:34] aji rasha: Tatapak latihan Kula bakal katelah batu ceper curug Mahdi. Lantaran sanggeus latihan Kula suka mandi jeung adzan di sahandapeun curug.
Euweuh Salawe nepi Ka sawastu jurus Mahdi sa-acan Solat Khusu anu jadi Pedang Rosul.
Sanggeus Kula abus Islam, euweuh Tapa tanpa Solat, tatapa Mahdi di tutup ku Solat Khusu, atawa sabalikna Solat Khusu di tutup ku tatapa Mahdi
[7/9 05:40] aji rasha: Euweuh Solat Khusu anu jadi Pedang Rosul, sa-acan apal Sarangkana nempat matuh dinu Sholat Witir waktu Tahajjud
Euweuh Solat Khusu (Pedang Rosul) sa-acan shalat munfarid (nyalira) tu’maninah.
Euweuh Perang Jihad Fii Sabillillah, sa-acan boga Pedang, Baju Kancra Wesi jeung Tameng Waja.
Saestuna Jihad Fii Sabillillah nyampurnakeun Iman rejeung Islam
[7/9 05:41] aji rasha: Inyana kudu apal saestuna Sholat Khusu teh, Pedangna Rosul. Ari sampurnana Silat, nya iwal ti Sholat Khusu anu dirangkai ku Jurus, anu kasebut pedang Rosul, pon kitu deui Kancra Rosul jeung Tameng Rosul, nyaeta kakuatan jurus-jurus anu ngawujud hirup tina Kakhusuan Solat atawa Pedang Rosul.
Euweuh Sholat Jama’ah duapuluh tujuh darajat, sa-acan apal Sholat Munfarid Tu’maninah, Inyana kudu apal watekna Sholat Jama’ah, keur Pangajak Sholat, Pangajaran Sholat, Pangamalan Sholat jeung Pangiket Silaturahmi, ari watekna sholat munfarid keur ka-khusuan, nu matak Nabi saw., Sholat Taraweh Tahajudna munfarid, sabelas raka-at khusus bil khusus keur ka-khusuan.
Euweuh peurih keur jadi peurah, sa-acan puasa senen kemis, terus ka puasa Daud, terus ka puasa nga-wali naktu mana salwa-na nabi Musa, mutih, mucuk, ngabeuti, ngalong, ngamacan, terus ka elmu mati geni sora Nabi Zakaria tilu dinten, tilu wengi, terus ka puasa opat puluh poe Nabi Ibrahim, Nabi Musa di gunung Tursina jeung Nabi Muhammad saw. di gua Hiro, akhirna paling luhung puasa genep taun Nabi Zulkipli atawa Katelah Budha dinu Tripitaka.
[7/9 05:41] aji rasha: Euweuh Kani’matan hirup sa-acan awak digjaya sehat jagjag waringkas
Euweuh Kadigjayaan, sa-acan olah (latihan) kanuragan
Euweuh kanuragan sa-acan kuat salaksa (1000) jurus Kembang (gwa-kang) jeung Eusina (sin-kang/ORPAS BTD)
Euweuh kuat eusi sa-acan apal Nafas Kuda, Nafas Ajag, Salapan jurus Nafas Kahanan, jeung Nafas Payung Suci.
Euweuh tanaga dalem sa-acan apal ngolah eusi ku jurus-jurus, apal jurus Pedang Rosul, Kancra Rosul, Tameng Rosul, Apal Jurus Mahdi jadi Manik Dharma Langitan (Mandala), apal sapuluh Jurus Payung Nabi, apal sapuluh Jurus Badar Petir jadi Guntur Dharma Langitan (Gundala), jeung apal jurus Syah Bandar saestuna jurus-jurus campuran tina sakabeh jurus nu aya.
[7/9 05:42] aji rasha: Euweuh Mandala jeung Gundala, sa-acan apal elmu Sapatemon Kama Sutra Nabi Daud a.s, ahengna Nabi Daud a.s, Raja Adil anu boga bojo jumlahna sawastu, sabalikna ti kitu kuatna bakal leuwih kuat ti elmu Sapatemon Nabi Daud a.s, moal aya dua kuatna di kolong dunya, lian ti elmu Nabi Isa a.s., Teu Sapatemon, Teu Ngalamun jeung Teu gaduh Bojo. Nabi Isa a.s ngan wungkul kawin bidadari dinu ngimpi kulem suci. Kakuatan elmu Nabi Isa a s, nepi ka dikabul ku Allah Swt., do’a muzizatna, anu lolong bisa jadi beunta, anu maot bisa hirup deui. Gulangkepna elmu sapatemon di pungkas ku elmu Nabi Yusuf a.s, anu nolak ajakan zinah, Siti Zulaeha, isteri anu geulis seungit kacida. Keur ummat Islam sakabeh, elmu sapatemon disampurnakeun ku elmuna kanjeng Nabi Muhammad saw., anu di amalkeun ku Sayidina Ali r.a murid kakasihna Nabi saw, tangtuna leuwih kuat ti Abu Bakar r.a, Umar r.a jeung Usman r.a. Sayidina Ali r.a Al-Karamallahu Wajhah ( Wajah anu aya Sinar Allah ), bisa naekan elmu dinu sapatemon nepi ka kuat teu nempo laranganana, sok komo nempo larangan istrina.
[7/9 05:42] aji rasha: ALLAHU AKBAR
[7/9 05:43] aji rasha: Euweuh pangabisa sa-acan boga Guru
Guru Kula, Sirah Citarum Kuat teuleum teu ambekan
Unggal poe Kula latihan
Tepi ka jibrug ngoprot ngesang
Latihan Kula, di Rancabuaya, bisa mebekkeun sungut buaya, hiji totonde yen diri Kula moal eleh kunu rea carita.
[7/9 05:43] aji rasha: Guru Islam kula para wali, satimbangan tikitu para wali, guguru silat ka diri kula
[7/9 05:44] aji rasha: Tah ieu anu di sebut silat sampurna, inyana kudu apal Kujang Campuh Gagak Lumayung
Ari Kujang teh, hartina Kudu jang ngariksa diri
[7/9 05:44] aji rasha: Euweuh Syahadat jeung Sholat sa-acan aya Islam Ajaran ti Kanjeng Nabi Muhammad saw.
Islam nu nanjeurkeun Tauhid, mupus Pamusyrikan jeung Pamunafekan, oge Islam anu nyampurnakeun elmu-elmu suci nu geus aya jeung nu bakal aya di alam dunya
[7/9 05:45] aji rasha: Euweuh rupa silat sa-acan apal solat.
Silat jeung Solatna bakal jadi seukeut kawas Silet
[7/9 05:45] aji rasha: Solat anu utama tujuh waktu, wajibna lima, kuatna dua, Dhuha jeung Tahajjud
[7/9 05:46] aji rasha: euweuh elmu Solat sa-acan elmu Syahadat
euweuh elmu Syahadat, sa-acan apal purwadaksi anu di agem ku Kanjeng Nabi, Rasullullah Muhammad saw, inti sarina, kasadaran diri ku ayana nafas rejeng nu nyieun nafas, saha deui ? salian nu Murbeng Alam, Sang Maha Mulya, Allah Swt.
[7/9 05:47] aji rasha: Eta saestuna elmu Kasampurnaan hirup jeung huripna, elmu Maut Qabla maut, konci syurga firdaus ngarana.
Laa ilaha illallah, Subhanallah, Alhamdullillah, Allahu Akbar, Laa Hawla wala Quwwata illa bilahil aliyil adzim
[7/9 05:48] aji rasha: Poma kudu diregepkeun ku Katurunan jeung murid Kula sakabeh, keur kakuatan Silat Kujang Campuh Gagak Lumayung
Sakali deui sing inget, Ari Kujang teh hartina Kudu Jang Ngariksa diri
euweuh cara ngariksa diri sa-acan make Kitab Al-Qur’an, sahingga diri bisa campuh kuat taya bandingna, boga Cakar Gagak Lumayung, oge boga Cakar Maung Lodaya, dua sato kanya’ah Kian Santang jeung Rama Prabu Siliwangi
Eta sanjata Padjadjaran anu ku Kula di Cekel deleg, kuat euweuh bandingna di sawatara jagat Nusantara, pon kitu deui sakabeh katurunan jeung murid kula, tong poho kanu purwadaksi arandika sorangan, jadikeun modal kakuatan keur ngaronjatkeun ajen harga diri keluarga, nagara jeung agama, ieu silokana :
[7/9 05:48] aji rasha: Cahaya Kula Raden Wijaya
Sirah kula Lingga Buana
Beuheung Kula Wastu Kancana
Getih Kula Siliwangi
Sumsum Kula Kian Santang
Kumis Kula Maung Lodaya
Kaulinan Kula Bedog Ciomas Sadeupa, anu neukteuk beuheung Raja Iblis Blambangan
Sanjata Kula Kujang Campuh Gagak Lumayung, Al-Qur’an ngarana, anu jero kacida ngancik Weda, Tripitaka, Dzabur, Taurat, injil jeung sakabeh kitab suci anu aya di ieu dunya.
[7/9 05:49] aji rasha: Ku jalan Al-Qur’an, sahingga Kula apal sampurna, hakekat fatamorgana hirup manusa.
Koncina, apal dzat jeung gerakna dzat
Dzatna raga manusa anak incu Adam a.s., taneuh,
Dzatna Roh Suci, Cahaya anu nya’angan Jiwa,
Dzatna jiwa aya tilu unsur nyampur jadi wujud, nyaeta Seuneu dzatna Nafsu, atuh kudu apal Cai dzatna Rasa, jeung sambrani bumi dzatna pikiran.
[7/9 05:49] aji rasha: Tinu apal dzat bakal naek jadi apal gerak dzat
[7/9 05:50] aji rasha: Apal gerak Jiwa, Apal gerak Raga, Apal Gerak Nafsu, Apal Gerak Pikir, Apal Gerak Parasaan, jeung apal Roh Suci anu Ngagerakkeun Jiwa Raga
Gerak Nafsu hakekatna Hayang Untung Embung Rugi, Hayang Puji Embung Hina, Hayang Meunang Embung Eleh, Hayang Senang Embung Susah
Gerak Pikir Hakekatna, Bener jeung Salah, Hade jeung Goreng, Gede jeung Leutik, Lila jeung sakeudeung
Gerak parasaan hakekatna, ngeunah jeung teu ngeunah anu abus tinu sakabeh indera, panempo, panguping, letah rasa, kulit rasa jeung pangambeu.
Apal rasa hate jero kacida, anu kasebut Cinta jeung Ijid Ngewa (benci) ngarana
Apal Roh Suci, anu ngagerakkeun eusi jiwa, nafsu, pikir, jeung rasa
[7/9 05:50] aji rasha: Apal Roh Suci nu di Ciptakeun, ku saha deui salian kunu Maha Suci Allah Swt. Anu Laysa Kamitshlihi Syai’un, anu Ahad, anu Gho’ib bil Gho’ib, anu Lam yalid walam yulad, jeung anu Walam yakulahu kufuwan ahad
Nu Murbeng Alam, Sang Maha Mulya, Allah Swt., anu wajib unggal usik di sembah sujudan ku sakabeh manusa
Apal Roh Suci, sahingga moal katipu ku Fatamorgana Kahirupan Dunya, ayatna Wal hayatu dunya illa mata’ul gurur.
[7/9 05:51] aji rasha: Fatamorgana kahirupan timbul tinu Rasa, Pikir jeung Nafsu kamanusa-an.
[7/9 05:51] aji rasha: ALLAHU AKBAR
JALANA gerak roh Suci manusa, kudu panceg tong kabengbat, tong kaluar tinu ihdinashiratal mustaqim, salapan tangga Syorga :
Ka-hiji, Apal kasadaran nafas jeung nu Nyipta nafas,
jadi apal nempo diri,
Ka-dua, apal nempo diri jadi apal khusu (konsentrasi),
Ka-tilu apal khusu jadi apal jiwa,
Ka-opat apal jiwa jadi apal eles jiwa,
Ka-lima apal eles jiwa jadi apal ucap bijak,
Ka-genep apal ucap bijak, jadi apal laku bijak,
Ka-tujuh apal laku bijak jadi apal polah laku bijak,
Ka-dalapan apal polah laku bijak jadi apal muhasabah (introspeksi)
Ka-salapan apal muhasabah jadi apal kasampurnaan hirup jeung huripna.
Tah eta salapan tangga jalan syorga, kudu bisa kahontal sampurna hirup jeung huripna, nepi ka ngajadi Jiwa anu Nafsul Mutmainah, Raga anu Sehat wal Afiat, insan kamil anu sajati ngarana, anu ngajadi khalifah fil ard, jeung anu rahmatan lil alamin, manfa’at keur balarea.
[7/9 05:52] aji rasha: Euweuh Jelema nepi ka Syorga sa-acan katempo tatapak sucina
Tatapak suci sampurna hirup jeung huripna manusa, pasti apal tilu unsur bijaksana, inyana meberkeun BEBENERAN, KAHADEAN jeung KAINDAHAN
[7/9 05:53] aji rasha: Pedaran Siloka Buhun ieu Inyana digjaya luhung Jawara Padjadjaran.
Lain keur kasombongan anu euweuh guna
Lain keur senopati anu teu boga ponggawa
Lain keur wiku anu teu boga catrik
Lain keur ajengan anu teu boga santri
Tapi kula digjaya keur balarea, ngabela kulawarga, bangsa, nagara jeung agama
Sing Inget, sapu nyere sahiji, ngan bisa dicepretkeun, tapi sapu nyere saiket, bisa digebugkeun
Guru rejeng muridna, Ajengan rejeng santrina, kacai jadi saleuwi, kalebak jadi sadarat, kokoh kuat sabeungkeut saiketan, jadi pasukan perang anu kokoh rongkah digjaya di ieu dunya
Tah eta inyana pasukan perang Kula anu Kuat taya bandingna
Moal gedag ka-anginan
Moal mundur satapak, bakal maju lima deupa
Keur Nanjeurna luhung Padjadjaran anu dipikacinta, karajaan tatar priangan, lembur agung sakabeh urang Sunda.
Kula rejeng pasukan Kula, bisa negakkeun bebeneran rejeng ka-adilan di ieu dunya, kusabab teu kabita ku dunya, teu ka goda ku Iblis anu nyiliwuri, ku syeitan anu newo-newo, anu bisa abus kana ati, anu bisa sumarabah kana bayah, Kula jeung pasukan teu weleh inget, teu weleh ati-ati dinu satiap lengkah barisan, dinu satiap lengkah perang, tara poho, clik putih clak herang timbul tinu hate sanubari anu suci, di taudzan rejeung dibismilahan, eta konci kakuatan, lain saukur caringcing pageuh kancing, caringcet pageuh iket, baroga kakuatan awak rejeng pakarang, bedog ciomas, tameng waja jeung baju wesi, oge taktik perang
[7/9 05:53] aji rasha: Tapi sakali deui satiap lengkah ditaudzan jeung dibismilahan. Eta Inyana konci Kaunggulan anu nyata Kula jeung pasukan Kula.
[7/9 05:54] aji rasha: CUKUP sakitu anu bisa ditepikeun ku Kula ka arandika sakabeh katurunan jeung murid kula, mangkahade kudu di cekel deleg wasiat kujang campuh gagak lumayung ageman elmu Kanuragan Kula, entong nepi ka salah lengkah bisi arandika jadi suluh Naraka.
[7/9 05:54] aji rasha: Salam Rahayu Kanya’ah Kula ka sakabeh turunan rejeung murid Kula, sing saha wae anu nuturkeun elmu Kula Kujang Campuh Gagak Lumayung, sing kuat lahir batin bakal di godog keut kasucian, eta hartina tempat Kula Maku Bumi, di Godog Suci.
Panembahan Godog Suci, cing cirining Kula geus ngaleupaskeun dunya, cindekna ngaleupaskeun Mahkuta Tahta Raja Padjadjaran, ulah kaget, ulah heran kusabab udagan Kula lain hayang jadi Raja Dunya, tapi udagan hirup Kula leuwih hade jeung leuwih mulia tibatan jadi Raja, takdir hirup Kula Alhamdullillah jadi papatok jalan pikeun nyalametkeun sakabeh rahayat Padjadjaran bisa arabus agama Islam, ku jalan iyeu In Shaa Allah, yakin tur pasti hirup Kula leuwih rea manfa’atna keur balarea, oge tangtu ku takdir jalan iyeu Kula pribadi bisa meunang Ridho tinu Maha Kawasa Allah Swt. Eces jenterena mangsa tilem Padjadjaran, ku Kula bakal di buka dina Silib Kian Santang Bab baban Kakawasaan.
[7/9 05:55] aji rasha: Allahu Akbar
Cunduk waktu ninggang mangsa di tutup ku ucap Rampes, hartina rarampe beres, sing inget rarampe Kula lain rurujakan, lain sasajen, lain parupuy menyan, tapi rarampe Kula leuwih Hade jeung Sampurna, ku Tauhid, Iman Islam, di iket ku Sajadah, Tasbe jeung Minyak seungitna.
Alhamdullillahirrabbil Aalamiin.
Pun Sapun. Cag. Rampes
[7/9 13:17] aji rasha: Elmu Kamanuasaan
" ELMU keur ngalanggeungkeun jadina manusa nu di ngaranan MANUSA SAJATI"
Bismilahirohmannirrahiim
Mugia sing janten manfaat kangge sasama janten bahan kangge neuleuman diri, nyuhunkeun barokahna ti sang guru "Ciung Wanara" Rd. Tirta Brata Kusumah,
Rumus ngaji elmu :
"Ya Allah, Ya Muhammad, Ya Rosul, Ya Adam"
Rumus Tujuan Elmu :
" Asal berasal dari mana? didunia mau apa? akan kemana tujuan akhir?"
1. Wujud : Buktikan -- Asal berasal dari mana
2. Qidam : Dlulukan -- Di dunia harus bagaimana
3. Baqo : Langgengkeun/ Kekalkan -- Kembali ke mana
Rumus Kahirupan :
" Hirup ngabutuhkeun Hurip, hurip ngabutuhkeun sandang, pangan, papan.
Sandang, pangan, papan meunang ti sasama atawa nu hirup tina kajujuran ridho Allah SWT"
[7/9 13:17] aji rasha: Bismilahirohmannirrahiim
Mugia sing janten manfaat kangge sasama janten bahan kangge neuleuman diri, nyuhunkeun barokahna ti sang guru "Ciung Wanara" Rd. Tirta Brata Kusumah,
Rumus ngaji elmu :
"Ya Allah, Ya Muhammad, Ya Rosul, Ya Adam"
Rumus Tujuan Elmu :
" Asal berasal dari mana? didunia mau apa? akan kemana tujuan akhir?"
1. Wujud : Buktikan -- Asal berasal dari mana
2. Qidam : Dlulukan -- Di dunia harus bagaimana
3. Baqo : Langgengkeun/ Kekalkan -- Kembali ke mana
Rumus Kahirupan :
" Hirup ngabutuhkeun Hurip, hurip ngabutuhkeun sandang, pangan, papan.
Sandang, pangan, papan meunang ti sasama atawa nu hirup tina kajujuran ridho Allah SWT"
Rumus Kayakinan Iman :
1. Percaya ka Allah = Hirup
2. Percaya ka Malaikat = Gerak
3. Percaya ka kitab nu 4 = Aya Catetan-catetan
4. Percaya ka Rosul = Rasa
5. Percaya ka Poe Akhir = Panutup
6. Percaya ka Qodo dan Qodar = Patokan
[7/9 13:18] aji rasha: Rumus Kaampuhan :
1. Taud : Berlindung kepada pengetahuan
2. Bismilah : Hidup menuju kepada kehuripan
3. Shahadat : Mengakui yang wajib diakui
4. Qulhu : Merasa Bersatu
Rumus Manusa :
Hirup -- Eling -- Rasa -- Wujud, Tasjidna : Kuring
Syareat -- Tarekat -- Hakekat -- Ma'rifat, Tasjidna : Elmu
Jabur -- Tauret -- Injil -- Al-Quran, Tasjidna : Allah
Kuring -- Elmu -- Manusa -- Allah, Tasjidna : ??? (mangga pilari)
Alasan Ta'ud (Rumus kaampuhan) :
Hirup nyalindung ka Wujud
Wujud nyalindung ka Hirup
Eling nyalindung ka Rasa
Rasa nyalindung ka Eling
Kuring nyalindung ka Elmu...
Elmu ayana dina Wujud...
(Mangga pilari....kakara urang ngarasa Ampuh, dina perkarana urang kudu sabar)
[7/9 13:18] aji rasha: Nganyatakeun Roh Tujuh :
1. Roh Nabati : Gerakna alam kabeh = Kakayaan
2. Roh Hewani : Gerakna ku naluri = Sasatoan
3. Roh Jasmani : Gerakna ku napsu = Roh manusa
4. Roh Hani : Gerakna ku Elmu (Murid) = Roh mukmin
5. Roh Mani : Gerakna ku Elmu (Guru) = Roh Ulama
6. Roh Robani : Gerakna ke pangawasa elmu = Roh para Wali
7. Roh Idopi : Gerakna ku kasampurnaan = Roh Para Nabi anu kaluarna ti Nur Muhammad
"Ngajadi Martabat Tujuh"
[7/9 23:41] aji rasha: dimana mimiti buncelik mata, cicing sakedapan (rek bari ngagoler atawa sila), mata ditutupkeun deui, bari narik jeung ngaluarkeun napas lalaunan (rasakeun sing lantip), rasakeun sakabeh pangacian tiluhur sausap rambut tihandap sahibas dampal.
Sampurasun,
Huung nu Maha Agung,
bayu asmaning angin, angin asmaning hawa
neda widi neda ngarasa
hirup jeung huripna nu jadi pangawasa
nu mere hawa panas dina rupa hirup jeung huripna kawula.
huuung,,, ahuuung !
[7/9 23:42] aji rasha: saacan cai maseuhan awak,,,
Sampurasun,
Huung nu Maha Agung,
banyu asmaning cai, neda widi neda gawe make
banyu nu ngagelarkeun,
nu ngajembarkeun,
nu nyusun kalimat ucap wiwitan
anu kagungan sari rasa nu ngajadi rupa
rupa cahaya hirup jeung huripna manusa.
huuung,,, ahuuung !
[8/9 10:47] aji rasha: Adab arek dahar
Sampurasun,
Huung nu Maha Agung,
nampi narima, ditampi ditarima
ibu sanghyang sri nu ngajadi sari
rasa nu ngajadi rupa
hirup jeung huripna kawula.
huuung,,, ahuuung !
[8/9 10:50] aji rasha: META-na karuhun dimana rek pepelaka (gawe/ngaLAKU/kasab), ngajarkeun dina adat jeung adab, dina rasa jeung karumasaan:
[8/9 10:50] aji rasha: – Peureumkeun mata, bari nyinghareup ka belah wetan.
– Tarik napas anu jero sing lantip make irung, dugika teu tiasa nganapas deui,,, tahan sakedap.
– kretegkeun dina manah:
Sampurasun,
Huuuung,,,,, nu maha agung
ibu lemah caiku ibu bumi, ibu pertiwi
kudrat pasti nu ngabijil jadikeun
nu ngagelarkeun,
nu ngajembarkeun,
anu jadi ucap wiwitan,
nu nyusun hurup anu hurip dina hirup-na sakabeh mahluk.
– kaluarkeun napas lalaunan tina irung bari ngreteg: Ahuuuung !
#bral ngalengkah,,,,
[8/9 11:06] aji rasha: Di mana rek sare ~
Adat sareng adabna dina meureumkeun soca, bade bari calik, sila atanapi ngagoler,,, sami wae.
– Peureumkeun soca
– Tariknapas anu jero sing lantip, dugika teu tiasa nganapas deui,,,
kaluarkeun lalaunan dugika seep, ulangi 3 kali tarikan.
– bari peureum tetep eling sareng perhatoskeun napas anu kaluar kajero.
lajeng diaos dina manah ieu dunga:
Sampurasun,
Hung nu maha agung
Kuring jati-na manusa
sanga badan tan kawala
ati eling lintang gading
dangdayang sarining kembang, keur bawaeun.
Hung jati-na kuring
inten-inten ing manusa
nulungguh di pulo napas
medar tanpa wawayangan
hirup teu keuna kupati,
langgeng teu keuna ku obah
hirup langgeng salawasna
Hung,,, Ahung !
Hung,,, Ahung !
Hung,,, Ahung !
* HUNG di kretegkeun dimana narik napas,,, AHUNG dikretegkeun dimana ngaluarkeun napas.
teras di aos, sakadugana teu kedah nganggo etangan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar